Lompat ke isi

Madu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Madu sok dipaké pikeun panambah rasa roti jeung rupa-rupa katuangan lianna

Madu mangrupa cairan kentel amis nu dihasilkeun ku nyiruan jeung insékta lianna tina sari kembang (nectar).

Madu téh jauh leuwih amis batan gula, sarta moal bari, ku sabab kandungan gulana anu luhur bisa maéhan baktéri (plasmolisis). Ragi ogé moal bisa tumuwuh dina madu, sabab kalembaban madu handap teuing. Kalembaban madu alami téh kira 14%-18%, nepi ka mun kalembabanana tetep handapeun 18%, moal aya organisme nu bisa baranahan dina madu.

Usaha ngukut nyiruan madu di Indonesia kawilang geus heubeul, sahenteuna geus dileukeunan ti taun 1861 kénéh.[1] Dumasar kana tulisan D. Horst (1816), Belpe (1879), jeung Hoekam (1929) nu mertélakeun ngeunaan téknologi ngingu nyiruan madu di Indonesia.[1] Sajeroeun taun 1918-1930 urang walanda geus bisa ngingu nyiruan di darah Purworejo jeung Purwokerto, ku lantaran ayana perang dunya ka II ieu usaha nyanghareupan kaayaan anu ripuh.[1] Taya lian Drs. Ketut Patra dina taun 1964-1971, mitembeyan deui ngingu nyiruan madu di daérah Bali.[1] Kadieunakeun ngingu nyiruan madu dilaksanakeun dina ukuran usaha gedé perenahna di Jakarta, nu dikokolakeun ku Mastio Apiaris taun 1973 malahan ngalegaan nepika daérah Sukabumi.[1]

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e Lebah Madu (ed. Revisi). 2007. ISBN 9789793084022.