Titiran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Titiran
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
G. striata
Ngaran binomial
Geopelia striata
(Linnaeus, 1766)
Manuk Titiran

Titiran (Geopelia striata, familia Columbidae) kaasup kana Manuk anu pangawakana leutik, warnana kulawu jeung loba dikukut ku sabab kaéndahan sorana.[2]

Titiran kagolongkeun manuk inguan, nagahaja dikukut ku anu mikaresepna. Aya dua sabab kunaon jalma ngukut titiran, kahiji mikaresep kana sorana, kaduana percaya lana katuranggan.[3] Jalma anu ngukut titiran alatan resep kana sorana, ilaharna sok dipiara dihadé-hadé pikeun miluan pasanggiri atawa resep ku bacéona. Béda jeung anu ngukut titiran ku percaya kana katuraggan, alatan mibanda kapercayaan mun ngukut titiran baris ngadatangkeun rezeki, kauntungan jeung sajabana.[3]

Rupa-rupa Manuk Titiran[édit | édit sumber]

Ditempo tina pangawakanna, sababaraha jinis manuk titiran anu umum dipiara:

  1. Titiran Tuban: Manuk ieu pituin ti daerah Tuban loba dipiara nepika kiwari pangawakan kawilang leutik, kurang leuwih 18 cm. Buluna kulawu semu hideung, palebah hariguna sawaréh buluna bodas.
  2. Titiran Bangkok: Manuk ieu di Bangkok disebutna Nukhao Chewah, mun ditarabas pihartieunna tayalian 'Manuk Jawa". Baheulana memang ieu manuk pituin ti Jawa, nyebar ka Muangthai dibawa ku pagawé Indonesia dina jaman romusha. Mangsa harita pagawé romusha di kirim ka Jepang, pikeun hiburan nya pagawé ieu aya nu mawa manuk nya tidieu pisan ieu manuk nyebar nepika Bangkok.
  3. Titiran Australia (Geopelia humeralis): ieu manuk pituin tu Australia anu hirupna aya dina panyalindungan ku National Parks Wildlife Act 1974. Pangawakanna sedeng 26-30cm, hirup nyebar nepi ka Papua jeung Indonesia Wetan.
  4. Titiran Katuranggan: Mibanda ciri-ciri, pangawakan karakter jeung sora anu béda. Dipercaya mérééé pangaruh gaib sarta kahadéan kanu miarana, dina basa jawa "Katura" kamakmuran jeung "angga" hartina awak.[3]

Titiran Mahiwal[édit | édit sumber]

Aya sababaraha titiran anu mibanda ciri mandiri béda tinu lian, saperti sisit dina cékérna, bulu bodas dina huluna, bisa digolongkeun kang sababaraha rupa :

  1. Titiran camani : Titiran ieu kelirna hideung saawak-awak, dipercaya bisa mawa kauntungan kanumiarana. Malah sabalikna bakal mawa cilaka, mun teu dipiara tur dihadé-hadé.
  2. Titiran Majapahit : Titiran ieu awakna leuwih leutik batan nu sejen, sarta polét hideung dina beuheungna nyambung (nguriling). Aweuhan sorana alus, sarta bulun dina awakna loréng kawas oray weling.
  3. Titiran Cendolo Sabdo : Cenah dipercaya ngadatangkeun aura pamélét jeung kaayaan gumbira pikeun anu miarana, Cirina aya bulu bodas dina jangjang luarna anu henteu leungit sanajan geus ganti bulu.

titiran Gendawa Sabda: Titiran mibanda ciri bulu bodas dina palebah beuheungna, cenah bisa ngadangkeun rejeki kanu ngukutna sarta lamun manukna bacéo waé bakal ngagampangkeun anu miarana dina.[4][3]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. BirdLife International (2012). "Geopelia striata". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2013.2. International Union for Conservation of Nature. Diakses tanggal 26 November 2013. 
  2. Iskandar, Johan (1989). Jenis burung yang umum di Indonesia. Universitas michigan: Djambatan. p. 4. ISBN 9789794281048. Diakses tanggal (disungsi – 22 Maret 2021). 
  3. a b c d Redaksi AgroMedia, Pustaka (2005). Petunjuk Pemeliharaan Perkutut (ed. Revisi). Jakarta: AgroMedia. p. 45. ISBN 9799542057. Diakses tanggal (disungsi – 22 Maret 2021). 
  4. Putra, Tani (2018). Beternak Perkutut Katuranggan. Jakarta: PutraTani. p. 21. Diakses tanggal (disungsi – 22 Maret 2021).