Hérbivora

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Simeut, Conto Sato Herbivora ti Bangsa Insekta

Hérbivora dina istilah latén, nyaéta "Hérba" anu hartina "tutuwuhan jujukutan" jeung "Vorare" nu hartina "dahar".[1] Harti hérbivora nyaéta hiji golongan satu tukang ngadahar tutuwuhan hungkul.[1]

Adaptasi Fisik Hérbivora[édit | édit sumber]

Hérbivora geus ngembangkeun sababaraha Adaptasi fisik anu Leuwih alus sahingga ngamungkinkeun maranéhna pikeun hirup jeung ngembang salaku pangdahar tutuwuhan.[2] Salah sahiji adaptasi fisik utama nyaéta desain anu unik tina sirah hérbivora, kaasup panon, ceuli, jeung huntu.[2]

Lolobana hérbivora boga panon nu aya dina sisi huluna.[2] Adaptasi ieu ngamungkinkeun hérbivora boga widang anu leuwih lega keur titingalian.[2] Ku sabab panempatan panon éta, sato ieu bisa ningali ampir sakabéh jalan sakuliah awakna bari teu kudu ngagerakkeun sirahna.[2] Naha Sato-sato ieu Hayang boga widang anu leuwih lega sakurilingeunana? Loba sato herbivora anu mangrupakeun mangsa keur karnivora (sato dahar daging) jeung adaptasi visual maranéhna ngamungkinkeun pikeun ningali predator saméméh diserang.[2]

Kusabab peranna dina ranté dahareun (runtuyan saha anu Dahar jeung didahar dina lingkungan), hérbivora ogé boga Ceuli anu geus dirancang pikeun nyingkahan predasi.[2] Loba Ceuli hérbivora ukurana badag, nu bakal naékkeun volume sora anu didaréngé jeung ngamungkinkeun hérbivora pikeun ngadéngé volume anu leutik ti préadator lamun ngadeukeutan.[2]

Huntu hérbivora ogé dirancang husus pikeun pola dahar tutuwuhan.[2] Sanajan sakabéh karnivora miboga huntu séri jeung sihung pikeun nyoékkeun jeung motongkeun, Ngan sababaraha hérbivora, saperti kelenci jeung séro, anu miboga huntu kos kitu.[2] Hérbivora anu ngabogaan jinis huntu gerham anu Diperlukeun pikeun dahar tutuwuhan teuas jeung tatangkalan jeung teu perlu huntu seukeut pikeun mantuan maranéhanana motong tutuwuhan.[2] Lolobana hérbivora teu boga huntu séri jeung sihung sabab hérbivora make biwir maranéhna pikeun nyoékkeun Bahan tutuwuhan salaku gentina.[2] Rata-rata baham hérbivora dipinuhan huntu gerham anu datar jeung buleud.[2] Huntu ieu dirancang pikeun ngagiling bahan tutuwuhan jadi potongan leutik sahingga hérbivora bisa leuwih gampang nyerna Bahan anu dikonsumsi ku maranéhanana.[2]

Adaptasi Kalakuan Hérbivora[édit | édit sumber]

Salian adaptasi fisik, sababaraha hérbivora ogé geus ngembangkeun adaptasi kalakuan pikeun ngaronjatkeun kalangsungan hirupna.[2] Anu paling nonjol bedana antara kalakuan karnivora jeung hérbivora nyaéta kahirupan sosial maranéhanana.[2] Karnivora condong lalampahan jeung Buru Nyorangan, sedebgkeun loba spésiés hérbivora lalampahan jeung dahar dina kelompok. Kalakuan sosial ieu ningkatkeun kalangsungan hirup lantaran satiap anggota kelompok bisa pada ninggali tonggongjeung bisa pada ngalindungan tina prédator.[2]

References[édit | édit sumber]

  1. a b (id)Pengertian Herbivora
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q (id)Pengertian Adaptasi Herbivora diakses 15 juli 2015


Nulis.jpg