Carolus Linnaeus

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Carl Linnaeus (Carl von Linné)
Carolus Linnaeus taun 1775, lukisan oleh Alexander Roslin
Carolus Linnaeus taun 1775, lukisan oleh Alexander Roslin
Lahir 23 Méi 1707
Råshult, Paroki Stenbrohult (sekarang dalam Kotamadya Älmhult), Swedia
Tilar 10 Januari 1778 (yuswa 70)
Hammarby (estate), Paroki Danmark (diluar Uppsala), Swedia
Tempat nganjrek Swedia
Kabangsaan Swedia
Widang Botani
Biologi
Zoologi
Alma mater Universitas Lund
Universitas Uppsala
Universitas Harderwijk
Mahasiswa ternama Peter Ascanius
Dipikawanoh lantaran Taksonomi
Ekologi
Botani
Singgetan panulis (botani) L.
Tanda tangan
Tanda tangan Carl v. Linné
Catatan

Linne CoA.jpg
Lambang Carl von Linné.

Carolus Linnaeus atawa Carl (von) Linné[1] (gumelar di Älmhult, 23 Méi 1707 – tilar dunya di Uppsala, 10 Januari 1778 dina umur 70 taun) nyaéta saurang élmuwan Swédia anu netepkeun dasar tata ngaran biologi. Anjeunna dipikawanoh minangka "bapa taksonomi modérn" jeung ogé mangrupa salah saurang bapa ékologi modérn.[2]

Linnaeus téh mangrupa ahli botani anu pangdipikahormat dina mangsana, sarta anjeunna kawentar lantaran kamampuh basana. Salian jadi ahli botani, Linnaeus ogé ahli dina widang zoologi jeung saurang dokter.

Biografi[édit | édit sumber]

Carolus Linnaeus gumelar di Paroki Stenbrohult (ayeuna kaasup wilayah administrasi Älmhult), wétaneun Swedia[3]. Ngaran bapana téh Nils Ingemarsson Linnaeus jeung indungna Christina Brodersonia. Ti leuleutik Linnaeus dibiasakeun religius jeung tumut kana paréntah agamana.

Waktu umurna 7 taun, Linnaeus dikirimkeun ka Lower Grammar School di Växjö kalayan kagiatan anu dipikaresepna nyaéta néangan tutuwuhan ka leuweung sabudeureun éta tempat. Pupuhu sakola, Daniel Lannerus niténan karesep Linnaeus kana botani jeung ngawanohkeun Johan Rothman, salah saurang dokter di Växjö. Rothman ngalegaan karesep Linnaeus di widang botani jeung kedokteran. Teu kungsi lila, Linnaeus aftar ka Universitas Lund  tuluy pindah ka Universitas Uppsala sanggeus sataun minangka kamandang ti Rothman.

Dina mangsa harita, Linnaeus boga kayakinan yén dina benang sari dan putik kembang téh aya dasar-dasar klasifikasi tutuwuhan, ku kituna anjeunna nulis makalah singget kalawan kasinugrahan jadi asistén profesor. Taun 1732, Badan Akademik Ilmu Pengetahuan Alam di Uppsala méré waragad keur ékspédisina nalungtik Laplandia. Hasilna tulisan anu judulna Flora Laponica medal taun 1737.

Dina taun 1735, Linnaeus pindah ka Belanda. Anjeunna meunang gelar dokter ti Universitas Harderwijk. Ieu hiji-hijina gelar akademik anu dicangking ku Linnaeus. Waktuna genep poé kaasup tilu poé nyitak catetan-catetan botanina dina basa latin. 

Tata Ngaran jeung Klasifikasi[édit | édit sumber]

Dina taun 1735, Carolus Linnaeus nimukeun hiji sistem tata nama organisme/ mahluk hidup, ieu sistem téh dingaranan Binominal Nomenclature. Unggal ngaran organisme miboga dua ngaran dina basa latin, ku sabab basa latih atawa yunani loba dipaké basa panganteur pangajaran di sakola. Ngaran anu kahiji disebut Genus jeung ngaran anu kadua disebut Spesies anu henteu ditulis ku huruf kapital. Genus jeung Spesies ditulis ngagunakeun garis handap. Contona, Staphylococcus Aureus téh ngaran baktéri anu geus dipikawanoh ku balaréa. Staphylococcus téh Genus éta bakteri, ari Aureus téh ngaran spesiesna. Dina ieu ngaran, genus téh ngagambarkeun kaayaan nyata jeung kaayaan anu katempo tina éta sel. Staphylo téh wangunna siga anggur jeung coccus nuduhkeun yén wangun selna buleud. Ku kituna, Staphylococcus téh hartina kumpulan sel  anu wangunna buleud. Aureus téh basa latin keur emas. Jadi harti sagemblengna tina Staphylococcus Aureus téh nyaéta kumpulan sel anu wangunna buleud jeung boga colat emas.[4]

Tata Ngaran Linnaeus[édit | édit sumber]

Sumangsih utama Linnaeus keur kamekaran élmu taksonomi téh nyaéta nyieun konvénsi ngaran organisme hirup anu ditarima sacara umum dunya ilmiah. Karya Linnaeus jadi pamiangan tata ngaran biologi. Lian ti éta, Linnaeus mekarkeun pangaweruh sajarah alam dina abad ka-18 anu disebut taksonomi Linnaeus.

Sistem Linnaeus ngabagi alam jadi hierarki atawa undakan anu dimimitian ku tilu ''karajaan''. Karajaan dibagi deui jadi Kelas jeung unggal kelas kabagi jadi OrdoGenera (wangun tunggal: genus), jeung Spesies. Sahandapeun undakan-undakan spesies, Linnaeus kadang nyebutkeun takson anu teu dibéré ngaran (keur tutuwuhan dingaranan "varietas").

Linnaeus méré ngaran taksa kalayan hal anu padeukeut jeung ciri khusus éta taksa. Contona, manusa téh Homo sapiens, tapi anjeunna ogéngungkabkeun yén species manusa kadua téh Homo troglotydes (urang guha, simpanse ayeuna ditempatkeun dina genus nu beda (lai Homo) tapi Pan troglotydes). Golongan mamalia dingaran dumasar kana kelenjar susu (mammae), ku sabab salah sahiji wangenan karakteristik mamalia téh ngarorok anakna. 

Sistem kelompok sasatoan ku Linnaeus mah dipaké kénéh nepi ka ayeuna kalayan loba parobahan tina prinsip-prinsip tata ngaranna. Tapi, Linnaeus angger dianggap miboga jasa mekarkeun gagasan struktur hierarki klasifikasi anu didadasaran ku sipat-sipat anu bisa dititénan. Rincian dasar ngeunaan hal anu dianggap sah sacara ilmiah disebut ''sifat teramati'' anu bakal robah dumasar kamekaran élmu pangaweruh unggal jaman. Contona, DNA dina mangsa Linnaeus teu dipikawanoh keur klasifikasi jeung nangtukeun hubungan organisme, tapi prinsip-prinsip dasarna kudu asup akal jeung bisa ditarima.


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Blunt, Wilfrid (2004). Linnaeus: the compleat naturalist. London: Frances Lincoln. ISBN 978-0-7112-2362-2. 
  2. Calisher, CH (2007). "Taxonomy: what's in a name? Doesn't a rose by any other name smell as sweet?". Croatian Medical Journal 48 (2): 268–270.
  3. Carolus Linnaeus & Sistem Binomial Nomenclature
  4. Sejarah Singkat Penamaan dan Klasifikasi Makhluk Hidup