Biologi
Biologi mangrupa élmu ngeunaan mahluk hirup.[1] Ulikanana museur dina ciri jeung paripolah organisme, cara tumuwuhna spésiés jeung individu, sarta interaksi hiji jeung nu séjénna tur lingkunganana. Biologi asal tina kecap (bios= hirup, logos = élmu) bisa dikiratakeun biologi téh élmu pangaweruh anu museur dina widang mahluk hirup. [1]
Ihtisar
[édit | édit sumber]Biologi boga ambahan nu lega na lapang akademik nu mindeng diteuteup salaku hiji disiplin nu mandiri. Kalawan babarengan, biologi ngulik kahirupan nu aya dina skala nu lega:
- na skala atomik jeung molekular, biologi molekular, biokimia, jeung genetik
- na skala sélular, biologi sél
- na skala multisélular, fisiologi, anatomi, jeung histologi
- na tingkat tumuwuhna atawa ontogeni organisme individual, developmental biology
- na tingkat tumurunna kolot ka anak, genetik
- na tingkat paripolah kumpulan, etologi
- na tingkat sakabéh populasi, genetik populasi
- na skala multi-spésiés lineage, sistematik
- na tingkat silih gumantung antara populasi jeung habitatna dina ékologi sarta biologi évolusionér
- sarta, sacara spékulatif, xenobiology dina tingkat kahirupan saluareun Bumi.
Widang ulikan na biologi
[édit | édit sumber]Aérobiologi -- Anatomi -- Arachnology-- Astrobiologi -- Biokimia -- Bionik -- Biogéografi -- Bioinformatik -- Biomékanik -- Biofisik-- Biotéknologi -- Botani -- Biologi sél -- Chorology -- Kladistik -- Crustaceology -- Cryptozoology -- Siklus -- Sitologi -- Developmental biology -- Panyakit (Panyakit genetik, Panyakit inféksi) -- Ékologi (Ékologi téoritis, Simbiologi, Autecology, Synecology) -- Ethology -- Entomologi -- Biologi évolusi (Évolusi) -- Evolutionary developmental biology -- Freshwater biology -- Genetik (Genetik populasi, Genetik kuantitatif, Genomik, Protéomik) -- Hérpetologi -- Histologi -- Biologi manusa (Antropologi) -- Ichthyology -- Imunologi -- Patologi -- Épidemiologi -- Limnologi -- Malacologi -- Mammalogi -- Biologi laut -- Mikrobiologi (Bakteriologi) -- Biologi molekular -- Morfologi -- Mikologi / Lichenology --- Myrmecology --- Élmu saraf (Neuroanatomi, Neurofisiologi, Élmu saraf sistem, Psikologi biologis, Psikiatri, Psikofarmakologi, Behavioral science, Neuroethology, Psikofisik, Élmu saraf komputasional, Élmu saraf kognitif, Élmu kognitif)-- Onkologi (ulikan ngeunaan kangker) -- Ontogeni -- Asal-usul manusa -- Ornitologi -- Paléontologi (Paléobotani, Paléozoologi)-- Parasitologi -- Fikologi (Algologi) -- Filogeni (Filogenetik, Filogéografi) -- Fisiologi -- Fitopatologi -- Biologi struktural -- Taksonomi -- Toksikologi (ulikan ngeunaan racun jeung polusi) -- Virologi -- Xénobiologi -- Zoologi
Disiplin nu pakait
[édit | édit sumber]Jalma jeung sajarah
[édit | édit sumber]Inohong widang biologi -- Sajarah biologi -- Hadiah Nobel widang fisiologi atawa tatamba -- Kala biologi jeung kimia organik
Daptar jejer
[édit | édit sumber]Tempo: Daptar jejer biologi
Naon prioritas urang nulis di dieu? Pikeun mantuan ngembangkeun daptar jejer-jejer nu pangdasarna dina widang biologi, mangga tempo Wikipédia: jejer dasar biologi.
Évolusi jeung biologi
[édit | édit sumber]salah sahiji konsép puseur jeung pangatur dina biologi nandeskeun yén sadaya nu hirup diturunkeun ti hiji common origin ngaliwatan prosés évolusi. Charles Darwin nerangkeun konsép téoritis évolusi nu masih kénéh jadi puseur nepi ka kiwari, ku jalan ngajukeun seléksi alam pikeun mékanismena. Salajengna genetic drift dirangkul salaku mékanisme tambahan dina nu disebut sintésis modern. Sajarah évolusionér hiji spésies— nu ngécéskeun karakteristik rupa-rupa spésiés asal-usulna—sarta kakaitan genéalogis jeung spésiés séjénna disebut filogeni. Rupa-rupa pendekatan dina biologi ngahasilkeun informasi ngeunaan filogeni. salah sahijina nyéta ku ngabandingkeun urutan DNA nu diulik dina biologi molekular atawa genomik jeung ngabandingkeun fosil atawa rekaman séjénna ngeunaan organisme kuna dina paléontologi. Para ahli biologi ngatur jeung nganalisis hubungan évolusionér ngaliwatan rupa-rupa métode, di antarana filogenetik, fenetik, sarta kladistik. Kajadian-kajadian utama dina évolusi mahluk hirup, sakumaha nu ayeuna diagem ku maranéhna, diringkeskeun dina evolutionary timeline.
Klasifikasi mahluk hirup
[édit | édit sumber]Klasifikasi mahluk hirup disebutna sistematika atawa taksonomi, nu kudu ngeunteung kana tangkal évolusi (tangkal filogenetik) organisme-organisme nu baréda. Taksonomi ngumpulkeun organisme-organisme dina kumpulan nu disebut taksa, sedengkeun sistematika nyiar patali-patalina. Sistem nu dominan disebut taksonomi Linnaean, nu ngawengku urutan jeung tatangaran binomial. Kumaha hiji organisme dibéré ngaran diatur ku kasapukan internasional saperti International Code of Botanical Nomenclature (ICBN), International Code of Zoological Nomenclature (ICZN), jeung International Code of Nomenclature of Bacteria (ICNB). Draf kaopat BioCode geus medal taun 1997 dina usaha ngabakukeun tatangaran na tangkalna, ngan rupana can sacara formal diadopsi. International Code of Virus Classification and Nomenclature (ICVCN) tetep aya di luareun BioCode.
Sacara tradisional, mahluk hirup dibagi kana lima karajaan:
Ngan, sistem lima-karajaan ieu kiwari geus loba dianggap tinggaleun jaman. Pilihan séjén nu leuwih modérn sacara umum dimimitian ku sistem tilu-wewengkon:
Wewengkon ieu ngagambarkeun aya henteuna inti tur béda ékstérior sélna.
Aya ogé saréngréngan parasit intrasélular nu "teu hirup" dina harti aktivitas métabolismena:
Sajarah kecap "biologi"
[édit | édit sumber]Diwangun ku ngagabungkeun kecap Yunani βίος (bios), nu hartina 'hirup', jeung λόγος (logos), nu hartina 'kecap', kecap "biologi" dina harti modérn jigana mimiti diwanohkeun sacara séwang-séwangan ku Gottfried Reinhold Treviranus (Biologie oder Philosophie der lebenden Natur, 1802) jeung ku Jean-Baptiste Lamarck (Hydrogéologie, 1802). Kecap ieu kadang kasebutkeun cenah diciptakeun taun 1800 ku Karl Friedrich Burdach, tapi ogé kapanggih na judul Michael Christoph Hanov Volume 3 Philosophiae naturalis sive physicae dogmaticae: Geologia, biologia, phytologia generalis et dendrologia, nu medal taun 1766.
Tempo ogé
[édit | édit sumber]- Eukariot
- Asal-usul hirup
- Morfologi
- Lingkungan
- Ékosistem
- Ahli biologi
- Dokter
- NASA Ames Research Center
- Bachelor of Science
- Daptar téknologi
- Masalah nu teu kaungkab dina biologi
- Daptar jejer ngeunaan konservasi
Tumbu kaluar jeung sumber séjén
[édit | édit sumber]Tumbu
[édit | édit sumber]- Bukutéks Biologi Umum Wiki, buku biologi, jeung situs Bukuwiki.
- Kaca Biologi Kimball, http://users.rcn.com/jkimball.ma.ultranet/BiologyPages Archived 2010-11-30 di Wayback Machine : Buku téks online.
- Tangkal Kahirupan, http://tolweb.org/tree/phylogeny.html : A multi-authored, distributed Internet project containing information about phylogeny and biodiversity.
- The Journal of Biology, http://www.jbiol.com : Jurnal panalungtikan, leutik tapi gratis.
- The Public Library of Science: Biology, http://www.plosbiology.org : Jurnal panalungtikan nu leuwih anyar, tapi ogé leuwih ambisius.
- BioCode, http://www.rom.on.ca/biodiversity/biocode/biocode1997.html Archived 2005-12-19 di Wayback Machine : Proposal pikeun tata ngaran organisme.
- PhyloCode Archived 2007-11-14 di Wayback Machine
Bacaeun
[édit | édit sumber]- Lynn Margulis, Five Kingdoms: An Illustrated Guide to the Phyla of Life on Earth, 3rd ed., St. Martin's Press, 1997, paperback, ISBN 0-8050-7252-7 (many other editions)
- Neil Campbell, Biology: Concepts & Connections (4th edition), Benjamin-Cummings Publishing Company, 2002, hardcover, ISBN 0-8053-6627-X (college-level text)
Cutatan
[édit | édit sumber]- ↑ a b Susilowarno, R. Gunawan (2008). Biologi SMA/MA Kls X (Diknas). Jakarta: Grasindo. p. 4. ISBN 9789790250192. Diakses tanggal (disungsi – 7 Peb 2021).
Subwidang umum dina biologi |
---|
Anatomi | Astrobiologi | Biokimia | Bioinformatik | Botani | Biologi sél | Ékologi | Biologi évolusionér | Genetik | Genomik | Biologi laut | Biologi manusa | Mikrobiologi | Biologi molekular | Asal-usul hirup | Paléontologi | Parasitologi | Fisiologi | Taksonomi | Zologi |