Taleus
Taleus | |
---|---|
Xanthosoma roseum | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Tribus: | |
Génus: | Xanthosoma
|
Species | |
About 50; see text |
Taleus nyaéta tutuwuhan sabangsa bolang anu sok beutian,Takeus téh aya nu bisa didahar jeung aya ogé nu jadi papaés buruan wungkul.[1]
Sajarah Singget
[édit | édit sumber]Taleus mangrupa pepelakan herba nu hirupna bisa mangtaun-taun. Taleus kaasup kana suku tataleusan (Aracéae), Wanguna ajeg, jangkungna 1 cm atawa leuwih sarta mangrupa pepelakan sausum atawa sapanjang taun. Taleus miboga sawatara ngaran umum nyaéta Taro, Old cocoyam, ‘Dash(e)en’ sarta ‘Eddo (e)’. Di sawatara nagara dipikawanoh kalayan ngaran séjén, kawas: Abalong (Philipina), Taioba (Brazil), Arvi (India), Keladi (Malaya), Satoimo (Japan), Tayoba (Spanyol) sarta Yu-tao (China.
Ieu pepelakan asalna ti wewengkon Asia Tenggara, nyebar ka China dina abad kahiji, ka Jepang, ka wewengkon Asia Tenggara séjénna sarta ka sawatara pulo di Samudra Pasifik, kabawa ku migrasi nu nyicingan. Di Indonésia talas bisa aya ampir di sakumna kapuloan sarta sumebar ti tepi basisir nepi ka pagunungan di luhur 1000 m dpl., boh liar boh dipelak.[2]
Jenis Pepelakan
[édit | édit sumber]Pepelakan taleus ngandung asam perusi (asam bulao atawa HCN). Sistim akarna serabut, liar sarta pondok. Beutina rupa-rupa. Beurat beutina bisa tepikeun ka 4 kg atawa leuwih, wanguna silinder atawa buleud, ukuranana 30 cm x 15 cm, kelirna coklat. Daunna boga wangun taméng atawa haté, panjang lambaran daunna 20–50 cm. Panjang dahana bisa nepi ka 1 méter, kalayan kelir palapahna nu rupa-rupa. Kembangna diwangun luhur tongkol, seludang sarta dahan. Kembang jalu sarta kembang bikangna misah, bikangna aya di handap, sedengkeun kembang jalu aya di di béh luhur, sarta dina penclutna aya kembang gabug. Buahna mangrupa buah buni. Sikina loba, wanguna buleud endog, panjangna ± 2 mm.
Sagala rupa jenis taleus nu aya di wewengkon Bogor nyaéta taleus sutra, taleus bentul katut taleus ketan. Taleus sutra daunna warna héjo ngora sarta miboga bulu lemes kawas sutra. Dipanén dina umur 5-6 bulan. Beutina semu soklat kalayan ukuran anu ngabadagan. Taleus bentul mah beutina leuwih badag jeung kelir catangna leuwih wungu ti batan taleus sutra. Taleus bentul bisa dipanén sanggeus umur 8-10 bulan kalayan beuti anu rélatif leuwih badag sarta boga warna leuwih ngora semu konéng. Taleus ketan mah kelir palapahna héjo kolot semu beureum. Di Bogor dipikawanoh ogé jenis taleus anu disebut taleus mantéga (taleus gambir/taleus hideung), alatan watang sarta daunna boga kelir gandola (bungur kolot).
Jenis taleus séjén biasana henteu dikosumsi alatan rasana henteu ngeunah atawa ateul. Contona nyaéta Taleus Sente anu watang jeung daunna badag, loba dipaké pikeun pajangan sarta daunna mindeng dipaké pikeun kadaharan lauk. Keur taleus Bolang mah miboga rasa anu ateul, jeung batang sarta daun anu siga totol-totol.[3]
Ngaran daérah
[édit | édit sumber]Taleus mibanda ngaran daérah anu béda-béda: eumpeu (Acéh), talo (Nias), bete (Manado), kaladi (Ambon), kaladi, kuladi, taleh (Minangkabau), keladi, toto (Lampung), bolang, taleus (Sunda), dongéng (Jawa), dongéng, kaladi (Madura), kladi, dongeng (Bali), aladi (Gorontalo), talak (Tolitoli), paco (Makasar), aladi (Bugis), bete (Ternate), komo (Tidore).[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ [RA,Danadibrata.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran].Kaca 671
- ↑ Hendro Sunarmintn, Bambang (2018). Pertanian Terpadu untuk Mendukung Kedaulatan Pangan Nasional. UGM: UGM PRESS. p. 16. ISBN 9789794209325. Disungsi19 Maret 2021
- ↑ (id)[1] Archived 2011-09-04 di Wayback Machine(diakses tanggal 20 oktober 2011)
- ↑ Dan Hanny P, Purnomo (2007). https://books.google.co.id/books?id=HE-WWgPsBXUC&pg=PA100&dq=talas&hl=id&sa=X&ved=2ahUKEwj188O_lb7vAhUn63MBHdA8BoI4ChDoATAEegQIBRAC#v=onepage&q=talas&f=false. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 100. ISBN 9789790020283. Diakses tanggal (disungsi – 21 Maret 2021).