Lompat ke isi

Batubara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Batubara nyaéta sédimén/daglegan endapan senyawa organik karbonan anu ngawujud sacara alamiah tina sésa-sésa tutuwuhan .[1] Pertambangan batubara nyaéta pertambangan daglegan karbon anu aya dina jero bumi, kaasup bitumen padet, gambut, jeung batuan aspal.[1] Mineral jeung batubara salaku sumber daya alam anu teu bisa dianyarkeun mangrupa kakayaan nasional anu aya dina kakawasaan nagara pikeun sahadé-hadéna karaharjaan rahayat.[1]

Prosés ngawujudna batubara tina tutuwuhan ngaliwatan dua tahap,[2] :

  1. Tahap ngawangun gambut (péat) tina tutuwuhan sering disebut prosés péatification.[2]
  2. Tahap ngawangun batubara tina gambut, sering disebut prosés coalification.[2]

Tutuwuhan anu rungkad atawa paéh, umumna bakal buruk jeung ancur nepi ka sanggeus sababaraha waktu lilana teu katingali deui wangun aslina.[2] Dina enas-enasna mah prosés jadi burukna téh mangrupa oksidasi anu dilantarankeun ku ayana oksigén jeung aktivitas baktéri atawa jasad renik lianna.[2]

Matéri Pangwangun Batubara

Ampir kabéh matéri anu ngawangun batubara nyaéta tutuwuhan.[2]:

  1. Alga, ti jaman Pre-kambrium nepi ka Ordovisium kalawan sélna tunggal.<prob> Endapan batubara tina ieu périodeuu saeutik.[2]
  2. Silofita, ti jaman Silur nepi ka Devon Tengah, mangrupa rundayan tina alga.[2] Endapan batubara tina périodeuu ieu saeutik.[2]
  3. Pteridofita, ti jaman Devon Luhur nepi ka Karbon Luhur.[2] Matéri utama anu ngawangun batubara saumur Karbon Luhur aya di Éropah jeung Amérika Kalér.[2] Pteridofita téh tutuwuhan tan kembang, tan siki.[2] Ngarundayna ku cara nyebarkeun spora, tur tumuwuh dina iklim haneut.[2]
  4. Gimnospermae, ti jaman Permian nepi ka Kapur Tengah.[2] Ieu tutuwuhan téh hétéroséksual, sikina dibungkus dina jero buah (saperti pineus) jeung ngandung kadar geutah (résin) anu loba.[2]
  5. Angiospermae, ti jaman Kapur Luhur nepi ka ayeuna.[2] Ieu mangrupa jenis tutuwuhan modéren, buahna nutupan siki, jalu jeung bikang aya dina hiji kembang, kadar geutahna kurang upama dibandingkeun jeung Gimnospermae, tur umumna kurang bisa diawétkeun.[2]
Tambang batubara Opencast di Garzweiler, Jérman. Panorama resolusi luhur.

Rupa-rupa Batubara

[édit | édit sumber]

Dumasar kualitasna, batubara dibagi jadi 5, nya éta:

  1. Veen atanapi turf, nyaéta batubara anu ngandung karbon kirang ti 50%. Batubara nu kieu umurna paling ngora dibandingkeun sareng jinis batubara sanés. Perenahna masih diitung dina beungeut bumi.
  2. Bruinkool atawa batubara coklat, nyaéta batubara anu ngandung kira-kira 75% arang. Tempatna di lapisan tersiér bumi.
  3. Steenkol atawa batubara hideung, nyaéta batubara ngandung kira-kira 75-90% karbon. Tempatna aya dina lapisan karbon sareng tersiér bumi.
  4. Antrasit, nyaéta batubara anu ngandung karbon leuwih ti 90%.
  5. Graphiet, nyaéta batubara anu ngandung 96% areng.[3]

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c "Undang-undang Republik Indonésia Nomor 4 taun 2009 tentang Pertambangan Mineral Batubara" dina http://ptba.co.id/id/library/regulations, diaksés tanggal 1 Nopémber 2011
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q Probowati, Dyah. 2008. Batubara Potensi, Penambangan, dan Pemanfaatan. Klaten: Insen Sejati.
  3. Komandoko, Gamal (2010). Ensiklopedia Pelajar dan UmumKomandoko. Jakarta: Pustaka Widyatama. p. 89. ISBN 9789796103713.  Disungsi24 Januari 2023