Kabupatén Ciamis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kabupatén Ciamis
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪
Lambang Kabupaten Ciamis.png

Lambang Kabupatén Ciamis
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪
Ciamis sta 141122-0152 rwg.JPG

Stasion Keréta Ciamis
Kabupatén Ciamis is located in Jawa
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis (Jawa)
Kabupatén Ciamis is located in Indonésia
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis (Indonésia)
Map of West Java highlighting Ciamis Regency.svg

Peta lokasi Kabupatén Ciamis
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪
Motto Mahayunan Ayuna Kadatuan
Propinsi Jawa Kulon
Ibukota Ciamis
Lega Wilayah 2.556,75 km²
Kordinat 7°19′36″S 108°21′07″E / 7.3266°S 108.3519°E / -7.3266; 108.3519Koordinat: 7°19′36″S 108°21′07″E / 7.3266°S 108.3519°E / -7.3266; 108.3519
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.523.000 (2003)
1.768.532 jiwa Sabada pamekaran Pangandaran (2014)[1]
596 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
20
-
Dasar hukum UU No. 11/1950 (ngadegna Kab. Ciamis)
UU No. 27/2002 (Pamekaran Kota Banjar)
UU 21 Taun 2012 (Pamekaran Kabupatén Pangandaran)
Tanggal -
Bupati Herdiat Sunarya
Wakil Bupati Yana D. Putra[2]
Kode aréa 0265
DAU Rp. 1.303.907.527.000.(2013)[3]

Ramatloka: ciamiskab.go.id

Ciamis (Basa Sunda: ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪, Pegon: چياميس) téh hiji kabupatén nu aya di Provinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ieu kabupatén ayana di beulah wétan rada ka kidul Jawa Kulon, pabates-bates jeung Kabupatén Majaléngka jeung Kabupatén Kuningan di béh kalér, Kabupatén Cilacap jeung Kota Banjar di béh wétan, Kabupatén Pangandaran di kidul, ogénan Kota Tasikmalaya jeung Kabupatén Tasikmalaya di kulon.

Kacamatan Banjar, nu baheulana ngahiji kénéh jeung Ciamis, ditingkatkeun statusna jadi kota administratip, jeung ti sabet tanggal 11 Désémber 2002 dijadikeun kota anu misah ti Kabupatén Ciamis. Salain éta, beulah kiduleun Ciamis ogénan dimekarkeun pas keur tanggal 25 Oktober 2012 jadi Kabupatén Pangandaran anu bogaeun 10 Kacamatan.

Sajarah[édit | édit sumber]

Radén Aria Koesoemadiningrat, Bupati Karajaan Galuh (1879).

Ceuk sajarawan W.J Van der Meulen, Puseur Karajaan Galuh téh ayana di sabudeureun Kawali (anu ayeuna jadi salah sahiji kacamatan di Ciamis). Dina basa Sangsekerta, kecap "galuh" nunjukkeun samodél batu permata, jeung bisa ogén dipaké jang nyebut putri raja anu eukeur maréntah jeung can kawin. Sakumaha riwayat Kota jeung Kabupatén lainna di Jawa Kulon, sumber-sumber anu nyaritakeun asal-usul hiji daérah mah umumna sipatna téh tradisional jeung aya unsur-unsur mistisan, dongéng, atawa gén legénda, mesing bisa ogén sipatna historis (kalacak ku sajarah anu nyaan).

Naskah-naskah ieu di antarana Carios Wiwitan Raja-Raja di Pulo Jawa, Wawacan Sajarah Galuh, jeung ogén Naskah Sejarah Galuh bareng Galunggung, Ciung Wanara, Carita Waruga Guru, Sajarah Bogor. Naskah-naskah ieu umumna ditulis pas keur abad ka-18 nepi ka abad ka-19. Lamun anu sajaman atawa deukeut ka jaman Karajaan Galuh mah, naskah-naskahna téh contona Sanghyang Siksa Kandang Karesian, ditulis taun 1518, pas keur Karajaan Sunda aya kénéh jeung Carita Parahyangan anu ditulis taun 1580.

Nangtungna Galuh sabagé karajaan, ari ceuk naskah-naskah kelompok kahiji mah teu leupas ti tokoh Ratu Galuh salaku Ratu nu kahiji. Dina laporan nu ditulis ku Tim Peneliti Sejarah Galuh (1972), aya sababaraha ngaran karajaan jiga kieu:

  • Karajaan Galuh Sindula (aya ogén nu nyebut, Karajaan Bojong Galuh), lokasina di Lakbok ibukotana di di Medang Gili (taun 78 Maséhi);
  • Karajaan Galuh Rahyang lokasina di Brebes nu ibukotana di Medang Pangramesan;
  • Karajaan Galuh Kalangon berlokasi di Reban, ibukotana di Medang Pangramesan;
  • Karajaan Galuh Lalean berlokasi di Cilacap ibukota di Medang Kamulan;
  • Karajaan Galuh Pataruman berlokasi di Banjarsari, ibukota di Banjar;
  • Karajaan Galuh Kalingga berlokasi di Bojongmengger, ibukota di Karangkamulyan;
  • Karajaan Galuh Tanduran atau Pangauban berlokasi di Pananjung, ibukota di Bagolo;
  • Karajaan Galuh Kumara berlokasi di Tegal ibukota di Medang Kamulan;
  • Karajaan Galuh Pakuan beribukota di Kawali;
  • Kerajaan Pajajaran berlokasi di Bogor, ibukota di Pakuan;
  • Karajaan Galuh Pataka berlokasi di Nanggalacah, ibukota di Patakaharja;
  • Kabupaten Galuh Nagara Tengah berlokasi di Cinéam ibukota di Bojonglopang tuluy di Gunungtanjung;
  • Kabupaten Galuh Imbanagara berlokasi di Barunay ibukota di Imbanagara;
  • Kabupaten Galuh berlokasi di Cibatu, ibukota di Ciamis (ti sabet taun 1812).

Ari panalitian nu historis ngeunaan iraha-irahana Karajaan Galuh ditangtungkeun, kanjat ditéang tina sumber-sumber sajaman mangrupa prasasti. Aya prasasti nu nyebutkeun aran "Galuh", mesingkeun ngaranna euweuh tétélaanna ngeunaan lokasi jeung waktuna. Dina prasasti taun 910, Raja Dyah Balitung disebut salaku "Rakai Galuh".

Dina Prasasti Siman taun 943 M, disebutkeun mun "kadatwan rahyangta mdang bhumi mataram ingwatu galuh" nunjukkeun hiji tempat di Watugaluh, dan Megaluh, Jawa Wétan. Tuluy dina Piagam Calcutta disebutkeun yén para musuh panyerang Airlangga lalumpatan ka Galuh jeung ka Kulon, maranéhna diparaéhan pas keur taun 1031 Maséhi.

Dina sawaréh eusi téks Carita Parahyangan, disebutkeun mun Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357) diuk di Kawali salaku nu ngawasa Karajaan Sunda Galuh. Saenggeus jadi raja salila 7 taun, manéhna mangkat ka Jawa nu pas di dituna téh aya perang di Majapahit. Ari ceuk sumber séjén mah kapanggih mun Prabu Hayam Wuruk, anu karék naék tahta pas keur taun 1350, ménta Putri Prabu Maharaja Linggabuanawisésa améh jadi pamajikannana.

Ngan cenah, Patih Gajah Mada hayangeun éta Putri sinah jadi upeti. Teu kosi lila, Raja Sunda anu teu tarima ku sikap aroganna Majapahit ieu langsung milih perang nepi ka gugur dina peperangan di Bubat. Budakna nu dingaranan Prabu Niskala Wastu Kancana (1371-1475) pas keur éta leutik kénéh. Pédah ku kituna, karajaan dicekel ku Hyang Bunisora Suradipati (1357-1371) sababaraha waktu méméh tungtungna diserahkeun ka Niskala Wastu Kancana, éta génan pas keur manéhna geus Déwasa. Keterangan ngeunaan Niskala Wastu Kancana, kanjat diécéskeun ku bukti mangrupa Prasasti Kawali jeung Prasasti Batutulis jeung ogén Prasasti Kebantenan.

Pas keur Niskala Wastu Kancana geus maot, karajaan kusi kabagi 2 pas keur jaman barudakna, nyaéta Prabu Susuk Tunggal nu ngawasa di Pakuan jeung Prabu Déwa Niskala nu ngawasa di Kawali. Sri Baduga Maharaja (1482-1521) ngahijikeun deui Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Saenggeus runtuhna Sunda Galuh ku Kasultanan Banten, urut karajaan ieu osok disebut Karajaan Pakuan Pajajaran.

Pas keur taun 1595, Karajaan Galuh taluk ka Senapati ti Mataram. Invasi Mataram ka Galuh beuki nguatan pas keur jamanna Sultan Agung. Pangawasa Galuh, Adipati Panaékan, diangkat jadi Wedana Mataram jeung cacah nu jumlahna 960 orang. Pas keur Mataram ngarencanakeun serangan ka VOC di Batavia pas keur taun 1628, pasukan-pasukan Mataram di Priangan boga tujuan anu bararéda.

Rangga Gempol I ti Sumedang misalna, hayangeun pertahanan dikuatkeun heula, ari Dipati Ukur ti Tatar Ukur, hayangeun serangan gura-giru dilakukeun. Teu ngahijina tujuan ieu génan kajadian di Galuh antara Adipati Panaékan jeung adi beuteungna Dipati Kertabumi. Dina pasalingsingan éta Adipati Panaékan kapaéhan taun 1625. Manéhna tuluy diganti ku budakna, ku Mas Dipati Imbanagara anu cicing di Cinéam.

Pas jaman Dipati Imbanagara, ibukota Kabupatén Galuh dipindahkeun ti Cineam ka Calingcing. Tapi, teu lila geus ti dinya, tuluy dipindahkeun deui ka Panyingkiran. Pas taun 1693, Bupati Sutadinata diangkat ku VOC jadi Bupati Galuh ngagentikeun Angganaya. Pas taun 1706, manéhna digentikeun ogén ku Kusumadinata I (1706-1727).

Pas taun 1914, Kabupaten Galuh dipingpin ku Tumenggung Sastrawinata, anu saenyana mah lain pédah ku satujuna keturunan Bupati Galuh saacanna. Tuluy pas taun 1915, Kabupatén Galuh diasupkeun ka Karesidénan Priangan, jeung pédah euceuk Belanda, Tumenggung Sastrawinata sacara resmi ngarobah ngaran Kabupatén Galuh jadi Kabupatén Ciamis. Belanda ngaresmikeun robahna éta aran pas 1 Januari 1916.[4]

Ngaran Ciamis[édit | édit sumber]

Sababaraha taun ka tukang, jebul sababaraha kahayang masarakat ajang ngarobah ngaran Kabupatén Ciamis jadi Kabupatén Galuh, pédah cenah ngaran Galuh mah boga ma'na filosofis anu luhur, maranéhna nganggep da robahna ngaran Galuh jadi Ciamis mah euweuh alesanna.[5]

Géografi[édit | édit sumber]

Lambang Kabupaten Ciamis di hiji Monumén Perbatasan Kabupatén Ciamis (Kecamatan Cihaurbeuti) dengan Kabupaten Tasikmalaya (Kecamatan Rajapolah)
Kanjat ditempo di dieu Teluk Pangandaran pas taun 1930-an

Lolobana, wilayah Kabupaten Ciamis mangrupa gunung-gunungan jeung tonggoh, iwal di beulah kidul perbatasan eujeung Kabupatén Cilacap, Jawa Tengah. Ti sabet ayana pamekaran Kabupatén Pangandaran, anu misahkeun diri ti Ciamis, mantakna ayeuna Ciamis teu boga basisir pantéy.

Bates Wilayah[édit | édit sumber]

Ieu mangrupakeun bates wilayah Kabupatén Ciamis: Citakan:Batas USBT

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Daftar Bupati[édit | édit sumber]

Emoji u1f50d.svg
 Artikel utama: Daptar Bupati Ciamis.

Bupati téh nu ngajabat jadi pamingpun anu pangluhurna lingkungan pemerintah kabupatén Ciamis. Bupati Ciamis boga tanggungjawab ka gubernur provinsi Jawa Barat. Ayeuna, bupati atawa kapala daérah anu keur ngajabat di kabupaten Ciamis téh Herdiat Sunarya, bareng eujeung wakil bupatina Yana Putra. Maranéhna meunang pas Pemilihan umum Bupati Ciamis 2018. Maranéhna mimiti ngajabat ti sabet 20 April 2019, sanggeus dilantik ku gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, di Aula Barat Gedung Saté Kota Bandung.[6]

No Bupati Mimiti ngajabat Eureun ngajabat Prd. Ket. Wakil Bupati
41 100px Herdiat Sunarya 20 April 2019 petahana 41
(2018)
[6] 100px Yana D. Putra

Dewan Perwakilan[édit | édit sumber]

Dewan Perwakilan Rakyat Daerah Kabupaten Ciamis

Kecamatan[édit | édit sumber]

Daftar kecamatan dan kelurahan di Kabupaten Ciamis

Kaséhatan[édit | édit sumber]

Rumah Sakit[édit | édit sumber]

  • RSUD Kabupaten Ciamis
  • RSUD Kawali
  • RSUD Bunda Asih
  • RS Al-Arif
  • RS Permata Bunda
  • RS Orthopaedi Ciamis
  • RS Bersalin Harapan Bunda
  • RSU Nirmala
  • RSU Dadi Keluarga Ciamis

Puskesmas (Pusat Kesehatan Masyarakat)[édit | édit sumber]

  • Puskesmas Banjarsari
  • Puskesmas Ciulu
  • Puskesmas Cigayam
  • Puskesmas Lakbok
  • Puskesmas Sidaharja
  • Puskesmas Ciawitali
  • Puskesmas Pamarican
  • Puskesmas Kertahayu
  • Puskesmas Janggala
  • Puskesmas Cimaragas
  • Puskesmas Cijeungjing
  • Puskesmas Handapherang
  • Puskesmas Cisaga
  • Puskesmas Tambaksari
  • Puskesmas Rancah
  • Puskesmas Rajadesa
  • Puskesmas Margahaja
  • Puskesmas Ciamis
  • Puskesmas Imbanagara
  • Puskesmas Baregbeg
  • Puskesmas Sindangkasih
  • Puskesmas Mandalika
  • Puskesmas Cihaurbeuti
  • Puskesmas Sukamulya
  • Puskesmas Sadananya
  • Puskesmas Cipaku
  • Puskesmas Cieurih
  • Puskesmas Jatinagara
  • Puskesmas Gardujaya
  • Puskesmas Panawangan
  • Puskesmas Kawali
  • Puskesmas Lumbung
  • Puskesmas Kawalimukti
  • Puskesmas Panjalu
  • Puskesmas Sukamantri
  • Puskesmas Panumbangan
  • Puskesmas Payungsari

Pendidikan[édit | édit sumber]

Di Ciamis, aya kana 2733 sakola, 687.113 siswa jeung 36.290 guru.

Paguron luhur[édit | édit sumber]

  • Universitas Galuh
  • Institut Agama Islam Darussalam (IAI Darussalam)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Kesehatan Bina Putra Banjar (STIKES Bina Putra Banjar)
  • Sekolah Tinggi Agama Islam Al-Ma'arif Ciamis (STAI Al-Ma'arif Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Kesehatan Muhammadiyah (STIKES Muhammadiyah)
  • Sekolah Tinggi Agama Islam Putra Galuh Ciamis (STAI Putra Galuh Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Sosial dan Ilmu Politik Bina Putra Banjar (STISIP Bina Putra Banjar)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi Galuh Ciamis (STIE Galuh Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ekonomi Islam Ar-Risalah (STEI Ar-Risalah)
  • Sekolah Tinggi Hukum Galuh Ciamis (STH Galuh Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Dakwah Sirnarasa Ciamis (STID Sirnarasa Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Tarbiyah NU Al-Farabi Pangandaran (STITNU Al-Farabi Pangandaran)

Deuleung ogén[édit | édit sumber]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. http://jabar.bps.go.id/Tabel/penduduk/JumlahPenduduk.html/ Jumlah panduduk Kabupatén Ciamis taun 2007 vérsi BPS Provinsi Jawa Barat
  2. https://ciamiskab.go.id/pimpinan-daerah/ diaksés 21 Januari 2020
  3. http://www.djpk.depkeu.go.id/regulation/27/tahun/2013/bulan/02/tanggal/04/id/873/ "Perpres No. 10 Tahun 2013". 2013-02-04. Diakses tanggal 2013-02-15.
  4. "Nama Kabupaten Ciamis Berubah Menjadi Kabupaten Galuh?". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-06-02. 
  5. Mukhlis, Ahmad (19 Juli 2019). "Bupati Setuju Usulan Penggantian Nama Ciamis Jadi Galuh". koropak.co.id. Diakses tanggal 13 Desember 2021. 
  6. a b "Pelantikan Bupati da Wakil Bupati Ciamis Periode 2019-2024". diperpuska.ciamiskab.go.id. 20 April 2019. Diakses tanggal 2 Juli 2022. 

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

P blank.svg Portal Portal Portal Portal