Aksara Sunda Kuna

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Aksara Sunda Kuna
Aksara Sunda kuno.png
Jenis aksara
abugida
BasaSunda
Periode
kira-kira abad ka-14 nepi ka-18.
Silsilah
Nurutkeun hipotésis hubungan antara abjad Araméa jeung Brahmi, mangka silsilahna saperti kieu:
Tina aksara Brahmi diturunkeun jadi:
Aksara anu diturunkeun
Aksara Sunda baku
Aksara dulur
Bali
Batak
Baybayin
Buhid
Hanunó'o
Jawa
Kaganga (Rejang)
Lontara (Bugis)
Rencong
Tagbanwa (Tagalog)

Aksara Sunda kuna (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮊᮥᮔ) nyaéta aksara anu mekar di wewengkon Jawa Kulon dina Abad XIV-XVIII anu awalna dipaké pikeun nuliskeun basa Sunda kuna. Aksara Sunda kuna mangrupa pamekaran tina Aksara Pallawa anu nepi kana tahap modifikasi hasna, sakumaha anu dipaké dina naskah-naskah lontar abad ka XVI.

Dipakéna aksara Sunda kuna dina wangun pangmimitina di antarana dipanggihan dina prasasti-prasasti anu aya di Astana Gedé, Kacamatan Kawali,Kabupatén Ciamis, jeung Prasasti Kabantenan anu aya di Kacamatan Jatiasih, Kota Bekasi.

Édi S. Ékadjati nétélakeun yén ayana aksara Sunda kuna geus lila pisan kasilih lantaran ayana ékspansi Karajaan Mataram Islam ka wewengkon Priangan, iwal Cirebon jeung Banten. Dina mangsa harita para ménak Sunda leuwih réa ngajadikeun budaya Jawa minangka anutan jeung tipe idéal. Akibatna, kabudayaan Sunda kasilih ku kabudayaan Jawa. Komo deuih, réa panulis jeung budayawan Sunda anu maké tulisan jeung simbul-simbul Jawa.

VOC nepi ka nyieun kaputusan, yén aksara resmi di wewengkon Jawa Kulon téh ngan saukur Aksara Latén, Aksara Pégon jeung Aksara Cacarakan. Éta kaputusan téh ditetepkeun tanggal 3 Nopémer 1705. Kaputusan éta didukung ku para pangawasan Cirebon anu medalkeun surat kaputusan sarupa dina tanggal 9 Fébruari 1706. Ti harita Aksara Sunda kuna kapopohokeun salila mangabad-abad. Masarakat Sunda geus teu mikawanoh deui kana aksarana. Sanajan masih diajarkeun di sakolah nepi ka ahir taun 1950-an, manahoréh salah kaprah. Lantaran, anu diajarkeun harita téh lain aksara Sunda kuna, tapi aksara Cacarakan.

Aksara Sunda kuna umumna kapanggih dina naskah-naskah nu bahanna tina daun lontar anu dituliskan dikoét ku péso pangot. Naskah anu ditulis ku aksara ieu di antarana Bujangga Manik, Séwaka Darma, Carita Ratu Pakuan, Carita Parahiyangan, Fragmén Carita Parahiyangan, jeung Carita Waruga Guru. Aksara Sunda kuna nyampak dina kolom 89-92 dina Table van Oud en Nieuw Indische Alphabetten (Holle, 1882).

Dina kamekaranna, Aksara Sunda kuna teu ngeukeuhan sababaraha huruf tina aksara Kawi. Aksara Kawi anu teu dipaké dina aksara Sunda kuna, nyaéta:

  1. Konsonan: kha, gha, cha, jha, ṭa (cerebral), ṭha (cerebral), ḍa (cerebral), ḍha (cerebral), ṇa (cerebral), tha, dha, pha, bha, ṣa (cerebral), jeung śa (palatal).
  2. Vokal: ā (a panjang), ī (i panjang), ū (u panjang), ṝ (ṛ panjang), dan ḹ (ḷ panjang). Lolobana naskah jeung prasasti teu ngabédakeun huruf jeung tanda diakritik antara sora ӗ (e pepet) jeung ӧ (e pepet panjang/paneuleung), sanjan kitu sababaraha naskah ngabédakeun huruf jeung tanda diakritik antara sora ӗ jeung ӧ.

Sumber[édit | édit sumber]

Conto naskah Sunda kuna[édit | édit sumber]

Tutumbu Luar[édit | édit sumber]