Aluvial

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Tekstur Taneuh Aluvial

Aluvial nyaéta jenis taneuh anu namper diwangun tina leutak jeung keusik lembut hasil tina érosi taneuh.[1][2][3] Daérah anu namper téh ayana dina walungan, situ dataran handap, jeung cekungan anu ngabalukarkeun taneuh bisa namper.[1][2][3][4] Taneuh aluvial miboga mangpaat dina widang tatanén salah sahijina ngagampangkeun prosés irigasi dina lahan tatanén[3][5] Ieu taneuh kabentuk lantaran aya bahan-bahan anu namper saperti aluvial jeung koluvial anu asalna tina rupa-rupa asal.[1][3] Taneuh aluvial kaasup kana taneuh ngora ayana endapan lemes dina walungan.[3][5] Taneuh aluvial bisa diamngpaatkeun jadi lahan tatanén lantaran unsur hara anu rélatif loba.[3][6] Conto tatanén anu bisa diusahakeun dina taneuh aluvial di antarana jagong, gandum, tiwu, kapas, béas, sayuran jeung tomat.[7]

Conto taneuh aluvial di Indonésia nyaéta sapanjang aliran walungan Bengawan Solo, walungan Opak, jeung walungan Glagah.[3][5] Taneuh aluvial umumna kawangun di daérah walunga gedé, salah sahiji conto lainna nyaéta taneun aluvial anu aya di walungan Nakdong, Korea Selatan.[3][5]

Karakteristik Taneuh Aluvial[édit | édit sumber]

Karakteristik taneuh aluvial bisa dibédakeun jadi dua nyaéta karakteristik fisik jeung karakteristik kimia.[7] Anu jadi karakteristik fisikna di antarana:

  1. Taneuh aluvial miboga struktur taneuh anu pepel jeung liat atawa liat keusikan kalawan kandungan keusik kurang ti 50 %.[6]
  2. Rupa-rupa morfologi saluyu jeung déposit sarta aktivitas éksogén di sabudeureunana.[7]
  3. Tékstur taneuhna béda-béda boh sacara vertikal atawa horizontal.[7]
  4. Warnana kulawu kalawan variasi lapisan organik.[7]
  5. Aya di lamping sisi walungan atawa sisi walungan.[7]
  6. Taneuhna miboga pori-pori lantaran téksturna liat.[7]
  7. Porositas jeung téksturna alus keur tatanén.[7]

Karakteristik kimia tanah alluvial nyaéta:

1. proposi nitrogen biasana saeutik.[7]

2. proporsi, potasium fospat jeung basa anu cukup.[7]

3. proporsi beusi oksida jeung kapur loba variasina.[7]

Mangpaat Taneuh Aluvial[édit | édit sumber]

Aya sababaraha mangpaat taneuh aluvial, utamana pikeun widang tatanén di antarana:

  1. ngagampangkeun irigasi keur para patani.[8]
  2. Bisa dijadikeun lahan tatanén.[8]
  3. Gampang nyerep cai.[8]
  4. Alus pisan lamun dijadikeun lahan garapan.[8]
  5. Cocok keur dipelakan rupa-rupa tatangkalan utamana tatangkalan tatanén.[8]
  6. Bisa dijadikeun lahan palawija.[8]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c Ensiklopedi Indonesia I A-CER. Jakarta: Ichtiar Baru – Van Hoeve. 1980. 
  2. a b "Tanah Aluvial Sifat-sifat Morfologis dan Kandungan". Ilmu Geografi.com. Diakses tanggal 24 November 2017. 
  3. a b c d e f g h Graha, Gunawan. "Pengertian Tanah Aluvial". Pengertian Ilmu. Diakses tanggal 28 November 2017. 
  4. Maulana, Abdi. "Pengertian Tanah Aluvial dan Ciri-cirinya". Majalahbatu.com. Diakses tanggal 24 November 2017. 
  5. a b c d "Tanah Aluvial Tersebar di Wilayah Sungai". Bimbingan.org. Diakses tanggal 28 Mei 2014. 
  6. a b Sunarko (2014). Budi Daya Kelapa Sawit di Berbagai Jenis Lahan. Jakarta: AgroMedia Pustaka. ISBN 979-006-494-2. 
  7. a b c d e f g h i j k "Karakteristik Tanah Aluvial: Ciri, Sebaran, dan Pemanfaatannya". Guru Geografi. Diakses tanggal 28 November 2017. 
  8. a b c d e f "Manfaat Tanah Aluvial". Manfaat.co.id. Diakses tanggal 28 November 2017.