Walungan Cimanuk
Pidangan

Cimanuk nyaéta hiji walungan gedé anu huluna aya di suku gunung Papandayan Kabupatén Garut ngocor ka beulah wétan atawa kuloneun Indramayu [1], susukan Cimanuk kawilang panjang ngaliwatan sabaraha kabupatén : Garut, Sumedang, Majalengka, Indramayu, jeung Cirebon.[2]
Cimanuk geus loba dimangpaatkeun utamana pikeun daérah anu kaliliwatan saperti : diwangun dam pikeun Irigasi, diala keusikna, sisi-sisina anu loba kapanggih keusik lempung dipaké tatanén,[3], caina dibendung pikeun PLTA, jeung sajabana.[1] Mangsa usum hujan susukan cimanuk caina ngagulidag gedé bisa nepika 1200 méter kubik/s [1], Keusikna diala unggal tauna 700.000 méter persegi[1].
Dicutat tina
[édit | édit sumber]Tutumbu kaluar
[édit | édit sumber]Tempo ogé
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |