Jagong

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Jagong
Jagong
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiosperms
(unranked): Monocots
(unranked): Commelinids
Order: Poales
Kulawarga: Poaceae
Génus: Zea
Spésiés: Z. mays
Ngaran binomial
Zea mays ssp. mays
L.

Jagong(Ind: Jagung; latin: Zea mays) nyaéta tutuwuhan anu ngandung siki, daunna sok dipaké maraban ingon-ingon, buahna anu gora dijieun lalab atawa sayur, buahna nu geus garing ogé bisa diawétkeun jadi emping. Jagong anu anyar dipetik biasana dikulub atawa dibeuleum, bisa ogé diseupankeun sarua jeung sangu atawa dicampurkeun jeung sangu (sangu jagong). [1] Dumasar timuan génetik, antropologi, jeung arkéologi kanyahoan yén jagong téh asalna ti Amérika Tengah ([[Méksiko bagian kidul). Budidaya jagong geus dilakonan di ieu daérah ti 10.000 katukang, tuluy téknologi ieu téh dibawa ka Amerika Kidul (Ekuador) kurang leuwih 7000 taun ka tukang, sarta nepi ka wewengkon pagunungan di kiduleun Péru 4.000 taun ka tukang. [2]

Morfologi[édit | édit sumber]

Daun[édit | édit sumber]

Daun jagong kagolongkeun daun sampurna, daun jagong warnana héjo ngora keur masih némbongkeun dauna jeung héjo kolot pas keur sawawa jeung konéng lamun geus kolot, tulang daun jeung indung tulang daun sajajar jeung daun dina jagong aya anu lemes weuh buluan jeung aya ogé anu kasar buluan.[3]

Batang[édit | édit sumber]

Batang jagong tegak lempeng jeung panceg, batang jagong kasusun tina buku-buku jeung di satiap palapah dibungkus ku daun anu kaluar waé dina unggal bukuna, ngan batang jagong henteu loba ngandung lignin, alatan batangna angger panceg lempeng.[3]

Akar[édit | édit sumber]

jagong ngabogaan akar serabut anu nepika jero antara 8 m, sanajan kitu, rata-rata akar jagong ngan saukur aya dina 2 m, salian serabut, akar adventif ogé bakal kaluar minangka tutuwuhan jagong geus kolot jeung boga fungsi pikeun ngabantuan mancegkeun batang jagong.[3]

Kembang[édit | édit sumber]

Kembang lalaki jeung bikang dina jagong papisah, kukituna, panyerbukan dina jagong butuh dibantu ku angin, serangga nepi ka ku manusa.[3] unggal kembang lalaki jeung bikang jagong kudu dikawinkeun dibantuan ku alam (sacara alami) atawa dibantuan ku manusa, kembang lalaki aya dina tungtung tongkol tina jagong.[3]

Buah[édit | édit sumber]

Buah jagong warnana konéng ngora dina mangsa saacan kolot atawa bodas susu dina kaayaan ngawangun, unggal batang jagong boga sehenteuna 1 tongkol jagong, sanajan ayeuna aya pamekaran panaékan mutu jagong jenis hibrida tapi umumna ungal batang ngan boga hiji tongkol, jeung pas buah jagong nincak ka kolot bakal robah bentuk jadi kakonéngan.[3]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Ajip Rosidi, dkk (2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. ilikan http://news.nationalgeographic.com/news/2006/03/0302_060302_peru_corn.html disalin tanggal 17 Agustus 2011
  3. a b c d e f (id)Klasifikasi dan Morfologi Jagung diakses 2 Agustus 2015


Nulis.jpg