Karibia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Kumpulan Pulo Karibia
Antillas (orthographic projection).svg
Lega Wilayahna 2,754,000 km2 (1,063,000 sq mi)
Lega Daratan 239,681 km2 (92,541 sq mi)
Populasi (2009) 39,169,962[1]
Kapadetan Penduduk 151.5 /km2 (392 /sq mi)
Sélér bangsa Afro-Caribbean, Indo-Caribbean, Chinese Caribbean,[2] Suku Asli Karibia (Arawaks/Arawak, Karibia, Taínos), European
Démonim Hindia Kulon, Urang Karibia, Caribbean
Basa Spanyol, Inggris, Prancis, Walanda jeung Basa wewengkon
Pamaréntahan 13 nagara daulat
17 pamaréntahan peuntaseun laut
Dayeuh Santo Domingo
Havana
Santiago de los Caballeros
Port-au-Prince
Kingston
Santiago de Cuba
San Juan
Holguín
Domain Internet Berbagai
Kode Telepon Berbagai
Zona Waktu UTC-5 hingga UTC-4

Karibia (/kærɨbiːən/ atawa /kərɪbiən/; basa Spanyol: Caribe) atawa Hindia Kulon nyaéta sakumpulan pulo anu pernahna di laut Karibia. Pulo-pulo ieu sabeulah kalérna laut Florida sarta kiduleun Vénézuéla di Amérika. Aya kana 7.000 pulo, anu ngawengku pulo, terumbu, jeung Caye. Pulo-pulo digolongkeun jadi dua puluh lima wilayah, éta kaasup nagara anu merdéka, departemen luar nagari, jeung daérah administrasi séjéna. Ngaran "Hindia Kulon" dumasar kana pamikiran Christopher Columbus panyangka manéhna geus anjog ka India sok padahal mah nepi di Amerika. Karibia diwangun tina Antilles gedé jeung Antilles leutik anu mangrupa bagéna ti Amerika kalér.

Nagara-nagara[édit | édit sumber]

Geografi, géologi, jeung iklim[édit | édit sumber]

Cayo de Agua di Los Roques archipelago

Géografi jeung iklim di wewengkon Karibia béda-béda: Sababaraha pulo di ieu wewengkon kawilang rata asalna non-vulkanik. Pulo ieu kaasup Aruba (asal muasal tina vulkanik minor ), Barbados, Bonaire, Kapuloan Kayman, Saint Croix, Bahama, jeung Antigua. Anu séjénna mibanda gunung-gunung anu tarajal kawas kapuloan Cuba, Hispaniola, Puerto Rico , Jamaica, Dominica, Montserrat, Saba, Saint Kitts, Saint Lucia, Saint Thomas, Saint John , Tortola, Grenada, Saint Vincent, Guadeloupe, Martinik, jeung Trinidad & Tobago.

Di wewengkon ieu mibanda iklim tropis tapi curah hujan jeung luhurna béda-béda, ukuran, jeung arus cai . Angin haneut jeung beueus mayeng niup ti wétan nyieun bagéan leuweung rainforest / semidesert dina pagunungan. Northwesterlies sakapeung mangaruhan pulo kalér dina usum tiis. Wewengkon éndah jeung pikaresepeun panon poé sumirat sapanjang taun, usum dibagi kana ' garing ' jeung ' baseuh’ robah unggal genep bulan sakali.

Laut Karibia mangrupa imah jeung pulo karang anu gedé, pikeun pindahna lauk, penyu, jeung sajabana. Aréa Puerto Rico, pernahna disisi Samudera Atlantik jeung Laut Karibia kuloneun pulo Puerto Rico, mangrupa titik pangjerona disakuliah Samudera Atlantik [3]

Tutuwuhan jeung sasatoan[édit | édit sumber]

Démografi[édit | édit sumber]

Dina mangsa kontak jeung Éropa, étnis dominan di Karibia nu kaasup Taíno ti Antillen Gréater jeung Lesser Antilles kalér, Pulo Caribs ti Lesser Antillen kidul, sarta grup leutik nu béda saperti Guanajatabey Kuba kulon jeung Ciguayo of Hispaniola kulon. Populasi Karibia ditaksir kurang leuwih aya kana 750.000, ti saprak kajadian kontak, katambah ayana gangguan sosial jeung sasaladna panyakit kawas cacar [4] ngabalukarkeun hiji kamunduran dina populasi Amerindian.[5]The Sugar Revolutions and Slavery, U.S. Library of Congress</ref> Ti taun 1500 nepi ka 1800 populasi mawar salaku budak/slaves anjog ti Afrika Kulon [6] saperti Kongo, Igbo, salila Cromwellian ti Inggris kumawasa Fon jeung Yoruba ogé tahanan militér jeung budak direbut ti Irlandia, tuluy diusir .[6] teu kungsi lila imigran ti Britania, Italia, Perancis, Spanyol, Walanda, Portugal jeung Denmark ogé juljol daratang .

Populasi di Karibia panglobana urang Afrika sarta Karibia Perancis, Anglophone Karibia jeung Walanda Karibia, aya ogé anu pangsaeutikna nyaéta sélérna bangsa Éropa Walanda, Inggris, Perancis, Italia jeung sélér Portugis. Asia , utamana sélérna urang Cina jeung India, ngawangun jadi hiji minoritas diéta wilayah jeung méré kontribusi ka masyarakat multiras. Séké sélérna anjog ka dieu dina abad ke-19 mangrupa budak beulian.

Politik[édit | édit sumber]

Régionalisme [7][édit | édit sumber]

Masarakat Karibia béda kacida jeung masyarakat Barat séjéna ditempo tina kacamata, budaya, jeung kasibukan sakabéh wargana.[8] Ngeunaan ekonomi jeung politik nyanghareupan kaayaan anu umum mangrupa nagara-nagara leutik anu mandiri disakuliah nagara Karibia. Pangwangunan daérah mangrupa hiji tarékah anu mana geus méré kontribusi pikeun nyanghareupan masalah anu aya. Dina panempo politik jeung ékonomi, regionalisme diwangun pikeun méré lolongkrang negara-negara Karibia ilubiung dina urusan internasional kiwari dialpukahan ku ayana koalisi kolektif. Dina taun 1973, regionalisme politik munggaran di Karibia ku cukang lantaran ngaronjatna pamakéan Basa Inggris pikeun basa nagara Karibia ngaliwatan hiji lembaga anu dipiwanoh nyaéta Komunitas Karibia jeung Pasar Umum ( CARICOM )[9] pernahna di Guyana . Sababaraha urang sarjana mibanda pamikiran pikeun nyieun susunan ngeunaan hiji kacindekan anu bisa dipaké kusakabéh nagara karibia ku lantaran loba rupa dina politikna. Mimiti sistem komunis saperti Kuba nepikeun ka kapitalis Westminster aya ogé sistem parlementer saperti di Commonwealth Karibia. sawaréh timaranéhna mibanda pamanggih yén ieu pamikiran heureut teuing tur bisa jadi hiji bahan pacéngkadan unggal nagara di Karibia, Katempona Sistem Karibia kontemporer leuwih némbongkeun kasaluyuan modern jeung tradisional antukna ngahasilkeun hiji sistem hibrida anu ngébréhkeun variasi struktural anu kasebut alus jeung bisa jadi hiji kabiasaan konstitusional anu katémpo béda tisaméméhna ngan dina prakna dipaké maké cara anu sarua. "[10] kitu ogé dinagara-nagara karibia anu séjéna.

Pangaruh Amérika[édit | édit sumber]

Amérika Sarikat ngaliwatan Présidén Bill Clinton nyieun hiji tangtangan dina (WTO) pikeun ngalawan turngahalangan EU Eropa katelah Convention Lomé, nétélakeun ékspor cau anu baris ditarima ngan ti urut koloni Grup Afrika wungkul,[11] tangtuna ieu konvénsi ngan ukur nguntungkeun ka Afrika, antukna Karibia jeung nagara Pasifik séjéna menta ngrobah sawaréh kacindekan/parsatujuan anu katelah Cotonou satuluyna mangrupa kasaluyuan anyarna .[12]

Salila lumangsungna ieu pacéngkadan US / EU, Amérika Serikat netepkeu hiji harga anyar pikeun barang dagangan Uni Eropa ( nepikeun ka 100 % ) pikeun neken Eropa sangkan henteu ngarobah kacindekan dagang Amérika jeung nagara-nagara Karibia tur ngaalpukahan Kacindekan anyar nyaéta Cotonou.[12]

Patani di Karibia ngangluh ku morosotna kauntungan jeung ngaronjatna biaya ti saprak ngalaksanakeun ieu Konvénsi Lome . Antukna sababaraha urang patani mikir-mikir deui pikeun ngarobah tatanénna kana pepelakan anu dilarang atawa (narkoba), anu bisa ngahaslkeu kauntungan sababaraha kali leuwih ngaronjat jeung lobana paménta kana éta pepelakan utamana ti Amérika Utara dan Éropa.[13][14]

Nulis.jpg



Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]

Dicutat Tina[édit | édit sumber]

  1. https://www.cia.gov/library/publications/the-world-factbook/rankorder/2119rank.html
  2. McWhorter, John H. (2005). Defining Creole. Oxford University Press US. p. 379. ISBN 0195166701. 
  3. ten Brink, Uri. "Puerto Rico Trench 2003: Cruise Summary Results". National Oceanic and Atmospheric Administration. Diakses tanggal 2008-02-21. 
  4. Byrne, Joseph Patrick (2008). Encyclopedia of Pestilence, Pandemics, and Plagues: A-M. ABC-CLIO. p. 413. ISBN 0-313-34102-8. 
  5. From 1500 to 1800 the population rose as slaves arrived from West Africa
  6. a b To Hell or Barbados: The Ethnic Cleansing of Ireland, O'Callaghan S, Brandon Press, 2001, ISBN 0-86322-287-0.
  7. Regionalisme nyaeta
  8. Gowricharn, Ruben. Caribbean Transnationalism: Migraton, Pluralization, and Social Cohesion, Lanham: Lexington Books, 2006. p. 5 ISBN 0-7391-1167-1
  9. Hillman, p. 150
  10. Serbin, Andres (1994). "Towards an Association of Caribbean States: Raising Some Awkward Questions". Journal of Interamerican Studies and World Affairs 36 (4): 61–90. JSTOR 166319. 
  11. WTO rules against EU banana import practices at the Wayback Machine (archived April 16, 2009). eubusiness.com (2007-11-29)
  12. a b "No truce in banana war". BBC News. 1999-03-08. Diakses tanggal 2010-08-23. 
  13. "World: Americas St Vincent hit by banana war". BBC News. 1999-03-13. Diakses tanggal 2010-08-23. 
  14. "Concern for Caribbean farmers". Bbc.co.uk. 2005-01-07. Diakses tanggal 2010-08-23.