Glukosa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Modél ngeusi ruang molekul glukosa

Glukosa, salasahiji gula monosakarida, nyaéta salasahiji karbohidrat pangpentingna nu dipaké salaku sumber tanaga pikeun sato jeung tutuwuhan. Glukosa mangrupakeun salasahiji hasil utama fotosintésis jeung modal pikeun réspirasi sélular. Bentuk alami (D-glukosa) disebut ogé dékstrosa, utamana mun di industri pangan.

Molekul glukosa[édit | sunting sumber]

Gambaran proyéksi Haworth struktur glukosa (α-D-glukopiranosa)

Glukosa (C6H12O6, beurat molekul 180.18) kaasup héxosa—monosakarida nu ngandung genep atom karbon. Glukosa mangrupakeun aldehida (ngandung gugus -CHO). Lima karbon jeung hiji oxigénna ngabentuk cingcin nu disebut "cingcin piranosa", bentuk paling stabil pikeun aldosa nu karbonan genep. Dina cingcin ieu, tiap karbon kabeungkeut kana gugus gigir hidroxil jeung hidrogén iwal atom nu kalima, nu kabeungkeut kana atom karbon kagenep di luar cingcin, ngabentuk hiji gugus CH2OH. Struktur cingcin ieu aya dina kasatimbangan jeung bentuk nu leuwih réaktif, nu proporsina 0.0026% dina pH 7.

Glukosa mangrupakeun sumber tanaga nu aya di mana-mana dina biologi. Urang bisa ngaduga alesan naha glukosa, lain monosakarida séjén kawas fruktosa, loba pisan dipaké. Glukosa bisa dibentuk tina formaldehida dina kaayaan abiotik, sahingga bakal gampang disadiakeun pikeun sistim biokimia primitif. Hal nu leuwih penting pikeun organisme tingkat luhur nyaéta kacondongan glukosa, dibandingkan jeung gula héxosa séjénna, nu teu gampang meta sacara nonspésifik jeung gugus amino dina protéin. Réaksi ieu (glikosilasi) ngaréduksi atawa malah ngaruksak fungsi rupa-rupa énzim. Lambatna laju glikosilasi ieu kusabab glukosa lolobana aya dina isomér siklik nu kurang réaktif. Najan kitu, komplikasi akut saperti diabétes, lolong, gagal ginjal, jeung karuksakan saraf periferal (‘’peripheral neuropathy’’), kamungkinan balukar tina glikosilasi protéin.

Bentuk rantay D-Glukosa.

Dina réspirasi, ngaliwatan runtuyan réaksi nu dikatalisis énzim, glukosa kaoxidasi nepi ka tungtungna jadi karbon dioxida jeung cai, ngahasilkeun énergi, utamana dina bentuk ATP. Saméméh dipaké, glukosa dipecéh tina polisakarida.

Glukosa jeung fruktosa dibeungkeut sacara kimiawi jadi sukrosa. aci, selulosa, jeung glikogén nu mangrupakeun polimér glukosa umum polisakarida).

Déxtrosa kabentuk alatan leyuran D-glukosa muter kapolarisasi cahaya ka katuhu. Dina kasus nu sarua D-fruktosa disebut "lévulosa" sabab leyuran lévulosa muter kapolarisasi cahaya ka kénca.

Isomérisme[édit | sunting sumber]

Gula aya dina dua énantiomér ( isomér eunteung), D-glukosa jeung L-glukosa, tapi dina organisme, nu kapanggih ngan isomér D. Hiji karbohidrat boga bentuk D atawa L patali jeung konformasi isomérik dina karbon 5. Mun aya di katuhu proyéksi Fischer, mangka bentuk cingcinna énantiomér D, mun ka kénca, mangka jadi énantiomér L. Gampang pisan diapalkeun, nujul ka D pikeun "dextro”, nu mangrupakeun akar basa Latin pikeun "right" (katuhu), sedengkeun L pikeun "levo" nu mangrupakeun akar kecap "left" (kénca). Struktur cingcinna sorangan bisa kabentuk ku dua cara nu béda, nu ngahasilkeun glukosa-α (alfa) jeungt β (béta). Sacara struktur, glukosa-α jeung -β béda dina gugus hidroxil nu kabeungkeut dina karbon kahiji dina cingcinna. Bentuk α mibanda gugus hidroxil "di handapeun" hidrogénna (sakumaha molekul ieu biasa digambarkeun, kawas katempo dina gambar di luhur), sedengkeun bentuk β gugus hidroxilna aya "di luhureun" hidrogénna.

Dua bentuk ini kabentuk piligenti sapanjang waktu dina leyuran cai, nepi ka nisbah stabil α:β 36:64, dina prosés nu disebut mutarotasi nu bisa dicepetkeun.

Glukosa robah tina proyéksi Fischer ka proyéksi Haworth.

Sintésis[édit | sunting sumber]

  1. salaku hasil fotosintésis tutuwuhan jeung sababaraha prokariota.
  2. kabentuk dina ati jeung otot rangka tina mecahkeun simpenan glikogén (polimér glukosa).
  3. disintésis dina ati jeung ginjal tina zat antara ngaliwatan prosés nu disebut glukonéogenesis.

Peran dina métabolisme[édit | sunting sumber]

Karbohidrat mangrupakeun sumber énergi utama pikeun awak manusa, nu nyadiakeun 4 kalori (17 kilojoule) énergi pangan per gram. Mecahkeun karbohidrat (misalna aci) ngahasilkeun mono- jeung disakarida, utamana glukosa. Ngaliwatan glikolisis, glukosa geuwat aub dina produksi ATP, nu mawa énergi sél. Di sisi lian, glukosa penting pisan dina produksi protéin jeung dina métabolisme lipid. Ku sabab dina sistim saraf pusat teu aya métabolisme lipid, jaringan ieu gumantung pisan ka glukosa.

Glukosa diserep kana sirkulasi getih ngaliwatan saluran cerna. Glukosa ieu sawaréh lajeng langsung jadi bahan bakar sél otak, sedengkeun nu lianna ka ati jeung otot, nu neundeun salaku glikogén ("aci sato") jeung sél lemak, nu neunden salaku lemak. Glikogén mangrupakeun sumber énergi cadangan nu bakal dirobah deui jadi glukosa nalika butuh leuwih loba énergi. Najan lemak simpenan bisa ogé jadi sumber énergi cadangan, lemak teu pernah sacara langsung dirobah jadi glukosa. Fruktosa jeung galaktosa, gula lian nu dihasilkan tina mecah karbohidrat, langsung diangkut ka ati, nu ngarobah jadi glukosa.

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]