Payung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
payung
jelema keur nyekel payung

payung nya éta bahan plastik, anu disebut kanopi, anu némpél dina karangka beusi.[1] Payung nya éta parasut;panghalang panas poé atawa hujan lamun urang keur di luar.[2] pajeng;~dipakéna dibenerkeun heula gagangna dicekel, lamun enggeus dipaké dilingkupkeun deui;aya~kertas, lawon hideung, sutra jsb.[2]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Dina mimiti 3500 taun ka tukang, ayana payung geus kapanggih di Tiongkok. Ngeunaan kapanggihna payung, aya loba legénda-legénda rahayat anu nyaritakeunana, hiji diantarana pang sumebar lega nya éta carita “Luban manggih Payung”.

Luban nya éta Bapa Pertukangan di Tiongkok. Nurutkeun catetan “Kepingan Giok”, payung kapanggih ku pamajikan Luban, anu pohara paduli sarta perhatian ka gawé salakina. kacaritakan, Saban poé Luban dibawakan kadaharan ku pamajikanana anu ngaranna Yun, di mana Yun mindeng kali kakeunaan hujan gedé sabot éta.

Jadi Luban nyieun paviliun di sapanjang jalan sangkan pamajikanana henteu kehujanan, tapi ngarasa cara éta masih kurang praktis. Tuluy saterusna, dumasar inspirasi ti barudak anu ngagunakeun daun kembang teratai minangka panangtayungan ti hujan, manéhna nyiptakeun payung kahiji dijieun ti hiji rangka fléksibel anu ditutupan ku lawon atawa kertas anu dilapis ku lilin pikeun nyieunana tahan cai.

Di Tiongkok, payung lain dipaké minangka nu ngajaga ti panas sarta hujan, tapi ogé ngabogaan harti dina masarakat. Dina ahir Dinasti Wei, payung dipaké dina upacara-upacara sarta tata cara pajabat luhur disebut “Payung Luo”.

numutkeun Tso Chun, Payung Luo nya éta simbol ti kalungguhan sarta status pikeun para pajabat. Contona, para pajabat ti Dinasti Han dina kalungguhan henteu kitu luhur ngagunakeun payung boga warna Héjo sarta Kaisar Dinasti Song ngagunakeun payung boga warna konéng sarta beureum. Alatan éta, payung anu dipaké dina lalampahan inspéksi kaisar atawa pajabat senior di jaman baheula nya éta némbongkeun panangtayungan ka rahayat. Payung melambangkan kakayaan sarta cahara sarta mindeng dipaké dina upacara – upacara kawinan di Tiongkok.

Payung ogé mindeng dipaké dina opera, lagu sarta tari, sarta seni akrobatik. Ngaronjatna pertukaran budaya kalayan nagara deungeun, ngabalukarkeun payung sacara bertahap menyebar ka luar nagari. Contona, Jepang geus ngirimkeun 19 utusanna ka Dinasti Tang pikeun diajar kabudayaan Tiongkok. Ku kituna, téhnik pembuatan payung geus diwanohkeun di Jepang.

Dina pertengahan abad ke-18, pangusaha Inggris mawa payung ka nagarana sanggeus datang ti Tiongkok, anu ngabangkitkeun pangaruh badag di Inggris Raya. Nepi ka pertengahan abad ke-19 payung geus jadi hiji keharusan pikeun orang Inggris.

Toko payung kahiji diditu ngaranna "James Smith and Sons" anu buka dina taun 1830 sarta nepi ka ayeuna masih ngajual payung, alamatna di 53 New Oxford Street, London.[3]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. (id)[1](diakses tanggal 22 oktober 2011)
  2. a b RA,Danadibrata.2006.Kamus Basa Sunda. Bandung:Gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.Kaca 511
  3. (id)[2](diakses tanggal 22 oktober 2011)