Lompat ke isi

Taneuh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Struktur taneuh

Tanah atawa taneuh nyaéta daging buleudan bumi nu geus tiis sarta bisa dipelakan.[1] Taneuh asalna tina lapukna sagala rupa batu anu kajadiana dilantarankeun ku suhu, cai, tutuwuhan sarta bahan kimia.[2] Taneuh pohara penting lalakonna pikeun kabéh kahirupan di bumi alatan taneuh ngarojong kahirupan tutuwuhan kalayan nyadiakeun hara sarta cai sakaligus minangka nu nahan akar.[3] Struktur taneuh anu berongga-rongga ogé jadi tempat anu alus pikeun akar hirup sarta tumuwuh.[3] Taneuh ogé jadi tempat hirup sagala rupa mikroorganisme.[3] Pikeun lolobana sato darat, taneuh jadi lahan pikeun hirup sarta usikna.[3] Ditilik tina sisi klimatologi, taneuh nyekel lalakon penting minangka tempat neundeun cai sarta narékahan érosi, sanajan taneuh sorangan ogé bisa kaérosi.[3][4]

Susunan Taneuh

[édit | édit sumber]

Taneuh kasusun tina sababaraha lapisan. Bagéan-bagéan taneuh unggal lapisan pasti béda-béda.[2] Bébédaan éta dilantarankeun ku bahan-bahan anu aya di jero taneuh téh teu sarua eusina.[2] Lapisan taneuh bisa dipasing-pasing saperti ieu di handap:[2]

  • Taneuh Lapisan Luhur, taneuh lapisan luhur biasana warnana kolot rada hideung.[2] Taneuh lapisan luhur bisa disebut leuwih gembur jeung subur.[2] Taneuh nu subur ieu lantaran lobana kandungan unsur humus jeung sagala rupa jasad hirup.[2] Taneuh ieu cocok pikeun kahirupan tutuwuhan.[2]
  • Taneuh Lapisan Handap, warna taneuh lapisan handap biasana leuwih ngora tibatan lapisan luhur.[2] Taneuh ieu bisa disebut kurang subur sabab ngandung unsur humus nu saeutik jeung jarang dicicingan ku jasad hirup.[2]
  • Lapisan Bahan Induk, bahan induk taneuh warnana rada kabeureum-beureuman.[2] Taneuh lapisan luhur jeung lapisan handap asalna tina lapisan induk ieu.[2]
  • Lapisan Batuan Induk, batuan induk ieu mangrupa susunan panghandapna tina lapisan-lapisan di luhur.[2]

Taneuh dina kanyataanna teu ngan saukur kasusun ku bungkeuleukan taneuh hungkul tapi ogé kasusun ku sababaraha hal anu saéstuna bisa jadi kauntungan keur kahirupan manusa sarta alam sakurilingna.[2] Susunan lain anu aya dina taneuh nyaéta saperti: humus, lempung, geluh, keusik, jeung batu leutik.[2] Iwal ti éta, taneuh ogé dijadikeun tempat cicing ku sababaraha ékosistem anu bisa nyieun taneuh leuwih subur saperti: cacing, mikroba jeung sasatoan leutik séjénna.[2][4]


Rupa-rupa Taneuh

[édit | édit sumber]

Indonésia nyaéta nagara kapuloan jeung daratan anu lega kalayan jenis taneuh anu béda-béda.[5] Di handap ieu nyaéta jenis-jenis taneuh anu aya di Indonésia :

Taneuh Humus nyaéta taneuh anu pohara subur, kawangun tina lapukan daun sarta watang tangkal nu aya di leuweung hujan tropis anu leubeut.[5]

Taneuh Keusik nyaéta taneuh anu goréng pikeun tatanén, anu kawangun tina batuan beku sarta batuan sedimen anu ngabogaan butir garihal sarta berkerikil.[5]

Taneuh aluvial nyaéta taneuh anu dijieun tina leutak walungan anu namper di dataran pendék anu ngabogaan sipat taneuh anu subur sarta cocok pikeun lahan tatanén.[5]

Taneuh Podzolit nyaéta taneuh subur anu umumna aya di pegunungan kalayan curah hujan anu luhur sarta miboga suhu anu pendék / tiis.[5]

Taneuh Vulkanis nyaéta taneuh anu kabentuk ti lapukan materi gunung anu bitu, seuneuan anu subur ngandung zat hara anu luhur.[5] Jenis taneuh vulkanik aya di kira-kira lamping gunung anu aktip.[5]

Taneuh Laterit nyaéta taneuh henteu subur anu tadina subur sarta beunghar ngeunaan unsur hara, tapi unsur hara kasebut leungit alatan dibawa ku cai hujan anu luhur.[5] Conto: Kalimantan Kulon sarta Lampung.[5]

Taneuh mediteran nyaéta taneuh sipatna henteu subur anu kabentuk tina pelapukan batuan anu kapur.[5] Conto: Nusa Tenggara, Maluku, Jawa Tengah sarta Jawa Wétan.[5]

Taneuh organosol nyaéta jenis taneuh anu kurang subur pikeun tatanén anu mangrupa hasil jieunan pelapukan tumbuhan ranca.[5] Conto: ranca Kalimantan, Papua sarta Sumatera.[5][4]

Upaya Nyuburkeun Taneuh

[édit | édit sumber]

Aya sababaraha cara pikeun nyuburkeun taneuh.[2] salah sahijina nyaéta ku cara méré pupuk boh keur kaperluan manusa boh keur lingkungan hirup. Pupuk bisa dipasing-pasing saperti ieu di handap:[2]

  • Pupuk Kandang, nyaéta pupuk anu asalna tina kokotor sasatoan. Contona tina kokotor munding, sapi, embé jeung sajabana.[2]
  • Pupuk Kompos, nyaéta pupuk nu asalna tina runtah jeung dangdaunan anu ngahaja sina buruk di jero taneuh.[2]
  • Pupuk Héjo, nyaéta pupuk nu asalna tina sésa tutuwuhan héjo, misalna kalakay atawa ranting.[2]
  • Pupuk Jieunan, nyaéta pupuk anu dijieun di pabrik-pabrik pupuk, misalna: Uréa, ZA, NPK, TSP, jeung sajabana.[2] Pupuk jieunan gaduh prosedur anu tepat kanu dianggo ku sabab tiasa ngaruh nilai pH taneuh, khususna pupuk NPK (Nitrogen, Pospor, Kalium). Biasana alat anu dianggo pikeun ngontrol pH taneuh disebut pH meter tanah.

Érosi nyaéta kajadian anu dilantarankeun ku lobana cai jeung angin tapi taneuh aya dina kaayaan dugul atawa teu dipelakan ku tutuwuhan.[2] Érosi ngabalukarkeun palidna unsur taneuh saperti humus anu ngabalukarkeun taneuh hésé keur dipelakan tutuwuhan.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. R.A Danadibrata.2006. Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Murniati, Hetty.2008.RIPA.Magelang:Tidar Ilmu.
  3. a b c d e (id)tanah di indonesia (diaksés tanggal 14 November 2011)
  4. a b c Idianto, Mu'in; MK (2012). Rupa-rupa taneuh Pengetahuan Sosial Geografi 2. Jakarta: Grasindo. p. 35. ISBN 9789797326302. 
  5. a b c d e f g h i j k l m (id)jenis tanah di indonesia[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 14 November 2011)