Kabuyutan Ciburuy

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Kabuyutan Ciburuy nyaéta situs anu dilindung ku pamaréntah provinsi, minangka cagar budya. Perenahna aya di handapeun Gunung Cikuray perenahna di Désa Pamalayan, Kacamatan Cigedug.[1] Jarakna kurang leuwih 23 km ti kota Garut.[1] Mangrupa situs titinggal jaman Prabu Siliwangi nu dituluykeun ku anakna Prabu Kéan Santang.[2]

Kabuyutan hartina barang atawa tempat kuno nu teu bisa sagawah dipaké lantaran bisa ngabalukarkeun mamala nu teu dipikahayang.[1] Kitu ogé jeung Kabuyutan Ciburuy nu ku masarakatna kacida dipikahormat.[1] Salian ti éta, ku para ahli sajarah Kabuyutan Ciburuy dianggap tempat nu kacida pentingna, lantaran di dieu aya sawatara titinggal sajarah nu masih kénéh kariksa nepi ka kiwari saperti ayana goong rénténg nu mangrupa cikal tina ayana kasenian degung.[1][2] Alatan éta, pamaréntah netepkeun ieu kabuyutan minangka cagar budaya.[1]

Di ieu kabuyutan aya imah adat Ciburuy.[1] Suhunanana tina injuk sarta diwangun dina lahan 5.320 méter.[1] Wangunan imahna béda jeung imah-imah lianna, saliwat mah ieu imah adat téh siga imah gadang di Minangkabau, Sumatera Barat.[1] Imah di kabuyutan ieu ngawengku dua bagéan, nu kahiji disebut Bumi Patemon atawa balé panglawungan.[1] Salian dipaké minangka tempat lawungan, ieu balé digunakeun ogé minangka tempat neundeun barang-barang pusaka.[1] Nu kadua disebut Bumi Padaleman.[1] Ieu wangunan sipatna karamat.[1] Minangka tempat neundeun rupa-rupa kitab buhun nu ditulis dina daun lontar jeung daun nipah.[1] Jumlahna teu kurang ti 750 lambar.[1] Tina 750 lambar éta, 438 lambar geus ruksak tur teu kabaca.[1]

Numutkeun para ahli, Kabuyutan Ciburuy mimitina mah mangrupa mandala atawa puseur kaagamaan sarta puseur kagiatan intelektual nu ditangtayungan ku raja.[1] Hal iéu dibuktikeun ku ayana naskah-naskah penting Sunda buhun nu aya di ieu tempat.[3] Di antarana waé saperti Naskah Amanat Galunggung jeung Sewaka Darma.[3]

Kiwari, kabuyutan Ciburuy mangrupa tempat nu loba didatangan ku nu jararah.[3] Nu daratang ka ieu tempat biasana jarah ka Bumi Patemon.[3] Tapi, barang-barang pusaka teu bisa sagawayah ditingalikeun iwal ti dina upacara séba nu dilaksanakeun unggal bulan Muharam.[3] Kitu ogé jeung Bumi Padaleman, nu jarah bisa datang ka ieu tempat nalika upacara séba wungkul.[3]

Upacara séba nyaéta upacara sukuran ka jalma-jalma nu miboga kalungguhan sarta élmu pangaweruh nu luhung unggal poé Rebo jeung Minggu katilu bulan Muharam.[2] Éta sukuran dihususkeun ka Prabu Siliwangi jeung Prabu Kéansantang salaku pamingpin bihari nu miboga kasaktén, élmu pangaweruh sarta kadigjayaan nu kacida luhungna.[2] Nalika upacara séba dilaksanakeun, sakabéh masarakat Ciburuy wajib hadir, kitu ogé jeung masarakat nu keur ngumbara.[3] Salian ti éta, masarakat sacara rutin ngayakeun acara ngumbah keris dina tanggal 1 Muharam.[2] Di ieu daérah aya pantrangan nyaéta unggal poé Jumaah jeung Saptu teu meunang asup ka Kabuyutan Ciburuy.[2] Masarakat adat di kampung Ciburuy kacida disiplinna dina ngajaga ieu aturan.[2] Sikep masarakat Ciburuy ieu disebut tukuh Ciburuy.[3]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q Suhardiman,Budi&Darpan.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti Kaca 96 (id)
  2. a b c d e f g Kabuyutan Ciburuy (Diakses tanggal 26 Oktober 2011) (id)
  3. a b c d e f g h Suhardiman,Budi&Darpan.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti Kaca 97 (id)


Arjuna Wayang.jpg