Maltosa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Maltosa, atawa gula gandum, nyaéta disakarida nu terbentuk tina dua unit glukosa nu ngagabung jeung ikatan α(1 → 4), terbentuk ti reaksi kondensasi. Disakarida ieu dijieun mangsa pati dipecah ku amilase,jeung biasana dipanggihan dina biji nu berkecambah, contona nyaéta gandum.[1]

Rasa tina maltosa éta sorangan nyaéta amis, ku sabab maltosa téh memang gula nu aya fruktosa di jero na kira-kira hijipergenep kandungan jeung satengahna nyaéta glukosa. Maltosa biasana dijual di toko-toko permen nu aya di Makau, Hong Kong, Taiwan jeung Cina selatan jeung mun dek ngakonsumsina, nu paling umum carana nyaéta ngagunakeun maltosa ngalapisan 2 potong roti.

Sipat Maltosa[édit | édit sumber]

  1. Ngalaman hidrolisis kalayan nu geus disebutkeun, nyaéta ngamecahkeun jadi dua monosakarida sajenis atawa ogé nu beda jenis.
  2. Meunang larut tina jero cai
  3. Ngabogaan rasa amis sanajan teu saamis fruktosa.
  4. nyaéta gula pereduksi sarengan jeung laktosa, samentawis sukrosa teu kaasup gula pereduksi. Maltosa disebat gula pereduksi ku sabab memang dipikanyaho bisa mereduksi larutan Fehling nu dipicu ku ayana sesa hiji gugus hemiasetal bebas ku maltosa jeung laktosa nu disebut ogé ku istilah gugus pereduksi. Sedengkeun jang sukrosa, pembentukana memang aya gugus hemiastal nu kalibat jeung ogé hemiastal fruktosa jadina gugus pereduksi teu dibogaan ku sukrosa.

Manpaat Maltosa[édit | édit sumber]

Maltosa ngabogaan manpaat Salaku Pangamis Buatan,Ngadukung dijieunna Minuman Ringan jeung Bir, Ngadukung dijieunna Makanan Bayi.

Sumber Maltosa[édit | édit sumber]

Teu kaitung loba bahan makanan nu ngabogaan maltosa, mung aya sababaraha kadaharan nu apabila ku urang cerna dina jero awak, saenggeusna bakal ngahasilkeun maltosa, sapertI:

  1. Sayuran
  2. Bungbuahan
  3. Kacang-kacangan
  4. Kentang
  5. Jagong
  6. Seréal
  7. Biji-bijian

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Maltosa". Halo Sehat. Diakses tanggal 2 Maret 2019.