Agrikultur

Agrikultur atawa tatanén nyaéta hiji kagiatan manusa dina ngamangpaatkeun sumber daya hayati pikeun ngahasilkeun bahan pangan, bahan baku industri, sumber énergi, sarta pikeun ngokolakeun lingkungan hirup.[1] Kagiatan anu kaasup kana agrikultur téh lega ambahanana, mimiti tina budidaya tutuwuhan, peternakan (melesat sato), nepi ka pamanfaatan mikroorganisme sarta bioénzim pikeun ngolah produk lanjutan.
Sajarah
[édit | édit sumber]Tatanén mangrupa salah sahiji tonggak pangpentingna dina sajarah peradaban manusa. Kagiatan ieu dimimitian rébu-rébu taun ka tukang nalika manusa pindah tina pola hirup nomadén (pindah-pindah tempat) jadi sédentér (netep) di hiji wewengkon.
Ringkesan
[édit | édit sumber]Tatanén ngawengku kana hiji sistim pikeun ngahasilkeun kabutuhan pangan boh tina pepelakan anapon sato ingon-ingon, ieu kabéh di mimitian tina hiji tarékah pikeun yumponan pangabutuh rumah tangga sapopoé. Kiwari tatanén geus jadi salah sahiji widang penting anu jadi bahan atikan di sakola-sakola, kumaha prak-prakan ngolah taneuh tur miarana, sangkan ngaronjat hasil sarta kauntunganna.
Beuki ngaronjatna, kabutuhan kadaharan pikeun salian manusa ogé kadaharan sasatoan/fodder, tatanen ngahasilkeun barang-barang saperti kembang potong, jeung tatangkalan hiasan nursery, gemuk, kulit sasatoan, kulit, kimia industri (pati, éthanol, jeung plastik), benang (kapas, wol, rami, jeung linen/flax), bahan bakar (méthané, biodiésel, biomass), jeung naha meunang idin atawa henteu rupa-rupa ubar (biofarmasi, bako, marijuana, opium, cocaine). Rekayasa génétik tutuwuhan jeung sasatoan anu bisa ngahasilkeun ubar husus.
Dina dunya Kulon, panggunaan génétika anu leuwih hadé, manajemén nutrisi taneuh anu leuwih rapih, sarta kontrol gulma (jujukutan) anu leuwih maju geus ngaronjatkeun hasil panén leuwih mucekil dina unggal bagian legana lahan. Di sagigireun éta, panggunaan mékanisasi geus ngurangan kabutuhan tanaga gawé, sahingga sabagian badag pangeusi nagara bisa leupas tina pagawéan tatanén anu beurat.
Sabalikna, nagara-nagara anu nuju mekar masih kénéh katinggaleun upami dibandingkeun sareng ukuran produktivitas dunya Kulon. Hal ieu dilantarankeun ku kurangna aksés kana atikan (pendidikan), modal, sarta dasar téknologi anu diperlukeun pikeun ngarojong kamajuan kasebut. Sajaba ti éta, faktor ékorégion kalayan kaayaan iklim sarta taneuh anu kurang optimal ogé milu mangaruhan.[2]
Tatanén modérn kacida gumantungna kana widang téknik sarta téknologi, ogé kana élmu biologi sarta élmu pisika. Sistim irigasi, drainase, konsérvasi, sarta téknik sanitasi—anu masing-masing miboga peran penting dina kasuksésan tatanén—mangrupa sababaraha widang anu merlukeun kaweruh husus ti para ahli téknik tatanén. Kimia tatanén ngabahas rupa-rupa kabutuhan tatanén anu kacida pentingna, saperti pamakéan gemuk (pupuk), inséktisida (tempo ogé: ngadalikeun hama), sarta fungisida. Sajaba ti éta, widang ieu ogé neuleuman ngeunaan susunan taneuh, analisis produk tatanén, sarta pangabutuh giji pikeun sato-sato anu dingu (ternak).
Pamuliaan tutuwuhan sarta génétika méré kontribusi anu kacida gedéna kana produktivitas tatanén. Élmu génétika ogé geus ngajadikeun kagiatan sato (peternakan)/ingon-ingon melesat leuwih ilmiah. Sajaba ti éta, aya ogé métode hidroponik, nyaéta cara melak tutuwuhan tanpa ngagunakeun taneuh (ngagunakeun leyuran nutrisi kimia), anu bisa mantuan nyumponan pangabutuh pangan nalika populasi dunya terus nambah sacara drastis.
Prosés ngabungkus (packing), ngolah, sarta masarkeun produk tatanén mangrupa kagiatan anu raket patalina sarta sarua dipangaruhanana ku élmu pangaweruh. Métode pembekuan gancang (quick-freezing) sarta déhidrasi (ngaleungitkeun kadar cai) geus ngalegaan pasar pikeun produk tatanén (tempo ogé: Ngolah jeung Ngawétkeun Kadaharan; Industri Pangolahan Daging).
Mékanisasi, anu mangrupa ciri utama tatanén dina ahir abad ka-19 sarta abad ka-20, geus ngurangan loba pagawéan beurat anu kacida nyasarkeun tanaga patani. Leuwih pentingna deui, mékanisasi geus ngaronjatkeun éfisiénsi sarta produktivitas tatanén sacara luar biasa (tempo ogé: Mesin Tatanén). Sanajan kitu, rupa-rupa sato saperti kuda, sapi, munding, llama, alpaka, sarta anjing, masih kénéh dipaké pikeun ngolah lahan, méréshéan (panén) pepelakan, sarta ngangkut hasil tatanén ka pasar di loba bagian dunya séjénna.
Kapal udara sarta hélikopter dipaké dina widang tatanén pikeun nyebarkeun bibit, nyemprotkeun ubar pikeun ngadalikeun serangga sarta panyakit tutuwuhan, ngangkut produk anu gancang ruksak, sarta pikeun mareuman seuneu di leuweung. Radio sarta televisi kacida pentingna pikeun nyebarkeun laporan cuaca sarta inpormasi séjénna saperti harga pasar anu dibutuhkeun ku para patani. Di sagigireun éta, komputer geus jadi pakakas utama anu kacida pentingna pikeun manajemén atawa pangokolakeun usaha tatanén modéren. [[Kateranga
Melesat sato (animal husbandry) hartina kagiatan ngalilira (breeding) sarta miara sato pikeun diala dagingna, atawa pikeun ngala hasil sato séjénna (saperti susu, endog, atawa wol) sacara tuluy-tumuluy sarta maneuh.
Dina sababaraha taun pamungkas, sababaraha aspék tina tatanén intensif industri geus jadi bahan padungdugan (diskusi) anu beuki ramé. Meunangna pangaruh anu beuki lega ku pausahaan-pausahaan siki (bibit) jeung kimia raksasa, sarta pausahaan pangolahan daging, geus jadi sumber kahogoréan (kakhawatiran) boh di kalangan patani boh di masarakat umum. Perlindungan patén anu dibikeun ka pausahaan anu mekarkeun jenis siki anyar ngagunakeun rékayasa génétika geus ngabalukarkeun siki kasebut miboga lisénsi pikeun patani, ampir sarua jeung cara lisénsi perangkat lunak komputer ka pamakéna. Hal ieu geus ngarobah kasaimbangan kakuatan anu leuwih nguntungkeun pausahaan siki, sahingga maranéhna bisa nangtukeun sarat jeung kaayaan anu saméméhna can kungsi aya. Sababaraha pihak boga pamanggih yén ieu pausahaan téh geus ngalakukeun biopirasi.
Konsérvasi taneuh sarta manajemén nutrisi geus jadi perhatian penting ti mimiti taun 1950-an, di mana para patani anu panghadéna miboga peran salaku pangurus (stewardship) lahan anu dikolakeunana.
Beuki ningkatna kasadaran konsumen kana isu-isu tatanén geus ngabalukarkeun munyulna rupa-rupa gerakan, saperti tatanén anu dirojong ku komunitas, gerakan pangan lokal, slow food, sarta tatanén organik komérsial, sanajan ieu industri téh masih kénéh dina tahap mekarkeun (fledgling industries).
Sajarah
[édit | édit sumber]Nangtukeun asal-usul tatanén bisa disebut hésé sabab geus aya méméh budaya tulisan. Sababaraha ahli keukeuh nyebutkeun yén tatanén geus aya leuwih ti 10.000 taun katukang, sedengkeun nu séjén yakin yén pepelakan nu sistimatis pangheubeulna teu leuwih ti 7.000 taun katukang. Prakprakan tatanén mindeng dipaké pikeun ngabédakeun jaman néolitik ti jaman batu nu saméméhna. Palawija nu munggaran dibudidayakeun ku manusa di antarana gandum (einkorn jeung emmer) sarta barley.
Geus tétéla yén tatanén téh kapanggih sahenteuna dua kali, malah bisa jadi leuwih: sakali di wilayah Bulan Sabit Subur (Fertile Crescent) nalika mangsa Kabudayaan Natufian, sarta diteruskeun ku jaman Néolitikum Pra-Tembikar A jeung B; sakali deui di Asia Wétan (gandum jeung millet); sarta di Amérika Tengah (jagong). Kamungkinan badag, aya parobahan saeutik-saeutik tina ékonomi moro jeung ngumpulkeun kadaharan (hunter-gatherer) jadi ékonomi tatanén, ngaliwatan mangsa anu lila nalika sawatara pepelakan mimiti ngahaja dipelak, sedengkeun kadaharan séjénna masih dikumpulkeun ti alam liar. Alesan utama tatanén mimiti diwanohkeun téh bisa jadi alatan parobahan iklim. Tatanén méré lolongkrang pikeun populasi anu leuwih rapet batan ngan saukur ngandelkeun moro jeung ngumpulkeun kadaharan.
Saatos taun 1492, pola tatanén dunya robah sacara rongkah alatan ayana silih tukeur pepelakan sarta sato anu kacida legana, anu katelah ku sebutan Silih Tukeur Columbia (Columbian Exchange). Pepelakan sarta sato anu saméméhna ngan dipikawanoh di Dunya Heubeul (Éropa, Asia, jeung Afrika) ayeuna dipelak sarta dikembangbiakkeun di Dunya Anyar (Amérika), sarta sabalikna.
Kawijakan tatanén mokuskeun kana tujuan jeung cara produksi tatanén. Dina tingkat kawijakan, tujuan umum tatanén di antarana:
- Kasalametan dahareun (Food safety): Mastikeun sangkan asupan dahareun bébas tina kontaminasi atawa bahaya biologi, kimia, sarta fisik.
- Kaamanan dahareun (Food security): Mastikeun sangkan sakabéh masarakat mibanda aksés kana asupan dahareun anu cukup sarta saluyu jeung pangabutuhna.
- Kualitas dahareun: Mastikeun sangkan asupan dahareun mibanda kualitas nu tetep tur bisa kaukur.
- Konsérvasi: Ngajaga sarta ngokolakeun sumber daya alam dina prosés tatanén.
- Dampak lingkungan (Environmental impact): Ngaminimalisir pangaruh goréng tatanén kana alam, saperti polusi atawa ruksakna ékosistém.
- Stabilitas ékonomi: Mastikeun tatanén tetep nguntungkeun pikeun patani sarta hargana kahontal ku balaréa.
Métode
[édit | édit sumber]Tatanén modérn sarta tradisional ngagunakeun rupa-rupa métode pikeun ningkatkeun hasil produksi, di antarana:
- Hidroponik: Métode melak maké leyuran nutrisi tanpa ngagunakeun taneuh.
- Ngawuluku (Tillage): Ngolah taneuh maké wuluku (plough) pikeun nyiapkeun lahan pelak.
- Irigasi: Sistim pangaturan sarta panyaluran cai pikeun nyébor pepelakan.
- Gemuk (Pupuk): Pemberian zat nutrisi pikeun ningkatkeun kasuburan taneuh sarta pepelakan.
- Rotasi pepelakan (Crop rotation): Ganti-ganti jinis pepelakan dina hiji lahan sangkan taneuhna teu béak nutrisi.
- Ngadalikeun gulma (Weed control): Usaha miceun atawa maéhan jukut liar (gulma) anu ngaganggu pepelakan.
- Doméstikasi: Prosés ngalilira sato atawa tutuwuhan liar sangkan bisa dipiara ku manusa.
- Pager tatanén (Fencing): Masang pager pikeun nangtayungan lahan sarta ngatur sato dingu.
- Ranching: Sistim peternakan badag di lahan anu lega pikeun ngingu sato saperti sapi atawa domba.
- Tatanén organik: Métode tatanén anu teu ngagunakeun bahan kimia sintétis (alami).
Pepelakan
[édit | édit sumber]Produksi utama dunya taun 2002
[édit | édit sumber]Dina jutaan ton métrik, dumasar kana estimasi USDA:
Paddy rice atawa gabah nyaéta paré anu nembé pisan dipanén sarta masih aya cangkangan. Milled rice atawa béas nyaéta paré anu geus diolah ku cara dipiceun cangkangna (huut), sarta sakapeung disosop (dipolish) sangkan beresih. California mangrupa nagara bagian di Amérika Sarikat anu jadi produsaén utama paré.
Pamékar pepelakan
[édit | édit sumber]Pamékar atawa pamuliaan pepelakan (crop improvement) geus dimimitian ti saprak manusa mimiti milih siki tina tutuwuhan anu panghadéna pikeun dipelak deui dina usum salajengna.

- Hasil panén: Ningkatkeun jumlah produksi dina unggal unit legana lahan.
- Résistansi: Nyiptakeun variétas anu leuwih kuat tina serangan hama sarta panyakit tutuwuhan.
- Adaptasi: Sangkan pepelakan bisa tahan dina kaayaan iklim anu kurang merenah, saperti halodo panjang (drought resistance) atawa taneuh anu haseum.
- Kualitas giji: Ningkatkeun kandungan nutrisi, vitamin, atawa protéin dina hasil panén.
- Kajajapan (Post-harvest quality): Ngaronjatkeun daya tahan hasil panén sangkan teu gampang ruksak nalika diteundeun atawa dibawa ka pasar.
Dina jaman modéren, ieu prosés geus ngagunakeun téknologi rékayasa génétika pikeun ngahasilkeun GOM (GMO) anu miboga sipat-sipat husus anu saméméhna hésé dihontal ku cara tradisional.
Contona, rata-rata hasil panén jagong (maize) di Amérika Sarikat geus ningkat tina kira-kira 2,5 ton per héktar (40 bushel per acre) dina taun 1900 jadi sakitar 9,4 t/ha (150 bushel per acre) dina taun 2001. Hal ieu utamana dilantarankeun ku kamajuan dina widang génétika. Kitu ogé hasil rata-rata gandum dunya anu ningkat tina kurang ti 1 t/ha dina taun 1900 jadi leuwih ti 2,5 t/ha dina taun 1990.
Rata-rata hasil gandum di Amérika Kidul nyaéta sakitar 2 t/ha, Afrika di handapeun 1 t/ha, sedengkeun Mesir jeung Arab bisa nepi ka 3,5 nepi ka 4 t/ha kalayan bantuan irigasi. Sabalikna, rata-rata hasil gandum di nagara-nagara saperti Perancis geus leuwih tina 8 t/ha. Hasil anu leuwih luhur ieu ditarima alatan kamajuan génétika sarta panggunaan téknik tatanén intensif (pamakéan gemuk, ngadalikeun hama sacara kimiawi, sarta pangaturan tumuwuhna tutuwuhan sangkan teu gampang rungkad).
[Catetan konvérsi: 1 bushel (q) gandum = 60 pon (lb) ≈ 27,215 kg. 1 bushel jagong = 56 pon ≈ 25,401 kg]
Nu panganyarna, rékayasa génétika geus mimiti dilarapkeun di sababaraha bagian dunya pikeun ngagancangkeun prosés seléksi sarta pamuliaan tutuwuhan. Modifikasi anu panglobana dipaké nyaéta gén résistansi hérbisida anu ngamungkinkeun tutuwuhan kuat nalika kakeunaan ku glyphosate. Modifikasi séjénna anu jarang dipaké tapi leuwih kontrovérsial nyaéta modifikasi anu ngabalukarkeun tutuwuhan bisa ngahasilkeun racun (toksin) sorangan pikeun ngurangan karuksakan alatan serangga (contona: Starlink).
Aya ogé produsaén husus anu miara jinis sato dingu atawa pepelakan anu langka.
- Akuakultur: Tatanén lauk, hurang, sarta lukut (alga), anu miboga hubungan raket jeung dunya tatanén.
- Apikultur (Beekeeping): Ngingu lebah atawa deudeur, anu ilaharna pikeun ngahasilkeun madu, sarta beuki dieu beuki dipaké pikeun mantuan prosés penyerbukan pepelakan.
Tempo ogé: botani, Daptar tutuwuhan domestik, Daptar sayuran, Daptar bungbu dapur, Daptar bubuahan, Daptar sato dingu.
Masalah lingkungan
[édit | édit sumber]Tatanén modéren, sanajan hasilna mucekil, mawa sababaraha balukar goréng kana lingkungan, di antarana:
- Surplus nitrogén di walungan jeung situ alatan pamakéan gemuk kimia anu kaleuleuwihi.
- Pangaruh ngaruksak tina hérbisida, fungisida, inséktisida, jeung biosida séjénna ka ékosistem.
- Konvérsi atawa parobahan sagala rupa ékosistem alami jadi lahan tatanén (arable land).
- Érosi taneuh anu ngabalukarkeun tumpesna lapisan taneuh anu subur.
- Gulma — Tutuwuhan jeung sato liar (feral) anu jadi hama sarta ngaganggu kasaimbangan alam.
Tempo ogé
[édit | édit sumber]- Agricultural and Food Research Council (Déwan Panalungtikan Tatanén sarta Pangan)
- Élmu tatanén (Agricultural science)
- Topik dasar élmu tatanén
- Tatanén lahan garing (Arid-zone agriculture)
- Tatanén anu dirojong ku komunitas (Community-supported agriculture)
- Panalungtikan tatanén internasional
- Daptar parabot tatanén
- Daptar téknik tatanén darurat (Subsistence techniques)
- Daptar topik tatanén tuluy-tumuluy (Sustainable agriculture)
- Garis wanci tatanén sarta téknologi pangan
- Tatanén di Amérika Sarikat
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Agriculture of Pakistan, All Agricultural Information Archived 2004-07-27 di Wayback Machine
- FAO of The UN's World Agricultural Information Centre
- FAO of The UN Statistical Databases Archived 2008-05-09 di Wayback Machine
- U.S. Department of Agriculture's Foreign Agricultural Service : Current World Production, Market and Trade Reports Archived 2006-01-12 di Wayback Machine
- U.S. Department of Agriculture's Agricultural Research Service : USDA's In-house Research Arm
- U.S. Department of Agriculture's National Agricultural Library : Portal to USDA's National Agricultural Library Archived 2010-06-12 di Wayback Machine
- Agriculture at the United States National Academies
- Agriculture Directory Archived 2004-07-10 di Wayback Machine
- ↑ "Agriculture". OECD. Diaksés tanggal 2026-01-27. Archived 2022-01-26 di Wayback Machine
- ↑ Mazoyer, Marcel (2006). A History of World Agriculture: From the Neolithic Age to the Current Crisis. Monthly Review Press.