Sawah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sawah di Kampung Naga

Sawah nyaéta hiji lahan anu digarap pikeun tempat melak paré [1]. Sawah kudu mibanda kakuatan dina mangsa cai naneum diluhureuna lantaran tangkal paré sawaktu-waktu kudu kakeueum ku cai. Pikeun nyukupan kabutuhan cai ka sawah ilaharna ngamangpaatkeun sistem irigasi anu asalna tina hulu cai, cai hujan, atawa susukan. Sawah samodél kieu disebut ogé sawah irigasi, tangkal paré anu dipelakna disebut paré lahan baseuh (lowland rice).

Hiji panalungtikan anu saterusna dibéwarakeun Proceedings of the National Academy of Sciences of the United States of America nétélakeun yén paré anu dibudidayakeun kiwari, tina spésiés indica ogé japonica, asalna tina hiji spésiés paré liar nyaéta Oryza rufipogon geus kapanggih dina 8200 tahun nepikeun ka 13500 tahun anugeus kaliwat di China. Paré anu dibudidayekeun di sababaraha nagara saperti Bangladesh, China, Filipina, India, Indonesia, Iran, Jepang, Kamboja, Koréa Kidul, Koréa Kalér, Laos, Malaysia, Myanmar, Nepal, Pakistan, Sri Lanka, Taiwan, Thailand, jeung Vietnam. Paré sawah ogé dipelak di Éropa saperti Piedmont (Italia) jeung Camargue (Prancis).[2]


Nagara panglobana ngahasilkeun paré[édit | édit sumber]

20 Nagara panglobana ngahasikeun Paré—2012
(million metric ton)[3]
China 204.3
India 152.6
Indonesia 69.0
Vietnam 43.7
Thailand 37.8
Bangladesh 33.9
Myanmar 33.0
Philippines 18.0
Brazil 11.5
Japan 10.7
Pakistan 9.4
Cambodia 9.3
United States 9.0
Korea 6.4
Egypt 5.9
Nepal 5.1
Nigeria 4.8
Madagascar 4.0
Sri Lanka 3.8
Laos 3.5
Dicutat tina: Food and Agriculture Organization


Sawah tadah hujan[édit | édit sumber]

Sawah tadah hujan nyaéta sawah anu ngandelkeun cai hujan wungkul dina nyukupan kabutuhan caina. Sawah samodél kieu bisa ngahasilkeun dina mangsa usum hujan wungkul. Dina mangsa usum halodo ieu sawah diantepkeun kitu waé ku alatan euweuh cai.[4]:70 Sawah tadah hujan umumna dipanén ngan sataun sakali.[5]:102 Sawah tadah hujan leuwih loba ngagunakeun tanaga ku alatan mindeng ngayuman deui tangkal paré ku lantaran henteu jadi dina mangsa dipelak saméméhna atawa loba anu garing[6]:165

Sajarah[édit | édit sumber]

Ahli arkéologi geus paheut ngeunaan asal muasal budidaya paré disawah dimimitian di China. Bukti ayana sawah jeung paré anu munggaran umurna 6280 tahun anu geus kaliwat hasil tina ‘’penanggalan’’ karbon tina siki paré jeung bahan organik taneuh anu kapanggih dina situs Chaodun di Kushan County.[7] Di hiji situs Neolitik di Caoxieshan, arkéologis ngaggali tur meunang hiji bukti anyar anu dipercaya baheulana mangrupakeun sawah.[8] Disawang dina ieu situs di Caoxieshan umurna 4000 nepi ka 3000 SM.[9][10] aya kana 10 lokasi arkéologi anu aya patula patalina jeung sawah di Koréa. Anu pangkolotna aya dua nyaéta di Okhyun jeung Yaumdong, Ulsan, umurna Mumun pottery period.[11] Kapanggih ogé hiji bukti arkéologis anumana béas (Paré anu geus dipesék) diteundeun pikeun kabutuhan bala tantara jeung upacara tisaprak jaman Neolitik nepikeun ka Dinasti Han di China.[12]

Istilah di sawah[édit | édit sumber]

Ngadurukan[édit | édit sumber]

Nyaéta ngaduruk jarmi atawa tangkal paré saréngséna dipanén dina kaayaan geus garing maksudna ngarah gampang dina mangsana ngolah sawah ogé ngaduruk jarami bisa ngaleungitkeun hama anu napel dina jarami jeung lebuna bisa nyuburkeun kana taneuh

Nampingan[édit | édit sumber]

Meresihan jukut dina galengan sawah ngagunakeun parang

Mopok[édit | édit sumber]

Naplokeun leutak sawah kana galengan dimana geus beresih ditampingan

Ngawuluku[édit | édit sumber]

Macul taneuh sawah kujalan maké alat anu ngarana wuluku biasana ditarik maké munding atawa sapi, tujuana supaya taneuh anu aya dihandap kaangkat kaluhur jeung sabalikna.

Ngalepa[édit | édit sumber]

Ngaratakeun taneuh kujalan maké papan atawa pacul biasana dilakukeun saenggeusna ngawuluku bérés, disabaraha daerah katelah ogé nganglér.

Tebar[édit | édit sumber]

Nyaéta ngawurkeun binih paré kana pabinihan anugeus disiapkeun saméméhna

Naplak[édit | édit sumber]

Ngaguratan leutak anu aya disawah maké Hiji alat tina kai, panjang kurang leuwih 2 meter make gagang paragi narikna ieu sangkan dinamangsa melak binih paré henteu papareolan, jeung deui jarakna sarua. Luyu jeung anu geus ditangtukeun

Babut[édit | édit sumber]

Nyabut binih paré tina pabinihan pikeun dipindahkeun ka sawah. Binih paré anu ditebar saméméhna dimana geus jadi jeung jangkung kurang leuwih 10 cm.

Tandur[édit | édit sumber]

Melakeun binih paré menang babut tadi, dina leutak sawah anugeus diguratan maké naplak.

Ngarambét[édit | édit sumber]

Nyaéta meresihan sawah tina jujukutan anu aya sagigireun tangkal paré sangkan jukutna henteu jaradi anu engkéna bisa ngaganggu kana kasuburan tangkal paré.

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]

Nulis.jpg



Tempo Ogé[édit | édit sumber]

Dicutat Tina[édit | édit sumber]

  1. "Kamus Besar Bahasa Indonesia". 
  2. "Riz de Camargue, Silo de Tourtoulen, Riz blanc de Camargue, Riz et céréales de Camargue". Riz-camargue.com. Diakses pada 25 April 2013. 
  3. fao.org (FAOSTAT). "Countries by commodity (Rice, paddy)". Diakses pada 11 Pébruari 2014. 
  4. Bambang Utoyo. Geografi: Membuka Cakrawala Dunia. Grafindo Media Pratama. ISBN 9789799255860. 
  5. Ahmad Yani & Mamat Rahmat. Geografi: Menyingkap Fenomena Geosfer. Grafindo Media Pratama. ISBN 9789797584245. 
  6. Scott Pearson. Aplikasi Policy Analysis pada Pertanian Indonesia. Yayasan Obor Indonesia. ISBN 9789794615126. 
  7. (August 2010). "Origin and chronosequence of paddy soils in China.". Proceedings of the 19th World Congress of Soil Science: 39–42.
  8. Fujiwara, H. (ed.). Search for the Origin of Rice Cultivation: The Ancient Rice Cultivation in Paddy Fields at the Cao Xie Shan Site in China. Miyazaki: Society for Scientific Studies on Cultural Property, 1996. (In Japanese and Chinese)
  9. Fujiwara 1996
  10. Tsude, Hiroshi. Yayoi Farmers Reconsidered: New Perspectives on Agricultural Development in East Asia. Bulletin of the Indo-Pacific Prehistory Association 21(5):53-59, 2001.
  11. Crawford, Gary W. and Gyoung-Ah Lee. Agricultural Origins in the Korean Peninsula. Antiquity 77(295):87-95, 2003.
  12. "Expansion of Chinese Paddy Rice to the Yunnan-Guizhou Plateau". Diakses pada 6 Agustus 2007.