Fungi
| Fungi (Suung) | |
|---|---|
| Armillaria mellea | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | A. mellea |
| Ngaran binomial | |
| Armillaria mellea (Vahl) P.Kumm. (1871) | |
Fungi mangrupa mikroorganisme nu teu ngandung klorofil dina struktur awakna.[1] Unit vegetatif fungi mangrupa struktur sél atawa benang hifa nu disebut miselium upama aya dina kumpulan gedé.[1] Fungi teu tumuwuh ku cara ngabentuk akar, dahan, sarta daun sakumaha nu lumangsung dina tutuwuhan tingkat luhur.[2] Benang hifa bisa mibanda sekat-sekat tapi bisa ogé henteu.[1]
Réproduksi fungi lumangsung sacara aséksual jeung séksual gumantung kana jinisna.[1] Pambiakan aséksual fungi lumangsung ngaliwatan pamisahan hifa jeung ngabentuk spora saperti sporangiospora jeung konidia.[3] Dina jinis fungi nu diwangun ku hiji sél, pambiakan bisa lumangsung ngaliwatan tunas (budding).[1]
Klasifikasi
[édit | édit sumber]Zygomycota
[édit | édit sumber]Fungi ieu disebut Zygomycota sabab ngabentuk spora istirahat anu mibanda dinding kandel, nu disebut zigospora.[4] Habitat Zygomycota umumna aya di darat, dina taneuh, atawa dina sésa-sésa organisme anu geus paéh.[4] Zygomycota mangrupa grup utama anu mibanda peran penting sabab bisa ngabentuk mikoriza (simbiosis antara fungi jeung akar tutuwuhan).[5] Kalolobaan anggota Zygomycota hirup salaku saprofit dina bahan organik.[4]
Ascomycota
[édit | édit sumber]Ascomycota dicirikeun talus diwangun ku miselium nu disekat-sekat.[4] Réproduksi séksual dina Ascomycota nu bakal ngabentuk ascospora dina ascus.[4] Aya nu hirup salaku saproba jeung sababaraha hirup salaku parasit, nu ngabalukarkeun sagala rupa panyakit dina tutuwuhan.[4]
Basidiomycota
[édit | édit sumber]Basidiomycota umumna spésiés makroskopis sarta pohara keuna.[4] Ieu supa téh bisa dilarapkeun dina lapang jeung leuweung.[4]
Deuteromycota
[édit | édit sumber]Deuteromycota atawa Fungi Imperfecti (fungi teu sampurna) mangrupa kelompok fungi anu can dipikawanoh fase réproduksi séksualna.[4] Divisi ieu dijieun pikeun ngelompokkeun sagala suung anu can bisa diasupkeun kana divisi séjénna dumasar kana ciri morfologina.[4] Ciri utama Deuteromycota nyaéta can ayana katerangan ngeunaan tahap réproduksi séksual (téléomorf) salila daur hirupna, sanajan réproduksi aséksualna (anamorf) geus dipikawanoh kalawan jelas.[6]
Deuteromycota bisa kapanggih hirup dina taneuh, sarta loba ogé anu mibanda sipat parasit dina tutuwuhan atawa sato.[1] Lolobana anggota divisi ieu boga kaitan famili jeung Ascomycota upama ditilik tina ayana konidia.[4] Sésana kamungkinan mibanda hubungan jeung Zygomycota sarta Basidiomycota anu henteu baranahan sacara séksual.[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 SM. Widyastuti, Sumardi dan Harjono, 2005. Patologi Hutan. Gadjah Mada University Press : Yogyakarta.
- ↑ Gandjar, I., dkk. 2006. Mikologi Dasar dan Terapan. Yayasan Obor Indonesia : Jakarta.
- ↑ Alexopoulos, C.J., dkk. 1996. Introductory Mycology. John Wiley & Sons : New York.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 Widyastuti, SM., Sumardi, & Harjono. (2005). Patologi Hutan. Gadjah Mada University Press: Yogyakarta. Salah ngutip: Tanda
<ref>tidak sah; nama ":1" didefinisikan berulang dengan isi berbeda - ↑ Gandjar, I., dkk. (2006). Mikologi Dasar dan Terapan. Yayasan Obor Indonesia: Jakarta.
- ↑ Alexopoulos, C.J., dkk. (1996). Introductory Mycology. John Wiley & Sons: New York.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |