Lompat ke isi

Kabupatén Garut

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kabupatén Garut

Lambang Kabupatén Garut
{{{foto}}}

{{{caption}}}

Peta lokasi Kabupatén Garut
Motto Tata Tengtrem Kerta Raharja
Propinsi Jawa Barat
Ibukota Tarogong Kidul
Lega Wilayah 3.065,19 km²
Kordinat 7°12′17″S 107°53′15″E / 7.204694066557747°S 107.88758993570616°E / -7.204694066557747; 107.88758993570616Koordinat: 7°12′17″S 107°53′15″E / 7.204694066557747°S 107.88758993570616°E / -7.204694066557747; 107.88758993570616
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
2.604.790 (2021) [1]
849,80 [1] jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
42
21kalurahan, 424 désa [2]
Dasar hukum -
Tanggal 17 Maret 1813
Bupati Rudy Gunawan
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0262
DAU Rp. -

Ramatloka: http://www.garut.go.id

Kabupatén Garut (Aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮌᮛᮥᮒ᮪) mangrupa salah sahiji kabupatén di propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Legana 3065.19 km² (1183.48 mi²), nu sacara géografis, aya di antara 6°57′34″ – 7°44′57″ Lintang Kidul jeung 107°24′34″ – 108°7′34″ Bujur Wétan. Wawatesanana[1],

Sacara umum, Garut mibanda iklim tropis tapi tiis, suhu hawa rata-ratana 24 °C (76 °F). Curah hujan taunan rata-rata 2,590 mm (102 inci). Wilayah ieu ngawengku wewengkon landeuh nu dikuriling ku gunung api (Gunung Karacak 1838 m, Cikuray 2821 m, Guntur 2249 m, Papandayan 2622 m) di béh kalér, nu luhurna rata-rata 700–750 m luhureun beungeut laut.

Visi Misi[édit | édit sumber]

Visi jeung misi Kabupatén Garut taun 2019-2024 nyaéta:

Visi: "Garut anu bertakwa, maju jeung raharja"

Misi Kabupatén Garut nyaéta:

  1. Ngawujudkeun kualitas kahirupan masarakat anu religius, sehat, cerdas jeung berbudaya.
  2. Ngawujudkeun palayanan publik anu profésional jeung amanah dibarung ku pamaréntahan daérah anu alus jeung bersih.
  3. Ngawujudkeun pamerataan pangwangunan jeung stabilitas infrastruktur numutkeun daya dukung jeung kapasitas lingkungan jeung fungsi rohangan.
  4. Ngaronjatkeun kamerdikaan ékonomi masarakat dumasar kana poténsi lokal jeung industri tatanén jeung pariwisata anu kompetitif dibarengan ku ngokolakeun sumber daya alam anu lestari.

Sajarah[édit | édit sumber]

Kabupatén Limbangan[édit | édit sumber]

Ditilik dina asal-usulna Kabupatén Garut dimimitian ku ayana Kabupatén Limbangan. Limbangan baheulana ibukota Kabupatén Garut saacan dipindahkeun ka Garut. Ngaran Limbangan geus aya dina catetan sejarah mangrupa Babad Limbangan. Numutkeun ti Babad Limbangan, ngaran 'Limbangan' nyaéta usulan ti Sunan Gunung Jati keur ngaganti ngaran Galuh Pakuan. Ngaran 'Limbangan' dicandak ti kecap 'imbangan' anu hartina saimbang[3].

Sateuacanna, Kabupatén Limbangan masuk ka karajaan daérah di handapeun Karajaan Pakuan Pajajaran. Sumber lain nyebutkeun yén Limbangan geus jadi daérah otonom anu ngaranna Karajaan Kertarahayu[3]. Pakuan Pajajaran pecah jadi Karajaan Galuh anu dipingpin ku Sunan Rumenggong di Gunung Poronggol Limbangan, jeung Karajaan Sunda. Karajaan Sunda saanggeusna runtuh jeung jadi bagian ti Sumedang Larang[3]. Nepi ka 24 Maret 1706, status Limbangan dibalikkeun jadi kabupatén sanggeus sababaraha lami jadi bagian distrik Kabupatén Sumedang.[3]

Asal-usul Ngaran Garut[édit | édit sumber]

Dina 2 Maret 1811, Kabupatén Balubur Limbangan direbut ku Gubernur Jéndral Herman W. Daendels (tentara kolonial Netherland Indie) antukna bupatina, Tumenggung Wangsakusumah II, turun. Kabupatén Balubur Limbangan ngawengku 6 subdistrik: Balubur, Malangbong, Wanaraja, Wanakerta, Cibeureum, jeung Papandak. Teu lila ti éta Daendels digulingkeun ku Inggris.

Kabupatén Limbangan di taun 1811 ku pamaréntahan Daendels dibubarkeun kusabab produksi kopi nurun nepi ka nol jeung bupati Limbangan nolak nanem nila[3][4]. Dina 16 Pébruari 1813, Kabupatén Limbangan anyar diadegkeun ku Gubernur Jendral Sir Thomas Stamford Bingley Raffles ti Inggris anu ibukotana di daérah Suci. Keur hiji ibukota kabupatén, Suci dianggap teu menuhan sarat ku sabab daérahna leutik[4].

Ku sabab éta, Bupati Limbangan, Adipati Adiwijaya, ngayakeun panitia keur néangan daérah anu cocok jadi ibukota kabupatén Limbangan. Awalna, daérah Cimurah anu jarakna 3 km ti wétan Suci dicalonkeun jadi ibukota kabupatén Limbangan. Pamilihan Cimurah teu jadi ku sabab sumber cai beresih teu dipanggihan. Panitia Ibukota néang deui ka 5 km ti kulon Suci, manggihan hiji daérah anu cocok dijadikeun ibukota. Daérah ieu ngabogaan taneuh anu subur jeung dikurilingan ku mata cai jeung pamandangan gunung saperti Gunung Guntur, Galunggung, Talaga Bodas, jeung Karacak[4].

Asal muasal ngaran 'Garut' dimimitian ku salah sahiji panitia kapanggih kagorés atawa 'kakarut' ku cucuk taneman. Urang Walanda anu jadi salah sahiji panitia nanyakeun naha, anu dijawab ku 'kakarut'. Ku sabab urang Walanda éta teu fasih, manéhna ngan bisa nyebut 'gagarut'. Ti saprak kajadian éta, daérah anu dipanggihan éta dingaranan Ci Garut, anu ayeuna dikenal ku Garut. Ngaran Garut ieu disatujuan ku Bupati Adipati Adiwijaya keur dijadikeun ibukota Limbangan[4].

Dina tanggal 15 Séptember 1813, dilakukeun peletakan batu kahiji dina ngawangun sarana jeung prasarana ibukota saperti pendopo lengkep jeung babancong, tempat Bupati jeung pajabat pamaréntah méré pidato, padumukan, kantor asistén résidén, masjid, jeung alun-alun. Sanggeus pangwangunan ibukota réngsé, ibukota Kabupatén Limbangan pindah ti Suci ka Garut di taun 1821. Numutkeun ti Surat Keputusan Gubernur Jenderal No. 60, per 7 Méi 1913, ngaran Kabupatén Limbangan diganti jadi Kabupatén Garut anu ibukotana aya di Garut dina tanggal 1 Juli 1913. Dina mangsa éta, Bupati Garut anu ngajabat nyaéta R.A.A Wiratanudatar ti taun 1871 nepi ka 1915. Kabupatén Garut ngawengku sababaraha distrik saperti Garut, Bayongbong, Cibatu, Tarogong, Lélés, Balubur Limbangan, Cikajang, Bungbulang, jeung Pameungpeuk, ogé tilu lembur/désa, nyaéta Désa Kota Kulon, Kota Wétan, jeung Margawati[4].

Dina mangsa awal ayana Kabupatén Garut, pangwangunan difokuskeun kana infrastruktur anu dibutuhkeun pamaréntah kolonial Walanda dina widang perkebunan, mineral, jeung obyék wisata. Aréa padumukan pangeusi Garut diwangun di sakitar alun-alun jeung manjang ka wétan sapanjang Societeit Straat[4].

Berkembangna Garut[édit | édit sumber]

Di taun 1915, jabatan Bupati anu sateuacanna dipégang ku R.A.A Wiratanudatar diganti ku ponakanna, Adipati Soeria Karta Legawa[4]. Dina masa pamaréntahanna anu dimimitian tanggal 14 Agustus 1915, dumasar ka Kaputusan Gubernur Jenderal, Kabupatén Garut disahkeun jadi daérah otonom. Wewenag Kabupatén Garut diluaskeun ka pembangunan jeung perawatan infrastruktur saperti jalan, jembatan, fasilitas pamaréntahan jeung fasilitas kaséhatan. Tata kota Garut mulai robah ku ayana fasilitas anyar saperti stasion karéta api, kantor pos, apoték, sakola, hotél, jeung toko-toko anyar[4].

Pangwangunan Kabupatén Garut teu ngan sakur di infrastruktur hungkul. Usaha-usaha pertanian jeung pariwisata jadi tumpuan Kabupatén Garut dina ngawangun daérahna. Salah sahiji tokoh anu berjasa dina pangwangunan bidang pertanian Garut nyaéta K. F. Holle, anu dijadikeun ngaran jalan di Garut, nyaéta Jalan Holle (ayeuna Jalan Mandalagiri) jeung monumén patung Holle di Alun-alun Garut[4][5]. Pangwangunan infrastruktur pariwisata dikawitan ku diwangunna hotél-hotél anyar saperti Hotel Papandayan, Hotél Villa Dolce, Hotel Belvedere, jeung Hotél Van Hengel. Sababaraha hotél anyar diwangun ogé di Cilawu, Cisurupan, Tarogong, Banyuresmi, Samarang, jeung Pameungpeuk. Kaindahan bentang alam Garut jeung pangwangunan bidang pariwisata makin ngajadikeun Garut jadi pusat pariwisata di jaman kolonial Walanda[4]. Pamaréntahan Soeria Karta Legawa réngse dina 1929, digantikeun ku Adipati Moh. Moesa Soeria Kartalegawa ti taun 1930-1942[4].

Penjajahan Jepang jeung Masa Kamerdékaan[édit | édit sumber]

Masa penjajahan Jepang di Garut dimimitian ku peristiwa pengeboman pangkalan angkatan laut Amérika Sarikat di Pearl Harbour ku pasukan tentara Jepang tanggal 7 Désémber 1941. Serbuan tentara Jepang ka Jawa Kulon dimimitian tanggal 1 Maret 1942 di handapeun komando Staf Tentara ka-16. Daérah Bandung jeung lapangan terbang Kalijati di Subang dimeunangkeun ku Jepang. Dina 8 Maret 1942, pamaréntah Walanda nyerahkeun diri tanpa sarat ka Jepang[6].

Pasukan Jepang masuk ka Garut ti daérah Bandung nepi ka Stasiun Cibatu, Stasiun Garut, jeung ngaliwatan jalan raya Tarogong. Pamaréntah Jepang mulai ngawasaan tempat strategis saperti Hotel Papandayan, Noormaal School, jeung pertokoan anu dibogaan ku masarakat Walanda atawa Tiongkok. Pamaréntahan turunan Walanda anu dipégang ku Adipati Moesa Soeria Kartalegawa masih berlaku dumasar ti Pasal 3 Osamu Seirei[6].

Parobahan sosial jeung politik dirasakeun ku sakabéh masarakat Garut. Pamaréntah Jepang anu dianggep jurusalamet ti pamaréntah Walanda robah jadi penjajah anu kejam jeung sadis. Propaganda Jepang dikuatkeun ku nyanyikeun lagu kebangsaan Kimigayo, hormat ka Kaisar Jepang Tenno Heika ngadep Tokyo dina tata cara seikerei, larangan rahayat ngabogaan radio, jeung ngibarkeun bendéra Hinomaru. Masarakat Garut anu ngalawan kana aturan pamaréntah Jepang biasana dihukum jeung disiksa sacara brutal[6]. Parobahan sistem pamaréntahan ogé dilakukeun ku pamaréntah Jepang, salah sahijina ku ngayakeun sistem pamaréntah tingkat bawah anu dikenal ku istilah tonarigumi (ayeuna Rukun Tatangga).

Di samping éta, pamaréntah Jepang ngayakeun organisasi semi militer jeung militer keur jadi pasukan dina perang Asia Timur Raya, saperti heiho (pembantu prajurit) anu markasna di Hotel Papandayan, keibodan (pembantu polisi) jeung seinendan (barisan pamuda) anu markas na di Gedong Societeit Intra Montes[6]. Propaganda Jepang dina bidang pendidikan dilakukeun ku ngabubarkeun sakola Walanda, ngadirikeun Sakola Rakyat (kokumin gakko) jeung Sakola Menengah Pertama (syoto chugakko), jeung ngajarkeun basa Jepang, utamana aksara hiragana, katakana, jeung kanji dina pembelajaran[6].

Dina kalahna Jepang di Asia-Pasifik, Jepang ngawitan neken daérah pendudukan keur ngabantu dina raraga meunangkeun perang. Di Garut, pamaréntah Jepang ngawajibkeun rahayat ngawajibkeun nanem komoditas tani husus jeung ngumpulkeun hasil bumi ka pamaréntah. Para pangeusi Garut dipaksa masrahkeun harta banda na keur ngadukung Jepang dina perang. Masarakat dina wangsa ieu miskin jeung malarat ku tindakan kejam pamaréntah Walanda[6].

Ku ayana pajoangan rahayat jeung didukung ku kamérdékaan Republik Indonésia dina 17 Agustus 1945, masarakat Garut dibantu ku pajoang ti Yogyakarta, Semarang, jeung Blitar tiasa mukul mundur pasukan Jepang ti Garut. Di awal Novémber 1945, tentara Jepang kaluar ti Garut[6].

Hari Jadi Garut[édit | édit sumber]

Hari Jadi Kabupatén Garut awalna masih diperdebatkeun ku kalangan sejarawan. Dumasar ka Tim temuan tulisan tanggal ngamimitian pangwangunan jembatan Leuwidaun, Pencari Fakta Sejarah, ti taun 1965, hari jadi Kabupatén Garut ditetapkeun di tanggal 15 Séptémber 1813[4]. Pada ahirna, numutkeun ka Perda Kabupatén Garut Nomor 30 Taun 2011 ngeunaan Hari Jadi Garut, ditetapkeun yén hari jadi Kabupatén Garut tanggal 16 Fébruari 1813, numutkeun ka palantikan R.A.A Adiwijaya salaku Bupati Limbangan anu ngadirikeun ibukota Garut[4][7].

Géografi[édit | édit sumber]

Wilayah[édit | édit sumber]

Kabupatén Garut ngabogaan lega 3065.19 km², nu sacara géografis, aya di antara 6°57′34″ – 7°44′57″ Lintang Kidul jeung 107°24′34″ – 108°7′34″ Bujur Wétan[1][8]. Kabupatén Garut wawatesan jeung Kabupatén Tasikmalaya di wétan, Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Bandung di kulon, Kabupatén Sumedang di kalér, jeung Samudra Indonésia di kidul[9]. Pusat Kabupatén Garut aya di 717 méter di luhureun beungeut laut[10].

Kabupatén Garut mangrupa salah sahiji kabupatén anu nyangga Kota Bandung salaku Ibukota Jawa Kulon, anu jarakna 61,5 km ti pusat Kota Bandung. Hal ieu nyebabkeun Kabupatén Bandung boga kadudukan strategis dina ékonomi, sosial, politik, jeung budaya, hususna dina ngembangkeun wilayah Bandung Raya jeung sabudeureunna[8][11].

Géomorfologi[édit | édit sumber]

Kabupatén Garut dibagi jadi opat satuan morfologi, nyaéta morfologi kerucut gunung api, bukit rélief kasar, bukit rélief halus jeung pedataran[12]. Satuan morfologi kerucut gunung api aya di puncak Gunung Karacak, Cikuray, jeung Papandayan, miboga ciri has mangrupa tinggi diluhur 2.000 méter anu >40% lembah sempit, pola aliran walungan mancar ti pusat gunung, jeung disusun ku lahar, lava andésit, jeung bréksi vulkanik[12]. Satuan morfologi bukit rélief kasar aya di katinggian 500 nepi ka 1.865 méter, anu cirina mangrupa rélief kasar, berlembah sempit jeung ayana léréng terjal anu kadéngdékanna di tingkat 15-40%. Pola walungan rélief kasar digolongkeun subdendritik, sawaréhna subparalél. Batuan penyusun morfologi rélief kasar nyaéta endapan vulkanik tua anu kasusun ku bréksi vulkanik, lava andésit, tufa gelas, jeung bongkahan andésit-basal[12]. Satuan morfologi bukit rélief halus dipanggihan di bagian kalér, tengah, jeung kidul Garut, anu dicirikeun ku kadéngdékan di antara 2-15%, lembah nu teu pati miring, sungai anu gradiénna leutik nepi sedeng. Pola walungan bukit rélief halus ditandaan ku bentuk dendritik jeung subparalel. Bukit rélief halus di Garut kasusun ku endapan vulkanik muda jeung térsiér. Satuan morfologi pedataran aya di bagian dataran garut, anu ditandaan ku rélief datar nu kadéngdékanna kurang ti 2% nepi 15%, tinggina aya di 700 nepi ka 800 méter di luhureun beungeut laut. Aliran walungan dina morfologi pedataran Garut ngabentuk pola déndritik jeung sawaréh anastomatik. Batuan dina morfologi ieu disusun ku rombakan batu kolot anu diendapkeun jadi endapan alluvial jeung kipas alluvial[12].

Évolusi bentang alam Kabupatén Garut diajukeun tina dua pendekatan hipotesis ku Bemmelen (1949) jeung Hamilton (1979)[12]. Bemmelen ngusulkeun yén Kabupatén Garut dibentuk ku aktivitas vulkanik anu terjadi dina période Kuartér (sakitar 2 juta taun katukang). Sanggeus ayana pergerakan téktonik anu micu ngabentukna pegunungan di ahir période Pleistosén, terjadi déformasi régional nu digerakkeun ku sababaraha patahan saperti patahan Lémbang, Kancanaa, jeun Malabar-Tilu. Daérah dataran antar gunung Garut ngalaman panurunan ku prosés isotasi atawa penyeimbangan batuan dasar jeung pembebanan batuan sédimen volkaniklasik diluhureunna[12]. Dina téori Hamilton ngeunaan konsep lémpéng téktonik, pembentukan gunung api di Zona Bandung kakait ku ayana busur magmatis Sunda anu kabentuk jeung dikontrol ku subduksi Lémpéng Samudera Hindia anu nyusup sakitar 6-10 cm/taun di handapeun Lémpéng Kontinen Asia. Bongkahan lémpéng samudera kalelep dina mantél bumi luar anu suhuna 3000°C anu nyebabkeun pencairan balik. Ku sabab béda komposisi lémpeng jeung mantél bumi luar anu masing-masing sifatna basa jeung asam, dina proses pencairan bakal muncul asimilasi magma anu ngajadikeun magma gerak ka permukaan ngabentuk busur magmatis anu disusun tina bahan andesitis-basaltis. Busur magmatis nyebabkeun ayana gerakan téktonik internal anu jadi sebab proses pelipatan, patahan jeung pembentukan cekungan di antara gunung[12].

Topografi[édit | édit sumber]

Pagunungan[édit | édit sumber]

Kabupatén Garut dikurilingan ku opat gunung, Gunung Karacak (1.838 m), Gunung Cikuray (2.821 m), Gunung Papandayan (2.622 m), jeung Gunung Guntur (2.249 m)[10]. Ciri topografi Kabupatén Garut di bagian kalér ditandaan ku ayana dataran tinggi jeung gunung, di bagian kidul ngabogaan tingkat kadéngdékan ekstrem jeung labil. Tinggi daérah Kabupatén Garut variatif, dina daérah paling handap sajajar beungeut laut, jeung paling tinggi aya daérah gunung. Kacamatan Pakénjéng jeung Pamulihan aya di 500-1000 méter di luhureun beungeut laut, kacamatan Cikajang, Pakénjéng, Pamulihan, Cisurupan, jeung Ciséwu 100-1500 méter di luhureun beungeut laut, jeung kacamatan Cibalong, Cisompét, Ciséwu, Cikelet, jeung Bungbulang di 100 - 500 méter di luhureun beungeut laut. Daérah Kabupatén Garut paling handap aya di kacamatan Cibalong jeung Pameungpeuk anu tinggina kurang ti 100 méter di luhureun beungeut laut[10]

Bagian Garut kalér anu dikurilingan ku pagunungan vulkanik umumna ngabogaan léréng anu kadéngdékanna 30-45% di puncak, 15-30% di bagian tengah, jeung 10-15% di kaki pagunungan. Léréng gunung umumna diharuduman ku végétasi lebat ku sabab lolobana asup kana aréa konservasi alam[10].

Walungan jeung Sumber Cai[édit | édit sumber]

Numutkeun ti aliran walungan anu aya, walungan di daérah Kabupatén Garut dibagi jadi dua Daérah Aliran Walungan (DAW) nyaéta Daérah Aliran Kalér jeung Kidul anu muarana masing-masing di Laut Jawa jeung Samudera Indonésia. Daérah Aliran Kidul ngabogaan karakteristik walungan anu pondok, sempit, jeung berlembah tibatan bagian kalér. Daérah Aliran Kalér asup kana DAW Cimanuk Kalér, sedengkeun bagian kidul jadi bagian tina DAW Cikaéngan jeung Cilaki. Di Kabupatén Garut aya 33 walungan jeung 101 anak walungan anu total panjangna 1.397,34 km, sapanjang 92 km mangrupa aliran ti Walungan Cimanuk anu boga 58 anak walungan[10].

Hasil interprétasi satélit Landsat di Zona Bandung nunjukkeun yén pola aliran walungan anu berkembang di antara pagunungan Garut Kalér ngabentuk karakter ngadaun anu aliran utamana aya di Walungan Cimanuk ngarah ka kalér. Aliran Walungan Cimanuk dipasok tina cabang anak walungan di sakuriling pagunungan Garut[10].

Mata cai taneuh anu aya di Kabupatén Garut aya di 12 titik. Debit mata air panggedéna aya di daérah Cibuyutan, Léwobaru, Malangbong anu ngahasilkeun cai 700 liter per detik, disusul ku Cipapar jeung Cipancar, Lélés sagedé 300 liter per detikna[13].

Iklim jeung Cuaca[édit | édit sumber]

Numutkeun ti klasifikasi iklim Köppen, wilayah Kabupatén Garut kaasup ka daérah iklim tropis baseuh (humid tropical climate) tipe Af nepi Am. Iklim jeung cuaca di Kabupatén Garut dipengaruhan ku pola sirkulasi angin musiman, topografi regional nu bergunung di tengah Jawa Kulon, jeung élévasi topografi aréa Bandung. Curah hujan rata-rata di daérah Garut aya dina rata-rata 2.589 mm, jeung di sabudeureun pegunungan Garut aya di 3500 - 4000 mm. Ku sabab éta, iklim Garut ngabogaan bulan baseuh 9 bulan jeung bulan garing 3 bulan. Suhu bulanan daérah Garut aya di kisaran 24-27°C. Angka penguap keringatan (evapotranspirasi) Kabupatén Garut numutkeun kana Iwaco-Waseco (1991) nyaéta 1.572 mm/taun[14]. Dina sapoé, inténsitas hujan di Kabupatén Garut leuwih ti 200 mm, ngaleuwihan ambang batas serap cai hujan sakitar 150 mm. Cai hujan anu teu kaserep jadi salah sahiji risiko rawan caah di Kabupatén Garut[15].

Dina musim hujan, angin ti arah kalér ngulon mawa udara baseuh ti Laut Tiongkok Kidul jeung kulon laut Jawa. Dina musim halodo, angin kering anu suhuna relatif tinggi dibawa ti arah kidul ngétan, nyaéta ti Australia[14].

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Daftar Bupati[édit | édit sumber]

Bupati Garut Raden Adipati Aria Wiratanudatar VII reujeung pamajikan RA Lasminingrat (diuk) sarta kulawarga.

Di handap ieu béréndélan bupati Garut ti mimiti ngadegna Kabupatén Limbangan di Suci (anyar) nu lajeng robah jadi Kabupatén Garut.

No Bupati Awal ngajabat Ahir ngajabat Période Katerangan Wakil Bupati
1
R.A.A. Adiwijaya
1813
1831
1
[ket. 1]
2
R.A.A. Kusumadinata
1831
1833
2
 
3
Tumenggung Jaya Diningrat
1833
1871
3
 
4
R.A.A. Wiratanudatar VII
1871
1915
4
5
R.A.A. Soeria Kartalegawa
1915
1929
5
[ket. 2]
6
R.A.A. Muh. Musa Suria Kertalegawa
1929
1944
6
 
7
R. Tumenggung Endung Suriaputra
1944
1945
7
[ket. 3]
8
R. Kalih Wiramihardja
1945
1948
 
9
R. Tumenggung Agus Padmanagara
1948
1949
8
[ket. 4]
10
R. Tumenggung Kartahudaya
1949
1950
 
11
R. Moh. Sabri Kartasomantri
1950
1956
9
 
12
R. Moh. Noh Kartanegara
1956
1959
10
 
13
R. Gahara Widjaja Suria
1959
1966
11
[ket. 5]
14
Letkol Akil Ahyar Mansyur
1966
1967
12
 
15
R.M. Bob Yacob Ishak
1967
1972
13
[ket. 6]
16
Drs. R. Moh. Syamsudin
1972
1973
14
 
17
Hasan Wirahadikusumah
1973
1978
15

(1973)

 
18
Letkol Iman Sulaeman
1978
1983
16

(1978)

 
19
Letkol Kav Taufik Hidayat
1983
1988
17

(1983)

[ket. 7]
20
Momon Gandasasmita
1988
1993
18

(1988)

 
21
Toharudin Gani
1993
1998
19

(1993)

 
22
Dede Satibi
1999
2004
20

(1999)

23
Agus Supriadi
2004
2007
21

(2004)

[ket. 8][ket. 9]
Memo Hermawan
Memo Hermawan
2007
2009
24
Aceng Fikri
13 Juni 2009
25 Februari 2013
22

(2009)

[ket. 10]
Diky Candra(2009—11)
Agus Hamdani(2011—13)
25
Agus Hamdani
25 Februari 2013
23 Januari 2014
[ket. 11]
26
Rudi Gunawan
23 Januari 2014
23 Januari 2019
23

(2014)

Helmi Budiman
23 Januari 2019
petahana
24

(2019)

[18]

Kacamatan[édit | édit sumber]

Kabupatén Garut ngabogaan 42 kacamatan, 12 kalurahan, jeung 421 désa. Di taun 2021, jumlah pangeusi Kabupatén Garut 2.604.790 jiwa dina kapadetan 849,80 jiwa/km². Kacamatan, kalurahan, jeung désa di Kabupatén Garut nyaéta:

Kode

Kemendagri

Kecamatan Kelurahan Desa Status Daftar

Desa/Kelurahan

32.05.23 Banjarwangi 11 Desa
32.05.06 Banyuresmi 15 Desa
32.05.17 Bayongbong 18 Desa
32.05.38 Balubur Limbangan 14 Desa
32.05.31 Bungbulang 13 Desa
32.05.36 Caringin 6 Desa
32.05.29 Cibalong 11 Desa
32.05.12 Cibatu 11 Desa
32.05.40 Cibiuk 5 Desa
32.05.18 Cigedug 5 Desa
32.05.25 Cihurip 4 Desa
32.05.22 Cikajang 12 Desa
32.05.30 Cikelet 11 Desa
32.05.19 Cilawu 18 Desa
32.05.35 Cisewu 9 Desa
32.05.28 Cisompet 11 Desa
32.05.20 Cisurupan 17 Desa
32.05.01 Garut Kota 11 - Kelurahan
32.05.10 Kadungora 14 Desa
32.05.02 Karangpawitan 4 16 Desa
Kelurahan
32.05.16 Karangtengah 4 Desa
32.05.13 Kersamanah 6 Desa
32.05.09 Leles 12 Desa
32.05.11 Leuwigoong 8 Desa
32.05.14 Malangbong 24 Desa
32.05.32 Mekarmukti 5 Desa
32.05.33 Pakenjeng 13 Desa
32.05.27 Pameungpeuk 8 Desa
32.05.34 Pamulihan 5 Desa
32.05.41 Pangatikan 8 Desa
32.05.08 Pasirwangi 12 Desa
32.05.26 Peundeuy 6 Desa
32.05.07 Samarang 13 Desa
32.05.39 Selaawi 7 Desa
32.05.24 Singajaya 9 Desa
32.05.42 Sucinaraja 7 Desa
32.05.21 Sukaresmi 7 Desa
32.05.15 Sukawening 11 Desa
32.05.37 Talegong 7 Desa
32.05.04 Tarogong Kaler 1 12 Desa
Kelurahan
32.05.05 Tarogong Kidul 5 7 Desa
Kelurahan
32.05.03 Wanaraja 9 Desa

Pagawé Nagara Sipil (PNS)[édit | édit sumber]

Jumlah PNS Pamaréntah Kabupatén Garut taun 2022 aya 13.948 urang, kalawan 6.802 urang pagawé lalaki, jeung 7.146 urang awéwé. Lolobana PNS miboga jabatan fungsional teknis anu lobana 10.057 urang, Pajabat Pimpinan Pratama aya 37 urang, administrator 258 urang, pangawas jumlahna 1.160 urang, pajabat fungsional umum 2.436 urang. [6]

Pangatikan PNS Pamaréntah Kabupatén Garut lolobana lulusan sarjana/pascasarjana anu lobana 11.102 urang, disusul ku lulusan SMA/sadarajat 1.521 urang, lulusan D-III aya 739 urang, Diploma I 297 urang, lulusan SMP/sadarajat 128 urang, jeung lulusan SD aya 161 urang.[6]

Ditempo tina pangkat golonganna, PNS Pamaréntah Kabupatén Garut lolobana aya di pangkat/golongan III lobana 6.133 urang, PNS golongan IV aya 6.021 urang, golongan II aya 1.701 urang, jeung golongan I 93 urang.[6]

Déwan Perwakilan Rahayat Daérah (DPRD)[édit | édit sumber]

Jumlah anggota DPRD Kabupatén Garut taun 2020 aya 50 jalma, wawakil ti sababaraha partéi nyaéta:[6]

  • Demokrat: 5 wakil
  • Gerindra; 11 wakil
  • Golkar: 7 wakil
  • Hanura: 1 wakil
  • PAN: 5 wakil
  • PDIP: 5 wakil
  • PKB: 4 wakil
  • PKS: 6 wakil
  • PPP: 6 wakil

Jumlah wakil rahayat di DPRD Kabupatén Garut lolobana lalaki kalawan 42 jalma, sedengkeun awéwé aya 8 urang.[6]

Kaungan Daérah[édit | édit sumber]

Pendapatan Asli Daérah (PAD) Kabupatén Garut taun 2019 gedéna Rp486,565 miliar, ningkat tina PAD taun 2018 anu gedéna Rp421,299 miliar. Dana Perimbangan Rp2,843 triliun di taun 2019. Balanja daérah henteu langsung taun 2019 nyaéta Rp2,489 triliun.[6]

Satuan Kerja Perangkat Daérah (SKPD)[19][édit | édit sumber]

  1. Badan Kepegawaian jeung Diklat
  2. Badan Kesatuan Bangsa jeung Politik
  3. Badan Penanggulangan Bencana Daerah
  4. Badan Pendapatan Daerah
  5. Badan Pengelola RSU dr. Slamet
  6. Badan Pengelolaan Keuangan jeung Aset Daerah
  7. Badan Perencanaan Pembangunan Daerah
  8. Dinas Kapendudukan jeung Pencatatan Sipil
  9. Dinas Kaséhatan
  10. Dinas Ketahanan Pangan
  11. Dinas Komunikasi jeung Informatika
  12. Dinas Koperasi jeung UMKM
  13. Dinas Lingkungan Hirup
  14. Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan
  15. Dinas Pekerjaan Umum jeung Penataan Ruang
  16. Dinas Pemadam Kebakaran
  17. Dinas Pemberdayaan Masyarakat jeung Desa
  18. Dinas Pemuda jeung Olah Raga
  19. Dinas Penanaman Modal jeung Perizinan Terpadu
  20. Dinas Pendidikan
  21. Dinas Pengendalian Penduduk, Keluarga Berencana, Pemberdayaan Perempuan jeung Perlindungan Anak
  22. Dinas Perhubungan
  23. Dinas Perikanan jeung Peternakan
  24. Dinas Perindustrian, Perdagangan, Energi jeung Sumber Daya Mineral
  25. Dinas Perpustakaan jeung Kearsipan
  26. Dinas Pertanian
  27. Dinas Perumahan jeung Pemukiman
  28. Dinas Sosial
  29. Dinas Tenaga Kerja jeung Transmigrasi
  30. Inspektorat
  31. Satuan Polisi Pamong Praja
  32. Sekretariat Daerah
  33. Sekretariat DPRD

Pangeusi[édit | édit sumber]

Jumlah pangeusi Kabupatén Garut taun 2020 nyaéta 2.585.610 jalma, naék jumlahna di taun 2021 2.604.790 jalma. Laju tumuwuhna pangeusi taun 2010-2020 nyaéta 0,75%, sedengkeun laju tumuwuhna pangeusi taun 2020-2021 gedéna 0,56%. Kapadetan pageusi Kabupatén Garut taun 2020 nyaéta 843,54 per km2, sedengkeun taun 2021 849,80 per km2.[6]

Jumlah pangeusi yuswa 20-24 taun jadi panglobana nyicingan Kabupatén Garut nyaéta 250.073 urang, tulus pengeusi yuswa 15-19 taun jumlahna 249.374 urang. Jumlah angkatan gawé taun 2021 nyaéta 1.200.346 urang.[6]

Pangatikan[édit | édit sumber]

Jumlah Taman Kanak-Kanak (TK) di Kabupatén Garut taun ajaran 2020/2021 aya 733 sakola kalawan 3 TK negeri jeung 730 TK swasta. Jumlah guru anu ngajar di taun 2021/2022 kabéhna aya 2.360 jalma, kalawan 13 guru di sakola negeri jeung 2.347 di sakola swasta. Jumlah Sakola Dasar (SD) taun 2021/2022 aya 1.558 sakola, kalawan 1.454 sakola negeri jeung 104 SD swasta. Lobana guru SD aya 12.549 urang, kalawan 999 guru SD swasta jeung 11.550 guru SD negeri. Jumlah SMP taun 2021/2022 aya 413 sakola, kalawan 268 SMP swasta jeung 145 SMP negeri. Jumlah guru SMP aya 5.830 urang, kalawan 2.298 urang guru SMP swasta jeung 3.541 urang guru SMP negeri. Jumlah SMA di Kabupatén Garut aya 127 sakola, kalawan 95 SMA swasta jeung 32 SMA negeri. [6]

SMA/SMK/MA[édit | édit sumber]

Di handap ieu mangrupa daptar SMA/SMK/MA anu aya di Kabupatén Garut

Paguron Luhur[édit | édit sumber]

Di handap ieu daptar paguron luhur anu aya di Kabupatén Garut:

  1. Akademi Kebidanan YPSDMI
  2. Akademi Manajemen Informatika jeung Komputer Garut
  3. Sekolah Tinggi Hukum Garut
  4. Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi Yasa Anggana
  5. Sekolah Tinggi Ilmu Kesehatan Garut
  6. Sekolah Tinggi Teknologi Garut
  7. STKIP Garut
  8. Universitas Garut
  9. Akademi Kebidanan Karsa Husada Garut
  10. Akademi Keperawatan Bidara Mukti
  11. Akademi Keperawatan Pemkab Garut
  12. Institut Pendidikan Indonesia Garut
  13. Institut Teknologi Garut
  14. Sekolah Tinggi Agama Islam KH Badruzzaman
  15. Sekolah Tinggi Ekonomi Islam Yapisha Garut
  16. Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi jeung Bisnis Syariah Nahdlatul Ulama Garut
  17. Sekolah Tinggi Ilmu Tarbiyah Qurrota Ayun
  18. STAI Al-Musaddadiyah Garut
  19. STAI Darul Arqam Muhammadiyah Garut
  20. STAI Muhammadiyah Garut

Kaséhatan[édit | édit sumber]

Fasilitas kaséhatan anu aya di Kabupatén Garut taun 2021 dirojong ku:[6]

  • 9 Rumah sakit
  • 1 Rumah sakit babaran
  • 83 Poliklinik
  • 68 Puskésmas
  • 156 Puskésmas Pembantu
  • 95 Apoték

Di handap ieu daptar rumah sakit anu aya di Kabupaten Garut:[20]

  • RS Umum Daerah dr. Slamet Garut, Jl. Rumah Sakit No.12 Garut
  • RS Umum Tk. IV Guntur, Jl. Bratayuda 101 Garut
  • RS Umum Daerah Pameungpeuk Prov. Jabar, Jl. Raya Miramareu No 99 Desa Sirnabakti Kec. Pameungpeuk
  • RS Umum Nurhayati Garut, Jl. Jendral Sudirman No. 6
  • RS Umum Annisa Queen, Jln. Jenderal Sudirman No 208 Desa Suci Kaler Kecamatan Karangpawitan Kab. Garut
  • RS Umum Intan Husada, Jl. Suherman Nomor 72 Desa Tarogong Kec. Tarogong Kidul Kabupaten Garut 44151 Provinsi Jawa Barat
  • RS Medina, Jl. Raya Wanaraja No. 500 RT. 004 RW. 008 Desa Cinunuk Kec. Wanaraja
  • Bethesda Medical Centre Garut
  • Klinik Mahesa Medical Center

Jumlah tanaga kaséhatan anu kacatetdi taun 2021 nyaéta aya:[6]

  • 425 dokter
  • 36 dokter huntu
  • 2.500 perawat
  • 1.488 bidan
  • 406 tanaga kafarmasian
  • 78 tanaga kaséhatan masarakat
  • 3 tanaga kaséhatan lingkungan
  • 61 tanaga ahli gizi
  • 241 ahli teknologi laboratorium medik

Topologi[édit | édit sumber]

Panorama Sawah di Garut

Dumasar topologina, Garut dibagi jadi dua wilayah:

  • Garut Kalér nu ngawengku tatar luhur/pagunungan salaku pamasok poko béas di Garut
  • Garut Kidul nu lolobana mangrupa tataran nu teu rata, aya salosin walungan nu ngalir ka kidul, ngamuara di laut kidul.

Puseur Pangbalanjaan[édit | édit sumber]

Di handap ieu puseur pangbalanjaan manrupa pasar di Kabupatén Garut:[21]

  1. Pasar Ciawitali
  2. Pasar Jagal
  3. Pasar Modern Limbangan
  4. Pasar Kadungora
  5. Pasar Wisata Samarang
  6. Pasar Ceplak
  7. Modern Market Rancabuaya
  8. Garut Plaza
  9. Ramayana Garut

Transportasi[édit | édit sumber]

Statsion Garut
Statsion Garut

Panjang jalan di Kabupatén Garut taun 2017 nyaéta 385,29 km, kalawan 331,45 jalananu geus diaspal, jalan karikil 53,84 km. Jalan anu diaspal lolobana aya di Kacamatan Garut Kota[22]

Angkutan darat dirojong ku ayana angkot, terminal, jeung karéta sarta statsion. Aya terminal Guntur anu nyadiakeun rupa-rupa trayék angkot ka rupa-rupa daérah. Sedengkeun statsion anu aya di Kabupaten Garut nyaeta: [23]

  1. Statsion Bumiwaluya
  2. Statsion Cibatu
  3. Statsion Cipeundeuy
  4. Statsion Garut
  5. Statsion Leles
  6. Statsion Leuwigoong
  7. Statsion Warungbandrek

Karéta api anu eureun di Statsion Garut nyaéta Karéta Api Cikurai jeung Karéta Api Garut Cibatuan.[24]

Kabudayaan[édit | édit sumber]

Kabupatén Garut jadi salah sahiji puseur kabudayaan Sunda. Salah sahiji buktina nyaéta ayana sababaraha situs sejarah, salah sahijina Situ Cangkuang. Situ Cangkuang awalna mangrupa daérah anu geus diwangun ti jaman karajaan Sunda nyaéta Karajaan Galuh. Di Situ Cangkuang, aya salah sahiji paninggalan tatar Sunda mangrupa Candi Cangkuang[25].

Di samping paninggalan sajarah, Kabupatén Garut katelah ku rupa-rupa seni tradisional. Salah sahiji bentuk seni tradisional anu katelah nyaéta adu domba Garut. Kagiatan adu domba Garut dimimitian di jaman pamaréntahan Suryakanta Legawa. Adu domba garut mangrupa adu katangkasan domba anu biasana diiringan ogé ku atraksi musik tradisional[26][27]. Di wewengkon Wanaraja, aya tradisi surak ibra atawa boboyongan anu lahir jeung nyimbolkeun perlawanan pajoang Indonésia ka pamaréntahan penjajah Walanda. Kasenian ieu dilakukeun ku cara ngaboyong jeung ngangkat pamaén satinggi-tinggina saacan dilempar jeung ditangkep. Ciri khas lain ti surak ibra nyaéta ayana gerakan pencak silat pamaén anu diiringan ku pembawa obor jeung musik ti kendang, dogdong, angklung, keprak, jeung pentungan bambu[27][28].

Pariwisata[édit | édit sumber]

Ti mimiti aya, Kabupatén Garut katelah ku tempat wisatana. Malah geus ti jaman kolonial Walanda kénéh Garut kawentar salaku salah sahiji tujuan wisata, boh keur wisatawan lokal atawa luar, nepi ka katelah salaku "Swiss van Java".[29]. Pangwangunan infrastruktur masif ti jaman kolonial Walanda berhasil narik wisatawan ti luar nagari hususna ti Éropa[4]. Aktor saperti Charlie Chaplin kacatet geus dua kali ngunjungan Garut[30].

Aya loba tempat wisata di Garut, ti mimiti wisata basisir di Kidul nepi ka panorama pagunungan, kawah, situ, jeung curug. Sababaraha obyék wisata nu aya di Garut di antarana:

  1. Basisir Santolo
  2. Basisir Cilauteureun
  3. Basisir Rancabuaya
  4. Candi Cangkuang
  5. Curug Orok
  6. Curug Sanghiang Tarajé
  7. Kebon sato Cikembulan
  8. Pamandian Cipanas
  9. Pameungpeuk
  10. Sampireun
  11. Situ Bagendit
  12. Situ Cangkuang
  13. Cagar Alam Gunung Papandayan

Hotél[édit | édit sumber]

Jumlah hotél di Kabupatén Garut taun 2020 aya 167 panginepan, kalawan 2.607 kamar jeung 3.393 tempat saré. Kitu ogé taun 2021, hotél aya 167. Lolobana hotél aya di Kacamatan Tarogong Kidul anu lobana 21 unit, disusul ku Kacamatan Garut Kota 19 unit jeung Kacamatan Balubur Limbangan 14 unit. [6]

Di handap ieu sababaraha hiji hotél anu kasohor di Garut:[31]

  1. Hotél Santika Garut
  2. Aleyra Hoté.l and Villa's Garut
  3. Favehoté.l Cimanuk
  4. Harmoni Hoté.l Garut
  5. Bukit Alamanda Resort & Resto
  6. Kampung Sumber Alam
  7. Tirtagangga Hoté.l
  8. Sabda Alam Resort Hoté.l

Hasil bumi & industri[édit | édit sumber]

Kasuburan taneuh teu rata kapangaruhan ku pagunungan, walungan, jeung tatar handap basisir, antukna usaha tatanén nu loyog nyaéta perkebunan kawas entéh, ogé tani (sawah & huma), sayur, peternakan, sarta ngokolakeun leuweung.[32]

Sababaraha hasil bumi Garut nu has di antarana,

  • jeruk garut
  • domba garut
  • dodol garut
  • minyak akar wangi (Vetiver, Andropogon zizanioides)
  • batik tulis garutan
  • kaén sutra
  • serat haramay
  • batu ali
  • karajinan kulit
  • karajinan awi
  • kaos oblong garut
  • chocodot (coklat + dodol )
  • Brodol (brownis dodol)
  • gantungan konci
  • jaket kulit
  • dorokdok sapi + munding
  • gamelan sunda
  • pakaian tradisional sunda
  • karajinan kerang laut

Béas Garut[édit | édit sumber]

Béas Garut teu pati kawentar kawas béas Cianjur atawa béas Thailand, dalah kitu lamun seug dititénan mah béas Garut téh leuwih onjoy batan nu lian.[33] Kelirna leuwih cékas, pulen mangsa diasakan, dina rasa ogé leuwih ngeunah batan nu lian, ngan waé nu daragang sok ngahaja nyamunikeun asal muasal béas Garut ku jalan diganti ku ngarana ku béas Cianjur dina karungna.[33] Tayalian Andris Wijaya nu nganjrek di Samarang, sabadana tamat nyuprih élmu di Poltek ITB taun 2011.[33]

Manéhna hayang masarakat réa mikawanoh tur mikaresep kana béas Garut, nya nyieun hiji torobosan ku jalan mungkus béas Garut tur diréka-réka sangkan nambah kataji.[33] Béas beunang ngolah manéhna bisa diasakan ku jalan diliwet dina waktu ngan 20 menit, kiwari béas liwet hasil usaha manéhna geus kasohor kalawan jadi oléh-oléh anu mandiri ti Kabupatén Garut.[33]

Galeri[édit | édit sumber]

Tumbu Luar[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Kabupaten Garut Dalam Angka. Garut: Badan Pusat Statistik Kabupaten Garut. 2022. 
  2. "Kabupaten Garut: Wilayah Administratif". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2013-08-10. Diakses tanggal 2013-08-27.  Archived 2013-08-10 di Wayback Machine
  3. a b c d e Infogarut. "Sejarah Kabupaten Limbangan, Cikal Bakal Kabupaten Garut". infogarut.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  4. a b c d e f g h i j k l m n "Sejarah Singkat". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-01-31 di Wayback Machine
  5. "Misteri Raibnya Patung KF Holle dan Pabrik Tenun Terbesar di Garut". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  6. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Sofianto, Kunto (2014-03-05). "GARUT PADA MASA PEMERINTAHAN PENDUDUKAN JEPANG (1942-1945)" (dalam bahasa id). Sosiohumaniora 16 (1): 70–86. doi:10.24198/sosiohumaniora.v16i1.5684. ISSN 2443-2660. http://jurnal.unpad.ac.id/sosiohumaniora/article/view/5684.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  7. "Peraturan Daerah Kabupaten Garut Nomor 30 Tahun 2011 Tentang Hari Jadi Garut". bpk.go.id. Pemerintah Kabupaten Garut. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  8. a b "Letak Geografis". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-05 di Wayback Machine
  9. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama :0
  10. a b c d e f "Topografi". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-01-31 di Wayback Machine
  11. "Potensi Kabupaten Garut". badan-penghubung.jabarprov.go.id. Badan Penghubung Pemerintah Provinsi Jawa Barat. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  12. a b c d e f g "Geomorfologi". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-05 di Wayback Machine
  13. "Pemerintah Kabupaten Garut - Sumber Daya Air". garutkab.go.id. Pemerintah Kabupaten Garut. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2017-06-30.  Archived 2017-07-30 di Wayback Machine
  14. a b "Klimatologi". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-01-31 di Wayback Machine
  15. Purnawati, Tati (Citakan:ISO date/fr2). "Longsor di Pasirdatar: Tiga Orang Tewas Tertimbun". Pikiran Rakyat (Sukabumi) 
  16. Sejarah Kabupaten Garut I Archived 2014-12-28 di Wayback Machine[tutumbu nonaktip permanén] Fokus Jabar
  17. a b Sejarah Kabupaten Garut II Archived 2014-04-26 di Wayback Machine[tutumbu nonaktip permanén] Fokus Jabar
  18. Abdussalam, Muhamad Syarif (Citakan:ISO date/fr2). "Rudy dan Helmi Resmi Dilantik, Pimpin Garut 2 Periode, Bakal Genjot Pariwisata di Antaranya Bagendit". Tribun News. http://jabar.tribunnews.com/2019/01/23/rudy-dan-helmi-resmi-dilantik-pimpin-garut-2-periode-bakal-genjot-pariwisata-di-antaranya-bagendit. Diakses pada 23 Januari 2019  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  19. "Dinas, Badan, Kantor". www.garutkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2022-08-14 di Wayback Machine
  20. "RS Online". sirs.kemkes.go.id. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  21. Infogarut. "Rekomendasi Tempat Belanja, Pasar Tradisional Garut". infogarut.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  22. Badan Pusat Statistik Kabupaten Garut. "Badan Pusat Statistik Kabupaten Garut". Badan Pusat Statistik Kabupaten Garut. Badan Pusat Statistik Kabupaten Garut. Diakses tanggal 28-02-2023.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  23. Gandapurnama, Baban. "7 Stasiun Kereta Api di Garut". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  24. PT Kereta Api Indonesia. "PT Kereta Api Indonesia". PT Kereta Api Indonesia. PT Kereta Api Indonesia. Diakses tanggal 28-03-2023. [tumbu nonaktif]
  25. A. van Bemmel, Helena; Taylor & Francis (1994). Dvarapalas in Indonesia: Temple Guardians and Acculturation. Trotterdam: CRC Press. p. 62. ISBN 9789054101550.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  26. "Seni Adu Domba Garut". visitgarut (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  27. a b "Kesenian Tradisional Kabupaten Garut". Balai Pelestarian Nilai Budaya Jawa Barat (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  28. Infogarut. "Surak Ibra, Warisan Budaya Warga Wanaraja". infogarut.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  29. Administrator. "Ternyata Ini Awal Mula Garut Dijuluki Swiss van Java - Halaman all". www.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  30. "Dari Ngamplang Julukan 'Swiss Van Java' Untuk Garut Lahir". merdeka.com. Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  31. "10 HOTEL TERBAIK di Garut 2023 (dari Rp 152.000) - Tripadvisor". www.tripadvisor.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  32. Agribisnis Kreatif: Pilar Wirausaha Masa Depan, Kekuatan Dunia Baru Menuju Kemakmuran Hijau. Penebar Swadaya Group. 2012. ISBN 9789790025288. 
  33. a b c d e Mengembangkan Potensi Masyarakat di Desa & Kelurahan. ISBN 9786024534721. 




Salah ngutip: Ditemukan tag <ref> untuk kelompok bernama "ket.", tapi tidak ditemukan tag <references group="ket."/> yang berkaitan