Lompat ke isi

Morfologi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Morfologi; Morphology nyaéta hiji élmu pangaweruh anu museurkeun diajarna dina widang wujud luar tina awak mahluk hirup (biologi).[1] Morfologi nalungtik sagala rupa tina wangun kecap, sareng pangaruhna tina ayana parobahan-parobahan kecap kana golongan kecap sarta pihartieunna.[2] Éta ogé tiasa disebatkeun yén morfologi ngulik sagala rupa wujud kecap sareng ngalarapkeunna tina parobihan-parobina kecap, boh dina gramatikal anapon semantik.[2]

Morfém

[édit | édit sumber]

Dina morfologi hiji anu penting ditaluntik ngeunaan morfém jeung sagala rupa anu aya patula-patalina, bisa disebutkeun hiji rundayan basa diwangun ku kecap jeung bagéan-bagéan kecap anu disebut morfém. Morfém hiji wujud basa pangleutikna anu mibanda harti, sarta henteu bisa dibagi deui atawa henteu mibanda harti séjén anu leuwih leutik deui.[3]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Susilowarno, R. Gunawan (2008). Biologi SMA/MA Kls X (Diknas). Jakarta: Grasindo. p. 22. ISBN 9789790250192. Diakses tanggal (disungsi – 7 Péb 2021). 
  2. a b Daniel Parera, Jos. (2007). Morfologi bahasa. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 26. ISBN 9789794033562. Diakses tanggal (disungsi – 7 Péb 2021). 
  3. Liliweri, M.S, Prof. Dr. Alo (2010). Komunikasi Serba Ada Serba Makna. Jakarta: Kencana. p. 360. ISBN 9786028730600. Diakses tanggal (disungsi – 7 Péb 2021).