Lompat ke isi

Bako

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bako (Nicotiana spp., L.) nujul ka hiji genus tutuwuhan nu daunna rubak pituin Amérika Kalér jeung Kidul, atawa siksikan daunna nu geus digaringkeun.[1] Daun bako sok diudud (baca udud bako) dina bentuk roko atawa bentuk séjénna. Bako ogé sok diseupah, atawa diseuseup tipungna.[2]

Kecap basa Spanyol "tabaco" cenah asalna tina basa Arawakan atawa basa Taino ti Karibia, nu nujul ka gulungan daun bako (numutkeun Bartolome de Las Casas, 1552) atawa "tabago", sarupaning solobong nu bentukna "Y" pikeun nyeuseup haseup bako (numutkeun Oviedo), tapi "tabaco" (ogé It. "tobacco") ilahar dipaké pikeun nyebut tutuwuhan ubar taun 1410, nu asalna tina basa arab "tabaq", nu geus dipaké sahanteuna ti abad ka-9.

Bako ngandung ''alkaloid'' ''nikotin'', ''neurotoksin'' kuat nu bisa maéhan ''serangga''/gegeremet. Konsumsi bako, dina bentuk kumaha baé, bakal nyerep nikotina kana aliran getih, antukna lila-lila mah bisa ngabalukarkeun toléransi jeung kacanduan. Dosis létal nikotin sabenerna mah dikandung dina tilu watang roko (hiji satengah surutu), tapi da lolobana mah nikotin téh teu kaseuseup; kasus signifikan karacunan nikotin mah lolobana balukar tina nikotin dina inséktisida. Alkaloid aktif lianna nu aya dina bako nyaéta alkaloid harmala.

Udud bako bisa ngabalukarkeun kasakit kangker jeung strok, gangguan pernapasan jeung jantung[1], harepan hirup ogé sacara signifikan mondokan [2] Archived 2015-11-05 di Wayback Machine. Loba nagara nu geus narékahan ngerém konsumsi roko, kalawan tujuan pikeun ngurangan résiko beban kaséhatan publik. Résiko katarajang kangker nu leuwih gedé téh sigana alatan ayana nitrosamina jeung sanyawa karsinogén nu aya dina bako jeung résidu pamanasan anaénalika rokona diduruk.robik nalika rokona diduruk.

Sajarah

[édit | édit sumber]
Kebon bako

Urang Amérika geus maké bako saméméh bangsa Éropah nepi ka buana éta. Malah sumebarna bako ka sakuliah dunya téh dimimitian nalika bangsa Éropah nu datang ka Amérika balik deui ka Éropah bari mawa éta kabiasaan.

Baca ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. p. 11. ISBN 9786026475275.  Disungsi12 Januari 2023
  2. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 28. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020. 

Bacaan salajengna

[édit | édit sumber]
  • Breen, T. H. (1985). Tobacco Culture. Princeton Univerisity Press. ISBN 0-691-00596-6. Source on tobacco culture in eighteenth-century Virginia pp. 46-55
  • W.K. Collins and S.N. Hawks. "Principles of Flue-Cured Tobacco Production" 1st Edition, 1993
  • Fuller, R. Reese (Spring 2003). Perique, the Native Crop. Louisiana Life.
  • Gately, Iain. Tobacco: A Cultural History of How an Exotic Plant Seduced Civilization. Grove Press, 2003. ISBN 0-8021-3960-4.
  • Graves, John. "Tobacco that is not Smoked" in From a Limestone Ledge (the sections on snuff and chewing tobacco) ISBN 0394512383
  • Killebrew, J. B. and Myrick, Herbert (1909). Tobacco Leaf: Its Culture and Cure, Marketing and Manufacture. Orange Judd Company. Source for flea beetle typology (p. 243)
  • Poche, L. Aristee (2002). Perique tobacco: Mystery and history.
  • Tilley, Nannie May. The Bright Tobacco Industry 1860-1929 ISBN 0405047282. Source on flea beetle prevention (pp. 39-43), and history of flue-cured tobacco

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]