Lompat ke isi

Cengkéh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cengkéh
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
S. aromaticum
Ngaran binomial
Syzygium aromaticum
(L.) Merrill & Perry
A single dried clove flower bud

Cengkéh (Syzygium aromaticum, syn. Eugenia aromaticum), dina basa Inggris disebut cloves, nyaéta tuwuhan kembangan ti kulawarga tuwuhan Myrtaceae nu gagang kembang garingna seungit. Cengkéh mangrupa tuwuhan asli Indonésia, réa dipaké minangka samara asakan lada di nagara-nagara Éropa, sarta minangka bahan utama roko kréték has Indonésia. Cengkéh dipelak utamana di Indonésia (Kapuloan Banda) jeung Madagaskar, ogé tumuwuh subur di Zanzibar, India, sarta Srilangka.[1]


Tangkal cengkéh mangrupa tuwuhan taunan anu bisa tumuwuh kalawan jangkung 10–20 m, miboga daun nu bentukna lonjong sarta kembangan dina pucuk-pucukna. Gagang buah asalna boga warna héjo, sarta boga warna beureum lamun kembang geus mekar. Cengkéh baris dipanén lamun geus ngahontal panjang 1,5–2 cm.[2]


Tuwuhan ieu téh dijadikeun perlambang idéntitas propinsi Maluku Kalér.

Pamakéan

[édit | édit sumber]
Cengkéh nu digaringkeun

Cengkéh bisa dipaké jadi samara, boh dina bentukna anu gembleng atawa guluntungan anapo geus dibubukeun. Samara ieu dipaké di Éropa sarta Asia. Utamana di Indonésia, cengkéh dipaké jadi bahan roko kréték. Cengkéh ogé dipaké minangka bahan menyan di Republik Rahayat Cina jeung Jepang. Minyak cengkéh dipaké pikeun aromaterapi sarta ogé pikeun ngubaran nyeri huntu.

Sajarah Cengkéh

[édit | édit sumber]

Dina abad anu kaopat, pamingpin Dinasti Han ti Tiongkok maréntahkeun saban jalma anu ngadeukeutanana pikeun saméméhna nyapek cengkéh, sangkan seungit ambekanana. Cengkéh, pala sarta pedes kacida mahal di jaman Romawi. Cengkéh dijadikeun alat tukeur ku bangsa Bangsa Arab dina abad patengahan. Dina ahir abad ka-15, urang Portugis ngarebut jalur dagang di Laut India. Babarengan jeung éta direbut ogé perdagangan cengkéh kalawan perjangjian Tordesillas jeung Spanyol, sajaba ti éta ogé perjangjian jeung sultan ti Ternaté. Urang Portugal mawa réa cengkéh beunang ti kapuloan Maluku ka Éropa. Dina waktu éta harga 1 kg cengkéh sarua jeung harga 7 gram emas.[2]

Perdagangan cengkéh ahirna dikawasa ku urang Walanda dina abad ka-17. Kalawan susah payah urang Perancis junun ngabudidayakeun tangkal cengkéh di Mauritius dina taun 1770. Ahirna cengkéh dibudidayakeun di Guyana, Brazilia sarta Zanzibar.

Dina abad ka-17 jeung ka-18 di Inggris harga cengkéh sarua jeung harga emas alatan luhurna waragad impor.

Kandungan Aktip dina buah cengkéh

[édit | édit sumber]

Minyak atsiri tina cengkéh miboga fungsi anestési sarta antimikrobial. Minyak cengkéh mindeng dipaké pikeun ngaleungitkeun ambeu napas sarta pikeun ngaleungitkeun nyeri huntu. Zat anu dikandung dina cengkéh anu ngaranna eugenol, dipaké dokter huntu pikeun nenangkeun saraf huntu. Minyak cengkéh ogé dipaké dina campuran tradisional chōjiyu (1% minyak cengkéh dina minyak mineral; "chōji" hartina cengkéh; "yu" hartina minyak) sarta dipaké ku urang Jepang pikeun ngarawat beungeut pedang maranéhanana.

  1. K, Heyn; Denuttigeplanten (1913). Denuttigeplanten. Library Newyork Botanical Garden: Ruygrok & Co Batavia. p. 80. 
  2. a b Bagus Pratama, Aditya; Firzatullah Dwiko R. (2021). Khasiat Tanaman Obat Herbal. Jakarta: Pustaka Media. p. 60. ISBN 9786028214537.