Alun-alun

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Alun-alun Garut, taun 1915-1925

Alun-alun nyaéta palataran atawa lapangan anu lega tur negrak/terbuka, dikurilingan ku jalan bisa dipaké pikeun ngayakeun hiji kagiatan atawa gempungan, Numutkeun Van Romondt (Haryoto, 1986:386), alun-alun téh mangrupa buruan imah ngan ukurana leuwih lega. Baheula jalma anu kumawasa : Raja, Bupati, Wadana jeung Camat malahanmah lurah buruan imahna mibanda buruan lega dihareupeun pendopona[1], maksudna pikeun tempat ngalaksanakeun kagiatan masarakat dina urusan pamaréntahan, militér, dagang, pendidikan jeung sajabana. Leuwih jauh Thomas Nix (1949:105-114) mertélakeun cenah alun-alun mangrupa palataran anu negrak tur mibanda jarak anu tangtu jeung wangunan anu aya disabudeureuna. Jadi ayana wangunan paragi liliwatan ka alun-alun mangrupa ciri mandiri palataran anu disebut alun-alun.[2]. ku lantaran tagalan/lapangan anu negrak diantep kitu waé éta henteu kaasup alun-alun, Alun-alun bisa waé ayana di Désa, Kacamatan, Kabupatén, jeung puseur Kota.

Sajarah[édit | édit sumber]

Upacara di alun-alun Purwokerto, taun 1948

Alun-alun mimitinamah dijieun paranti latihan perang (gladi yudha) tentara karajaan, tempat ngayakeun saémbara,[3] jeung paranti nepikeun titah/paréntah (sabda)/Raja pikeun kawula (rahayat)[4] paranti balantik/juabeuli, ogé paranti hiburan. Alun-alun di hiji daérah kacida dipangaruhan ku budaya anu dijerona aya tata nilai, pamaréntah, kapercayaan, ékonomi jeung anu séjéna.

Jaman Hindu-Budha, alun-alun geus aya (dina buku Nagara Kertagama, nétélakeun di Trowulan mibanda alun-alun) asal muasalna tina kapercayaan masyarakat tani mangsana datang usum ngolah taneuh : (sawah, kebon, jeung sajabana), saméméhna kudu ngayakeun heula hiji upacara ménta ijin ka “dewi taneuh”. Tayalian ku nyieun hiji tegalan/palataran “taneuh karamat” wanguna “segi ompat” anu kiwari katelah alun-alun[1].

Kagunaan[édit | édit sumber]

Alun-alun Bandung, taun 1900-1925

Mangsa karajaan Mataram, di Alun-alun hareupeun karaton jadi tempat rahayat Mataram “seba” nyaéta ngahadép kanu kumawasa (tempo karaton Yogyakarta). Alun-alun mangsa harita geus digunakeun pikeun puser administratif jeung sosial budaya pikeun warga pribumi.

Kagunaan administratif: masarakat datang ka alun-alun nedunan pangondang pikeun ngadengekeun béwara ti pamaréntah atawa nempokeun jeung méré pangrojong ka para tentara jeung raja atawa anu kumawasa di éta wewengkon.

Kagunaan sosial budaya mangrupa tempat pikeun sakabéh masyarakat ngumpul jeun silih pikawanoh naha dina widang balantik, hiburan, olahraga , jeung sajabana. Pikeun nedunan kabutuhan dina hiji kagiatan diluhur nya alun-alun tempat anu paling loyog ku lantaran lega.

Dina mangsa ageman Islam mimiti asup ka Nusantara, masjid-masjid diwangun disabudeureun alun-alun[5]. Alun-alun ogé dipaké pikeun mieling poé-poé anu geus ditangtukeun ku umat Islam salah sahijina salat Idul Fitri jeung Idul adha. Kiwari loba anu ngamangpaatkeun alun-alun pikeun buruan masjid contona alun-alun Kota Bandung, alun-alun Garut, jeung réa-réa deui. Dina ageman Islam alun-alun dijadikeun buruan masjid mangsa jamaah henteu kawadahan dijero masjid [1] jeung buruan karaton mangsa sémah anu daratang ka karaton henteu ka tampung. Siar Islam geus mawa parobahan pekeun ngararancang puseur kota, kulantara ieu alun-alun, karaton jeung Masjid diwangun dihiji tempat anu deukeut ka jalan jeung alun-alun.[1]

Nepika datangna Walanda kumawasa di Nusantara, méré pangaruh anu henteu saeutik dina tatacara jeung pangwangunan alun-alun. Ieu katempo ku diwangina panjara di deukeut alun-alun, contona di alun-alun Yogyakarta, Bandung, jeung Garut. Ieu wangunan ngahaja dijieun ku Walanda pikeun kapentingan maranéhna tur ngurangan kagunaan alun-alun pikeun kagianan masarakat, utamana ngurangan wibawa jeung pangaruh anu kumasawa mangsa harita (penguasa pribumi)[6].

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

  1. Kagunaan alun-alun
  2. Alun-alun di Jerman
  3. Alun-alun jaman Walanda


Nulis.jpg