Lompat ke isi

Reungit

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.
Reungit
Anopheles gambiae
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Subordo:
Kulawarga:
Culicidae
Genera

Baca di handap.

Reungit nyaéta anggota kulawarga Culicidae; serangga nu boga sapasang jangjang nu bisa nilep, sapasang halter, awakna langsing manjang, sarta suku nu paranjang. Nu bikang ti lolobana spésiés reungit nyeuseup getih ti sato séjén, kaasup manusa. Ukuranna rupa-rupa, tapi ilaharna mah tara leuwih ti 15 mm (0,6 inci). Beuratna ukur 2-2,5 mg. Hiberna bisa nepi ka 1,5-2,5 km/jam, sarta lolobana hirup peuting.

Famili Culicidae kaasup ordo Diptera, ngawengku 3500-an spésiés dina tilu subfamili: Anophelinae (3 genera), Culicinae (9 genera; leuwih ti 80%-na ti sakabéh spésiés), jeung Toxorhynchitinae (1 genus). Generana ngawengku Anopheles, Culex, Psorophora, Ochlerotatus, Aedes, Sabethes, Wyeomyia, Culiseta, jeung Haemagoggus. Dina famili Anophelinae aya genep subgenera: Stethomyia, Lophopodomyia, Kerteszia, Nyssorhynchus (kabéhanana ti Amérika Kidul), Cellia (Dunya Buhun wungkul), jeung Anopheles (sakuliah dunya).

Reungit nu sok nyesep getih téh nu bikang, sedengkeun nu jalu mah kana mamaduan. Malah Toxorhynchites mah teu nyesep getih, sabab kabeukina téh ngahakanan reungit lianna. Tapak nyoco reungit ilaharna aya kénéh nepi ka itungan jam, dina bentuk titik beureum jeung béntol nu diaméterna kira sasénti. Tah, sumebarna panyakit kayaning malaria jeung virus Nil Kulon (West Nile Virus) téh nalika reungit nyoco. Ku kituna, pikeun ngontrol populasina, pamaréntah lokal biasana mah ngampanyeukeun ka masarakat sangkan miceunan wadah-wadah/runtah nu bisa nampung cai, ngagunakeun péstisida, jeung bahan organik lianna.

Aedes aegypti keur nyoco manusa

Biologi

[édit | édit sumber]

Reungit bikang lolobana boga bagian sungut nu ngabentuk tulalé pikeun nojos kulit mamalia (ogé kadang nyoco manuk, réptil, jeung ampibi) nalika nyedot getihna. Sabalikna ti jarum nu lemes, tulalé reungit mah rérégéan nu ngurangan titik antel jeung kulit nu keur ditojos — maksudna sangkan ngurangan rangsangan sarap sangkan nalika dicoco téh teu karasa (baca bab Reungit jeung kaséhatan di handap pikeun dadaran ngeunaan béntolna). Pikeun kamekaran endogna, reungit bikang butuh protéin. ku sabab normalna mah reungit téh ukur dahar sari kembang/madu jeung cairan bungbuahan nu teu ngandung protéin, mangka reungit bikang butuh getih pikeun nyumponan pangabutuh protéinna.

Reungit nu ngalaman métamorposis lengkep, ngaliwatan opat hambalan dina hirupna: endog, jentik, pupa, jeung sawawa — hiji prosés nu digambarkeun ku filsuf Yunani Aristotel. Lilana tilu hambalan nu awal gumantung ka suhu jeung spésiésna. Culex tarsalis bisa ngaréngsékeun siklus hirupna dina jangka 14 poé dina 20 °C sarta ukur sapuluh poé dina 25 °C. Pikeun spésiés lianna, daur hirup téh lilana antara opat poé nepi ka sabulan. Larvana taya lian ti jentik nu sok kapanggih dina cai; ngarénghap nyeuseup oksigén atmospir ngaliwatan sipon/solobong dina tungtung buntutna. Pupa-na méh sarua jeung jentik, tapi ngarénghapna ngaliwatan "tanduk" dada nu napel dina spirakel dadana. Kahakanan jentik lolobana mangrupa mikroorganisme, tapi aya ogé nu ngamangsa jentik lianna.

Jentik (larva) reungit

Reungit di wewengkon nontropis mah ngaliwatan mangsa tiris dina hambalan endog, najan aya ogé nu dina hambalan jentik atawa sawawa. Reungit genus Culex (véktor kasakit énsefalitis St. Louis) ngaliwatan mangsa tiris salaku bikang nu geus jalangan.

Reungit bikang ti spésiés nu sok nyeuseup getih nangtukeun mangsana ngandelkeun pangambeuna, utamana sénsitip kana karbon dioksida nu ditiupkeun tina engapan sarta sababaraha zat nu aya dina késang. Studi émpirik ngeunaan ieu nunjukkeun yén résiko dicoco téh nuturkeun sebaran binomial négatip. Lalaki/jalu nu lintuh, sarta boga golongan getih "O" mangrupa mangsa utama panyoco reungit. Reungit bisa nyusud panas, antukna bisa manggihan mamalia getih haneut jeung manuk kalawan gampang (mun geus deukeut).

Reungit jeung kaséhatan

[édit | édit sumber]

Di AS, dicoco reungit téh kaitung ukur gangguan. Tapi, umumna di sakuliah dunya mah, komo di wewengkon tropis, reungit téh mangrupa masalah kaséhatan umum anu utama. Reungit téh népakeun panyakit dina itungan 700 juta unggal taunna, nu ngabalukarkeun palastrana hiji ti 17 urang [1] Archived 2009-03-06 di Wayback Machine.

Genus reungit anopheles mawa parasit malaria (baca Plasmodium falciparum) nu ngabalukarkeun mortalitas prématur, utamana barudak balita, nu sataunna nepi ka 1,3 juta urang palastra. lolobana spésiés reungit bisa mawa cacing filariasis; parasit ieu ngabalukarkeun kasakit kaki gajah (elephantiasis), nu ayeuna ditandangan ku kira 40 jutaan urang. lolobana spésiés reungit bisa mawa kasakit viral muriang konéng, demam berdarah, poliartritis épidemik, énsefalitis, muriang Rift Valley jeung virus Nil Kulon. Virus nu dibawa ku artropoda samodél reungit katelahna arbovirus.

Reungit nyocona dina waktu nu teu tangtu sarta jarang kanyahoan, tapi aya ogé sababaraha spésiés nu nyoco dina wanci-wanci nu tangtu; katémbongna tapak nyoco téh mangrupa balukar tina réaksi imun awak. Nalika nyoco awak manusa, reungit téh nyuntikkeun ciduh jeung anti-koagulan. Pas dicoco munggaran mah awak téh teu méré réaksi, tapi pas nu kadua kali jeung saterusna, sistim imun ngembangkeun antibodi antukna aya inflamasi nu katémbong salaku béntol dina jangka waktu sapoé. Ieu ilaharna kaalaman nalika keur budak. Beuki mindeng dicoco, sénsitivitas urang beuki luhur, antukna béntolna némbongan dina jangka sababaraha menit nalika réspon imun megatkeun saluran getih kapilér sarta ngumpulkeun cairanana handapeun kulit. Jalma sawawa aya nu jadi teu sénsitif antukna mun dicoco reungit euweuh réaksina atawa réaksina saeutik pisan, tapi aya ogé nu jadi hiper-sénsitif antukna nimbulkeun béntol nu badag tur nyeri.

Ngontrol reungit

[édit | édit sumber]

Aya dua cara pikeun ngontrol reungit: (1) program badag nu dikokolakeun pikeun ngurangan populasi reungit nu ngawengku wilayah anu lega, jeung (2) peta individual pikeun ngajaga diri jeung lingkungan dumukna.

Kiwari, program ngontrol reungit dumasar kana prinsip-prinsip integrasi ngokolakeun hama, nu biasana ngawengku sababaraha ukuran, dumasar kana pangaweruh urang ngeunaan daur hirup reungit [2] Archived 2006-02-21 di Wayback Machine:

  • ngurangan sumber - miceunan/ngaleungitkeun habitat baranahan reungit
  • modifikasi habitat - manipulasi habitat pikeun ngahulag baranahan
  • biokontrol - ngawanohkeun prédator reungit alami
  • larvisida - ngagunakeun péstisida pikeun ngurangan populasi jentik
  • adultisida - ngagunakeun péstisida pikeun ngurangan populasi reungit sawawa.

Ngusir reungit

[édit | édit sumber]

Panghulag atawa pangusir (repellant) reungit ilaharna ngandung salah sahiji zat DEET, ekstrak minyak Catnip, nepetalakton, ékstrak minyak sitrunéla atawa ékaliptus. Cara lian nyaéta ku maké kipas/hihid (sabab reungit mah teu resep kaanginan), atawa bahan-bahan nu ngandung alétrin. Aya ogé cenah cara lianna deui, nyaéta ku miara pepelakan anu ngaluarkeun zat nu teu dipikaresep ku reungit, tapi seuk para élmuwan mah jétu sotéh mun daun/bagian tutuwuhanana dibebek antukna kaluar zat kimiana.

Sumber Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Mosquito, Wikipédia édisi basa Inggris (1 Maret 2006)

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]