Aci

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Aci atawa kanji mangrupa karbohidrat kompléks atawa mangrupakeun golongan polisakarida nu teu leyur na cai.[1]. Aci nyaéta polimér karbohidrat nu dijieun tina loba unit glukosa nu digabungkeun maké ikatan glikosidik nu disebutna polimér. Polisakarida aci ieu teh diproduksi tina tutuwuhan nu gunana keur nyimpen énérgi. Karbohidrat nu paling umum nu aya dina wilangan gede nyaéta saperti kentang, jagong, béas, gandum, jeung boléd. Aci (hususna aci jagong) dina papasakan dipaké salaku saos. Di industri, aci dipaké pikeun nyieun elém, kertas, jeung tékstil.

Conto gambar aci tina sampeu


Citakan:Chembox RTECSCitakan:Chembox DensityCitakan:Chembox SolubilityInWaterCitakan:Chembox ThermochemistryCitakan:Chembox SDSCitakan:Chembox AutoignitionPtCitakan:Chembox NIOSH (set)
Aci
Cornstarch being mixed with water
Pananda
ChemSpider
  • none
ECHA InfoCard 100.029.696
Nomer EC 232-679-6
Sipat
(C6H10O5)n +(H2O)
Massa molar Variabel
Panampilan Bubuk bodas
Titik lebur Mérélé
Baya
Kecuali disebutkeun nu lain, data nu dipasihkeun keur material dina kaadaan standar (dina 25 °C [77 °F], 100 kPa).
YesY verifikasi (naon ieu YesYN ?)
Rujukan kotak info
Struktur tina molekul amilose
Struktur tina molekul amilopéktin

Biokimia[édit | édit sumber]

Sacara biokimiawi, aci mangrupa gabungan dua karbohidrat polimérik (polisakarida) nu disebut amilosa jeung amilopéktin, nu monomérna unit glukosa nu disambungkeun hulu ka buntut jadi tumbu alfa-1,4. Unit liniér ieu jadi amilose. Amilose lajeng ngagabung dina beungkeut alfa-1,6, ngabentuk struktur nyagak. Unit-unit nyagak ieu mangrupa amilopéktin na aci.[4]

Sacara struktural, aci ngabentuk ikatan polimer liniér, nu di mana ranté α-(1,4) ngabentuk kolom unit glukosa nu nyagak sacara teratur kana ranté α-(1,6). Kandungan amilosa jeung amilopéktin tiap jinis sumber béda-béda. Pikeun conto, jagong luhung amilosa ngandung 85% amilosa, sedengkeun aci waxy corn ngandung leuwih ti 99% amilopéktin. [4]

Fungsi utama aci dina tutuwuhan jeung sato (nu disebut glikogén téa), nyaéta salaku molekul simpenan/cadangan tanaga. Dina tutuwuhan, gula basajan nu kabeungkeut na molekul aci dina organ sélular husus disebut amiloplas.

Aci teu leyur na cai, bisa direcah ku hidrolisis nu dikatalisan ku énzim nu disebut amilase, nu bisa megatkeun beungkeut glikosida antara komponén 'alfa-glukosa' na polisakarida aci. Manusa jeung sato lianna mibanda amilase, antukna bisa nyerna aci. Aci dicerna ngaliwatan prosés gampang: molekul aci direcah jadi komponén unit-unit gula basajan. Gula nu dihasilkeun laju diolah ku énzim lianna (misalna maltase) na awak urang, sarua jeung gula séjénna na asupan.

Aci salaku bahan tuang[édit | édit sumber]

Aci téh aya dina bungbuahan, sisikian, jeung beubeutian. Bahan anu ilahar dipaké/diproduksi (sacara masal) ku masarakat di antarana tina jagong, kentang, béas, gandum, jeung sampeu. Katuangan Kulon nu tina aci (gandum) nyaéta roti. Di urang, aya katuangan tina aci nu populér pisan, nyaéta cireng.

Di rumah tangga[édit | édit sumber]

Kanji (clothing starch atawa laundry starch) nyaéta cairan nu disiapkeun ku jalan nyampurkeun aci sayur na cai (digolakkeun), dipaké di laundry pakéan. Dina abad ka-19 jeung awal abad ka-20, kanji dipaké pikeun ngaheurasan & ngalemesan kerah kaméja nalika diistrika.

Di sagigireun kerahna jadi lemes lan nyiripit rapih, sacara praktis kanji téh ngajaga pakéan tetep bérésih, sabab késang/daki tina beuheung nu makéna ukur napel kana lapisan aci, gampang dibérésihanana.

Cara nguji[édit | édit sumber]

Ayana aci diuji maké leyuran iodin. Mun iodin dikeclakkeun kana cairan nu ngandung aci, warnana bakal robah jadi hideung, alatan asupna ion iodin ka jero kompléks molekul amilosa[5].

Ingon-ingon[édit | édit sumber]

Aci sato mangrupa ngaran lain pikeun glikogén, teu sarua jeung aci biasa.

Turunan aci[édit | édit sumber]

Aci bisa dihidrolisis jadi karbohidrat nu leuwih basajan maké asam, rupa-rupa énzim, atawa kombinasi ti dua éta. Konversina biasana diukur ku ékivalén dékstrosa (dextrose equivalent, DE), nyaéta fraksi beungkeut glikosida na aci nu geus pegat. Produk pangan nu dijieun ku cara ieu di antarana

  • Maltodékstrin, produk aci hasil hidrolisis (DE 10–20) nu dipaké paneuas.
  • Rupa-rupa sirop jagong (DE 30–70), leyuran kentel nu dipaké salaku pangamis jeung paneuas dina rupa-rupa pangan olahan.
  • Dékstrosa (DE 100), glukosa komersil, dijieun ku jalan ngahidrolisis aci sacara sampurna.
  • Sirop luhung fruktosa (high fructose syrup), dijieun ku cara nyampurkeun leyuran dékstrosa jeung énzim glukosa isomérase. Di AS, sirop jagong luhung fruktosa dijadikeun bungbu pangamis utama.

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Luthfiyani, Lulu. Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta2016: Frasa Lingua. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  2. Roy L. Whistler; James N. BeMiller; Eugene F. Paschall, ed. (2012). Starch: Chemistry and Technology. Academic Press. p. 220. Starch has variable density depending on botanical origin, prior treatment, and method of measurement 
  3. Citakan:PGCH
  4. a b Jacobs, H dan J.A. Delcour (1998). "Hydrothermal modifications of granular starch with retention of the granular structure: Review". J. Agric. Food Chem. 46(8): 2895−2905.. 
  5. http://www.bhsu.edu/Portals/0/coartssciences/science/Chemistry/Chemistry107/chem107Lmanual2004.pdf