Lompat ke isi

Gegeremet

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Serangga)
Gegeremet, insékta
Nyiruan (ordo Hymenoptera)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Subfilum:
Kelas:
Gegeremet

Linnaeus, 1758
Kelas & Ordo

Baca taksonomi

Laleur

Gegeremet, insék, atawa insékta (basa Indonésia:serangga) nyaéta hiji kelas sato invertebrata, takson anu paling lega ambahanana (di darat) ti filum Artropoda. Insék ngawengku panglobana rupa sato di Bumi, kira aya 925.000 spésiés nu geus digambarkeun — leuwih ti gabungan golongan sato lian.

Aya kira lima rébu spésiés papatong, dua rébu congcorang, 20.000 simeut, 170.000 kukupu jeung ngenget, 120.000 laleur, 82.000 kutu, 350.000 éngang, sarta 110.000 nyiruan jeung sireum. Hasil ngira-ngira mah, kaasup nu can kacatet sacara ilmiah, jumlah spésiésna téh bisa nepi ka 30 juta. Ulikan ilmiah ngeunaan insékta disebut éntomologi.

Hubungan jeung artropoda lianna

[édit | édit sumber]
Congcorang

Golongan sato nu sarupa dedeganana jeung insékta, modél (Collembola), dihijikeun jeung insékta dina Subfilum Héksapoda. Tapi ka dieunakeun ieu subfilum téh teu ngawengku Collembola, sabab sigana boga asal-usul nu béda. Jadi, dulur nu deukeut jeung insékta mah anggota Entognatha nu lianna: Protura jeung Diplura. Nu bener-bener insékta (nyaéta spésiés-spésiés nu kaasup kelas Insékta) dibédakeun ti artropoda lianna ku ayana ectognathous, sungut nu nembrak jeung sawelas buku/ruas abdominal. Sungutna ieu ogé nu nyababkeun golongan ieu disebut Ectognatha. Spésiés-spésiés insékta lolobana jangjangan, mun geus sawawa. Artropoda terestrial samodél lipan, titinggi, kalajengking, jeung lancah, sakapeung sok disaruakeun jeung insékta, alatan awakna sarupa sarta boga rangka luar (éksoskeleton).

Morfologi jeung kamekaran

[édit | édit sumber]
Anatomi insékta
A- Hulu   B- Toraks (dada)   C- Abdomén (beuteung)
1. anténeu
2. ocelli (handap)
3. ocelli (luhur)
4. panon majemuk
5. uteuk (cerebral ganglia)
6. protoraks
7. arteri dorsal
8. solobong trahéa (trunk with spiracle)
9. mésotoraks
10. métathoraks
11. jangjang kahiji
12. jangjang kadua
13. peujit tengah (burih)
14. jantung
15. ovarium
16. peujit tungtung (peujit, réktum & bool)
17. bool
18. heunceut
19. urat saraf (abdominal ganglia)
20. Solobong Malpighian
21. bantal
22. kuku
23. tarsus
24. tibia
25. femur
26. trochanter
27. peujit hareup (crop, gizzard)
28. thoracic ganglion
29. coxa
30. kelenjar ciduh
31. subesophagéal ganglion
32. sungut

Ukuran insékta téh rupa-rupa, ti nu ukur samiliméter nepi ka nu leuwih ti 18 cm. Awakna ruruasan nu dirojong ku éksoskeleton, cangkang nu teuas nu utamana diwangun ku kitin. Awakna dibagi kana tilu bagian: hulu, dada/toraks, jeung beuteung/abdomén. Dina huluna aya anténeu sénsor, sapasang panon majemuk, jeung sungut. Dina dadana aya genep suku (sapasang dina unggal ruasna) jeung jangjang (mun aya). Beuteungna, nu diwangun ku sawelas ruas, mibanda struktur pikeun ékskrési jeung baranahan.

Sistim sarafna dibagi kana uteuk jeung urat saraf véntral. Luyu jeung kapsul hulu nu diwangun ku genep ruas awak anterior, anatomi uteuk insékta ogé ngandung genep pasang ganglia. Tilu pasang nu kahiji ngagabung dina uteuk, sedengkeun tilu pasang nu séjénna ngagabung kana struktur nu disebut subesophageal ganglion. Susunan kieu ogé aya dina dada nepi ka abdomén, iwal yén dina abdomén mah pasangan gangliana téh ukur aya dina dalapan ruas nu di hareup. Loba di antara spésiés-spésiés insékta nu ngurangan jumlah ganglionna ku ngagabungkeun sababaraha ganglion abdominal atawa ngagabungkeun nu na abdomén jeung nu na dada. Misalna cucunguk, na abdoménna téh ukur aya genep ganglion. Ogé dina laleur, ganglion awakna téh digabungkeun jeung ganglion dada.

Insékta mibanda sistim cerna nu lengkep, dina harti boga solobong nu nyambung ti sungut nepi ka bool. Sistim éksrésina ngawengku tubula Malpighi pikeun miceun runtah nu ngandung nitrogén sarta 'peujit tukang' (hindgut) pikeun osmorégulasi. Dina tungtung peujit tukang, insékta bisa nyerep deui cai sarta ion-ion kalium jeung natrium. Ku kituna, insékta mah tara ngaluarkeun cai bareng jeung taina. Prosés nyerap ulang ieu jadi 'bekel' insékta sangkan bisa hirup di lingkungan nu panas tur garing.

Insékta mah lolobana boga dua pasang jangjang nu perenahna dina buku toraks/dada kadua jeung katilu. Mun tina jihat téori évolusi mah, kelompok sato ieu téh mangrupa hiji-hijina kelompok invertebrata nu jangjangan, antukna kacatet salaku kelompok sato nu bisa salamet nepi ka kiwari. Insékta jangjangan jeung dulurna nu teu jangjangan ngahiji dina subkelas Pterygota. Cara hiber insékta can pati kateuleuman. Insékta nu leuwih maju, nyaéta nu kaasup Neoptera, sacara umum, jangjangna téh bosa ditilepkeun dina tonggongna, antukna teu ngaganggu gerakna nalika teu hiber. Dina insékta kitu, jangjangna ieu diatur ku otot hiber-teu langsung ku jalan neken pinding toraks. Otot ieu bisa kontraksi tanpa impuls saraf, antukna jangjangna bisa gerak gancang pisan.

Rorongkong luar insékta nu disebut kutikula/kutikel diwangun ku dua lapisan: (1) épikutikel nu mangrupa lapisan luar nu ipis tur ngandung lilin antukna teu tembus cai, teu ngandung kitin jeung (2) lapisan handapeunana nu disebut prokutikel nu ngandung kitin sarta leuwih kandel batan lapisan luar. Lapisan jero ieu bisa dibagi deui kana dua lapisan: éksokutikel jeung éndokutikel. Éndokutikel ieu weweg tapi ngenyod kawas nu diwangun ku sababaraha lapis, ngandung serat kitin jeung protéin nu disusun silih timpah silang.

Insékta ngagunakeun réspirasi trahéal pikeun ngakut oksigén ka sakujur awakna. Lawang na awakna disebut spirakel nu nyambung ke sistim trahéal tubular. Udara nepi ka jaringan jero ngaliwatan sistim ieu. Moal leuwih ti sapasang spirakel per ruasna, sarta moal leuwih ti dua pasang spirakel dina toraksna (mésotoraks jeung métatoraks), atawa leuwih ti dalapan pasang dina abdoménna (dalapan ruas nu mimiti).

Aya watesan pikeun tekenan anu bisa ditahan ku tabung trachéa tanpa nepi ka peupeus, ieu nu jadi salah sahiji alesan ukuran gegeremet laleutik. Spirakel téh dilengkepan ku kelép/katup nu diatur ku otot, antukna bisa ditutup nalika perlu (misalna keur na cai atawa ngurangan kalembaban). Pikeun ngahalangan kebul jeung partikel lianna, spirakel téh dilengkepan ku bulu nu bisa nyaring éta gangguan.

Aya sababaraha spésiés insékta, kayaning anggota Chironomidae, nu ngandung pigmén résporatori kawas hémoglobin dina hambalan bilatungna. Dina insékta sarupa kitu mah trahéana téh leutik sabab awakna bisa nyerep oksigén langsung tina cai, antukna bisa hirup dina jero leutak nu kandungan oksigénna saeutik pisan. Tilu pasang spirakel na kutu cai dibungkus ku mémbran nu sénsitip tekenan, sarupa jeung cara gawé jero ceuli manusa.

Paripolah

[édit | édit sumber]
Laleur kairut ku cahya

Insékta mah loba nu mibanda organ pangrasa. Dina sababaraha kasus mah, malah, leuwih onjoy batan manusa. Pikeun conto, nyiruan bisa nempo spéktrum ultrabungur, sedengkeun ngenget jalu bisa 'ngambeu' féromon bikangna nu anggangna sababaraha kilo.

Insékta ogé loba nu bisa ngitung, di antarana wasp (aya nu uninga Sundana?), nu nempatkeun endog-endogna masing-masing dina hiji sél katut sababaraha hileud pikeun parabna mun geus megar. Aya nu nyadiakeun lima, sawelas, atawa dua puluh opat hileud per sél, gumantung ka spésiés jeung jenis kelaminna (nu jalu awakna leuwih leutik batan nu bikang, jadi hileud nu disadiakeun ogé leuwih saeutik).

Insékta sosial, kayaning sireum jeung nyiruan, mangrupa sato spésiés eusosial nu paling dipikawanoh ku manusa. Insékta-insékta éta nyayang hirup dina koloni nu diatur kalawan ketat, antukna kadang dianggap superorganisme.

Peran di lingkungan jeung kahirupan manusa

[édit | édit sumber]
Aedes aegypti, parasit véktor demam berdarah jeung panyakit konéng.

Insékta loba nu dianggap hama ku manusa, utamana salaku parasit (reungit, kutu, tumbila), népakeun panyakit (reungit, laleur), ngaruksak wangunan (rinyuh), atawa ngaruksak pepelakan (bejog atawa simeut badag). Para éntomologis dina hal ieu sok boga peran, boh maké inséktisida atawa métode biokontrol.

Najan insékta téh lolobana mah dianggap hama, sabenerna mah loba ogé insékta nu penting ajénna pikeun lingkungan jeung manusa. Di antarana baé insékta nu ngabantu penyerbukan tutuwuhan kembangan (misalna wasp, nyiruan, kukupu, sireum). Hubungan ieu sipatna mutualusme, silih untungkeun: insékta nyeuseup sari kembang, sedengkeun tutuwuhanana kabantu dina penyerbukan kembangna. Masalah lingkungan jaman kiwari téh justru di dieu pisan, yén insékta nu bisa ngabantu penyerbukan populasina beuki ngurangan.

Taksonomi

[édit | édit sumber]
Numutkeun téorina, évolusi téh ngahasilkeun rupa-rupa insékta. Gambar ieu nunjukkeun sababaraha kamungkinan bentuk anténeu insékta.

Subkelas: Apterygota

Ordo

Subkelas: Pterygota

Ordo
Ordo
Polyneoptera
Orthopteroidea
Dictyoptera
Paraneoptera
Ordo
Neuropteroidea
Mecopteroidea
Amphiesmenoptera
Incertae sedis

Évolusi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: évolusi insékta.

Nepi ka kiwari, hubungan antara insékta jeung bangsa sato séjén téh masih can écés. Najan sacara tradisional disakelompokkeun jeung titinggi sarta lipan, bukti nu némbongan mah malah nunjukkeun yén insékta mah leuwih deukeut hubungan évolusionérna jeung crustacéan. Numutkeun téori Pancrustacea, insékta jeung Remipedia sarta Malacostraca téh ngabentuk clade alami.

Catetan fosil nunjukkeun yén insékta dumadakan mucunghul munggaran dina awal périodeu Carboniferous Ahir, Yuga Bashkirian Awal, kira 350 juta taun ka tukang. Dina mangsa éta, tétéla spésiés insékta téh geus rupa-rupa. Catetan fosil gé nunjukkeun yén harita téh geus aya leuwih ti satengah losin ordo. Ku kituna, insékta munggaran téh meureun mucunghulna dina périodeu Carboniferous nu leuwih awal, atawa dina périodeu Devonian saméméhna.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Insect, Wikipédia édisi basa Inggris (8 Maret 2006)
  • Triplehorn, Charles A. & Norman F. Johnson (2005). Borror and DeLong's Introduction to the Study of Insects (éd. ka-7 ed.). Thomas Brooks/Cole. ISBN 0-03-096835-6.  — pustaka buhun di Amérika Kalér
  • Grimaldi, David and Michael S. Engel (2005-05-16). Evolution of the Insects. Cambridge University Press. ISBN 0-521-82149-5.  — dadaran mutahir ngeunaan sajarah évolusionér insékta

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]