Amanat Galunggung
Naskahna
[édit | édit sumber]Naskah anu asalna ti Kabuyutan Ciburuy, Garut Kidul. Kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI kalawan nomor koleksi L 632 Peti 16 atawa koropak 632. Naskahna ditulis dina daun gebang atawa nu ku para ahli sok disebut nipah ngagunakeun mangsi hideung. Aksara nu digunakeun pikeun nuliskeun ieu naskah nyaéta aksara Buda/Gunung, sedeng basana nyaéta basa Sunda kuna. Kandelna naskah aya 7 lambaran daun nipah atawa 13 kaca, unggal kaca ngandung 4 jajar tulisan. Ditulis dina wangun prosa. [1].
Panalungtikan
[édit | édit sumber]Panalungtikan kana naskahna dimimitian ku Holle, Pleyte, jeung R.Ng. Poerbatjaraka, nyaéta ku cara ngalih-aksarakeun tur narjamahkeun dina basa Walanda. Naon nu dipilampah ku para sarjana éta téh teu ngawengku sakabéh naskah. Hasil panalungtikan C.M. Pleyte dijudulan “Een Pseudo Padjadjaransche Kroniek” (Kronik Palsu Pajajaran) [2].
Atja jeung Saléh Danasasmita nuluykeun hanca panalungtikan ku cara ngalih-aksarakeun tur narjamahkeun naskah sakabéhna kana basa Indonésia dina taun 1987.[3] Nya Atja jeung Saléh Danasasmita anu ngajudulan ieu naskah Amanat Galunggung téh, sok sanajan éta kecap teu disebut dina naskahna mah.
Eusi Naskah
[édit | édit sumber]Eusi naskahna mangrupa papagon hirup pikeun para pamingpin dina wangun pépéling, nyaéta pépélingna Rakéan Darmasiksa, anu dianggap idéntik jeung raja Sunda nu nyekel kakawasaan taun 1175-1197, ka para putrana katut rundayanana.[3]
Sababaraha piwuruk anu nyangkaruk dina ieu naskah téh, di antarana:
- Ulah pacogrégan, ulah paheuras-heuras, sakuduna rukun gawé sauyunan boh dina laku lampah boh dina udagan hirup;
- Ulah marebutkeun perkara jeung jelema anu geus bener, jujur, jeung hadé haté.
- Ulah maéhan nu teu boga dosa, ngarebut hak nu teu boga dosa, nganyenyeri nu teu tuah teu dosa, ulah silih curiga.
- Ulah marebutkeun kalungguhan atawa kakawasaan, jsté.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Munawar Holil & Aditia Gunawan (2010). "Membuka Peti Naskah Sunda Kuna koleksi Perpustakaan Nasional RI: Upaya Rekatalogisasi". dalam Perubahan Pandangan Aristorkrat Sunda (Seri Sundalana 9).
- ↑ (nl) C.M. Pleyte (1917). Een Pseudo Padjadjaransche Kroniek. Tijdschrift van Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen No.56.
- ↑ a b Saleh Danasasmita, et.al. (1987). Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Amanat Galunggung: Transkripsi dan Terjemahan. Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Dirjen Kebudayaan Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
Daftar Pustaka
[édit | édit sumber]Ajip Rosidi, dkk., 2000, Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (termasuk Budaya Cirebon dan Betawi). Jakarta: Pustaka Jaya.
Daptar Naskah Sunda Kuno | |
---|---|
Amanat Galunggung - Bujangga Manik - Carita Parahiyangan - Carita Purnawijaya - Kawih Pangeuyeukan - Carita Ratu Pakuan - Carita Waruga Guru - Kawih Paningkes - Pantun Ramayana - Sanghyang Hayu - Sanghyang Raga Déwata - Sanghyang Sasana Maha Guru - Sanghyang Siksa Kandang Karesian - Séwaka Darma - Sri Ajnyana - Tutur Bwana - Warugan Lemah |