Fénol

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Fénol
Gambaran proses Fénol

Fénol, ogé dipiwanoh carbolic acid, mangrupa sanyawa molekul organik ''aromatic'' anu mibanda rumus C6H5OH. Ieu téh hiji kristalin warna bodas padet anu volatile. Molekul diwangun ku hiji gugus phenyl (−C6H5) nu kabeungkeut kana hiji gugus hidroksil (−OH). Hampang jeung gampang kaduruk ku alatan éta perlu iatna dina ngolah jeung tarapti dina mangsa nunda-na. Fénol mimiti dijieun tina tar batubara, kiwari geus diproduksi tina bahan minyak bumi dina jumlah anu kacida loba (kurang leuwih aya 7 miliar kg/taun). mangrupa barang dagangan anu penting pikeun industri mah ku lantaran loba di mangpaatkeun pikeun nyieun sanyawa bahan-bahan anu séjéna.[1] Fénol mangrupa bagiéan loba pikeun nyieun bahan plastik jeung bahan-bahan séjéna anu aya patulapatalina jeung plastik. Fénol mangrupa bahan utama pikeun Polycarbonate, epoxy, ''Bakelite'', nylon, detergent, herbisida saperti herbisida phenoxy, jeung loba ubar-ubar parmasi.

Sajarah[édit | édit sumber]

Fénol mimitina kapanggih dina taun 1834 ku Ferdinand Runge Friedlieb, ku jalan nyokot sari-na tar batubara .[2] Runge nyebutna pamanggihna ku ngaran Fénol " karbol " ( batubara - minyak - asam, asam karbol ). Saméméh ngadegna pétro kimiamah, Tar batubara masih tetep jadi sumber bahan baku. Dina taun 1841, kimiawan Perancis Auguste Laurent mimiti bisa ngamurnikeun zat Fénol[3] Dina 1836, Auguste Laurent méréngaran kana éta pamanggihna " Phene " pikeun benzena ;</ref>[4] ieu mangrupa akar kecap " Fénol " jeung " fenil " . Dina taun 1843, ahli kimia Perancis Charles Gerhardt nyiptakeun ngaran " Fénol " .[4] Fénol mibanda Sipat antiseptik mimiti digunakeun ku Sir Joseph Lister (1827-1912) dina raraga perintis tehnik bedah antiseptik. Lister nyaho yén raheut alaan operasi kudu dibersihkeun. Tuluy waé Lister nutupan raheut ku lawon sapotong atawa maké benang[5]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Fénol Utamana dimangpaatkeun pikeun bahan plastik . Kondensasi jeung aseton ngahasilkeun bisphenol - A, mangrupa bahan utama pikeun resin polikarbonat jeung epoksida . Kondensasi Fénol, alkil Fénol, atawa diphenol jeung formaldehida ngahasilkeun resin Fénolik, Conto anu geus dihasilkeun nyaéta Bakelite. Hidrogenasi parsial Fénol ngahasilkeun sikloheksanon, ieu mangrupa bahan awal pikeun plastik nilon . Deterjén nonionik diproduksi ku alkilasi Fénol pikeun ngahasilkeun Fénol alkil, umpamana, nonilFénol , anu satuluyna disebut etoksilasi .[1]

Fénol ogé mangrupa bahan campuran pikeun rupa-rupa ubar, saperti aspirin loba ogé dipaké herbisida jeung ubar-ubar farmasi . Fénol dipaké ogé anestesi / analgesik bisa kapanggih dina Umumnya digunakan ngubaran faringitis sementara .

Fénol bisa digunakeun pikeun antiséptik Seperti anu pernah dilakukeun ku Sir Joseph Lister dina mangsa keur ngabedah ngamangpaatkeun Fénol pikeun antiséptik-na. Fénol mangrupa Komponen penting anu utama dina balantik anstiseptik, trikloroFénol atawa dipiwanoh ogé TCP ( TRIKLOROFénol ). Fénol ogé mangrupa Bagian tina komposisi sababaraha anéstitika, umpamana semprotan kloraseptik .

Fénol dimangpaatkeun jadi bagéan tina bahan pikeun nyieun rupa-rupa ubar ( Bagéan tina bahan aspirin, paragi ngabasmi jukut liar, jeung sajabana. Sagigireun éta Fénol ogé mangrupa Sanyawa aromatic anu dipibanda tina sari batu bara. Turunan Sanyawa Fénol ( Fénolat ) Loba kapanggih di alam saumpamana alkaloid flavonoid jeung Sanyawa Fénolat anu séjéna. Conto tina sanyawa Fénol nyaéta eugenol dipibanda tina minyak cengkéh. Sakumpulan Fénol bisa waé ngakibatkeun kahuruan, Fénol pernah ogé dipaké pikeun ngalaksanakeun eksekusi mati ku jalan di suntukeun.[6]

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]

Wiktionary logo
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap
Wikiquote logo
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[:su:q:{{{1}}}|{{{1}}}]]




Dicutat Tina[édit | édit sumber]

  1. a b Weber, Manfred; Weber, Markus; Kleine-Boymann, Michael (2004). "Phenol". Ullmann's Encyclopedia of Industrial Chemistry. doi:10.1002/14356007.a19_299.pub2. ISBN 3527306730. 
  2. F. F. Runge (1834) "Ueber einige Produkte der Steinkohlendestillation" (On some products of coal distillation), Annalen der Physik und Chemie, 31 : 65-78. On page 69 of volume 31, Runge names phenol "Karbolsäure" (coal-oil-acid, carbolic acid). Runge characterizes phenol in: F. F. Runge (1834) "Ueber einige Produkte der Steinkohlendestillation," Annalen der Physik und Chemie, 31 : 308-328.
  3. Auguste Laurent (1841) "Mémoire sur le phényle et ses dérivés" (Memoir on benzene and its derivatives), Annales de Chimie et de Physique, series 3, 3 : 195-228. On page 198, Laurent names phenol "hydrate de phényle" and "l'acide phénique".
  4. a b Gerhardt, Charles (1843) "Recherches sur la salicine," Annales de Chimie et de Physique, series 3, 7 : 215-229. Gerhardt coins the name "phénol" on page 221.
  5. Lister, Joseph (1867). "Antiseptic Principle Of The Practice Of Surgery". 
  6. "Killing through phenol injection". Auschwitz - FINAL STATION EXTERMINATION. Johannes Kepler University, Linz, Austria. Diakses tanggal 2006-09-29.