Togé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Togé

Togé atawa Kacambah nyaéta tutuwuhan (sporofit) ngora anu kakara mekar tina tahap embrio di jero siki. Tahap mekarna katelah perkecambahan jeung mangrupa salah sahiji tahap dina jero kahirupan tutuwuhan.[1] Togé papasingana aya tilu: radikula (akar embrio), hipokotil, jeung kotiledon (daun lembaga).[2] Dua kelas tina tutuwuhan kembangan dibédakeun tina cacah daun lembagana: monokotil jeung dikotil.[3] Tutuwuhan anu siki na muka leuwih euyeub dina cacah daun lembagana.[4] acambah pinus misalna bisa ngabogaan dalapan daun lembaga, sababaraha jenis tutuwuhan kembangan henteu ngabogaan kotiledon, anu katelah ogé akotiledon[5].

Togé minangka Kadaharan[édit | édit sumber]

Togé

Togé sering ogé digunakeun minangka kadaharan jeung diasupkeun minangka golongan sayur-sayuran[5]. Khazanah boga Asia niténan yén tauge minangka bagian tina menu masakan kaumuman.[5] Togé dianggap kadaharan séhat ku sabab euyeub ku vitamin E ngan dikritik ogé ku sabab sababaraha togé bisa ngabentuk zat antigizi.[5] Kacambah jelai anu kakoncara minangka malt digunakeun pikeun salah sahiji bahan baku bir.[5] Malt ogé digunakeun minangka bagian tina inumeun séhat kusaba ngandung maltosa anu leuwih handap kalori tibatan sukrosa.[5][6]

Dihandap ieu mangrupa tutuwuhan togé anu bisa digunakeun ku manusa :

just for widening coloum just for widening coloum
  • Garden cress
  • Dill
  • Fenugreek
  • Garbanzo
  • Serai
  • Lentil
  • Selada
just for widening coloum just for widening coloum

Produksi Togé[édit | édit sumber]

Togé

Dina nyieun togé dibutuhkeun sisikian atawa kakacangan anu séhat, henteu buruk, jeung bersih tina pestisida sarta lingkungana anu optimal mangrupa rohangan anu poék, lembab, jeung rohangan anu kadar caina nyukupan keur perkecambahan siki anu dimaksud[7]. Anu munggaran siapkeun wadah anu aya liangan jeung dadasarna datar.[7].tuluy di bagian dadasarna dihijikeun jeung kapas atawa lawon baseuh, diteundeun sasarap mangrupa mangrupa lawon anu mangrupa tempat nyaliara binih atawa siki.[7]. Dina tahap anu mimiti , dilakukeun tahap ngumbah jeung ngeueuman binih salila 6-8 jam ku cai langsung binih anu geus disiapkeun arék disebar dina tilam lawon anu geus disadiakeun .[7]. unggal 2-3 kali dina sapoé dicéboran ku cai anu bersih.[7]. Sanggeus 3-5 poé, Togé geus bisa dipanén.[7].

Catetan[édit | édit sumber]

  1. (en) Vahid Jajarmi (2009). "Effect of Water Stress on Germination Indices in Seven Wheat Cultivar". World Academy of Science, Engineering and Technology 49: 105-106. http://www.waset.org/journals/waset/v49/v49-22.pdf.  Archived 2012-05-19 di Wayback Machine
  2. (en) AgEdLibrary.com (2006). Parts of the Seed. pp. 1-4. http://www.mycaert.com/samples/070026.pdf. 
  3. (en) AgEdLibrary.com (2006). Parts of the Seed. pp. 1-4. http://www.mycaert.com/samples/070026.pdf. 
  4. (en) AgEdLibrary.com (2006). Parts of the Seed. pp. 1-4. http://www.mycaert.com/samples/070026.pdf. 
  5. a b c d e f g (en) (en)Ireland. National Education Board (1899). Fourth book of lessons for the use of schools. Ireland. National Education Board. 
  6. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  7. a b c d e f FG Winarno, Agustinah W, Barus T. (2009). Penuntun praktis usaha mandiri Teknobiologi Pangan. Penerbit Universitas Atma Jaya. 

Pranala Luar[édit | édit sumber]