Lompat ke isi

Mesin Tiup

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nyieun bakal botol preform nepikeun kajadi botol

Mesin Tiup/Blow molding kaasup salah sahiji mesin anu bisa ngahasilkeun barang anu aya lolongkrang ditenga-tengahna, bahan anu digunakeun biasana polimér Termoplastik : HDPE, LDPE, PET, PP, PVC tengahna molongo bisa waé jiga botol/selang. Blow molding umumna mah bisa nyieun barang anu eusina leuwih saeutik ti batan rotary molding.[1]

Nyieun botol maké mesin rotari
Dimimitian tina nyieun selang, ditiup nepika jadi botol
cara ekstrusi blow molding
Mesin Blow Molding

Blow molding anu ngagunakeun preform, saméméhna dijieun heula bakal botol/preformna anu dicitak dina mesin injéksi konvensional maké alat anu disebut molding. Saméméh ditiup jadi botol ieu preform dipanasan heula ngarah lééh. Saengeusna dipanaskeun ieu preform tuluy dipindahkeun maké alat anu aya dina éta mesin satuluyna ieu preform didempét dina beuheung na sedengkeun awak botol anu geus lééh kudipanasan tadi ngagantung tuluy ieu alat nyurungkeun Kana lebah citakanna (finish Botol) saenggeus merenah dina tempatna, tuluy ditiup maké gas ieu tiupan kawilang kuat terus neken bari niup neupikeun ka preform anu lééh tadi jadi botol luyu jeung citakana, saenggeusna titis tuluy citakan muka antukna katempo waé botol anu geus ngawujud ceplés sarua jeung citakanna. Ieu preform/bakal botol aya dua cara nyiuna bisa maké cara ekstrusi blow molding atawa stretch blow molding.[2][3][4]

Niup Botol
preform Botol PET saméméh di Tiup
Conto barang anu dijieun maké mesin blow molding
Ekstruder anu maké akumulator
Ekstruder anumaké program bisa ngatur ipis jeung kandelna selang/parison

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina taun 1938 Ferngren jeung Kopitke nyutat dina cara gawe mesin paragi niup kaca ngahasilkeun mesin blow molding anu saterusna dijual ka hiji parusahaan Hartford Empire, tah ieu mangrupa cikal bakal tina blow molding anu dijual kiwari. Salila taun 1940-an can loba rupa jeung kaleuwihan anu dipibanda ku blow molding. Kadieunakeun loba anu ngagunakeun mesin ieu, anu antukna mesin loba dijieun jeung rupa rupa kabisana.

Cara gawé ieu mesin sarua waé nyaéta, nyieun barang kabutuhan anu aya lolongkrang ku cara ditiup. Ku alatan kaca gampang teuing peupeus, saenggeusna plastik dikanyahokeun, dina sababaraha bagian tuluy waé ieu plastik dipaké pikeun gaganti ieu kaca. Dina taun 1939 di Amérika botol plastik mimiti dijieun keur kabutuhan umum/masal. Aya ogé Jerman mimiti maké teknologi saeutik leuwih maju jeung mangrupa tukang nyieun mesin blow molding anu kasohor waktu harita.

Taun 1977 di Amérika Sarikat industri inuman sapopoé ngaronjat nakér, antukna kabutuhan pikeun wadah ieu inuman ogé ngaronjat nepika angka sapuluh miliar dina taun 1999. Hal ieu ogé dipiharep bisa tuluy ngaroonjat dina taun-taun anu bakal datang.[5]

Rupa-rupa mesin Blow molding

[édit | édit sumber]

Injeksi blow molding Blow molding anu ngagunakeun preform, saméméhna dijieun heula preformna anu dicitak dina mesin injeksi konvénsional. Saméméh ditiup jadi botol ieu preform dipanasan heula. Jadi botol satengah jadi. Saenggeusna dipanaskeun ieu preform tuluy dipindahkeun maké alat anu aya dina éta mesin ieu preform didempet dina beuheungna sedengkeun awak botol anu geus lééh kudipanasan tadi ngagantung tuluy ieu alat nyurungkeun. Kana lebah citakan (finish Botol) saenggeus merenah dina tempatna, tuluy ditiup maké gas ieu tiupan anu kawilang kuat terus niup nepikeun ka preform anu lééh tadi jadi botol luyu jeung citakana, saenggeus tiis tuluy citakan muka, bakal katempo botol anu geus ngawujud ceplés jeung citakanna.

Ekstrusi blow molding Ekstrusi blow molding nyaéta tempat nyieun preform/bakal botol dijieun ku cara ekstrusi/diperejelkeun anu ngajadikeun tubular/jiga selang, disebut ogé parison, anu ditiup bagian luhurna di mana bagian handapna geus katutup/séaling kul antaran didempét nepikeun ka potongna dina mangsa citakan nutup, satuluyna ditiup, terus ditiiskeun nepikeun ka heuras ngawujud citakana.

Bahan baku anu dipaké dina ieu prosés produksi blow molding kaasup kana kulawarrga Térmoplastik. Ku lantaran dina ieu cara produksi bahan bakuna kudu dilééhkeun heula saméméh dicitak sangkan gampang diman lamun ieu bahan ditiupkeun kana citakana, ieu bahan termoplastik anu loyog dijieun dina téhnik ekstrusi nyaéta ; LDPE, HDPE, PVC-U, PS, PP, PA Jeung ABS. téhnik anu dipaké dina Injeksi blow molding nyaéta; sakabéh ekstrusi blow kaca ogé PE jeung PET.

Pakakas anu dipaké

[édit | édit sumber]

Pakakas anu dipaké éta gumantung kana cara/prosés anu dipaké. di mana urang maké mesin ijéksi tuluy tiup; tangtuna bakal kaluar heula biaya pikeun nyieun/preform bakal botol, Pakakas anu baris digunakeun dina ngalééhkeun bakal botol preform anu satuluyna ieu preform dibawa katempat di mana bakal diteken bari ditiup, lain deui di mana ngagunakeun cara ekstrusi blow extruder maka bakal mikabutuh, pakakas pikeun niupkeun gas jeung sakapeung kudu ditambah ogé pakakas anu bakal dipaké pikeun manaskeun. Pakakas anu disebut akumulator jeung atawa liang nozzle di luhureun. Bagéan anu ngatur kandel jeung ipisna selang ditambah loba jeung saeutingna plastik lééh anu kudu disurungkeun kana nozzle.

Ka-ékonomian

[édit | édit sumber]

Ieu blow molding mibanda produktivitas anu kawilang onjoy, anu matak ieu mesin kiwari paling loba dimangpaatkeun. Barang bisa dijieun leuwih ipis ti batan anu lian tangtunan ogé ieu mesin henteu loba ngaunakeun cai pikeun niiskeun barang produksi biasana 2/3 leuwih loba ti batan biasana, di mana urang nyieun ieu barang/produksi dina jumlah anu kawilang gédé jeung loba, tangtuna bakal karasa ngurangana biaya. Dumasar kana catetan anu aya 40% tina plastik anu dipaké pikeun pamungkus, ngan dipaké 30% waé pikeun nyieun ieu botol.

Tempo Oge

[édit | édit sumber]

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]




Dicutat Tina

[édit | édit sumber]
  1. eFunda: The Ultimate Online Reference for Engineers : Blow Molding: Introduction : http://www.efunda.com/processes/plastic_molding/molding_blow.cfm
  2. Günter Mennig: Werkzeugbau in der Kunststoffverarbeitung: Bauarten, Herstellung, Betrieb, Hanser Verlag, 2008, ISBN 3-446-18257-8, Seite 133ff (online-Vorschau auf GoogleBooks).
  3. Artikel „Blasformen“ auf www.kunststoffe.de (Hanser Verlag).
  4. J.R. Fried, Polymer Science and Technology 2nd ed., Prentiece Hall, 2003, ISBN 0-13-018168-4
  5. Jan Schroers, Thomas M. Hodges, Golden Kumar, Hari Raman, Anthony J. Barnes, Quoc Pham, Theodore A. Waniuk (February 2011). "Thermoplastic blow molding of metals". Materials Today 14: 14–19. doi:10.1016/S1369-7021(11)70018-9.