Lompat ke isi

Basa Sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Alfabét Latin
     
Basa Sunda
ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
Palapalan [basa sʊnda]
Dipaké di Indonésia
Wewengkon Jawa Kulon, Banten, Jakarta, sabagéan Jawa Tengah (Indonésia)
Jumlah panyatur 42 yuta (2016)
Rungkun basa Austronésia
Aksara Alfabét Latin (kiwari)
Aksara Sunda Baku (ti sakitar abad ka-17 nika kiwari; pilihan)
Aksara Sunda Kuna (abad ka 14 nepi abad ka-18, pilihan)
Cacarakan (abad ka-17 nepi abad ka-19 dina sababaraha wewengkon)
Aksara Pégon (abad ka-17 nepi abad ka-20; pikeun kaperyogian ageman, pilihan)
Status resmi
Basa resmi di Jawa Kulon
Banten
Diatur ku Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda
Kode-kode basa
ISO 639-1 su
ISO 639-2 sun 
Ethnologue édisi ka-14: SUN
ISO 639-3 sun

Basa Sunda (ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nyaéta basa nu dipaké ku kurang leuwih 41 juta jalma di wewengkon kulon pulo Jawa atawa 13,6 persén ti populasi Indonésia.[1] Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:

Parahiangan téh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan ti Gupernur Jawa Kulon.[2]

Kalungguhan Basa Sunda

[édit | édit sumber]

Basa Sunda mangrupa basa indung urang Sunda, boh anu dumuk di Jawa Kulon, boh di saluareunana nu aya teureuh Jawa Kulon. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sanggeus basa Jawa.

Basa Lulugu

[édit | édit sumber]

Sabada puseur dayeuh Karésidénan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, Kalungguhan basa Sunda téh jadi basa pribumi.

Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih luhung kalungguhanana tibatan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di Jawa Kulon téh nyaéta "Basa Sunda Bandung". Nya ti harita munculna sesebutan basa sakola, nyaéta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi basa lulugu atawa basa baku. Atuh basa Sunda wewengkon Bandung ogé robah jadi basa Sunda lulugu atawa basa Sunda baku.

Basa Wewengkon

[édit | édit sumber]

Istilah basa lulugu (baku) téh kuduna mah dipateungteungkeun jeung basa teu lulugu (teu baku). Ngan pédah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah basa Sunda wewengkon minangka lalawanan tina basa Sunda lulugu. Ari basa wewengkon lumakuna ukur di wilayah-wilayah nu tangtu wungkul, kadang ku urang Bandung mah kurang ngarti lamun urang saluareun Bandung komunikasi ngagunakeun basa wewengkon. Dina basa wewengkon téh nu khasna lain ukur diksina wungkul, tapi lentong atawa lagu kalimahna ogé kadang béda-béda ungga wewengkonna. Contona kieu.

  • Ciamis: kosi (kungsi), cuang (urang), tukeur torog (tukeur tambah), jeung sajabana.
  • Kuningan: nembok (ninyuh), béca (kicimpring), déwék (manéh), agéh (tangtu), menit (lieur), jeung sajabana.
  • Jeung wewengkon séjénna.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)

[édit | édit sumber]

Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan kana basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa. Basa Sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda kuna saperti Naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jeung Guru Talapakan.[3]

Mangsa II (sabada abad ka-16 M)

[édit | édit sumber]

Dina ieu mangsa, tatar Sunda kacicingan ku Mataram. Nu kapangaruhan panggedéna dina widang pamaréntahan, basa, jeung kasusastraan. Dina ieu abad, mimiti aya konsép undak-usuk basa nu sarua jeung unggah-ungguh boso (Jawa). Lian ti éta, basa Sunda loba dimekarkeun dina widang kasusastraan, utamana wangun puisi (pupuh). Malah kasusastraan harita (pupuh) dianggap pangagungna ku sabab dipaké ku para ménak jeung cendikiawan alam harita.[3]

Mangsa III (1800-1900 M)

[édit | édit sumber]

Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaseselan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).[3]

Mangsa IV (1900-1945 M)

[édit | édit sumber]

Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).[3]

Mangsa V (1945-kiwari)

[édit | édit sumber]

Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonésia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonésia).[3]

Fonologi

[édit | édit sumber]

Unggal basa diwujudkeun ku sora. Ku kituna, ulikan sora basa atawa tata sora sok dijadikeun dasar ulikan tulisan atawa tata aksara. Sora nu diulik téh teu sagawayah, tapi sora nu diwangun ku alat ucap, anu sok disebut sora basa (fon). Sora basa aya nu béda kadéngéna, aya anu mirip. Sora basa anu kadéngé béda atawa mirip tur bisa ngabédakeun harti kecap disebut foném. Foném so ditulis di antara dua gurat condong /.../. Upamana baé, sora /a/, /i/, /u/, /o/, jeung /e/ dina basa Sunda mangrupa foném lantaran opatanana bisa ngabédakeun harti kecap. Geura tengetan contona dina pasangan minimal ieu di handap.[4]
/batak/
/batik/
/batuk/
/batok/
/batek/

Foném dina basa Sunda bisa mibanda rupa-rupa ucapan luyu jeung tempatna dina engang atawa kecap, ilaharna teu ngabédakeun harti. Variasi ucapan foném anu teu ngadédakeun harti disebutna alofon, sarta sok ditulis di antara dua kurung siku [...]. Upamana baé, sora /o/ dina kecap boboko jeung dina kecap noong aya bédana. Sora /o/ anu kahiji mah gembleng [o]; ari anu kadua mah teu gembleng, semu ngirung [ɔ].
Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.

Tata Basa

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Tata Basa Sunda.

Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:

  • taya parobahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari, ayeuna, tadi, jsb.
  • teu mibanda gender dina kecap-kecapna. ku kituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu béda.

Sistem Tinulis

[édit | édit sumber]
 Tempo ogé: Aksara Sunda.

Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, di antarana:

  • aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
  • aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
  • aksara Cacarakan atawa aksara Jawa pikeun basa Sunda, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
  • aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
  • aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda,
  • aksara Sunda Baku, anu diturunkeun tina aksara Sunda Kuna sakaligus dibakukeun dina taun 1990an nu kiwari geus ilahar dipaké salaku alternatif tina aksara Latin.

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2014 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

Tata Krama

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Tatakrama Basa Sunda.

Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.

Gaya Basa

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Gaya Basa (Sunda).

Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:

 Artikel utama: Sastra Sunda.

Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, di antarana:

  • Puisi
  1. mantra: jampé, singlar, jangjawokan, rajah, asihan, pélét.
  2. sisindiran: paparikan, wawangsalan, sésébréd
  3. pupuh: 17 Pupuh
  4. kawih jeung kakawihan
  5. guguritan
  6. pupujian
  7. wawacan
  8. carita pantun
  9. Sajak
  • Prosa
  1. Dongéng
  2. Novel
  3. Carita Pondok
  4. Drama
  5. Fiksimini

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Lutfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Jakarta: Frasa Lingua. p. 2. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal 26 Maret 2020.  Archived 2021-04-14 di Wayback Machine
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Jakarta: Frasa Lingua, Arvin Mahardika, Tsalaisye N.F. p. 1. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal (disungsi – 21 Mei 2020).  Archived 2021-04-14 di Wayback Machine
  3. a b c d e Rustandi, Yuyus (2022). Kajian Bahasa dan Budaya SundaRustandi. Jakarta: Ideas Publishing. p. 4. ISBN 9786232342538.  Disungsi 27 Juli 2024
  4. Sudaryat, Yayat. Tata Basa Sunda Kiwari. 2011. Bandung: Yrama Widia.