Leuweung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Leuweung atawa Wana hartina wewengkon nu miboga tatangkalan nu loba, biasana mangrupa bentukan alami dina jangka waktu nu kaitung lila (sahanteuna puluhan/ratusan taun). Komunitas tatangkalan ieu nutupan wewengkon nu lega tempat nyerep karbon dioksida, habitat sasatoan, modulator aliran hidrologis, jeung panahan taneuh, nu mangrupa salasahiji aspék pangpentingna dina biosfir urang.

Panganteur[édit | édit sumber]

Leuweung bisa kapanggih di mana waé nu bisa miara tumuwuhna tatangkalan, iwal wewengkon nu mindeng teuing ngalaman kahuruan (alami), atawa di wewengkon nu lingkunganana geus kasilih ku prosés alami séjénna atawa ku manusa. Leuweung bisa ngandung rupa-rupa spésiés tatangkalan dina wilayah anu heureut (misalna di leuweung tropis), bisa ogé ngawengku wilayah anu lega tapi ukur boga sababaraha rupa spésiés (rada homogén, misalna taiga jeung leuweung konifér). Nya sacara umum mah, leuweung nu didominasi ku angiospermae sok beunghar spésiés-spésiésna, sedengkeun nu didominasi ku gymnospermae mah teu pati. Leuweung ilaharna mah jadi panyicingan rupa-rupa spésiés sato jeung tutuwuhan, nu mibanda biomassa per unit legana leuwih luhur batan tipe vegetasi lian. Biomassa ieu lolobana tumuwuh di jero taneuh, dina sistim akar (di antarana salaku hasil dekomposisi). Salasahiji komponén kai nyaéta lignin, nu alon pisan dekomposisina batan bahan organik lianna samodél selulosa atawa karbohidrat.

Leuweung di Slovénia.

Bioma-bioma leuweuh nu utama di antarana:

Klasifikasi[édit | édit sumber]

Leuweung Pineus

Leuweung bisa digolongkeun ku cara nu béda-béda, di antarana dumasar bioma.

Ngokolakeun leuweung[édit | édit sumber]

Ngulik leuweung sacara ilmiah disebutna ékologi leuweung, sedengkeun ngokolakeun leuweung katelahna kaleuweungan (? huahua... kehutanan, forestry), nu mimindengna ditujukeun kana ékstraksi sumberdaya nu sipatna sustainable, mayeng. Para ahli ékologi leuweung museurkeun kana pola jeung prosés leuweung, nu tujuanana pikeun ngagali hubungan sabab-balukar. Ana para ahli kehutanan, fokusna téh kana ékstraksi ngala kai jeung silviculture, kaasup régenerasi jeung prosés tumuwuhna tangkal.

Leuweung bisa ruksak alatan dituaran, kahuruan, hujan asam, hérbivora, jeung kasakit. Utamana di Indonésia, karuksakan leuweung téh lolobana alatan dibukbak diala kaina, dikonversi jadi lahan tani, kebon kalapa sawit, padumukan jalma, jeung industri bari teu kakontrol, nu antukna, balukarna, jadi mamala pikeun urang urang kénéh.

Baca ogé[édit | édit sumber]

Leuweung di Pulo San Juan, Washington.

Umum[édit | édit sumber]

Kagiatan nu patali jeung leuweung[édit | édit sumber]

Leuweung dumasar nagara[édit | édit sumber]

Béréndélan[édit | édit sumber]

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Forest, Wikipédia édisi basa Inggris per 19 Oktober 2005