Pedes

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pedes
Pepper bunches Piper nigrum.jpg
Pedes
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. nigrum
Ngaran binomial
Piper nigrum

Pedes atawa Marica (Piper nigrum) nyaéta salah sahiji tutuwuhan ngarambat tina kulawarga Piperaceae.[1] Tutuwuhan ieu miboga buah nu sok dimanfaatkeun salaku bumbu dapur jeung mangrupa tutuwuhan pertanian nu miboga prospék usaha nu luhur.[1] Tutuwuhan ieu sumebar di loba wilayah indonésia jeung miboga loba ngaran daérah, misalna Sa'ang (Madura), Sahang (Bangka Belitung) jeung sajabana.[1]

Bungbu[édit | édit sumber]

Pedes atawa sahang dipikawanoh ogé minangka salah sahiji bungbu dapur atawa panyedep kaolahan. Jaman baheula loba jalma nu daragang pikeun néangan asal mula atawa tempat ayana pedes nepikeun ka bisana ngarojong kana padagangan jeung pelayaran dunya.

Botani[édit | édit sumber]

Salian ti India, lada hideung loba dibudidayakeun di Indonésia, Malaysia, Brazil, Sri Lanka, Vietnam jeung Cina.[2] Tangkal pedes miboga daun anu lega, héjo ngagurilap, kalayan gagang anu rapih selang-seling, ogé miboga kembang leutik bodas, rengkep, teu boga gagang, cucukan ipis, sarta dina hiji kelompok aya kira-kira 50. Sedengkeun buahna buleud kira-kira diaméter 05-1,0 cm siki tunggal. Pedes jadi beureum konéng asak jeung sast ngandung hiji. Seungitna kuat jeung rada lada.[2]

Bagian tangkal[édit | édit sumber]

Gagang[édit | édit sumber]

Gagang tangkal pedes jadi ngarambat dina sahiji tiang, sakapeung ogé ngajalar dina luhur taneuh.Panjang gagang bisa nepika 15 meter, tapi dina gagang tangkal pedes, biasanya sok dipotong jeung disésakeun kira-kira 275–300 cm.[1] Bentuk gagangna kabagi-bagi jiga tangkal tiwu jeung panjang bukuna kira-kira 4–7 cm, hal éta gumantung kana tingkat kasuburan. Panjang buku dina pangkal biasana lebih pendék dibanding jeung ruas nu aya dina tengah-tengah atawa tungtung, sedengkeun ukuran diameter rata-rata 6–25 mm.[1]

Akar[édit | édit sumber]

Akar anu dipiboga ku tangkal pedes nyaéta akar tunggang tapi mirip jeung akar serat. Ukuranna leutik teu sapanjang akar tunggang biasa. [1]Nurutkeun jenisna, akar tutuwuhan ieu dibagi jadi dua, nyaéta akar napel jeung akar taneuh. Akar napel nyaéta akar anu tumuwuh dina unggal titik dina taneuh jeung panjangna rata-rata 2,5-3,5 cm.[1] Dina hiji ruas buku bisa tumuwuh saloba 10-25 untaian akar. Saterusna akar taneuh nyaéta akar anu tumuwuh dina batang tangkal pedes anu aya dina taneuh. Ti hiji suku gagang bisa tumuwuh kira-kira 10-20 untaian akar.[1]

Dahan[édit | édit sumber]

Tangkal pedes miboga dua rupa pedes, nyaéta dahan ortotropik jeung dahan pang plagiatrop[1]. Dahan ortotropik nyaéta dahan anu tumuwuh tina axils daun dina buku gagang, boh dina luhur cai atawa dina taneuh. Saterusna, cabang plagiatrop mangrupa dahan anu tumuwuh tina buku dahan, biasana dahanna bakal tumuwuh saenggeus tangkal pedes ngabuahan dua kali. Beuki loba buku dahanna, beuki loba buahna.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j Sarpian,T. 2003. Pedoman Berkebun Lada dan Analisis Usaha Tani. Jakarta: Kanisius ISBN 9792107649
  2. a b "djpen.kemendag.go.id" (PDF). 
Nulis.jpg