Lompat ke isi

Manuk

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Manuk
Temporal range: Jurasik Ahir - Kiwari
Malurus cyaneus, anakna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Subfilum:
(unranked):
Kelas:
Aves

Linnaeus, 1758
Ordo
Loba - tingal Subjudul di handap.

Manuk nyaéta sato vertebrata tina kelas aves.[1] Cirina boga suku dua, getih haneut, ovipar nu dicirikeun utamana ku ayana bulu, jangjang, pamatuk, sarta tulang nu ronggaan.

Ukuran awak manuk rupa-rupa pisan, ti kolibri nu lembut nepi ka Ostrih jeung Emu nu badag. Tina jihat taksonomi, manuk téh ngawengku 8.800–10.200 spésiés nu hirup kénéh (sarta 120–130 spésiés nu geus punah/tumpur sapanjang sajarah manusa), antukna manuk téh vertebrata sato darat nu paling loba rupana. Gumantung kana spésiésna, kadaharan manuk gé loba rupana, kayaning sari kembang (néktar), tutuwuhan, sisikian, serangga, rodénsia, lauk, réptil, atawa manuk séjén. Najan lolobana liar beurang, tapi aya ogé manuk nu liar peuting, di antarana bueuk jeung alap-alap.

Mirip jeung sababaraha spésiés lauk, loba golongan manuk anu hirupna téh sok ngumbara jauh pisan pikeun ngudag habitat/hawa anu luyu jeung kahirupanana. Aya ogé nu sapanjang hirupna cicing di wewengkon laut, nepi ka bisa saré bari hiber.

Ciri umum manuk di antarana sungut nu teu huntuan, endog nu cangkangna teuas, laju métabolismena gancang, jantung 4 rohangan, sarta rorongkong anu hampang tapi kuat. Ciri umum anu séjénna nyaéta bisa hiber, tapi aya ogé sababaraha spésiés anu teu bisa hiber, di antarana hayam, meri, pinguin, ostrih, kiwi, jeung Dodo nu geus tumpur.

Taksonomi

[édit | édit sumber]

Bangsa manuk digolongkeun dina kelas Aves. Spésiés manuk purba anu dipikanyaho nyaéta Archaeopteryx lithographica, nu asalna ti périodeu Jurasik Ahir. Numutkeun kasapukan (konsénsus), Aves jeung golongan dulurna, ordo Crocodilia, ngahiji dina golongan Archosauria. Filogeni modéren merenahkeun manuk dina Theropoda, ngahiji jeung dinosaurus.

Manuk modéren dibagi kana dua superordo, Paleognathae (lolobana manuk nu teu bisa hiber, samodél ostrih) jeung Neognathae.

Ordo manuk

[édit | édit sumber]
Hubungan antarordo manuk numutkeun taksonomi Sibley-Ahlquist

Di handap ieu béréndélan ordo taksonomis kelas Aves.

Paleognathae:

Neognathae:

Ordo manuk nu geus tumpur

[édit | édit sumber]

Dina périodeu Mésoziokum, loba golongan manuk anu punah teu ninggalkeun turunan modéren, di antarana Ordo Archaeopterygiformes, Confuciusornithiformes, manuk laut huntuan samodél Hesperornithiformes jeung Ichthyornithes, sarta sababaraha subkelas Enantiornithes.

Pikeun béréndélan golongan manuk anu geus punah, mangga aos manuk fosil.

Évolusi

[édit | édit sumber]

Aya sababaraha bukti nu nunjukkeun yén manuk téh asalna tina dinosaurus theropoda, hususna manuk anggota Maniraptora nu ngawengku dromaeosaurus jeung Oviraptoridae[2]. Ku kapanggihna fosil theropoda lain nu raket patalina jeung manuk, béda anu jelas antara manuk jeung lain manuk téh jadi kabur. Papanggihan di kalér Cina (propinsi Liaoning) nunjukkeun lobana dinosaurus theropoda leutik nu buluan.

Anatomi manuk

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Anatomi manuk.

Dedegan manuk téh némbongkeun pola adaptasi anu teu galib (utamana pikeun hiber), antukna manuk diasupkeun kana kelas nu husus dina filum vertebrata.

Nyayang

[édit | édit sumber]

Béda ti endog réptil, endog manuk mah teuas, sabab loba ngandung kalsium karbonat. Kelir jeung ukuranana rupa-rupa, gumantung spésiésna (luyu jeung ukuran manukna). Mun asupan kalsium kurang, komponén kalsium karbonat pikeun neuaskeun endog téh diganti ku protoporfirin nu nimbulkeun warna coklat/beureum. Kelir endog téh dipangaruhan ku paktor genetik, sigana mah ti indungna wungkul, antukna sigana mah gén pigméntasi endog ieu aya dina kromosom W (manuk bikang WZ, sedengkeun jalu ZZ).

Endog téh diteundeunna dina sayang, nu bahanna bisa mangrupa naon waé, kayaning jujukutan/régang leutik nu geus garing, taneuh, jsb. nu bentukna (dibentuk) kewung pikeun nyileungleum.

Baca ogé

[édit | édit sumber]
Diajar hiber

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Bird, Wikipédia édisi basa Inggris (10 Agustus 2006)
  1. Ardyansyah, Dhany (2023). Burung (Aves)Ardyansyah. Jakarta: Bumi Aksara,. p. 2. ISBN - Check |isbn= value (bantuan).  Disungsi14 Mei 2024
  2. "Early Adaptive Radiation of Birds: Evidence from Fossils from Northeastern China -- Hou et al. 274 (5290): 1164 -- Science". Diakses tanggal 2006-07-21. 

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]