Kebon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kebon kelapa di Seychelles.

Kebon nyaéta sawidang lahan, biasana mah di tempat nembrak, nu diperlakukeun husus ku manusa, hususna keur tempat tuwuhna pepelakan.

Harti kebon sipatna umum ku sabab lahan nu dipelakan tutuwuhan sacara liar ogé bisa disebut kebon, asal aya di wewengkon sabudeureun padumukan. Dina kaayaan nu kawas kieu, kebon bisa dibédakeun jeung leuweung ditempo tina jinis katut kapadetan tutuwuhananan. Dina istilah sapopoé mah, kebon téh mindeng dipaké keur nyebutkeun pakebonan (kayaning "kebon kareé" atawa "kebon kalapa") utamana lamun ukuranana teu pati lega tur henteu diusahakeun sacara inténsif keur kapentingan komérsil. Kecap kebon bisa ogé dipeké keur pakarangan katut taman. Sakabéh atawa sabagéan kebon bisa dikokolakeun jadi taman.

Kebon bisa disaruakeun jeung orchard dina basa Inggris. Kebon nu kieu mah mangrupa hiji usaha melak tangkal atawa rungkun sacara monokultur, tapi lain terna, keur ngahasilkeun bahan pangan. Lahan keur kebon nu kawas kieu téh geus dipikawanoh ti baheula kénéh, saperti kebon pala di Maluku jeung rupa-rupa kebon bungbuahan di sababaraha tempat di Nusantara (saperti kebon kadu, dukuh, rambutan, katut salak). Kebon di Indonésia mah biasana henteu boga sistim budidaya nu inténsif tur saukur jadi tempat keur nuwuhkeun pepelakan sarta ngumpulkeun hasil panén. Euweuh fasilitas panyortiran atawa pengemasan nu disadiakeun dina lahan kasebut. Di luar nagri mah, kebon apel, jeruk, cau, katut zaitun diusahakeun sacara inténsif tur bisa disebut pakebonan.

Dumasar kana fungsi kebon minangka sarana katut obyék panalungtikan, sawatara kebon atawa pakebonan bisa difungsikeun keur lahan atawa lokasi sakola alam, nyaéta sakola nu teu maké gedong.


Nulis.jpg