Japati

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Japati
Japati liar kelir alami
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Aves
Order: Columbiformes
Kulawarga: Columbidae
Génus: Columba
Spésiés: C. livia
Ngaran binomial
Columba livia
Gmelin, 1789
Japati di habitat alamina dina cadas gawir basisir. Di pakotaan, gawir cadas ieu téh diganti ku témbok gedong-gedong jangkung.

Japati (Columba livia), mangrupakeun anggota kulawarga manuk Columbidae.

Japati alamina aya di wewengkon Éropa kulon jeung kidul, Aprika Kalér, jeung Asia kidul-kulon. Habitatna alamna di gawir-gawir cadas, utamana di basisir. Hasil doméstikasina mah aya di mana-mana, kaasup di kota-kota. Di Inggris, Irlandia, jeung wewengkon asalna nu alami, japati téh ukur aya di pasisian.

Japati munggaran dibawa ka Amérika Kalér taun 1606 di Port Royal, Acadia (ayeuna Nova Scotia).

Anatomi[édit | édit sumber]

Rupa-rupa kelir bulu japati liar

Panjang awak japati antara 30-35 cm, kalawan lébar bébér jangjang 62-68 cm. Ciri utama japati liar murni bisa ditempo dina warna bulu tungtung tonggong nu bodas, ditambah dua polét hideung dina jangjangna. Umurna di alam liar antara 3-5 taun, sedengkeun mun dikandangan bisa nepi ka 15 taun.

Warna hulu jeung beuheung japati nu geus sawawa ilaharna bulao-abu-abu, leuwih kolot batan tonggong jeung jangjangna, sedengkeun dina beuteungna mah bodas. Panonna biasana mah oranyeu, tapi aya ogé nu bodas semu abu-abu.

Sayang[édit | édit sumber]

Sayangna biasana dijieun dina lelegok atawa guha, dijieun tina régang garing, jukut, atawa jukut laut. Sakali baranahan, japati mah ngendogna ukur dua; disileungleuman piligenti ku indung jeung bapana salila 18 poéan. 'Piyik'na kakara disapih mun geus umur 30 poéan.

Doméstikasi[édit | édit sumber]

Japati geus didoméstikasi ti rébuan taun ka tukang. Japati doméstik nu geus dilatih bisa mulang ka sayangna najan di bawa ka tempat nu can dipikawanoh nu jauhna nepi ka sarébuan kilo. Silangan husus, nu katelah japati pos, geus kalatih sangkan bisa mawa surat. Japati nu kieu ogé sok dibalapkeun.

Piyik umur sapuluh poéan

Japati sok dikawinsilangkeun pikeun diala daging, dedegan, atawa kelir buluna (galeri poto).

Kabisa navigasi mangrupakeun salah sahiji kaahéngan japati, padahal manuk ieu mah tara ngayakeun migrasi.

Japati doméstik sok dipaké dina percobaan di laboratorium biologi, kadokteran, jeung élmu kognitif. Contona baé, japati sok dilatih pikeun ngabédakeun antara lukisan kubisme jeung imprésionisme.

Japati liar nu nyayang dina sela-sela témbok wangunan.

Japati liar di kota-kota[édit | édit sumber]

Japati liar di pakotaan sacara naluri ngajadikeun gedong-gedong jangkung di pakotaan salaku gawir-gawir cadas tempat alamina. Sababaraha kota nu kawentar ku japati liarna, di antarana

Kusabab kamekaran populasina, di kota-kota kawas di luhur mah pihak pamaréntah nepi ka nyaram maraban japati liar. Komo ku kalakuanana nu bisa ngaruksak wangunan, nyebarkeun panyakit, polusi taina, sarta ngusir manuk lianna.

Rupa Japati[édit | édit sumber]

Japati digolongkeun ka opat jenis nya éta:[1]

  1. Japati hias
  2. Japai pos
  3. Japati balap, jeung
  4. Japati daging.

Japati Hias[édit | édit sumber]

Nu kaasup japati hias nya éta Japati Makuta, Japati Kapas, Japati Robot jeung Japati Tembolok. Nu séwang-séwangan boga cirina sorangan.[1]

Japati Pos[édit | édit sumber]

Nya éta japati nu boga kamampuh ngapung kalawan gancang dina jarak nu jauh. Japati ieu nu baheula dijadikeun sarana pikeun ngirimkeun surat.[1]

Japati Balap[édit | édit sumber]

Nya éta japati nu sok dipaké minangka adu balap japati. Biasana japati diadukeun kalawan ditempo japati nu panggancangna,[1]

Japati Daging[édit | édit sumber]

Nya éta japati nu maksud dipiara pikeun diala dagingna. Japati daging diingu sarua saperti hayam jeung manuk tuluy dipeuncit.[1]

Baca ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

  • a b c d e Suparman. 2007.Cara Beternak Merpati. Surabaya: Ganeca Exact