Éngang
| Éngang | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | [[]] |
Éngang; basa Inggris wasp nyaéta gegeremet nu asalna tina kulawarga Vespidae.[1] Éngang kapanggih hirup méh di sakuliah dunya di Jepang disebutna hachi (雀蜂);, sayang na bisa ngagantung dina tangkal aya ogé sayangna nu dijieun di jero tangkal, kasohor sok nyeureud mun seug diganggu. [1] [2]
Pedaran
[édit | édit sumber]Éngang hirup babarengan, dina sa koloni bisa aya kana puluhan éngang malahan aya nu nepika 1000 éngang dina sa sayang (tawon frelon).[3] Sanajang kahirupan éngang henteu dina ancaman tumpur, tapi sababaraha éngang kiwari mimiti dijaga kahirupanna sangkan teu pinanggih jeung tumpur (punah) saperti éngang frelon nu aya di Finlandia.[3] Sayang engang dijieun tina bubuk tangkal kai nu digayem heula nepika bubuk kawas bubur, tuluy ditapel-tapel saeutik-saeutik nepika ngawangun sayang nu gedé ngagantung kawas korang. [4]
Di nagara nu mibanda usum salju, éngang jalu nu tugasna nyieun sayang paéh saméméh usum salju datang.[3] Sedengkeun éngan nu bikangna ngalakukeun hibernasi/saré panjang ngaliwatan usum salju engké di mana usum panas hirup deui atawa hudang tur ngumpul jeung éngang sejen.[3] Usum begér éngang ilahar dina panungtungan usum halodo atawa bulan Mei nepika Oktober, Éngang bikang bakal ngendog dina sayang nu dijieuna.[3] Endogna baris megar dina 5 poé, tuluy bijil anak éngang nu disebut larva nu bakal jadi éngang déwasa dina waktu opat minggu.[3] Kadaharan Éngang déwasa tayalian ti amis-amis nu aya dina kembang (nektar), agé amis-amis nu dihasilkeun tina bungbuahan nu geus asak, sakapeung ogé ngakan geutah tatangkalan.[3]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Éngang mibanda sapasang jangjang kénca katuhu, béda pisan jeung nyiruan sanajan pangawakana sarimbag. [4] Mun pareng nyeureud pamatilna henteu tinggaleun dina tempat nu diseured, henteu kawas nyiruan panyeureudna sok coplok dina tempat nudiseureudna. [4] Pangawakanna nu kawilang leutik timimiti nu panjang 2 cm nepika nu panggedéna 2.5 cm (frelon) Jangjangna aya dua pasang, cangkéngna leutik tur panjang.[3]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 Rigg, Jonathan (1862), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, hlm. 114 ; ;
- ↑ Wasps Everyhting About.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 Hariyanti, Rosana (2007), Atlas binatang: Aves dan Invertebrata, Solo: Tiga Serangkai, hlm. 66 - 667, ISBN 9789793307961 ; ;
- 1 2 3 Hariyanti, Rosana (2007), Atlas binatang: Aves dan Invertebrata, Universitas Harvard: Tiga serangkai, hlm. 114, ISBN 9789793307961 ; ;
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |