Plastik

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Peralatan Rumah Tangga nu dijieun tina plastik
Bola Ping Pong

Plastik nyaéta bahan anu mibanda salah sahiji tina rupa-rupa organik sintétik atawa semi- sintétik anu gampang dijieun ngajadi rupa-rupa barang kabutuhan. Bahan plastik biasana mah tina polimér organik anu massa molekulna luhur, sanajan dina prakna mindéng ngandung zat-zat séjén. Plastik sintétik, téh biasana mah paling sering diproduksi ku petrokimia, tapi henteu saeutik ogé anu alami.

Lantaran biayana anu kawilang/rélatif murah, pabrik ogé gampileun nyieunna, fléksibilitas, ongkoh deui henteu tembus angin (imperviousness). Plastik loba pisan dijieun geusan dimangpaatkeun. Ieu plastik geus ngésérkeun bahan-bahan anu baheula/tradisional dipaké, saperti kai, batu, tanduk jeung tulang, kulit, kertas, logam, kaca, katut keramik. Dina kalolobaanna geus diganti ku ngamangpaatkeun plastik, malahan nepikeun ka seumat/jepit kertas keur pesawat ruang angkasa. Di nagara maju mah, aya kana hiji pertilu plastik dimangpaatkeun keur bungkus sapertiluna deui dimangpaatkeun keur kabutuhan wangunan diantarana pipa/kuluwung. Dimangpaatkeun ogé keur kaperluan mobil malah (nepi ka 20% pamakéan plastikna), parabot/furniture, ogé cocooan. Di nagara berkembang, bisa waé henteu sarua - aya anu nyebutken 42% tina pamakéan India dipaké bungkus. Dina widang kaséhatan ogé plastik loba pisan mangpaatna, tapi béda hartina jeung operasi plastik, lantaran éta mah dimaksudkeun kana bahan plastisitas anu hartina nyieun deui anu wujudna jeung sipat saperti daging.

Plastik anu minuhan dunya ieu téh mimitina tina bakelite, diciptakeun di New York dina taun 1907 ku Leo Baekeland [1] anu nyiptakeun sebutan plastik [2] Loba para ahli kimia meré mawéh élmu pangaweruh ngeunaan bahan tina plastik. Kaasup jawara Nobel Hermann Staudinger Katelahna bapa kimia polimer ogé Herman Mark, anu kawentar bapak fisika polimer [3] Ceuyahna pamakéan plastik ieu dimimitian awal abad ka-20 anu ngabalukarkeun masalah lingkungan alatan dékomposisi lila/hésé ancur dina mangsa geus ngajadi runtah ku alatan komposisi/campuran molekul anu kawilang gedé. Kiwari masalah runtah plastik ieu dileukeunan ku tarékah daur ulang/diancur satuluyna bisa diolah deui.

Etimologi[édit | édit sumber]

Kecap plastik asalna tina basa Yunani / πλαστικός /(plastikos) pihartieuna "bisa dijieun/wujud atawa nyieun/ngawujud ", tina /πλαστός /(plastos) anu pihartieuna "dibentuk". Ieu dumasar kana sipat plastik anu leuleus, atawa plastisitas dinamangsa keur dijieuna. Kulantaran kitu aya rupa-rupa cara geusan ngolah ieu plastik, aya anu diteken/press, disuntikeun/injection, diekstrusi, aya agé anu ditiup/blowing, satuluyna ieu plastik aya anu dijieun sheet lambaran, serat/benang, botol, gelas, piring jeung sajabana, [4][5].

Sajarah[édit | édit sumber]

Kamajuan dina widang plastik ieu geus ngaronjat pamakéan bahan tina kimia anu saméméhna ngagunakeun bahan-bahan anu asalna ti alam (umpamana, karét, nitroselulosa, kolagén, galalite) jeung anu bener-bener maké molekul sintesis (saperti, bakelite, epoxy, Polyvinyl chloride). Plastik téh mimitina tina bahan bio-derived/bahan ti alam anu tuluy diropéa deui anu mangrupakeun polimer organik. Dina taun 1600 SM, Mesoamericans bola/ball ngagunakeun karét alam, band, oge papatungan. Dina abad pertengahan tanduk sapi digunakeun saperti dipaké keur jandéla lantéra. Bahan anu nurutan kana ieu tanduk diropea tina protéin susu ([[kasein]) jeung alkali.[6]

Dina taun 1800, sawaréh industri kimia anu rekah sajeroning Révolusi Industri, loba bahan anu dilaporkeun. Kamajuan widang plastik ogé leuwih gancang ku pamagih Charles Goodyear vulkanisasi pikeun bahan termoset anu asalna tina alam.

Parkesine dipercaya mangrupa plastik anu pangmimitina dijieun. Bahan plastik geus dipaten ku Alexander Parkes di Birmingham, Inggris dina taun 1856. [7] Diresmikeun dina paméran gede internasional di London taun 1862. 10 Parkesine meunang medali perunggu di taun 1862 di London[8]. Parkesine dijieun tina selulosa (bagian anu utama tina dinding sel pepelakan) dicampur ku asam nitrat sangkan leyur/larut. Hasilna (umumna dipikawanoh nyaéta nitrat selulosa atawa (pyroxilin)bisa liyur/larut kana alkohol tuluy ngabagel jadi bahan anu transparan tur élastis anu bisa dibentuk deui lamun dipanaskeun. [9] Ku jalan ngahijikeun pigmén/bahan keur campuran kelir kasajerounna, robah wé kelirna rada krém atawa gumantung kana kelir anu diasupkeun.

Campuran Plastik[édit | édit sumber]

Ilaharna plastik diwangun tina polimér organik. Kalolobaan tina ieu polimér dumasar kana kantétan/ranté atom karbon wungkul. Bisa ogé jeung oksigén, sulfur, atawa ogé nitrogén. Tulang pikeun kantétan atom tadi nyaéta sabagian tina kantétan/ranté anu utama "jalan" anu ngahubungkeun sabagian gedé bagean anu sarua. Geusan nyaloyogkeun sipat-sipat plastik, unggal kumpulan molekul anu béda "ngagantung" tina tulangna (biasana manéhna "digantung" mangrupa sabagéan tina monomer saméméh monomer disambungkeun supanya ngajadi kantétan/ranté polimer). Struktur ieu "kantétan di gigir" mangaruhan sipat polimer. Ieu mangrupa parobahan anu hadé anu mangaruhan sipat-sipat polimer. Loba anu dipacéngkadkeun ngeunaan plastik anu aya hubunganna jeung aditif.[10]

Bakelite[édit | édit sumber]

Plastik mimitina mah dumasar kana polimer sintetik dijieuna tina fenol ditambah formaldehida, ku cara anu kahiji ieu gampil jeung murah, sintesis diciptakeun dina taun 1907, ku Leo Hendrik Baekeland, salah saurang warga Amérika Sarikat gumelar di nagara bagéan New York. Baekeland keur néangan lak isolasi geusan ngalapis kabel di motor listrik jeung generator. Manéhna manggihan yén ku ngahijikeun fenol (C6H5OH) jeung formaldehid (HCOH) ngahasilkeun hiji wujud/substansi/massa léngkét jeung tuluy manggihan deui "komposit" campuran bahan anu mana ieu bahan bisa dicampur jeung tipung kai, asbes, atawa kekebul batu tulis anu ngalantarankeun jadi kuat sagigireun éta ogé kuat ku seuneu/teu gampang kabeuleum. Bahan anyar ieu sakapeun] ngabudah lamun di sintesis. Ku lantaran éta Baekeland nyieun tarekah nyieun hiji alat teken/press supaya budah-na bisa diteken kaluar lalaunan supaya hasil produkna rata, kusabab éta dina taun 1909 dibéwarakeun, sajeroning kumpulan American Chemical Society. [25] Bakelite mimitina dipaké keur kaperluan listrik jeung mékanik. Cunduk kana waktu pamangpaatan leuwih loba sajeroeun barang-barang [konsumén]] ogé perhiasan dina taun 1920-an. Bakelite nyaéta bahan murni sintetik, henteu dumasar kana bahan anu hirup. Ieu ogé mangrupa thermosetting plastik anu munggaran.[11]

Radio Bakelite Anu dipaké Di imah

Plastik Ilahar dipaké[édit | édit sumber]

Mesin-mesin Plastik[édit | édit sumber]

  1. Mesin Injeksi/Injection Moulding
  2. Mesin Tiup/Blow Molding
  3. Mesin Ekstrusi/Extrusion
  4. Mesin Forming jeung Thermoforming
  5. Mesin Rotomoulding
  6. Mesin Film/ Blown film

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Fantastic Recycled Plastic: 30 Clever Creations to Spark Your Imagination, by David Edgar, Robin A. Edgar, p11
  2. Fantastic Recycled Plastic: 30 Clever Creations to Spark Your Imagination, by David Edgar, Robin A. Edgar, p11
  3. Polymer Chemistry: Introduction to an Indispensable Science, by David M. Teegarden, pp.58-59
  4. Plastikos, Henry George Liddell, Robert Scott, A Greek-English Lexicon, at Perseus. Perseus.tufts.edu. Retrieved on 2011-07-01.
  5. Plastic, Online Etymology Dictionary. Etymonline.com. Retrieved on 2011-07-01.
  6. Andrady AL, Neal MA (July 2009). "Applications and societal benefits of plastics". Philos. Trans. R. Soc. Lond., B, Biol. Sci. 364 (1526): 1977–84.
  7. UK Patent office (1857). Patents for inventions. UK Patent office. p. 255. 
  8. Stephen Fenichell, Plastic: The Making of a Synthetic Century, HarperBusiness, 1996, ISBN 0-88730-732-9 p. 17
  9. "Dictionary – Definition of celluloid". Websters-online-dictionary.org. Diakses pada 26 Oktober 2011. 
  10. Hans-Georg Elias "Plastics, General Survey" in Ullmann's Encyclopedia of Industrial Chemistry, 2005, Wiley-VCH, Weinheim. Citakan:DOI
  11. Watson, Peter. A Terrible Beauty (also published as Modern Mind: An intellectual history of the 20th century). London: Weidenfeld & Nicolson Ltd (imprint of Orion Books). 2001


Nulis.jpg