Nyiruan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nyiruan
Nyiruan biasa ti Eropa, Vespula vulgaris
Nyiruan biasa ti Eropa, Vespula vulgaris
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Subordo

Apocrita

Nyiruan nyaéta sato nu bisa ngapung nu gampang dipikanyaho sabab dipikawanoh sok nyeureud lamun diganggu jeung warnana nu katempo pisan. Nyiruan kaasup ka ordo Hymenoptera anggotana ogé nyaéta sireum jeung odéng. Nyiruan sakapeung sok ditapsirkeun salaku odéng ku jalma réa.[1]

Di dunya ieu aya 75.000 spesies nyiruan nu geus dipikanyaho ku jalma jeung sabagéan badag ti éta hirup salaku parasit nu nyimpen endogna di awak sato séjénna.[2] Nyiruan bisa kapanggih disakuliah dunya, iwal ti daérah nu panas teuing jeung tiris teuing.

Morfologi[édit | édit sumber]

Anatomi[édit | édit sumber]

Anatomi ti nyiruan jakét konéng (Yellowjacket wasp).

Nyiruan jeung anggota Hymenoptera séjénna boga awak nu gampang dipikanyaho dibandingkeun jeung kelas insékta séjénna. Awakna kabagi jadi 3 bagéan utama nyaéta: hulu, thorax, jeung abdomén (sababaraha literatur séjénna nyebutkeun kawengku ku hulu, mesosoma sanajan maksudna sarua). Ciri has ti anggota Hymenoptera kaasup nyiruan nyaéta cangkéngna nu leutik pikeun ngahubungkeun bagéan dada jeung beuteungna (iwal ti laleur ragaji famili Tenthrenidae) nepi ka awakna bisa nilep kalawan gampang. Sababaraha rupa nyiruan upamana nyiruan sayang leutak ti famili Spechidae nepi ka boga ruas cangkéng nu panjang.[1]

Di hulu nyiruan aya sapasang panon majemuk, nyaéta panon ti kumpulan lénsa panon nu leuwih leutik. Iwal sapasang panon majemuk tadi, nyiruan ogé mibanda 3 siki oselus (panon sederhana) dipuncak huluna. Oselus teu dipaké keur nempo, tapi keur ngadetéksi inténsitas (cahya) di sakurilingna nepi ka nyiruan bisa nyaho iraha kudu ngamimitian jeung mungkas aktivitasna.[3] Nyiruan ogé boga sapasang rahang handap (mandibula) nu bisa digunakeun keur sababaraha aktivitas saperti ngajepit benda, nyabut serat kai, jeung nepi ka keur maéhan insékta séjénna. Bagéan séjén nu aya di hulu nyiruan nyaéta sapasang antena nu ngabuku-buku keur ngadetéksi rangsangan kimia.[1]

Sakabéh nyiruan mibanda jangjang (iwal nyiruan bikang ti famili Mutilidae[1]) warnana transparan. Jangjang ieu jumlahna 2 pasang jeung gerakna saragem lamun jangjang hareup naék, jangjang tukangna milu naék. Nyiruan pinter pisan ngapung di luhur sabab nalika ngapung, nyiruan bisa ngalakukeun sababarana manuver, saperti ngapung gancang, muter di luhur, jeung ngapung mundur. Nyiruan umumna ngapung kalawan ngalipet sukuna, iwal ti éta sababaraha rupa nyiruan séjénna misalna nyiruan kertas nu sukuna ngagantung teu ngalipet nalika ngapung.[4]

Seureud[édit | édit sumber]

Nyiruan ikneumon ngagunakeun ovipositorna keur ngebor kai.

Nyiruan mibanda seureud di tungtung abdomenna. Ngan nyiruan bikang nu mibanda seureud, sedengkeun nyiruan jalu teu mibanda seureud. Seureud nyiruan sabenerna nyaéta sarupaning saluran nu aya patalina jeung kelenjar bisa. Nyiruan ngagunakeun seureudna keur ngalumpuhkeun korbanna jeung mertahankeun dirina.[2]

Sababaraha ragem nyiruan nu kamodifikasi jadi saluran nu nyalurkeun endog nu disebur ovipositor. Nyiruan bisa maké seureudna keur endogan nalika tabung seureudna nu kahubung jeung kantong endog. Ukuran ovipositor sorangan beragem jeung sababaraha nyiruan, ovipositor bisa leuwih panjang ti awakna. Ovipositor di sababaraha nyiruan misalna kacida kuat sabab dipikanyaho bisa nembus lapisan kai.[5]

Métamorfosis[édit | édit sumber]

Nyiruan saperti anggota Hymenoptera séjénna bisa métamorfosis sampurna nu artina nyiruan ngajalanan 4 tahap dina tumuwuhna; endog, larva, kepompong, jeung déwasa. Larva nyiruan umumna teu mibanda panon, suku, jeung rahang keur ngagayem nepi ka bisa dahar, nyiruan gumantung ka indungna nu nyimpenna nalika masih jadi endog di deukeut dahareunna. Larva nyiruan nu gedé bakal ngalaman ganti kulit sababaraha kali nepi ka jadi kepompong. Kepompong nyiruan biasana mirip jeung nyiruan dewasa, mung warnana pucet. Nyiruan nu geus ngajalanan fase kepompong tukuy bakal kaluar ti kepompongna, tuluy nungguan sakeudeung nepi ka jangjangna garing sateuacan bisa dipaké keur ngapung.[6]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Johnson, Jimy. 1997. "Ensiklopedia Anak-Anak: Dunia Serangga dan Laba-Laba 3". Jakarta: PT Elex Media Komputindo, hal. 20-21.
  2. a b Wasps Everyhting About.
  3. Time Life. 1996. "Hamparan Dunia Ilmu Time Life: Dunia Serangga". Jakarta: PT Tira Pustaka, hal. 22-23.
  4. Nanao, Jun, Hidetomo Oda, & Hidekazu Kubo. 1996. "Seri Misteri Alam 52: Tawon Kertas". Jakarta: PT Elex Media Komputindo.
  5. Time Life. 1996. "Hamparan Dunia Ilmu Time Life: Dunia Serangga". Jakarta: PT Tira Pustaka, hal. 124-125.
  6. Oda, Hidetomo & Hiroshi Ogawa. 1996. "Seri Misteri Alam 29: Tawon dan Lebah". Jakarta: PT Elex Media Komputindo, hal.10-15