Kota Bandung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Bandung)
Kota Bandung

ᮊᮧᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ
Liané transkripsi
 • Basa IndonésiaKota Bandung
 • Basa Sundaᮊᮥᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ
 • Basa Cina萬隆市
 • Basa WalandaStad Bandoeng
Ti luhur Ka handap: Gedung Saté, Masjid Agung Bandung, Bandung peuting, Jembatan Pasupati, Gedung Merdéka
Ti luhur Ka handap: Gedung Saté, Masjid Agung Bandung, Bandung peuting, Jembatan Pasupati, Gedung Merdéka
Bandéra Kota Bandung
Bandéra
Ségel resmi Kota Bandung
Ségel
Ngaran jujuluk: 
basa Indonésia: Kota Kembang
Basa Walanda: Parijs van Java
Motto: 
Basa Sunda: ᮌᮨᮙᮂ ᮛᮤᮕᮂ ᮝᮤᮘᮝ ᮙᮥᮊ᮪ᮒᮤ
basa Indonésia: Bersih Makmur Taat Bersahabat
Basa Inggris: Clean, Prosperous, Devout, Friendly
Lokasi di Jawa Kulon
Lokasi di Jawa Kulon
NagaraBandéra Indonésia Indonésia
RégionJawa
Propinsi Jawa Kulon
Sajarah karésidénan Parahiangan Karésidénan
Netep1488
Konsolidasi25 Septémber 1810
(salaku Gemeente Bandoeng)
Pamaréntahan
 • BadanPamaréntah Daérah Kota Bandung
 • WalikotaOded Muhammad Danial
 • Wakil WalikotaYana Mulyana
Lega
 • Total167,67 km2 (6,474 sq mi)
 • Métro
1.876,8 km2 (7,246 sq mi)
Luhurna
768 m (2.520 ft)
Pangeusi
 (2014)
 • Total2,575,478 (Ke 3)
 • Metro
8,495,928 (Ke 2)
Démonim
Démografi
 • Grup étnis
 • Ageman[1]
Zona wanciUTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon)
Kode pos
401xx, 402xx, 406xx
Kode aréa022
Régistrasi tutumpakanD
IPMGreen Arrow Up Darker.svg 0.801 (Citakan:Fontcolor)
Kacamatan panggedéna ku aréaKacamatan Gedébagé – 9.58 square kilometres (3.70 sq mi)
Kacamatan panggedéna dumasar populasiKacamatan Babakan Ciparay (147,388 – 2015 ngirakeun)
Ramatlokaportal.bandung.go.id

Kota Bandung (Éjahan Basa Indonésia heubeul: Bandoeng) mangrupa ibukota propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Aya di dataran luhur plateau 768 méter (mean sea level) di luhureun laut, di daérah kalér luhurna nyaéta ±1050 msl, di belah kidul luhurna nyaéta ±675 msl, ti kordinat 107° BW (Bujur Wétan) jeung 6° 55’ LK (Lintang Kidul), lega kota Bandung ± 16.767 héktar, dikurilingan ku pagunungan, mangrupa cekungan (Bandung Basin) sésa situ Bandung anu kawangun alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 juta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupa daérah "sub-urban" disagédéngeun Kota Bandung.

Sajarah[édit | édit sumber]

Taun 1488, wewengkon nu kiwari disebut Bandung téh mangrupa wewengkon kakawasaan karajaan Sunda-Pajajaran. Dina mangsa dijajah Walanda, pamaréntah kolonial Hindia-Walanda nyieun jalan pikeun nyambungkeun Batavia (kiwari Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Cirebon. Hal ieu penting pikeun mekarna Kota Bandung. Malah pamaréntah jajahan geus ngarencanakeun yén wewengkon Bandung téh rék dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia-Walanda, ngan teu jadi alatan kajadian Perang Dunya II. Can aya panalungtikan kumaha dijieuna kota Bandung. Nu jelas, kota ieu diwangun lain dumasar paréntah Daendels (gubernur jéndral Hindia-Walanda). Kota Bandung diwangun dumasar paréntah Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II. Sanggeus Indonésia merdika, Bandung jadi ibukota propinsi Jawa Barat.

Jaman kolonial Hindia Walanda[édit | édit sumber]

Dina abad ka-17 jeung ka-18, VOC ngadegkeun hiji wewengkon perkebunan leutik di Bandung kusabab taneuhna subur. Jalan nu nyambungkeun ka Batavia (ayeuna Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang jeung Cirebon diwangun dina 1786. Dina taun 1809, Louis Napoleon, nu harita jadi pangawasa Walanda jeung jajahan-jajahanana, maréntahkeun Gubernur Hindia Walanda H.W. Daendels pikeun ngaronjatkeun sistem pertahanan pulo Jawa ngalawan ancaman Inggris. Daendels ngawangun jalan 1000 km nu ngahijikeun pesisir kulon jeung wétan Jawa. Kusabab bagian kalér Jawa Barat keur harita lolobana rawa, jalanna dialihkeun ngaliwatan Bandung.[2] The Great Postweg (ayeuna Jalan Asia-Afrika) diadegkeun dina taun 1810.

Jalan Raya Pos boga pangaruh gedé lain ukur kana kamekaran Pulo Jawa tapi ogé kota-kota nu diliwatanana.[3] Bandung salah sahiji contohna. Mimitina, Jalan Raya Pos jarakna 11 km kaléreun Krapyak, ibukota Kabupatén Bandung harita. Daendels maréntahkeun ka Bupati Bandung ka-6 R.A. Wiranatakusumah II (1794-1829) ngawangun ibukota anyar Bandung dina sabudeureun jalan eta.[4]

Wiranatakusumah II tuluy milih lokasi di deukeut hiji mata air anu disebut Sumur Bandung, anu ayeuna jadi 'alun-alun. Sajalan jeung konsép tata ruang tradisional, Bupati R.A. Wiranatakusumah II jeung sajumlah rahayatna ngawangun istana, masjid agung, jeung pendopo ("paviliun") dina orientasi klasik.[5] Pendopo nyanghareup ka gunung Tangkuban Parahu, dipercaya boga pangaruh mistis.

Bandung salaku ibukota kolonial kadua, tata kotana diwangun nurutkeun pola kota Batavia. Husus padumukan kolonial Walanda, diwangun di Bandung kalér anu dibagi jadi dua wewengkon, dipatok ti gementee (balé kota). Di kuloneun gementee aya padumukan pikeun panganut Protestan, anu dicirian ku daérah pamisah dina bentuk Garéja Betel (di Jalan Wastukencana ayeuna). Sedengkeun di beulah wétan nyaéta wewengkon padumukan pikeun panganut agama Katolik, anu ditandaan ku hiji garéja katedral atawa St. Pieter (di Jalan Merdeka ayeuna). Teu jauh ti garéja diwangun ogé imah sakit jeung sakola Katolik atawa Protestan. Dua garéja ieu diwangun deukeut stasion karéta api, diapit balé kota jeung jalan raya, disambungkeun ka wangunan pamaréntah jeung militér.[6]

Dina taun 1880, jalan karéta api utama munggaran di Indonésia diadegkeun, ngahubungkeun Batavia jeung Bandung.[7] Ieu ngadorong industri leutik di Bandung. Migran ti Tiongkok ngariung pikeun milu ngajalankeun fasilitas, jasa, sareng mesin anu ngajual. Nepi ka ayeuna masih aya distrik leutik Chinatown anu lokasina aya di dekeut stasion karéta api.

Sajaba ti éta, karéta ogé dijalankeun salaku bagian tina sistem pertahanan kolonial Walanda atawa bénténg stelsel. Di wewengkon Bandung, operasi tentara Walanda anu ngagunakeun jasa karéta api minangka bénténg stelsel, angkat ti Cimahi, tuluy ngalangkungan gudang kalér (Jl. Gudang Utara) sareng gudang kidul (Jl. Gudang Selatan) kanggo ngeusian logistik. Tuluy angkat ka Stasion Karéta Api Cikudapateuh kéngingkeun dukungan minyak tina Tangki Minyak (di Jalan Samoja ayeuna).[8]

Pangwangunan ieu dimimitian dina taun 1914 barengan ku Departemen Perang, jeung dituluy ku pangwangunan Departemen Jalan sareng Angkutan dina taun 1921. Dina taun 1906, Bandung dibéré status gemeente tuluy jadi stadsgemeente dina taun 1926. Ti taun 1906 nepi ka 1949, Bandung tumuwuh tina hiji kota sedeng kalayan 38.000 jiwa jadi Kota katilu di Hindia-Walanda kalawan 590.000 jiwa. Taun 1929, Bandung nyatujuan 'Rancangan Rencana' tata kota, anu legana 12.758 ha, dibagi kana rencana utamana pikeun wewengkon Kalér- jeung sabagéan Kidul kota.[9]

Bandung lajeng ngembangkeun sorangan jadi hiji Resort Éropa ekslusif kalawan hotél, kafe jeung toko. Pamilik perkebunan anu beunghar datang dina sabtu minggu, kitu ogé awéwé sareng pangusaha ti ibukota, Batavia. Wewengkon pejalan kaki di Jalan Braga parantos janten daérah elit kafe, réstoran jeung toko butik. Dua hotél gaya art-deco, Savoy Homann sareng Preanger, janten dua akomodasi utama di dinya. Paguyuban Concordia (ayeuna katelah Gedung Merdeka) diwangun salaku imah klub jalma-jalma beunghar ieu, lengkep sareng balai ageung jeung téater,[7] nu ngajadikeun Bandung boga gelar "Parijs van Java" tea.

Ngaran Bandung[édit | édit sumber]

Aya rupa-rupa pamadegan ngeunaanngaran Bandung, di antarana saperti kieu.

  • Istilah bandung aya nu nyebutkeun tina bendung, nyaéta Citarum Purba nu kabendung.
  • Ngaran Bandung minangka kabupatén ditulis dina peraturan tanggal 18 Lentemaand 1811 (18 Maret 1811), patali jeung parentah Gubernur Jénderal Daendéls pikeun meuli sato piaraan pikeun cadangan nyanghareupan serbuan tentara Inggris ka Pulau Jawa.
  • Dina peta Fr. Valentjn (1726) ngaran Bandung lokasina di kiduleun Gegerkalong ayeuna.
  • Tina katerangan Ibu Wiranatakusumah (istri Dalem Haji RHAA Wiranatakusumah V), ngaran Bandung disebut ku Bupati Wiranatakusumah II basa néangan lokasi anyar pikeun ibu kota kabupatén. Ngaranna dicokot tina parahu bandung, nyaéta dua parahu anu dihijikeun, ditalian pagigir-gigir. Eta parahu téh digunakeun ku Wiranatakusumah II pikeun lalayaran di Citarum.
  • Ceuk Atma, sesepuh Dayeuhkolot, Bandung téh tina leuwi Bandung, leuwi nu aya di walungan Citarum; Pandi, urut sipir bui Banceuy, nyebutkeun asal kecapna tina Sumur Bandung, dua sumur nu aya di sisi Cikapundung (di alun-alun jeung PLN ayeuna). Ceuk dongéng, di éta sumur téh aya karaton Putri Kentring Manik jeung dulurna Eyang Dipayasa.
  • Kecap bandung téh tina kecap Banong, di Dago, tempat Andres de Wilde ngabangun vilana di awal abad XIX.[10]

Motto[édit | édit sumber]

Motto Bandung kiwari nyaéta "Gemah Ripah Wibawa Mukti", sakumaha nu sok kabaca dina lambang Kota Bandung, nu hartina 'tanah subur rahayat makmur'.

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Kota Bandung dibagi kana 30 kacamatan:

Geografis[édit | édit sumber]

Bandung katelah dilingkung ku gunung, ku kituna wangun morfologi wilayahna katinggal sapertos cekungan atawa mangkok raksasa. Sacara geografis dataran Bandung aya di ±768 meter di luhur permukaan laut, kalawan titik pangluhurna di 1.050 meter sarta panghandapna di 675 meter.

Ciri lemah[édit | édit sumber]

Bandung kawentar ku lobana wangunan warisan arsitéktur Walanda:

Ciri séjén:

  • Masjid Agung Bandung, di alun-alun Bandung
  • Babakan Siliwangi

Transportasi[édit | édit sumber]

Sarana transportasi utama di Bandung nyaéta angkot (angkutan kota) kalawan rute-rute anu geus tangtu. Aya ogé taksi anu jumlahna kiwari beuki loba, tapi éta ogé henteu populér. Beus nyadiakeun rute transportasi pikeun di jalan gedé tur jarakna anu jauh.

Jalan karéta api ngahubungkeun Bandung ka Jakarta jeung Cianjur ka beulah kulonna, sarta Tasikmalaya, Yogyakarta jeung Surabaya ka beulah wétanna. Karéta ogé mangrupa transportasi utama pikeun wilayah tatangga kaasup Cimahi, Padalarang, Rancaékék jeung Cicaléngka nu perlu bulak-balik ka Bandung unggal poéna. Bandara utama di Bandung nyaéta Bandar Udara Internasional Huséin Sastranegara, nyadiakeun penerbangan ka kota-kota gedé di Indonésia. Sasak Pasupati diwangun pikeun ngahubungkeun beulah kulon jeung beulah wétan Bandung ngaliwatan lembah Cikapundung. Panjangna 2.8 km kalayan lébar 30-60 méter.

Aya dua stasion karéta api utama di Kota Bandung, nyaéta Stasion Bandung pikeun karéta api éksekutip jeung bisnis, sarta Stasion Kiaracondong pikeun karéta api ékonomi. Salian ti éta, aya stasion-stasion leutik anu ngalayanan KA lokal Bandung Raya, saperti Cimindi, Ciroyom jeung Cikudapateuh. Tuluy aya stasion husus peti kemas barang, nyaéta Stasion Gedébagé.

Jalan tol Padaleunyi ngahubungkeun Padalarang, Cimahi, beulah kidul Bandung jeung Cileunyi. Jalan tol nu ngahubungkun Padalarang jeung Purwakarta ogé geus bérés diwangun, disebut Cipularang (Cikampék-Purwakarta-Padalarang) nu mangrupa jalan panggancangna nuju ka Jakarta. Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Dawuan ogé kiwari eukeur diwangun.

Atikan[édit | édit sumber]

Di Kota Bandung loba tempat pendidikan nu geus kasohor di antarana nyaéta :

Iwal ti éta aya ogé SMA nu baris dipidangkeun daptar ngaran sakola di Bandung saperti ieu di handap:

Ngaran SMA Ngaran SMA Ngaran SMA
  • SMA Negeri 1 Bandung
  • SMA Negeri 2 Bandung
  • SMA Negeri 3 Bandung
  • SMA Negeri 4 Bandung
  • SMA Negeri 5 Bandung
  • SMA Negeri 6 Bandung
  • SMA Negeri 7 Bandung
  • SMA Negeri 8 Bandung
  • SMA Negeri 9 Bandung
  • SMA Negeri 10 Bandung
  • SMA Negeri 11 Bandung
  • SMA Negeri 12 Bandung
  • SMA Negeri 13 Bandung
  • SMA Negeri 14 Bandung
  • SMA Negeri 15 Bandung
  • SMA Negeri 16 Bandung
  • SMA Negeri 17 Bandung
  • SMA Negeri 18 Bandung
  • SMA Negeri 19 Bandung
  • SMA Negeri 20 Bandung
  • SMA Negeri 21 Bandung
  • SMA Negeri 22 Bandung
  • SMA Negeri 23 Bandung
  • SMA Negeri 24 Bandung
  • SMA Negeri 25 Bandung
  • SMA Negeri 26 Bandung
  • SMA Negeri 27 Bandung

Wisata jeung Ékonomi[édit | édit sumber]

Bandung jeung sabudeureunnana boga wisata nu lobq, di antarana:

Bandung ogé kasohor ku outlet pakéannana, nu ngirut pangunjung ti kota-kota sabudeureunnana (hususna ti Jakarta), utamana nalika ahir minggu jeung poé libur:

  • Outlet industri pakéan Denim di sapanjang Jalan Cihampelas
  • Kiwari, kasohor minangka "Kota Wisata Balanja", sabab loba Factory Outlet nu ngajual produk garmén ex-export.
  • Bandung ogé kasohor ku industri garménna, produk nu teu kaékspor dijula kalawan harga anu leuwih murah di factory outlet di Bandung, hususna di Jalan Ir. H. Juanda (Dago) jeung Jalan R.E. Martadinata (Riau)
  • Aya ogé industri sapatu di Cibaduyut, beulah kidul Bandung.

Loba kadaharan di Bandung. Bandung ogé kasohor ku dahareun hasna, saperti peuyeum. Bandung ngirut loba wisatawan ti Jakarta, nu kadang-kadang ngalantarankeun kamacétan lalu- lintas. Pangpangna nalika sakabéh warga Jakarta keur liburan alatan APEC Convention, lalu-lintas di Bandung macét total leuwih ti 8 jam.

Olahraga[édit | édit sumber]

Klub maén bal[édit | édit sumber]

Persib Bandung

Daptar Walikota Bandung[édit | édit sumber]

No Foto Wali Kota[11] Mimiti Jabatan Ahir Jabatan Periode Katerangan Wakil Wali Kota
Masa Penjajahan Belanda Walanda
1
E.A. Maurenbrecher
1906
1907
1
Teu aya
2
R.E. Krijboom
1907
1908
2
3
J.A. van Der En
1909
1910
3
4
J.J. Verwijk
1910
1912
4
5
C.C.B. van Vlenier
1912
1913
5
6
B. van Bijveld
1913
1920
6
7
Bertus Coops
1920
1921
7
 
8
Steven Anne Reitsma
1921
1928
8
(7)
Bertus Coops
1928
1934
9
9
J.E.A. van Volsogen Kuhrt
1934
1936
10
10
J.M. Wesselink
1936
1942
11
Masa Penjajahan Jepang Jepang
1
N. Beets
1942
1945
12
Teu aya
Masa Kemerdekaan Indonesia Indonésia
1
Mayor of Bandung RA Atmadinata.jpg R.A. Atmadinata
1945
1945
13
  Teu aya
2
Mayor of Bandung r syamsoerizal.jpg R. Syamsoerizal
1945
1947
14
3
Mayor of Bandung Oekar Bratakoesoemah.jpg Ukar Bratakusumah
1947
1949
15
[ket. 1]
4
Mayor of Bandung R Enoch.jpg R. Enoch
1949
1957
15
 
5
Mayor of Bandung R Priatna Kusumah.jpg R. Priatna Kusumah
1957
1966
16
 .
6
Mayor of Bandung R Didi Djukardi.jpg R. Didi Djukardi
1966
1968
17
[ket. 2]
7
Mayor of Bandung R Hidayat Sukarmadidjaja.jpg R. Hidayat Sukarmadidjaja
1968
1971
18
 
8
Mayor of Bandung R Otjedjoendjoenan.jpg R. Otje Djoendjoenan
1971
1976
19
 
9
Mayor of Bandung Utjudjoenadi.jpg Utju Djoenaedi
1976
1978
20
 
10
R. Husein Wangsaatmadja
1978
1983
21
 
11
H.
Ateng Wahyudi
1983
1988
22
1988
1993
23
Matin Burhan
(1990–95)
12
Wahyu Hamidjaja
1993
1998
24
 
E. Soedarsono
(1995–2000)
13
Mayor of Bandung AA Tarmana.jpg H.
AA Tarmana
16 September 1998
16 September 2003
25
 
Lowong
14
Mayor of Bandung Dada Rosada.jpg H.
Dada Rosada
S.H., M.Si.
16 September 2003
16 September 2008
26
Jusep Purwasuganda
(2003–04)
Lowong
16 September 2008
16 September 2013
27
Ayi Vivananda
15
Ridwan Kamil official.jpg Mochamad Ridwan Kamil
S.T., MUD.
16 September 2013
4 September 2018
28
Oded Muhammad Danial
Vice Mayor of Bandung Oded M Danial.jpg Oded Muhammad Danial
(Pelaksana Tugas)
7 September 2018
16 September 2018
[ket. 3]
Dadang Supriatna
(Pelaksana Harian)
16 September 2018
20 September 2018
[ket. 4]
16
Oded Muhammad Danial, Mayor of Bandung.jpg Oded Muhammad Danial
20 September 2018
Petahana
29
Yana Mulyana


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Data Sensus Penduduk 2010 - Badan Pusat Statistik Republik Indonesia <http://sp2010.bps.go.id/index.php/site/tabel?tid=321&wid=3200000000&lang=id>
  2. Peter J. M., Nas; Pratiwo (2001). Java and De Groote Postweg, La Grande Route, The High Military Road. https://web.archive.org/web/20090327110211/http://www.leidenuniv.nl/fsw/nas/pdf/NasPratiwoPostweg30-10-2001.pdf. 
  3. Nas 2002, p. 718.
  4. Hardjasaputra 2003, p. 20.
  5. Kunto, Haryanto (1984). Wajah Bandung Tempoe Doeloe. Granesia. 
  6. Suryanegara 2018, p. 223.
  7. a b Soemardi, Ahmad Rida; Radjawali, Irendra (2004). "Creative culture and urban planning:The Bandung Experience". The 11th International Planning History Conference 2004. http://www-etsav.upc.es/personals/iphs2004/pdf/210_p.pdf. Diakses pada 2022. 
  8. Suryanegara 2018, p. 228.
  9. Passchier, Cor. Bandung - A short history on Urban and architectural development (PDF). 
  10. Ruhaliah. ([2010]). Sajarah Sunda samemeh taun 1945. [Bandung]: JPBD FPBS UPI. ISBN 978-602-8460-09-5. OCLC 708356930. 
  11. "Walikota dan Wakil Walikota Bandung dari masa ke masa". Portal Bandung. Dinas Komunikasi dan Informasi Pemerintah Kota Bandung. 12 Agustus 2016. Diakses tanggal 29 November 2017. 
  12. Jaya, Utara (Citakan:ISO date/en). "Oded Danial Naik Tahta Lebih Awal". Kumparan.com. https://kumparan.com/bandungkiwari/oded-danial-naik-tahta-lebih-awal-1536279025906623892. Diakses pada 21 September 2018 
  13. Nurul (Citakan:ISO date/en). "Dadang Supriatna Jadi Pelaksana Harian Wali Kota Bandung". Humas Kota Bandung. http://humas.bandung.go.id/humas/berita/2018-09-16/dadang-supriatna-jadi-pelaksana-harian-wali-kota-b. Diakses pada 21 September 2018 

Daptar pustaka[édit | édit sumber]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


Salah ngutip: Ditemukan tag <ref> untuk kelompok bernama "ket.", tapi tidak ditemukan tag <references group="ket."/> yang berkaitan