Lompat ke isi

Républik Rahayat Tiongkok

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti China)
中华人民共和国
Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó
Républik Rahayat Tiongkok
Bandéra Républik Rahayat Tiongkok Lambang Républik Rahayat Tiongkok
Lagu

"Barisan Para Sukarélawan"
《义勇军进行曲》 (Pinyin: Yìyǒngjūn Jìnxíngqǔ)
Location of Républik Rahayat Tiongkok
Location of Républik Rahayat Tiongkok
Wewengkon RRT warnana héjo kolot.
Wewengkon klaim tapi teu dikawasaan warnana héjo ngora.
Ibu kotaBéijing (Peking)
39°55′N 116°23′E
Kota panggedéna Shanghai[1][2]
Basa tulis resmi Mandarin Standar Modérn[3]Tionghoa Vérnakular
Basa régional Mongolia, Tibet, Uyghur, Zhuang, jeung lianna
Grup étnis  91,51% Han; 55 minoritas diaku
Pamaréntah Marxisme–Leninisme, nagara partéy tunggal[4][a]
 -  Présidén Xi Jinping
 -  Perdana Menteri Li Qiang
 -  Pupuhu Kongrés Zhao Leji
 -  Pupuhu Konferénsi Wang Hunsing
Pangbentukan
 -  Cai (%) 2,8[d]
Populasi
 -  Perkiraan  2011 1.353.821.000 (ka-1)
 -  Sénsus 2010 1.339.724.852[5] (ka-1)
GDP (PPP) Perkiraan 2013
 -  Total $8.939 triliun[6] (ka-2)
 -  Per kapita $6.569[6] (ka-91)
GDP (nominal) Perkiraan 2013
 -  Total $13.374 triliun[6] (ka-2)
 -  Per kapita $9.828[6] (ka-90)
Gini? (2007) 41,5[7] 
HDI (2011) 0,663[8] (sedeng) (ka-89)
Mata uang Renminbi (yuan) (¥) (CNY)
Zona wanci Waktu Standar Tiongkok (UTC+8)
TLD Internét .cn[c] .中國[9] .中国
Kode telepon +86[c]
Tiongkok

"Tiongkok" dina Hanzi Basajan (luhur) jeung Hanzi Tradisional (handap)
Ngaran Tionghoa
Hanzi basajan: 中国
Hanzi tradisional: 中國
Pinyin: Zhōngguó
Harti harpiah: Nagara Tengah atawa Puseur[10]
Ngaran Portugis
Portugis: China
Républik Rahayat Tiongkok

"Républik Rahayat Tiongkok" dina Hanzi Basajan (luhur) jeung Hanzi Tradisional (handap)
Ngaran Tionghoa
Hanzi basajan: 中华人民共和国
Hanzi tradisional: 中華人民共和國
Pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó
Ngaran Mongolia
Mongolia: Bügüde nayiramdaqu dumdadu arad ulus, ᠪᠦᠭᠦᠳᠡ ᠨᠠᠶᠢᠷᠠᠮᠳᠠᠬᠤ ᠳᠤᠮᠳᠠᠳᠤ ᠠᠷᠠᠳ ᠤᠯᠤᠰ
Ngaran Portugis
Portugis: República Popular da China
Ngaran Tibet
Tibét: ཀྲུང་ཧྭ་མི་དམངས་སྤྱི
མཐུན་རྒྱལ་ཁབ
- Wylie: krung hwa mi dmangs spyi mthun rgyal khab
- Zangwen Pinyin: Zhunghua Mimang Jitun Gyalkab
Ngaran Uighur
Uighur: جۇڭخۇا خەلق جۇمھۇرىيىتى
Ngaran Zhuang
Zhuang: Cunghvaz Yinzminz Gunghozgoz

Républik Rahayat Tiongkok (Tionghoa basajan: 中华人民共和国; Tionghoa tradisional : 中華人民共和國; pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó tʂʊŋ˥xua˧˥ʐɛn˧˥mɪn˧˥kʊŋ˥˩xə˧˥kuɔ˧˥ , singgetna Tiongkok; ti 28 Juni 1967 nepi ka 14 Maret 2014[11] mah sok disebut Républik Rahayat Tjina/RRT atawa Républik Rahayat Cina/RRC, harpiah: Républik Rahayat Tionghoa) nyaéta hiji nagara anu nganjrek di wewengkon Asia Kalér nu ibukotana téh di Béijing. Nagara ieu mibanda sajumlahing pangeusi anu kawilang panglobana di sakuliah dunya (kurang leuwih 1,35 milyar jiwa) jeung lega wewengkon 9,69 yuta kilométer pasagi, ngabalukarkeun nagara ka-4 panglegana di sakuliah dunya.[12] Nagara ieu diadegkeun dina taun 1949 sabérésna Perang Sadulur Tiongkok, ti harita dipingpin ku hiji partéy tunggal, nyaéta Partéy Komunis Tiongkok (PKT).[13]

Étimologi

[édit | édit sumber]
Tulisan Tiongkok, anu ditulis dina aksara Tionghoa tradisional jeung aksara Tionghoa basajan

Dina larapanana RRT téh leuwih dipikawanoh minangka Cina nu asalna tina kecap basa Pérsia Chin (چین), anu mangrupa serepan tina basa Sansakerta, nyaéta kecap Cīna (चीन).[14] Katerangan ieu mimiti dicatet dina taun 1516 dina jurnal urang Portugis Duarte Barbosa.[15] Jurnal éta ditarjamahkeun jeung dipedalkeun di Inggris dina taun 1555.[16] Téori séjén anu diusulkeun dina abad ka-17 ku Martino Martini, yén Cina asalna tina "Qin" (), wewengkon pangkulonna ti karajaan Cina mangsa Dinasti Zhou.[17] Kecap ieu ogé dipaké dina kitab suci Hindu mungguran, kaasup Mahābhārata (abad ka-5 SM) jeung Hukum Manu (abad ka-2 SM ).[18][19]

Ngaran resmi nagara modérnna mah Républik Rahayat Tiongkok (Tionghoa basajan: 中华人民共和国; pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó). Ngaran vernakularna mah nyaéta Zhōngguó (Tionghoa basajan: 中国, tina zhōng, "puseur" atawa "tengah", jeung guó, "nagara", atawa istilah modérnna mah "bangsa") ku kituna jadi wéh Zhōnghuá (Tionghoa basajan: 中华), sanajan dina runtuyan sajarahna ngaran resmi nagara ieu téh geus digunta-ganti waé ku dinasti-dinasti jeung pamaréntahan modérn. Istilah Zhōngguó nyangkaruk dina mangrupa-rupa téks kuna, kayaning sajarah klasik ti abad ka-6 SM, sarta dina mangsa pra-kakaisaran mah sok dipaké minangka konsép pikeun ngabédakeun jeung budaya séké sélér Huaxia anu dianggap "barbar". Istilah ieu bisa mangrupa tunggal atawa jamak, nujul ka kelompok nagara atawa propinsi di dataran tengah, tapi ti abad ka-19 mah teu dipaké deui minangka ngaran pikeun nagara ka sakumna wewengkon RRT.[20]

Bandéra jeung Lambang

[édit | édit sumber]

Bandéra

[édit | édit sumber]

Warna beureum dina bandéra Tiongkok ngalambangkeun révolusi Komunis jeung sakaligus ngaréfléksikeun warna tradisional masarakat Tiongkok. Béntang emas gedé ngagambarkeun Partéy Komunis Tiongkok, sedengkeun opat béntang leutik ngagambarkeun kelas sosial masarakat. Lima béntang sakumna ngagambarkeun pentingna angka lima pikeun pamikiran jeung sajarah Tiongkok. Warna konéng dina lima béntangna ngagambarkeun yén Tiongkok mangrupa kelompok étnis konéng.[13]

Lambang

[édit | édit sumber]

Lambang nasional RRT ngagambarkeun kadaulatan Tiongkok anu eusina bandéra nasional RRT, Tiananmen, jeung beunyeur paré. Tiananmen ayana di handapeun cahya lima béntang sarta dikurilingan ku beunyeur paré jeung giri-giri di handapna.[13]

Lima béntang hartina kasatuan masarakat Tiongkok dina kapamingpinan Partéy Komunis Tiongkok. Tiananmen mangrupa tempat dilaksanakeunna upacara pangwangunan RRT. Beunyeur paré jeung giri-giri ngagambarkeun kaum patani jeung kelas pagawé. Sakumna mah, lambang nasional RRT ngacirikeun yén Tiongkok mangrupa nagara sosialis anu dipingpin ku kelas pagawé jeung dumasar kana aliansi pagawé–patani.[13]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Prasajarah

[édit | édit sumber]
Téritorial Évolusi Tiongkok.

Ti jaman Néolitik mula, masarakat Tiongkok geus kaorganisir sarta netep dina ngalakonan kagiatan tani jeung peternakan. Kagiatan melak paré geus dimimitian ti taun 5000 SM. Sedengkeun barang tina perunggu geus kapanggih di Majiayao (antara taun 2300 SM2700 SM), hal ieu nétélakeun yén jaman perunggu di Tiongkok geus dimimitian kurang leuwih ti taun 2100 SM samangsa Dinasti Xia. Tapi sakumna pangwangunan perunggu téh bisa kaparenganana mah dina mangsa Dinasti Shang (1122 SM1766 SM).[21][22].

Dinasti Munggaran

[édit | édit sumber]

Dinasti Xia mangrupa dinasti munggaran,[23] tapi can pernah kabukti sacara konkrit da nu ayana ngan saukur catetan sastrana wungkul.[24] Dumasar rujukan dina téks-téks kuna ieu, diperkirakeun yén Dinasti Xia geus maréntah kurang leuwih taun 2205 SM, anu nujul kana tilu kaisar: Fu Xi, Shen Nong jeung Huang Di.[24] Dina mangsa saméméh dinasti ieu ngadeg, kakawasaan pangluhurna mah nyaéta mangsa transisi gagantian kakawasaan antara Dinasti Xia jeung Yi.

Dinasti munggaran Tiongkok anu ninggalkeun tapak sajarah mah nyaéta Dinasti Shang, anu mertahankeun sistem féodal saru di tungtung walungan Huáng Hé' antara abad ka-17 SM nepi ka abad ka-11 SM. Sanajan kitu, mimitina mah Dinasti Shang téh maréntah di Propinsi Shandong kidul[23] anu masih mangrupa daérah rawa kénéh dina mangsa harita mah, nepikakeun kakuatanna jadi leuwih gedé batan séké sélér nu aya di wewengkon wétan, anu sok disebut séké sélér yi.[23] Raja Tang, dianggap minangka raja anu luhung ku élmu jembar ku panalar sarta wijaksana dina mingpin Dinasti Shang, ibukota karajaanna dipuseurkeun di wewengkon Erligang.[23]

Tulisan Tiongkok pangkolotna anu kapanggih nyaéta ukiran tulang ahli nujum ti Dinasti Shang,[25] sarta ngandung tulisan tina karakter Tionghoa modérn. Dinasti Shang kaéléhkeun ku urang Zhou anu ngadegkeun Dinasti Zhou anu maréntah antara abad ka-12 SM nepi ka abad ka-5 SM, nalika kakawasaan Zhou laun-laun museur sarta sumebar jadi mangrupa kakawasaan féodal nepi ka antukna karajaan téh teu boga pangawasa, ti dinya bijil sawatara nagara indepénden anu silih merangan antar maranéhanana salila usum semi jeung usum gugur mangsa harita. Antara abad ka-5 SM jeung abad ka-3 SM éta mangrupa période nagara perang, nu mana wilayah Tiongkok kiwari kabagi jadi tujuh nagara ngadaulat, masing-masing dipingpin ku rajana sorangan, menteri jeung tentarana ogé dibentuk.

Kakaisaran Tiongkok

[édit | édit sumber]
Patung taneuh liat anu nanjeur di makam prajurit Qin Shi Huang (abad ka-3 SM).

Qin Shi Huang saurang gubernur nagara Qin, anu ngadegkeun kasatuan nagara Tiongkok munggaran dina taun 221, mungkasan période perang antar nagara. Qin Shi Huang "Kaisar Munggaran" diproklamasikeun sarta loba ngayakeun réformasi, hususna mah kawajiban standarisasi basa Cina resmi, sistem ukur, sarta mata uang. Dinasti Qin ngan lumangsung 15 taun ti sanggeus maotna kaisar Qin Shi Huang, antukna bijil kawijakan legalisasi otoritér nu ngabalukarkeun béréndélan pangberontakan.[26]

Tuluy bijil Dinasti Han, anu mikawasa Tiongkok ti 206 M nepi ka 220 M, nyiptakeun idéntitas budaya pangeusina anu mayeng nepi ka kiwari. Dinasti ieu terus ngalegaan wilayah kakaisaran Tiongkokna liwat kampanyeu militér ngurilingan Koréa, Viétnam, Mongolia jeung Asia Tengah, ogé anu ngarojong dibabakanna Jalur Sutra.[26] Dinasti Han sacara tumuluy jadi nagara nu paékonomianna pangbadagna tur pangkolotna di dunya. Dinasti Han ngadopsi paham Konfusianisme minangka idéologi nagarana, idéologi anu dikembangkeun dina période usum semi jeung usum gugur. Sanajan sacara resmi ninggalkeun légalisme "idéologi nagara Qin", lembaga jeung kawijakan légalistikna mah tetep dijadikeun minangka dasar pamaréntahan Dinasti Han.[26]

Sanggeus runtuhna Dinasti Han, dituturkeun ku période séjén hasil tina susa-sésa Dinasti Han anu dipikawanoh minangka période Tilu Karajaan. Nagara-nagara anu bijil dina période ini, salasahijina karajaan Wu, ngajalin hubungan diplomatik jeung Jepang sarta ngawanohkeun sistem panulisan anu aya. Taun 558 Tiongkok balik deui aya dina kakawasaan Dinasti Sui, anu singget pisan da ku éléhna téa dina Perang Goguryeo-Sui (598-614).[26]

Témbok badag Tiongkok, anu diwangun ku dinasti-dinasti sacara tuluy-tumuluy leuwih ti 2.000 taun pikeun ngaraksa tina serangan para pangjajah Xiongnu Mongolia jeung Manchuria.

Dina pangawasaan Dinasti Tang jeung Dinasti Song, téknologi jeung budaya Tiongkok nepi kana jaman kaemasanna. Dinasti Tang tetep ngawasa nepi ka pertengahan abad ka-8, nalika pangberontakan An Shi ngancurkeun kasejahteraan kakaisaran. Dinasti Song nyaéta pamaréntahan munggaran di dunya anu nyetak tagihan sarta ngaberlakukeun kawijakan pikeun ngawangun tentara anu permanén.[26] Antara abad ka-10 nepi ka abad ka-11, pangeusi Tiongkok jadi dua kali lipet nyaéta kurang leuwih 100 yuta jiwa, sawaréhna mah éta téh balukar tina tarékah lelegaan pamelakan paré di daérah tengah jeung kulon, sarta ngareuahna hasil panén. Salila pamaréntahan Dinasti Song loba hasil anu karasa di antarana dina widang filsafat jeung seni, saham ogé paniagaan sarta karya seni. Hiji kabinangkitan Konfusianisme ogé bijil dina nyanghareupan tumuwuhna paham Buddhisme salila pamaréntahan Dinasti Tang.[26]

Istana kakaisaran Tiongkok ti pertengahan Dinasti Ming (abad ka-15)

Dina abad ka-13, Tiongkok saeutik-saeutik ditaklukeun ku kakaisaran Mongol. Taun 1271, pamingpin Mongol Kubilai Khan ngadegkeun Dinasti Yuan. Yuan naklukeun susa-sésa panungtung ti Dinasti Song taun 1279. Saméméh invasi Mongol, pangeusi Tiongkok Dinasti Song téh nyaéta 120 yuta jiwa, jadi ngurangan 60 yuta nalika sénsus taun 1300.[27] Saurang tukang tani nu ngaranna Zhu Yuanzhang ngagulingkeun Dinasti Yuan dina taun 1368 sarta sarta ngadegkeun Dinasti Ming. Dina pangawasaan Dinasti Ming, Tiongkok marengan jaman kaemasan lianna, ngembangkeun salasahiji armada laut pangkuatna sadunya tur ékonomi pangbeungharna sarta makmur di tengah ngembangna seni jeung budaya Tiongkok. Dinasti Ming salila période ieu ngistrénan Cheng Ho mingpin éksplorasi ka sakuliah dunya, nepi ka Afrika.[28] Dina mangsa awal Dinasti Ming, ibukota Tiongkok dipindahkeun ti Nanjing ka Béijing. Salila Dinasti Ming, filsuf saperti Wang Yangming loba ngritik sarta nyumebarkeun paham Neo-Konfusianismena ku konsép individualisme jeung moralitas bawaan.[29] Dina taun 1644, Béijing dikepung ku koalisi pasukan pangberontak anu dipingpin ku Li Zicheng, seurang pajabat Ming anu mingpin pangberontakan patani. Antukna Kaisar Ming Chongzhen maéhan manéh nalika kota éta dipikawasa.[29]

Républik Tiongkok (1912–1949)

[édit | édit sumber]
Sun Yat-sen

Dina taun 1900, Tiongkok mangrupa tempat kajadianna Pangberontakan Boxer anu harita gagal.[30] Sékté kakaisaran anu gagal dina ngayakeun réformasi, antukna digulingkeun dina taun 1911 sarta didéklarasikeun wéh Républik Tiongkok bari nyokot wewengkon Tuva anu dipikawasa ku Uni Soviét jeung wewengkon Mongolia. Sedengkeun Tibét nyatakeun diri merdéka.[30] Pangadeg Républik Tiongkok, Sun Yat-sén anu jadi présidén munggaranna. Tapi karusuhan lumangsung di nagara ieu, ku sabab jénderal jeung panglima perangna hayang narik perhatian. Dina taun 1928, para panglima perang diéléhkeun dina kapamingpinan Chiang Kai-shek. di dinya lumangsung ogé perang sadulur anu lila antara Nasionalis jeung Komunis, kapotong ku perang antara Tiongkok-Jepang. Jepang loba nyieun nagara-nagara bonéka di wewengkon Tiongkok anu ditaklukeunna. Taun 1941, Tiongkok meunangkeun perang Tiongkok-Jepang ku bantuan ti Amérika Sarikat, kaasup dina wangun pasokan senjata.[30]

Républik Rahayat Tiongkok

[édit | édit sumber]
Mao Zedong jeung Chiang Kai-shek taun 1946.

Sabérésna perang Tiongkok–Jepang dina taun 1945 balukar tina éléhna Jepang di Perang Dunya II, pasalingsingan antara PKT jeung Kuomintang angot deui.[31] Sanggeus éléhna Jepang, pamaréntah Républik Tiongkok rusuh nitah ka sakumna aparatur pikeun nyokot kadudukan tentara Jepang di kurang leuwih wewengkon Tiongkok.[31] Sedengkeun Zhu Te, Panglima Angkatan Bersenjata PKC ngaluarkeun paréntah supaya sabagian Tentara Beureum asup ka Manchuria jeung nungtut ka pamaréntah Tiongkok supaya ngalocotan senjata sakabéh tantara Jepang.[31]

Harita Tentara Beureum ngawasaan daérah pilemberun anu lega pisan sangkan Pamaréntah Tiongkok hariwangeun. Ku kituna Pamaréntah Tiongkok ménta pitulung Amérika Sarikat mikeun nulungan ngabéréskeun masalahna di Tiongkok.[31] Présidén Truman ngutus Jénderal George Marshall pikeun lalampahan minangka panumbu dina sengketa antara Pamaréntah Nasionalis jeung Partéy Komunis Tiongkok.[31] Salasahiji anu direncanakeunna nyaéta palaksanaan paleburan tentara dua pihak jadi hiji tentara nasional.[31] Tapi sanggeuss Marshall indit mah perang antara Pamaréntah Nasionalis jeung PKT bijil deui malah mah mingkin lega cakupanna.[31]

Najan mimitina mah éléh waé, tapi Tentara Beureum mingkin ngalegaan pangaruhna komona di daérah pilemburan, tarékah éta liwat pulitik land reform ti PKT.[31] Taneuh-taneuh kabogaan tuan taneuh dicokot tur dibikeun ka para patani pikeun digarap.[31] Tentara Beureum anu ngawasaan wewengkon Tiongkok kalér gagancangan ka belah kiduleun Walungan Yang Tze. Tuluy ngarebut Nanking, ibu kota pamaréntahan Nasionalis Tiongkok.[31] Balukarna, pamaréntah Nasionalis Tiongkok kapaksa kudu mindahkeun ibu kotana ka Kanton. Tuluy wewengkon Hangou, Shanghai jeung Qingdao sacara tuluy-tumuluy beunang ku kaum komunis.[31]


Sanggeus sapasi ti wewengkon Tiongkok bisa kakawasaan, ti dinya Mao Zedong mimiti nyiapkeun pangwangunan hiji Nagara Tiongkok anu sakumaha dicita-citakeun ku Partéy Komunis.[31] Léngkah munggaranna mah ku ngabentuk membentuk Panitia Sisiapan Majelis Pamusyawaratan Pulitik.[31] Panitia ieu ngahasil dina milih 21 urang pikeun ngajabat minangka Déwan Poéan ku Mao Zedong minangka pupuhuna sarta Chou Enlai minangka wakil pupuhu.[31]

Ku stratégi lembur ngepung kota, PKT bisa nyingkirkeun Kuomintang sarta dina tanggal 1 Oktober 1949 meroklamasikeun ngadegna Républik Rahayat Tiongkok (RRT) anu ibukotana di Béijing.[31] Pamingping pangluhurna tentara RRC nyaéta Zhu De, sedengkeun Chou Enlai jadi Perdana Menteri rangkepan jeung Menteri Luar Negeri.[31]

Tanggal 14 Oktober 1949 Kanton bisa dipikawasa ku Tentara Beureum, sangkan pamaréntah nasionalis kapaksa pindah ka Chongqing.[31] Dina tanggal 28 Nopémber 1949 Chongqing ogé beunang Tentara Beureum.[31] Tuluy Propinsi Yunnan jeung Hainan beunang, nu antukna pamaréntah nasionalis teu boga wewengkon deui di Tiongkok daratan. Pamaréntahan Chiang Kai Shek kabur ka Taipéi anu nganjrek di Pulo Formosa (Taiwan).[31] Dina tanggal 1 Maret 1950, Chiang Kai Shek ngajabat deui minangka présidén Républik Tiongkok.[31]

Sanggeus diproklamirkeunna Républik Rahayat Tiongkok, Uni Soviét ngakukeun kana kadaulatanna RRT sarta megatkeun hubungan diplomatikna jeung pamaréntahan Nasionalis Tiongkok.[31] India ogé ngakukeun kana kadaulatan RRT dina tanggal 30 Désémber 1949.[31] Dina tanggal 6 Januari 1950 Inggris ngakukeun kadaulatan RRT sahingga Inggris mangrupa nagara démokratis kulon munggaran anu ngayakeun hubungan jeung pamaréntahan RRT.[31]

Pulitik

[édit | édit sumber]

Pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Ti mimiti diwanohkeunna réformasi ékonomi taun 1978, RRT geus jadi nagara anu ronjatan ékonomina paling gancang di dunya. Dina taun 2012, RRT téh nagara nu ékonomina pangbadagna kadua di dunya, sanggeus Amérika Sarikat, boh total nominal PDBna boh purchasing power parity/paritas daya beulina (PPP), ogé jadi éksportir jeung importir barang panggedéna kadua di dunya. RRT mibanda senjata nuklir jeung tentara panggedéna di dunya, ku anggaran tatahanan panggedéna kadua di dunya.[13]

Dibandingkeun jeung kawijakan closed-door RRT dina taun 1970-an, liberalisasi mah geus nyieun iklim administrasi di RRT jadi teu pati réstriktif. Partéy Komunis Tiongkok (PKT) nyekel peran paling penting dina struktur pulitik RRT.[13] Prosés demokratisasi jeung réformasi pulitik anu dijalankeun jeung China characteristic bareng jeung kamajuan ékonomi sarta tingkat kasejahteraan masarakat RRT geus ngabijilkeun konsép anyar di widang pangwangunan ékonomi anu dipiwanoh ku sebutan Beijing Consensus.[13] Konsép ieu nujul kana ngahasilna Pamaréntah RRT dina ngawangun jeung ngadorong paékonomian RRT sangkan bisa nahan tina hanteman krisis monétér global taun 20082009 anu ditulungan ku kuatna stabilitas pulitik jeung kaamanan nasional sangkan loba anu niléy yén RRT bisa jadi "modél anyar" dina ngawangun hiji nagara.[13]

National People’s Congress (NPC)

[édit | édit sumber]
Gedong tempat diayakeunna National People’s Congress (NPC).

RRT nganut sistem unikameral, anu kakawasaan pangluhurna aya di National People’s Congress (NPC/Parlemén). Sanajan aya 9 partéy di jero NPC, tapi sora mayoritas aya di PKT.[13] Sedengkeun 8 partéy lianna, nyaéta Partéy Komite Révolusi Tiongkok Kuomintang, Liga Démokratik Tiongkok, Pangwangunan Nasional Démokratik, Partéy Kamajuan Démokrasi, Partéy Démokratik Tani jeung Buruh, Partéy Zhi Gong, Partéy Daérah Istiméwa Taiwan Démokrasi, sarta Partéy Asosiasi 9-3/3 Séptémber, ngan nepikeun aspirasi masarakat anu diwakilanna. Anggota NPC dipilih liwat pangumpulan sora sacara rusiah ku propinsi, daérah otonomi, jeung kotamadya anu langsung ditangtayungan pamaréntah puseur sarta militer.[13] Lian ti kitu, kelompok séké sélér minoritas ogé miboga wawakil di NPC, boh anu kagabung dina Partéy boh utusan daérah.[13]

NPC mibanda anggota 2.987 urang nu mangsa jabatanna 5 taun. NPC ngayakeun sidang paripurna unggal taun sakali jeung mun Komite Tetep nganggap perlu atawa mun leuwih ti 1/5 anggota NPC ngusulkeunna, NPC bisa ngayakeun sidang unggal waktu. NPC ngayakeun sidang munggaran dina taun 1954.[13]

NPC miboga fungsi jeung kakawasaan, di antara ngamandeménkeun UUD jeung mikaawas palaksanaanna; ngasahkeun status dasar nagara; milih présidén jeung wakil présidén; netepkeun perdana menteri luyu jeung usul présidén; netepkeun wakil-wakil perdana menteri, panaséhat nagara, menteri-menteri, auditor nagara, jeung sékjén déwan nagara dumasar usul perdana menteri; milih puhu Komite Militer Pusat jeung netepkeun anggota-anggotana; milih jaksa agung; milih puhu mahkamah agung; mariksa sarta nyatujuan rencana nasional pangwangunan ékonomi jeung sosial sarta laporan palaksanaanna; mariksa jeung nyatujuan anggaran nagara sarta laporan palaksanaanna; jeung mutuskeun masalah-masalah kanagaraan séjénna.[13]

Di sagigireun éta, RRT ogé mibanda lembaga panaséhat, nyaéta Chinese People's Political Consultative Conference (CPPCC) anu anggotana téh unsur PKT, Partéy-Partéy non-komunis (8 Partéy), golongan étnis minoritas, agama, cindikiawan, organisasi sosial, jeung organisasi masarakat, kayaning palang mérah, pamuda, jeung urang-urang Tiongkok parantauan. Anggota CPPCC kurang leuwih 2.237 urang.[13]

Lembaga Peradilan di antarana Mahkamah Rahayat Agung (MA), peradilan daérah luyu jeung tingkat daérahna, peradilan militér, jeung peradilan rahayat husus. Mangsa jabatan Puhu MA nyaéta 5 taun jeung bisa dipilih deui ngan pikeun 2 mangsa jabatan. MA miboga tanggung jawab ka NPC. Sedengkeun peradilan daérah miboga tanggung jawab ka lembaga nagara anu ngawangunna, tapi pangawasan administrasina dilakonan ku lembaga peradilan sacara jumenjang. MA ngaawas Peradilan Rahayat Daérah tingkat I, sedengkeun Peradilan Rahayat Daérah tingkat I ngaawas Peradilan Rahayat Daérah tingkat II.[13] Sidang NPC tanggal 514 Maret 2011, geus ngasahkeun Repelita ka-12 pangwangunan ékonomi jeung sosial RRT taun 20112015, jeung ngaklém geus nepi targét pangwangunan sistim hukum sosialis anu mikarakter Tiongkok. Pikeun RRT, Repelita ka-12 kacida penting pikeun ngawangun masarakat anu sejahtera dina segala rupa hal salian penting pikeun neuleuman réformasi jeung nembrakna sarta ngagancangkeun transformasi tumuwuhna ékonomi.[13]

Sidang NPC ka-12 taun 2013.

Lian ti kitu, dina sidang NPC tanggal 514 Maret 2012 pamaréntah RRT boga angkeuhan bakal ngarurusuh réformasi pamaréntahan liwat ngalegaan démokrasi sosialis, palaksanaan pamilu, jeung panangtayungan hak nyora warga nagara kana jalanna pamaréntahan sarta nyiptakeun pamaréntahan anu bersih, nu bébas tina korupsi. Sidang ogé ngabahas ngeunaan amandemén Criminal Procedure Law anu leuwih nyanghareupkeun hak asasi manusa hususna patalian jeung hak katuduh palaku kriminalitas. Amandemén éta ogé ngatur ngeunaan larangan larapan kakerasan dina invéstigasi ka katuduh jeung ngklarifikasi prosedur jéntré ngeunaan hukuman maot. Larapan hukuman maot kudu meunang widi heula ti pangadilan luhur jeung lamun pangadilan luhur nolak hukuman maot, mangka kasusna akan dibalikeun ka pangadilan lokal.[13]

Taun 2012 mangrupa taun kacida pentingna pikeun RRT, nu mana dina tanggal 814 Nopémber 2012 geus diayakeun Kongrés Nasional PKT ka-18. Kongrés éta ngahasilkeun di antarana:

  • Amandemén Konstitusi PKT, nyaéta ngasupkeun konsép pamikiran Pangwangunan Sacara Ilmiah minangka salasahiji tetekon gawé PKT bareng jeung Marxisme-Leninisme, Pamikiran Mao Zedong, Téori Deng Xiaoping jeung konsép Tilu Kawawakilan sarta rumojong kamajuan ékologi sosialis;
  • Milih anggota Komite Tetép Politbiro PKT ka-18 anu lobana tujuh urang (saméméhna PKT ka-17 lobana salapan urang);
  • Milih Xi Jinping minangka Sékjén PKT anu anyar ngagantikeun Hu Jintao;
  • Milih Xi Jinping minangka Puhu Komisi Militér Puseur PKT.[13]

Sidang pléno munggaran NPC ka-12 anu lumangsung tanggal 5-17 Maret 2013, geus netepkeun kapamingpinan anyar RRT nyaéta alihan tina Generasi ka-4 ka Generasi ka-5 (Xi Jinping) pikeun mingpin RRT sapuluh taun ka hareup. Sidang geus milih jeung netepkeun Xi Jinping minangka Présidén jeung Puhu Komisi Militér Puseur (KMP) Nasional RRT anu anyar ngagantikeun Hu Jintao anu pangsiun, jeung Li Yuanchao kapilih jadi Wakil Présidén ngagantikeun Xi Jinping. Sidang ogé geus milih jeung netepkeun Zhang Dejiang minangka Puhu Komite Tetep NPC ka-12 (Puhu DPR RRT).

Gedong NPC anu tohaga ditémbong ti luar.

Dina tanggal 15 Maret 2013, sanggeus dinominasikeun ku Présidén Xi Jinping, Li Keqiang kapilih jadi Perdana Menteri RRT ngagantikeun Wen Jiabao anu pangsiun. Lian ti kitu, Zhou Qiang kapilih jadi Puhu Mahkamah Rahayat Agung RRT ngagantikeun Wang Shengjun jeung Cao Jiaming kapilih deui jadi Jaksa Rahayat Agung RRT.[13] Sedengkeun pikeun jabatan Wakil Puhu KMP, sanggeus dinominasikeun ku Présidén Xi Jinping, NPC netepkeun Fan Changlong jeung Xu Qiliang minangka Wakil KMP jeung ogé netepkeun dalapan anggota KMP nyaéta: Chang Wanquan, Fang Fenghui, Zhang Yang, Zhao Keshi, Zhang Youxia, Wu Shengli, Ma Xiaotian jeung Wei Fenghe.[13] Sidang éta ogé ngadopsi réstrukturisasi kabinét ti 27 kamenterian jadi 25 kamenterian anu tujuanna pikeun ngurangan birokrasi jeung nyieun pamaréntah nu leuwih éfisién pikeun ngajamin éféktivitas jalanna pamaréntahan kaasup pikeun neken prakték korupsi.[13]

Hubungan jeung Républik Tiongkok

[édit | édit sumber]

Dina pakuat-pakaitna jeung Taiwan, hubungan kadua belah pihak aya dina kamajuan ti mimiti "Presiden" Taiwan Ma Ying-jeou ngajabat dina bulan Méi 2008. Sabulan sanggeus pangistrénan, runtuyan patemuan digelar antara lembaga semiresmi kadua belah pihak, nyaéta Association for Relations Across the Taiwan Straits (ARATS/Daratan) jeung Straits Exchange Foundation (SEF/Taiwan) anu sempet nagen salila salapan taun. Nepi ka taun 2012 katompérnakeun, kadua belah pihak geus nandatanganan 18 pajangjian, di antarana: palayaran langsung, pengawangan langsung, palayanan pos langsung, katahanan pangan, pajangjian gawé bareng kaséhatan, atikan, haki, pajangjian inspéksi produk jeung karantina, tutukeuran wisatawan, panangtayungan invéstasi sarta pajangjian rancangan gawé bareng ékonomi (Economic Cooperation Framework Agreement ECFA). Sawatara kasupaketan penting lianna nyaéta supaya kadua pihak geus mimiti ngabahas isu hubungan pulitik jeung militér sarta gawé bareng tutukeuran budaya.[13]

Hubungan Luar Negeri Lianna

[édit | édit sumber]

Ti mimiti dicanangkeunna kawijakan réformasi taun 1978, pola kawijakan luar negeri RRT gé ngalaman parobahan dadasar. Sanajan tetep miharep kapentingan dina ngajaga weuteuhna wilayah jeung stabilitas kaamanan, tapi kawijakan pulitik luar negerina mah diarahkeun keur ngadukung suksésna pangwangunan nasional jeung marengkeun harmonisasi hubungan antarbangsa. Dina mimitina, RRT ngawanohkeun konsép peaceful rise, kiwari pemerintah RRT ngaganti ku istilah peaceful development. RRT kaciri ngamangpaatkeun sagala forum internasional/régional, ogé sacara bilateral sangkan bisa ngamankeun kapentingan nasionalna.[13]

Dina tingkat régional RRT martisipasi aktif, di antarana dina rarancang gawé bareng ASEAN, ARF, EAS, ESCAP, APEC, ACD, BRICS (Brasil, Rusia, India, RRT, jeung Afrika Kidul), G20, SCO (Shanghai Cooperation Organization), jeung Greater Mekong Subregion (GMS). Sedengkeun dina tingkat multilateral, RRT nyaéta salasahiji anggota tetep DK PBB (P5), ITU, ICAO, IMO, CEDAW, jeung badan husus PBB lianna. RRT jadi pihak mangrupa-rupa pajangjian internasional, di antarana Traktat Non-Proliferasi Nuklir (NPT), Konvénsi Sanjata Kimiawi, Konvensi Senjata Biologis, sarta Traktat Palarangan Sakabéhna Uji Coba Nuklir (CTBT).[13]

Sedengkeun dina hal ngabérésan aksi separatisme di Tibet, salasahiji tarékah anu dilakonan ku pamaréntah RRT nyaéta diwangunna jalur karéta api sapanjang 1.956 km, anu numbukeun kota Golmud di Propinsi Qinghai jeung kota Lhasa di Tibet, anu diresmikeun dina taun 1996. Babaraha pihak nilik pangwangunan jalur kareta api ieu minangka upaya Pamaréntah RRT pikeun ngadeukeutkeun Tibet jeung Béijing.[13]

Babagian Administratif

[édit | édit sumber]

RRT dibagi jadi 22 provinsi (sheng), 5 daerah otonom (zizhiqu), jeung 4 kotamadya (shih) anu dikontrol langsung ku pamaréntah puseur). RRT ogé mibanda 2 daérah otonomi husus nyaéta Hong Kong jeung Makau sarta ngaklaim kadaulatan pikeun provinsi ka-23 nyaéta Taiwan, anu kadaptarna mah minangka nagara kapisah.[32] Euweuh hiji ogé tina babagian administratif ieu anu diaku ku pamaréntah Républik Tiongkok, anu ngaklaim sakabéh wilayah RRT.

Klik dina salasahiji daérah pikeun runtuyan informasi. Pikeun vérsi badagna, tempo didieu.
Daérah Otonom Xinjiang UyghurDaérah Otonom TibétQinghaiGansuSichuanYunnanDaérah Otonom Ningxia HuiDaérah Otonom Inner MongoliaShaanxiChongqing KotamadyaGuizhouDaérah Otonom Guangxi ZhuangShanxiHenanHubeiHunanGuangdongHainanHebeiHeilongjiangJilinLiaoningKotamadya BeijingTianjin MunicipalityShandongJiangsuAnhuiKotamadya ShanghaiZhejiangJiangxiFujianDaérah Otonomi Husus Hong KongDaérah Otonomi Husus MakauTaiwan


Ékonomi

[édit | édit sumber]

Sajarah Ékonomi

[édit | édit sumber]

Ti taun 1970-an katompérnakeun, RRT geus ngarobah sistem paékonomianna tina sistem ékonomi katutup jeung centrally planned jadi sistem ékonomi anu leuwih nyoko kana pasar. Jeung ngaimpléméntasikeun kawijakan éta dina taun 2010 RRT suksés jadi éksportir pangbadagna sadunya. Réformasi ékonomi RRT dimimitian sacara tumahap nyaéta kaluar tina sistem patanian koléktif jeung ngalegakeunna dina liberalisasi harga, déséntralisasi fiskal, ngaronjatkeun otonomi BUMN, ngadiversifikasi sistem perbankan, ngembangkeun pasar saham, ngaronjatkeun tumuwuhna séktor swasta, jeung muka diri kana padagangan, sarta invéstasi luar negeri.[13]

Dina taun 2012, di tengah kajadian krisis kauangan global, RRT masih bisa mertahankeun tumuwuhna ékonomi anu stabil jeung tetep. Sawatara préstasi anu dicekel ku RRT di antarana nyaéta naékna GDP tina RMB 26,6 triliun (4,2 triliun USD) jadi RMB 51,9 trilyun (8,3 triliun USD), anu nempatkeun RRT di réngking kadua sacara global. Disagigireun éta, beubeunangan pamaréntah ogé naék tina RMB 5,1 triliun (822 miliar USD) jadi RMB 11,7 triliun (1,88 triliun USD) ku nambahna lapangan gawé saloba 58,7 yuta.[13]

Salasahiji konci ngahasilna Pamaréntah RRT dina mertahankeun tumuwuhna ékonomi di tengah krisis global nyaéta palarapan kawijakan fiskal anu pro-aktif, kawijakan easy moneter, palarapan kawijakan finansial nu sagembléngna, rumonjatanna balanja pamaréntah, jeung nyieun pangurangan pajak sacara struktural. Disagigireun éta, igé dilakonan panyaluyuan giro wajib minimum jeung suku bunga pikeun mertaankeun tumuwuhna anu pas dina suplai duit jeung krédit. Dina ngaréspon trén parobahan makro ékonomi, pamaréntah ogé sacara gancang nginténsifkeun impléméntasi kawijakan, ngurangan daya dorong ti kawijakan stimulus sacara tepat waktu, jeung ngimpléméntasikeun kawijakan fiskal pro-aktif jeung kawijakan monétér anu ati-ati. Dina raraga pikeun ngagancangkeun panyaluyuan struktur ékonomi jeung ngembangkeun kualitas sarta kinérja pangwangunan ékonomi, pamaréntah geus ngalakonan runtuyan tarékah pikeun ngadorong pamundutan doméstik. Minangka hasilna, kontribusi pamundutan doméstik kana tumuwuhna ékonomi ngaronjat.[13]

Industri

[édit | édit sumber]

Di widang industri, RRT ngalakonan sawatara tarékah pikeun meromosikeun transformasi séktor industri anu antukna ngajadikeun industri manufaktur RRT panggedéna di dunya, ku tumuwuhna niléy tambah taunan rata-rata nepi 13,4%. Hal ieu sakaligus ngajadikeun manufaktur téknologi luhur minangka pilar utama ékonomi RRT. Disagigireun éta, dina période lima taun ieu, industri stratégis kawengku clean energy, konsérvasi énérgi, panangtayungan lingkungan, téknologi komunikasi jeung bio-medicines geus tumuwuh gancang. Kontribusi séktor jasa kana GPD ogé rumonjat kurang leuwih 2,7%, jeung ngajadikeun séktor ieu bisa nyiptakeun lapangan gawé leuwih loba batan séktor séjén.[13]

Padagangan internasional RRT dina waktu lima taun panungtung rata-rata tumuwuh 12,2%/taun jeung RRT aya dina réngking kadua nagara anu padaganganna pangbadagna di dunya. RRT geus jadi pangékspor pangbadagna sadunya sarta kontribusina ka pasar internasional ogé ngaronjat leuwih ti 2% tinimbang taun 2007. Pikeun invéstasi, salila lima taun pamaréntah geus ngagunakeun invéstasi asing saloba 552,8 miliar USD. Sarta pikeun ngarojong ékspansi pangusaha RRT kaluar negeri, pamaréntah ngalarapkeun stratégi go global.[13]

Géografi

[édit | édit sumber]
Jungkrang walungan Huáng Hé'

RRT mangrupa nagara pangbadagna ka-3 di dunya sanggeus Rusia jeung Kanada, wewengkonna ngawengku daratan anu kacida legana di tapak Paadaban Lebak Walungan Konéng. Di beulah wétan, salian ti basisir Sagara Konéng jeung Sagara Tiongkok Wétan, kapanggih ogé hiji daratan anu lega tur padet nu ditempatan ku lapangan taneuh anyar, basisir Sagara Tiongkok Kidul leuwih ngabentuk gugunungan jeung Tiongkok beulah kidul didominasi wewengkon pasir jeung jajaran gunung anu leuwih héndép. Di beulah tengah ngétan kapanggih délta 2 walungan utama Tiongkok, Huang He (Walungan Konéng) jeung Chang Jiang (Walungan Panjang). Walungan-walungan utama séjénna nyaéta Zhu Jiang, Songhua Jiang, Mekong, Brahmaputra jeung Amur.

Ka beulah kulonna, jajaran gunung anu utama, hususna Himalaya kalawan titik pangjangkungna di Tiongkok Gunung Everest, jeung ciri-ciri plato jangkung di antara wentang daratan anu leuwih garing ti batan gurun samodél Gurun Taklamakan jeung Gurun Gobi. Ku sabab halodo panjang jeung jigana gara-gara patanén anu leutik migawé badéy lebu geus jadi hal anu biasa dina usum semi di Tiongkok. Nurutkeun Badan Pangraksa Lingkungan Tiongkok, Gurun Gobi geus dimekarkeun jeung mangrupa sumber utama badéy lebu anu mangaruhan Tiongkok jeung wewengkon Asia Kalér Ngétan séjénna saperti Koréa jeung Jepang. Keusik ti beulah kalér geus kacaturkeun nepi ke basisir kulon Amérika Sarikat. Pangurusan cai walungan (saperti pamiceunan sésa tinja, pangotoran ku kilang, jeung ékstraksi cai pikeun irigasi jeung inumeun) jeung ngaheureutanna taneuh pasir matak ngabalukarkeun dampak goréng ka nagara séjén.[rujukan?]

Walungan

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Daptar walungan di RRT.

Dua walungan utama RRT, Huáng Hé' (Walungan Konéng) jeung Chang Jiang (Yangzi atawa Walungan Yangtze), sarta walungan mutiara (Zhu Jiang) sistem délta nu dicirian ku Xi Jiang (Walungan kulon) di kidul wétan RRT, geus aya rarancangan gawé pikeun ngamekarkeun kagiatan tani jeung tumuwuhna populasi ti sapanjang sajarah Tiongkok.[33] Walungan séjén nyaéta Heilong Jiang (dipikawanoh ogé minangka walungan Amur ceuk ngaran Rusiana) nyirikeun wates antara RRT jeung Rusia. Dina mangsa baheula, daérah ieu téh salah sahiji konfrontasi antara dua nagara.[33]

Pagunungan

[édit | édit sumber]
Pagunungan Huangshan
 Artikel utama: Daptar pagunungan di RRT.

Himalaya, pagunungan anu pangluhurna di dunya, ngawangun wawatesan kidul kulon jeung India, Nepal sarta Bhutan, ogé di dinya nganjrekna poncrot pangluhurna di dunya.[34] Nganjrekna poncrot pangluhurna Himalaya téh nyaéta di RRT, anu dipikawanoh minangka Gunung Everest, anu mangrupa gunung pangluhurna di dunya, sarta luhurna nepi kana 8.850 m.[34] Loba walungan anu bijil ti Himalaya, kaasup walungan Indus jeung Brahmaputra. Di bagéan kalér wétan, wawates RRT jeung Rusia ogé diwates ku pagunungan cingcin luhur.[34]

Gurun Gobi mayakpak ti belah kulon ka wétan di sapanjang wawatesan jeung Mongolia.[34] Éta mangrupa topografi variatif ti gurun pasir ka tutugan gunung anu landeuh sarta dataran luhur anu ngabaris nepi ka Mongolia.[34] Halodo kateterusan ngabalukarkeun daérah kaserang badéy kekebul, sahingga RRT kaleungitan sayuta héktar per taunna wewengkon nu jadi gurun.[34] Titik panglandeuhna di RRT nyaéta logak gersang Tupan anu nganjrek di bagian kulon, sarta mangrupa titik panglandeuhna katilu di marcapada.[34]

Flora jeung Fauna

[édit | édit sumber]
Panda badag di Chiang Mai Zoo

RRT mangrupa salasahiji ti 17 nagara mégadiversitas,[35] sarta nganjrek di antara dua ékologi pangbadagna di dunya: Paléarktik jeung Indomalaya. RRT mibanda leuwih ti 34.687 spésiés amfibi, manuk, mamalia, réptil jeung tutuwuhan vaskular, ogé minangka nagara katilu anu paling réa kaanékaragaman hayatina di marcapada, sanggeus Brazil jeung Kolombia.[36] Malah mah RRT téh imah pikeun 551 spesies mamalia (ka-3 di dunya)[37], 1.221 jenis manuk (ka-8 di dunya)[38], 424 spésiés réptil (ka-7 di dunya)[39] jeung 333 spésiés amfibi (ka-7 di dunya)[40]. di antara spésiés éndemik mamalia di nagara ieu, nyaéta: panda, monyét bulu emas, maung tiongkok kulon, manuk Moron, ibis Jepang, lumba-lumba walungan bodas jeung aligator tiongkok.[41]

Di wewengkonna mah aya leuwih ti 32.000 spésiés tutuwuhan vaskular jeung mangrupa imah pikeun mangrupa-rupa leuweung konifer tiis.[41] Éta ngadominasi di kalér sarta mangrupa habitat pikeun saro sarupaning uncal, beruang hideung asia jeung leuwih ti 120 spésiés manuk.[41] Di rungkun konifer baseuh bisa dipanggihan leunjeuran awi.[41] Tangkal yew (Taxus chinensis) jeung juniper ayana di dataran luhur nu mana rododrendón ngagantikeun awi.[42] Leuweung subtropis, anu ngadominasi di puseur jeung kulon nyaéta imah pikeun leuwih ti 146.000 spésiés flora. Leuweung tropis jeung leuweung usuman, sanajan kawates ku Yunnan jeung Hainan tapina ngandung saparapat tina sakabéh spésiés sato jeung tutuwuhan anu kapanggih di RRT.[43] Di RRT tumuwuh leuwih ti 10.000 spésiés supa,[41] anu ampir 6.000-na mah nyaéta supa jarangkung. Spésiés tutuwuhan anu penting lianna kawengku: metasecouya, camara tiongkok, Cataya, pinus Taiwan, cemara fujiano davidia, guatapercha jeung campotecia.[43]

Sahenteuna 840 spésiés sato kaancam punah, utamana ku sabab tarékah manusa kayaning parusakan habitat, polusi jeung moro sato pikeun dahareun, kulit sarta bahan-bahan pikeun ubar tradisional.[44] Spésiés kaancam punah anu ditangtayungan ku hukum dina taun 2005 aya leuwih ti 2.349 wewengkon lindung ngawengku legana 149.950.000 ha, 15% tina wilayah PRT.[45] Tanggal 11 Juni 1992 pamaréntah PRT nandatanganan Konvénsi Kaanékaragaman Hayati Rio de Janeiro, sarta jadi anggota Konvénsi dina tanggal 5 Januari 1993. Satuluyna ngahasilkeun hiji stratégi jeung rancangan aksi nasional kaanékaragaman hayati, yén sanggeus tinjauan ditarima ku konvénsi dina tanggal 21 Séptémber 2010.[46]

Infrastruktur

[édit | édit sumber]
Stasion karéta api Tianjin nu aya CRH3 di tukangna

Tumuwuhna Pangwangunan

[édit | édit sumber]

Dina widang infrastruktur, salila période lima taun, pamaréntah geus suksés ngabangun leuwih ti 18 yuta unit imah nu disubsidi jeung ngoméan 12 yuta unit imah di daérah pasisian.[13] Disagigireun éta, ogé geus suksés diwangun 19.700 km jalur kareta api, nu mana 8951 km na nyaéta jalur kareta api éksprés.[13] Pamaréntah ogé geus ngawangun 609.000 km jalan anyar, jeung 42.000 km na mangrupa jalan tol, anu nambah panjang jalan tol sacara sakabéhna jadi 95.600 km.[13] Leuwih jerona, ogé geus diwangun 31 bandara jeung 602 palabuan pikeun 10.000 ton kapal sarta pangwangunan proyék badag pikeun ngamalirkeun gas jeung listrik ti kulon ka wétan.[13]

Jalan tol Tiongkok nu panjangna 65.000 kilométer mangrupa jalan tol pangpanjangna kadua di dunya, handapeun Amérika Sarikat.[47]

  • Taun 2020 pamaréntah RRT geus ngarencanakeun pikeun méréskeun tilu yuta kilométer jalan tol jeung jalan raya, naék ti nu tadina dua yuta kilométer dina taun 2008.[47]
  • RRT mangrupa puseur jalan tol, ku sabab jalan tol RRT téh 70% ti total jalan tol di sakuliah dunya.[47]
  • Pamaréntah RRT ngabiayaan ampir sakabéh proyék jalan ku anggaranna sorangan, sedengkeun séktor swasta miboga perang nu kawates.[47]
  • Séktor jalan tol téh salah sahiji bisnis anu nguntungkeun pisan di RRT pikeun taun 2009, bareng jeung bisnis real estate sarta kauangan.[47]

Karéta Api

[édit | édit sumber]

Galur karéta api RRT dina taun 2008 katompérnakeun, geus nepi kana 79,687.5 km, aya dina réngking kahiji sa-Asia.[48] Ti wétan ka kulon, kalér ka kidul, dikombinasikeun ku diwangunna galur nu cukup gedé nyaéta galur karéta api Ganzhi nu jadi faktor ronjatanna.[48]

Pangoperasian transportasi karéta api di RRT geus dimimitian ti taun 2008,[49] kabagi jadi karéta api nasional sarta karéta api pagawé nu tujuanna pikeun ngalarapkeun konsép pangwangunan ilmiah, dinas ogé ngutamakeun kapentingan rahayat, nu inovasina terus maju dina kasatuan, ogé pikeun miceun runtuyan kamacétan, pangwangunan transportasi karéta api RRT geus nepi kana préstasi anu luar biasa.[49]

Dina taun 1986, RRT geus ngarumuskeun tujuan jangka panjang pangwangunan wajib diajar salapan taun pikeun sakumna budak. Dina taun 1997, RRT miboga 628.840 sakola dasar, 78.642 sekolah luhur jeung 1.020 sakola husus.[50] Dina bulan Pébruari 2006, pamaréntah ngarévisi target pikeun ngayakeun atikan wajib diajar salapan taun tur haratis, kaasup nyadiakeun buku pangajaranna sarta di tingkat kuliahanna ogé, di propinsi belah kulon kawilang miskinna.[51]

Universitas Sains dan Téknologi Huazhong nu ngadeg di Wuhan

Dina taun 2002, tingkat masarakat anu beunta kana widang atikan di RRT nyaéta 90,9%, anu komposisina 95,1% lalaki jeung 86,5% awéwé.[52] Dina bulan Maret 2007, RRT ngumumkeun kaputusan pikeun ngajadikeun atikan minangka "Prioritas Stratégis Nasional", ku anggaran nasionalna tilu kali lipet dina dua taun sarta tambahan 223.500.000.000 yuan disadiakeun salila lima taun pikeun ngaronjatkeun atikan wajib di daérah kapencil.[53]

Kualitas universitas RRT mah variatif nu lolobanana mah daptarna téh di Béijing University, Universitas Rahayat Tiongkok (Renmin University of China), jeung Tsinghua University di Béijing, Fudan University, Shanghai Jiao Tong University, Xi'an Jiaotong University di Xi'an, Nanjing University di Nanjing, Universitas Sains jeung Téknologi RRT di Hefei, Universitas Zhejiang di Hangzhou sarta Wuhan University di Wuhan.[54][55]

Di RRT, sistem atikanna dibagi jadi tilu kategori: atikan dasar, atikan luhur, dan atikan déwasa. Geus ditetepkan yén unggal budak téh kudu miluan wajib diajar salapan taun dina atikan formal.[56]

Atikan Dasar

[édit | édit sumber]

Atikan dasar di Tiongkok di antarana atikan pra-sakola, atikan dasar jeung atikan menengah biasa. Prasakola, atawa taman kanak-kanak, paling lila nepi ka tilu taun, nu patokanna ti umur tilu taun nepi ka umur genep taun, liwat ti éta sok langsung di ka sakola dasarkeun.[56] Taun akademik anu dilarapkeunana dibagi jadi dua seméster.[56] Atikan menengah dibagi jadi atikan menengah umum jeung husus, SMK atawa atikan téknik. Atikan menengah umum dibagi geui jadi sakola menengah umum handap jeung sakola menengah umum luhur.[56] Lulusan sakola dasar nu hayang neruskeun kudu nyokot ujian asup anu dikokola sacara lokal, anu dipertimbangkeun ka hareupna boh leuwih cocog ka sakola menengah umum atawa ka menengah kajuruan.[56] Sakola menengah kajuruan kagiatanna antara dua nepi ka opat taun sarta dilatih jadi pagawé calakan, patani, ogé jadi tanaga manajerial jeung tanaga téknis.[56] Sedengkeun sakola téknik kagiatanna opat taun pikeun ngalatih tanaga téknis.[56]

Atikan Luhur

[édit | édit sumber]

Atikan luhur nyaéta tingkatan sarjana kayaning paguron luhur junior 2-3 taun(sakapeung mah disebut siklus pondok paguron luhur), paguron luhur 4 taun, sarta universitas anu nawarkeun program pangajaran akademik jeung kajuruanna.[56] Loba ogé paguron luhur jeung universitas menawarkan program pascasarjana anu nojo ka tingkat master atawa Ph.D.[56] Atikan luhur Tiongkok di tingkat sarjana dibagi jadi program tilu taun jeung program opat taun.[56]

Atikan Déwasa

[édit | édit sumber]

Kategori atikan jalma déwasa patumpang-tindih jeung tilu kategori dina atikan luhur.[56] Atikan déwasa tingkat dasar kaasup Sakola Dasar, Sekolah Dasar Patani-Pagawé, jeung kelas kaaksaraan.[56] Atikan menengah déwasa ngawengku sakola menengah husus radio/TV, sakola menengah husus pikeun kader, sakola menengah husus pikeun staf jeung pagawé, sakola menengah husus pikeun patani sarta sakola husus palatihan guru jeung koréspondénsi sakola.[56] Atikan dewasa tingkat luhur kaasup universitas radio/TV, lembaga kader, paguron luhur pagawé, paguron luhur patani, paguron luhur koréspondénsi sarta paguron luhur atikan.[56]

Budaya Tiongkok di Tatar Sunda

[édit | édit sumber]

Pangaruh budaya Tiongkok di Tatar Sunda lumangsung ti mimiti datangna Bangsa Tiongkok di Kapuloan Nusantara[57][58]. Numutkeun sumber kronik Tiongkok kuna masa Dinasti Han, nétélakeun yén saudagar Tiongkok geus ngalakukeun lalayaran ka Asia Tenggara dina abad ka-2 SM nyaéta di sabudeureun Palembang jeung Bornéo[57]. Budaya Tiongkok mibanda pangaruh nu loba keur unggal aspék kahirupan masarakat Tatar Sunda, ti mimiti kadaharan, pakakas, corak jeung modél baju, dagang, tatanén, basa, katut pangobatan.[57]

Dina widang kadaharan misalna aya tahu, togé, tauco, moci, baso, siomay, bihun, emih jeung kécap.[57] Dina widang pakakas, péso, katél, jeung wawadahan tina keramik lianna.[57] Dina widang corak jeung modél baju misalna calana pangsi, kabaya encim, kelom jeung payung, katut motif batik méga mendung ti daérah pasisian Cirebon.[57] Dina widang dagang misalna ayana sempoa jeung timbangan.[57] Dina widang tatanén contona cara melak paré kalawan maké sistem sawah.[57] Dina widang basa tinangtu loba kekecapan serepan tina basa Tiongkok, di antarana kecap bolay, cap, cét, jimpo, kinca, loténg, jrrd.[57] Pon komo dina widang pangobatan mah, ti mimiti rupaning ubar katut pakakas médisna.[57]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Chan, K. W. (2007). "Misconceptions and Complexities in the Study of China's Cities: Definitions, Statistics, and Implications". Eurasian Geography and Economics 48 (4): 383–412. doi:10.2747/1538-7216.48.4.383. http://courses.washington.edu/chinageo/ChanCityDefinitionsEGE2007.pdf. Diakses pada 30 April 2015.  Archived 15 Januari 2013 di Wayback Machine
  2. "What are China's largest and richest cities?". University of Southern California. 2007. Diakses tanggal 30 April 2015.  Archived 9 Nopémber 2013 di Wayback Machine
  3. "Law of the People's Republic of China on the Standard Spoken and Written Chinese Language". Gov.cn. Diakses tanggal 30 April 2015.  Archived 24 Juli 2013 di Wayback Machine
  4. "China". Encyclopædia Britannica. Retrieved on 17 Maret 2015.  Archived 2009-04-01 di Wayback Machine
  5. "Communiqué of the National Bureau of Statistics of People's Republic of China on Major Figures of the 2010 Population Census". Stats.gov.cn. Diakses tanggal 30 April 2015.  Archived 10 Juni 2011 di Wayback Machine
  6. a b c d "China". International Monetary Fund. Diakses tanggal 30 April 2015.  Archived 9 April 2015 di Wayback Machine
  7. CIA World Factbook Archived 2009-05-13 di Wayback Machine [Gini rankings]
  8. "Human Development Report 2011" (PDF). Pasarikatan Bangsa-Bangsa. 2011. Diakses tanggal 17 April 2015.  Archived 11 Nopémber 2011 di Wayback Machine
  9. "ICANN Board Meeting Minutes". ICANN. Diakses tanggal 30 April 2015.  Archived 7 Juli 2010 di Wayback Machine
  10. Bilik, Naran (2015), "Reconstructing China beyond Homogeneity", Patriotism in East Asia, Political Theories in East Asian Context, Abingdon: Routledge, p. 105 
  11. SBY ganti istilah China jadi Tionghoa Archived 2014-09-24 di Wayback Machine Diaksés 30 April 2015
  12. "Countries of the world ordered by land area". Listofcountriesoftheworld.com. Diakses tanggal 30 April 2015.  Archived 5 Maret 2010 di Wayback Machine
  13. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah "Informasi Dasar RRT" (PDF). Kementerian Luar Negeri Republik Indonesia. Diakses tanggal 30 April 2015. [tumbu nonaktif]
  14. "The American Heritage Dictionary of the English Language : China". Boston and New York: Houghton-Mifflin. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2011-09-21 di Wayback Machine
  15. "China". Oxford English Dictionary (1989). ISBN 0-19-957315-8.
    The Book of Duarte Barbosa (bagian judul "The Very Great Kingdom of China"). ISBN 81-206-0451-2. In the Asli basa Portugisna Archived 2013-05-08 di Wayback Machine, bagian judul "O Grande Reino da China".
  16. Eden, Richard (1555). Decades of the New World: "The great China whose kyng is thought the greatest prince in the world."
    Myers, Henry Allen (1984). Western Views of China and the Far East, Volume 1. Asian Research Service. p. 34. 
  17. Martino, Martin, Novus Atlas Sinensis, Vienna 1655, Preface, p. 2.
  18. Liu, Lydia He (2009). The Clash of Empires: the invention of China in modern world making. Harvard University Press. pp. 77–78. ISBN 9780674040298. 
  19. "The Polity of Yelang and the Origin of the Name 'China'" (PDF). Geoff Wade. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2017-11-17 di Wayback Machine
  20. Wilkinson, Endymion (2000). Chinese History: A Manual. Cambridge, MA: Harvard University Press. Rev. and enl. kaca 132. ISBN 0-674-00247-4.
  21. Aedeen Cremin. 2007. Archaeologica: the world's most significant sites and cultural treasures, Global Book Publishing. kaca 246.
  22. Patricia Buckley Ebrey. 1996. The Cambridge illustrated history of China, Cambridge University Press. kaca 22.
  23. a b c d Diario del Pueblo. "Breve cronología histórica de China". People.com.cn. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2021-03-08 di Wayback Machine
  24. a b "Las dinastías Xia y Shang (China)". Arte Historia.jcyl.es. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2012-07-24 di Wayback Machine
  25. "Zhengzhou". International Dictionary of Historic Places: Asia and Oceania. (1996). Ed. Schellinger, Paul E.; Salkin, Robert M.. 
  26. a b c d e f "Northern Song Dynasty (960–1127)". MetMuseum.org. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2017-10-10 di Wayback Machine
  27. Ping-ti Ho. "An Estimate of the Total Population of Sung-Chin China". dina Études Song. Séri 1. Nomor 1. 1970. kaca 33–53.
  28. Rice, Xan (2010-07-25). "Chinese archaeologists' African quest for sunken ship of Ming admiral". The Guardian (London). http://www.guardian.co.uk/world/2010/jul/25/kenya-china. Diakses pada 5/7/2015  Archived 26 Pébruari 2013 di Wayback Machine
  29. a b "Wang Yangming (1472—1529)". Internet Encyclopedia of Philosophy. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2015-05-02 di Wayback Machine
  30. a b c "Boxer Rebellion". Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2015-04-27 di Wayback Machine
  31. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w Ririn Darini, M.Hum. "Garis Besar Sejarah China Era Mao" (PDF). Fakultas Ilmu Sosial - Universitas Negeri Yogyakarta. Diakses tanggal 5/8/2015.  Archived 2015-04-12 di Wayback Machine
  32. "China Provinces". www.statoids.com. Diakses tanggal 5/5/2015.  Archived 2004-01-01 di Wayback Machine
  33. a b "Chinese Geography: Readings and Maps". afe.easia.columbia.edu. Diakses tanggal 6/5/2015.  Archived 2015-04-30 di Wayback Machine
  34. a b c d e f g "Geography of China". www.worldatlas.com. Diakses tanggal 6/5/2015.  Archived 2015-05-08 di Wayback Machine
  35. "Biodiversity Theme Report". Environment.gov.au. 10/12/2009.  Archived 2008-12-08 di Wayback Machine
  36. "Countries with the Highest Biological Diversity". Mongabay.com. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2013-03-26 di Wayback Machine
  37. "IUCN Initiatives – Mammals – Analysis of Data – Geographic Patterns 2012". IUCN Red List.com. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2013-05-12 di Wayback Machine
  38. "Countries with the most bird species". Mongabay.com. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2013-02-16 di Wayback Machine
  39. "Countries with the most reptile species". Mongabay.com. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2013-02-16 di Wayback Machine
  40. "IUCN Initiatives – Amphibians – Analysis of Data – Geographic Patterns 2012". IUCN Red List.com. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2013-05-12 di Wayback Machine
  41. a b c d e "Countries with the most vascular plant species". Mongabay.com. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2014-01-12 di Wayback Machine
  42. "El bambú: ¿un recurso sustentable?". Varas, Eugenio J. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2014-05-14 di Wayback Machine
  43. a b "Flora y fauna de China". Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2016-03-04 di Wayback Machine
  44. "Top 20 countries with most endangered species IUCN Red List". MNN.com. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2013-04-24 di Wayback Machine
  45. "Nature Reserves". China.org.cn. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2017-10-10 di Wayback Machine
  46. "List of Parties". CBD.int. Diakses tanggal 5/6/2015.  Archived 2011-01-24 di Wayback Machine
  47. a b c d e "Roads Sector in China". asiatradehub.com. Diakses tanggal 5/15/2015.  Archived 2015-04-22 di Wayback Machine
  48. a b "China Railways- Overview". asiatradehub.com. Diakses tanggal 5/15/2015.  Archived 2015-03-25 di Wayback Machine
  49. a b "The operation of rail transport in China". asiatradehub.com. Diakses tanggal 5/15/2015.  Archived 2013-10-31 di Wayback Machine
  50. "Education". Orasia co., ltd. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2011-04-10 di Wayback Machine
  51. "China pledges free 9-year education in rural west". China Economic Net. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2017-10-10 di Wayback Machine
  52. "Chinese People". TravelBlog. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2007-08-11 di Wayback Machine
  53. "Premier Wen announces hefty educational investment". news.xinhuanet.com. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2016-04-14 di Wayback Machine
  54. "Chinese University Ranking unveiled". China Daily. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2011-05-14 di Wayback Machine
  55. "All-around Ranking". Netbig rank. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2011-01-04 di Wayback Machine
  56. a b c d e f g h i j k l m n "Education System in China". China Education and Research Network. Diakses tanggal 5/7/2015.  Archived 2015-05-18 di Wayback Machine
  57. a b c d e f g h i j Museum Negeri Sri Baduga. 2007. Budaya Cina di Tatar Sunda. Bandung: Museum Negeri Sri Baduga
  58. Http://www.slideshare.net/mobile/andreaja9693/budaya-cina-sunda [Diaksés ping 18 Septémber 2017]

Bacaan satuluyna

[édit | édit sumber]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan China ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

Pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Informasi umum

[édit | édit sumber]
  • Google Maps—China
  • Atlas Républik Rahayat Tiongkok Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Républik Rahayat Tiongkok.
  • Koordinat: 35°N 103°E / 35°N 103°E / 35; 103