Beuti

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Gambaran beuti akar tunggang di jero taneuh

Beuti nyaéta bagéan tina tatangkalan anu ngarandapan parobahan ukuran jeung wangunna jadi ngagedéan ku alatan ayana parobahan kagunaan, mangka anatomina ogé milu robah.[1] Bagian awak tatangkalan anu ngarandapan parobahan, utamana aya dina tangkal akar, atawa parobahan lianna.[2] Aya ogé tangkal anu ngalibatkeun daunna dina ngabeuti, sok sanajan jumlahna kacida saeutik.[1] Beuti biasana ngajendul handapeun taneuh tempatna bisa déét atawa rada jero tina luhureun taneuh.[2]

Robahna anatomi jeung morfologi ieu ku lantaran hiji akibat tina modifikasi kagunaan bagian awak.[3] Ditempo tina sisi évolusi, beuti téh lain ngan saukur organ anu dipaké pikeun neundeun énergi tapi leuwih ti éta, taya lian pikeun ngajaga kalumangsungan hirup, ngahasilkeun katurunan utamana dina kaayaan anu ngabahayakeun kalumangsungan hirupna.[3] Ku kituna beuti téh ilaharna neundeun cadangan énergi anu kacida lobana, kandungan énergi anu aya dina beuti biasana loba ngandung karbohidrat.[4][5]

Kagunaan Beuti[édit | édit sumber]

Beuti mibanda kagunaan anu kacida penting utamana paranti neundeun énergi, alat pikeun ngajaga kalumangsungan hirup sintasan (survival), jeung pikeun ngajaga ngarekahna katurunan ku jalan vegetatif.[3]

Beuti ogé geus ilahar dimangpaatkeun manusa, sababaraha tangkal anu ngahasilkeun beuti ngahaja dipelak tur direkahkeun pikeun nyumponan kabutuhan bahan pangan, utamana ogé pikeun nyumponan kabutuhan gizi.[6] Beuti ogé mibanda pati, gula, jeung rupa-rupa metabolit sekunder anu mibanda kandungan gizi tur hasiat anu bisa dipaké ngubaran pikeun rupa-rupa kasakit.[7][8]

Beuti kentang

Rupa-rupa Beuti[édit | édit sumber]

Beuti dibédakeun dumasar kana organ dasar anu dimodifikasina.[3] Dina basa Latin pikeun beuti anu diwangun tina akar jeung tangkal disebutna tuber, anu pihartineuna "ngabareuhan".[1] Umumna mah beuti téh dipaké pikeun nyebut kana bagéan tatangkalan anu ngarandapan parobahan ukuran ngabeukahan atawa bareuh/ngajendul anu eusina karbohidrat (pati)[5]. Loba rupa jeung wujud beubeutian tur mibanda ngaran anu béda-béda ogé anu perlu dikanyahokeun taya lian modifikasi tangkal jeung daun pikeun nunda énergi dina wujud beuti lapis (bulbus)[9] dina urusan botani ieu béda jeung beuti anu séjénna.[3]

Beuti dina akar anu ngagedéan[édit | édit sumber]

Beuti dina akar (basa Latin: tuber rhizogenum, basa Inggris: tuberous root) taya lian beuti-beuti anu ayana dina akar.[1] Beutina henteu bisa dipaké pikeun pelakeuneun deui kajaba anu mibanda mata pikeun bijilna sirung [10]. Ditempo tina asalna, beuti akar bisa diwangun tina akar tunggang anu modél kieu saperti beuti wortel ogé beuti lobak, bisa ogé tina akar anu nyagak (serabut), contona beuti sampeu, boléd jeung garut.[11]

Beuti bawang beureum jeung bawang bodas

Beuti tina tangkal[édit | édit sumber]

Beuti dina tangkal/bogor (basa Latin: tuber cauligenum) nyaéta beuti anu kaluar tina modifikasi struktur tangkal, contona geragih (stolo) atawa rimpang (rhizoma).[1] Beuti dina tangkal bisa sirungan anapon akaran, ku lantaran kitu beuti samodél kieu bisa dijieun binih pikeun direkahkeun deui / vegetatif.[3] Beuti dina tangkal dihasilkeun ku sababaraha spésiés Solanaceae (anu paling kasohor nyaéta beuti kentang)[2] jeung Asteraceae (kawas beuti kembang dahlia).[3] Rimpang jahé-jahéan (Zingiberaceae) mindeng disangka minangka beuti "umbi" atawa "akar".[12]

Beuti lapis (buldus)[édit | édit sumber]

Beuti lapis (bulbus) nyaéta beuti anu diwangun ku tumpukan (pangkal) palapah daun anu ngéntép kalawan rékép dina wangun roset.[9] Beuti lapis dianggap béda jeung beuti anu séjénna ku lantaran henteu mepek/nyimpen karbohidrat dina wangun polisakarida.[5] Beuti anu ngagedéan ku lantaran ngumpulna cairan dina unggal sél.[1] Beuti samodél kieu bisa katempo dina sababaraha monokotil seperti Amaryllidacéaé (anu mindeng katempo saperi beuti bawang) jeung Liliacéaé. [13] Beuti lapis mibanda bagéan anu leuwih teuas anu katelah cakram (discus). [12] Cakram ieu téh sabenerna mah tangkal.[1] Tina ieu cakram baris bijil lapisan-lapisan daun anu karandel, hipu, tur baseuh.[12] Ku alatan kandel nepi ka ngawangun hiji struktur anu beukah/ngagedéan anu katelahna "beuti".[12] Upama ieu lapisan-lapisan gedé jeung lalingkup disebutna tunica, tapi upamana lapisan-lapisan ieu laleutik jeung ngan saukur nyirap/nyusun disebutna squama .[12]

Beuti lapis mindeng patukeur jeung sabangsaning beuti tina tangkal anu katelah cormus atawa bulbotuber.[1] Lamun ditempo tina strukturna, Beuti lapis béda jeung beuti cormus.[1] Katempona upama dibeulah, beuti lapismah katémbong lalapisan nepikeun ka bagian tengahna.[1] Ari Cormus mah, ku lantaran asalna tina tangkal, lamun dibeulah téh katempo struktur anu padet, sarua jeung rimpang.[14]

Aya deui beuti anu di luar atawa umbi udara (tuber caulinare) mangrupa beuti anu bijil tina tangkal ayana disaluhureun taneuh.[1] Beuti modél kieu ogé bisa sirungan.[3] Sababaraha Dioscoréacéae, saperti uwi jeung gembili, bisa ngaluarkeun beuti kawas kieu.[12]

Beuti / Bonggol tangkal taleus (cormus atawa bulbotuber)

Taleus téh bonggol tangkal[édit | édit sumber]

Beuti anu diwangun ku tangkal anu mendékan dina sababaraha tangkal monokotil jeung bisa waé ditutup ku sisik-sisik anu disebut bonggol beuti (cormus atawa bulbotuber) atawa disebut bonggol waé.[1] Anggota-anggotana Dioscoréacéae (uwi, gembili, jeung anu séjénna), Aracéae (saperti taleus jeung suweg) ogé Asparagales (contona gladiol).[10] Bonggol beuti sabenerna mah éta téh tangkal, sedengkeun anu mecenghul dina luhureun taneuh taya lian palapah anu gunana pikeun nunjel daunna.[15] Tangkal anu katempona pendék buntet tur buleud, nahun, aya deukeut luhureun taneuh, kagunaan pikeun neundeun cadangan cai biasana dipibanda ku tangkal (dikotil) anu xerofit (kuat kahalodoan). [16] Tangkal anu saperti kieu disebutna caudex kunu teu apalmah ieu disebutna beuti.[15] Contona tangkal bangkuang (geus pada apal kagunaana) jeung ogé Adénium.[12]

Kandungan anu aya dina beuti[édit | édit sumber]

Cadangan énergi jeung kadaharan anu aya dina beuti umumna mah dina wujud ''polisakarida'', kalawan saeutik ''oligosakarida'' jeung ''monosakarida''. [17] Wujud polisakarida anu paling loba kapanggih taya lian ti pati, anu mangrupa polimér tina glukosa dina wangun amilosa (henteu nyagak) jeung amilopektin (nyagak). [18] Beuti-beuti tina anggota Asteraceae, saperti dahlia, jeung Fabaceae, ogé bangkuang, mibanda kandungan inulin, hiji fruktan (polisakarida kalawan monomer fruktosa).[17] Rupa-rupa beuti anggota suku tataleusan (Aracéae) mibanda kandungan mannan (monomer: mannosa).[17] Sagigireun polimér cadangan énérgina, beutina ogé mibanda polisakarida anu ngeusian sél atawa rohangan di antarana saperti glukomannan, pektin, xilan, jeung selulosa.[17]

Tipung tina beubeutian[édit | édit sumber]

Beuti ogé bisa dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun tipung, carana kawilang gampang.[19] Beuti anu geus dipesék tuluy dibersihan dipotongan laleutik sangkan gancang garing, ari ngagaringkeun bisa dipoé bisa ogé dioven.[19] di mana geus garing bisa langsung dibebek atawa digiling nepi ka bubuk lemes tuluy diayak.[19] Tipung beuti ieu bisa dipaké nyampuran olahan séjénna pikeun ngaganti tarigu atawa méré rasa séjén pikeun hasil olahan.[19] Sangkan awét mangsa diteundeun tipung beuti ieu kudu diwadahan kana wadah anu garing tur henteu miis [20].


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l safitri, Amalia (2005), Schaums : Tss Biologi Ed. 2, Penerbit Erlangga, PT Gelora Aksara Pratama, ISBN 0-07-022405-6 
  2. a b c "Schaums : Tss Biologi Ed. 2". Erlangga. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  3. a b c d e f g h Rukmana, Rahmat (1992), Teknik Perbanyakan Tanaman Hias, Kanisius, hlm. 48, ISBN 979-497-980-5 
  4. "Umbi Umbian". Sa'adah Mustika Sari. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  5. a b c "Praktis Belajar Biologi". PT Grafindo Media Pratama. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  6. "Bertanam 15 Sayuran Organik dalam Pot". PT Niaga Swadaya. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  7. (id)"Khasiat Bawang Merah". Kanisius. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  8. "Prinsip-prinsip Ilmu Gizi". Kanisius. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  9. a b "The free dictionary". Farlex. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  10. a b "Suweg". Kanisius. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  11. "UBI JALAR, Budi Daya Dan Pascapanen". Kanisius. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  12. a b c d e f g (id)Samadi, Budi (2007), BAWANG MERAH, Intensifikasi Budi Daya, Yogyakarta: Kanisius, hlm. 15, ISBN 979-497-323-8 
  13. (id)Utami, Prapti (2013 DITERBITKEUN), Umbi Ajaib: Tumpas Penyakit, Jakarta: Penebar Swadaya Grup, ISBN 979-002-564-5 
  14. "Pengertian, Jenis, dan contoh Umbi-umbian". Maha Templates. Diakses tanggal 22 April 2017. 
  15. a b (id)Redaksi, Trubus (2007), Adenium Bunga-bunga Cantik, Jakarta: PT Trubus Swadaya, Niaga Swadaya, ISBN 978-979-9369-72-7 
  16. (id)Fajar, Lucky (2009), Taktik Sains, Jakarta: Cmedia Imprint KawanPustaka, hlm. 6, ISBN 602-8596-01-9 
  17. a b c d (id)Ferdinand, Fictor (2007), Praktis Belajar Biologi, PT Grafindo Media Pratama, hlm. 100, ISBN 978-979-9177-66-7 
  18. (id)B.Marks, Dawn (1996), Biokimia Kedoketran Dasar, egc, hlm. 386, ISBN 979-448-483-0 
  19. a b c d (id)Murtiningsih, Suyanti BSc (2011). "Tepung Umbi, Mudah Penggunaanya". Di Nina. Membuat Tepung Umbi dan Variasi Olahannya. Jakarta Selatan: PT AgroMedia Pusaka. p. 5. 
  20. "Membuat Tepung Umbi dan Variasi Olahannya". Murtiningsih dan Suyanti BSc. Diakses tanggal 22 April 2017. 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg