Irigasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Saluran irigasi deukeuteun Channagiri, Distik Davangere, India
Irigasi di New Jersey, AS
Saluran irigasi di Osmaniye, Turki

Irigasi nyaéta usaha manusa pikeun nyumponan kabutuhan cai dina widang tatanén.[1] Dina jaman kiwari mah geus loba pisan modél irigasi anu dijieun ku manusa.[1] Dina jaman baheula lamun téa mah loba cai ku alatan padeukeut reujeung walungan, ciburial atawa cinyusu.[2] Irigasi éta ku jalan ngagolontorkeun cai kana lahan tatanén. Sagigireun éta ogé, irigasi ilahar dilakukeun ku ngunjalan cai ngagunakeun hiji wadah jeung tuluy waé dicicikeun kana éta pepelakan atawa tutuwuhan hiji -hiji. Pikeun irigasi jeung modél saperti ieu di Indonésia utamana daerah Jawa Kulon disebut nyébor. Di jaman kiwari irigasi téh geus loba pisan cara jeung wujudna dimimitian kénéh keur jaman mesir kuno.

Irigasi Mesir Kuno Jeung Tradisional Nusantara[édit | édit sumber]

Baheula Mesir Kuno geus kasohor ngamangpaatkeun walungan Nil. Di Indonésia, irigasi tradisional geus lumangsung nalika jaman kolot baheula atawa karuhun urang. Hal ieu bisa dititénan dina cara tatanén dina mangsa karajaan-karajaan anu aya di Indonésia. Ku jalan ngabendung susukan tuluy caina dikocorkeun ka tiap sawah éta dipigawé bagilir tiap sawah. Cara séjénna nyaéta nengan sumber cinyusu tuluy wéh dialirkeun maké kuluwung anu pauntuy-untuy. Aya ogé ku jalan nyeborkeun cai maké samodél émbér anu dijieun tina daun tangkal jambé.

Sistem Irigasi Jaman Hindia Belanda[édit | édit sumber]

Sistem irigasi téh mangrupa hiji tarekah Belanda dina ngalaksanakeun Tanam Paksa (Cultuurstelsel) dina taun 1830. Pamaréntah Hindia Belanda sajeroeun Tanam Paksa éta narekahan supaya kabéh lahan anu dijieun pikeun pasawahan anapon perkebunan kudu ngahasilkeun panén anu mundel dina raraga mengeksplotasi atawa nyeuseup tanah jajahan.

Tutumbu luar[édit | édit sumber]


  1. a b Mulya Rokhma, Novrida (2008). Menyelamatkan pangan dengan irigasi hemat air. Jakarta: Kanisius. 
  2. Suhartinah, Noor Sulistyo Budi, Suwarno, Mudjiono, Sumintarsih (1993). Kearifan Tradisional Masyarakat Pedesaan Dalam Hubungannya Dengan Pemeliharaan Lingkungan Hidup Daerah Istimewa Yogyakarta. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan.