Nikotin

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Nikotin
Ngaran kimia (S)-3-(1-Métil-2-piroli-
dinil)piridin
Rumus kimia C10H14N2
Massa molekul 162.23 g/mol
Dénsitas 1.01 g/ml
Titik lééh -79 °C
Titik golak 247 °C (dékomposisi)
Panas Otoignisi 240 °C
Flash Point 95 °C
Tekenan Uap 0.006 kPa at 25 °C
Viskositas 2.7 mPa na 25 °C
1.6 mPa na 50 °C
Tegangan Beungeut 37.5 dyne/cm na 25.5 °C
37.0 dyne/cm na 36.0 °C
Nomer CAS 54-11-5
SMILES [H][C@@]2(N(C)CCC2)c1cccnc1
Struktur kimia nikotinModél 3D molekul nikotin
Iwal mun disebutkeun, datana dina
kaayaan baku (25 °C, 100 kPa)
Infoboks bantahan jeung rujukan

Nikotin mangrupa alkaloid nu aya dina famili tutuwuhan Solanaceae, utamana bako, tapi ogé aya dina tomat, kentang, jeung sababaraha tutuwuhan lianna. Alkaloid nikotin ogé dikandung dina daun tangkal koka. Kandungan nikotin dina daun bako téh antara 0,3 jeung 5% (beurat garing). Biosintésis nikotin lumangsung dina akar, tapi ditumpuk (akumulasi) dina daunna.

Nikotin mangrupa zat anu nyababkeun kacanduan pikeun anu ngaroko.

Kimia[édit | édit sumber]

Nikotin téh cairan higroskopik ngaminyak nu bisa leyur dina cai dina bentuk basana. Salaku hiji basa nitrogén, nikotin jeung asam ngabentuk garam nu ilaharna padet sarta bisa leyur dina cai. Nikotin bisa nyerep kana kulit. Sakumaha ditémbongkeun dina data fisik, nikotin basa bébas bakal kaduruk dina hawa handapeun titik golakna. ku sabab kitu, nikotin dina roko téh lolobana kaduruk saméméh kaseuseup, tapi masih aya kénéh anu bisa kaseuseup antukna bisa ngabalukarkeun kacanduan.

Pangaruh nikotin kana aliran getih[édit | édit sumber]

Dina dosis anu saeutik, nikotin téh ngarangsang, ngaronjatkeun kagiatan, kawaspadaan, jeung ingetan. Nikotin ogé ngagancangkeun laju jantung jeung tekenan getih sarta ngurangan napsu dahar. Mun dosisna luhur, nikotin bisa ngabalukarkeun sarebel nepi ka utah.

Nikotin sigana boga pangaruh stimulan jeung déprésan, gumantung kana kaayaan pamaké jeung lingkungan. Hasil panalungtikan nunjukkeun yén mun dosisna saeutik, nikotin téh boga pangaruh stimulan, sedengkeun mun dosisna loba, pangaruhna jadi déprésan.

Mun ngarokona terus-terusan, nikotin téh ngabalukarkeun kacanduan. Laporan nu medal 16 Méi 1988 ku United States Surgeon General C. Everett Koop nyebutkeun yén sipat nyandu nikotin téh sarua jeung héroin jeung kokain. Pikeun nu geus nyandu, mun leungiteun nikotin téh bisa ngabalukarkeun iritasi, nyeri sirah, gangguan kognitif, jeung gangguan saré. Gejala ieu muncak kira dina heuleut 48–72 jam, tapi bakal leler sorangan mun geus dua-genep minggu.

Farmakologi[édit | édit sumber]

Farmakokinetika: barang asup ka jero awak, nikotin téh langsung nyebar ngaliwatan aliran getih sarta bisa nembus bénténg getih-uteuk. Rata-ratana mah, pikeun nepi ka uteuk téh ukur merlukeun waktu kira tujuh detik. Jumlah nikotin nu diseuseup bareng jeung haseup roko leuwih leutik batan kadar nikotin dina daun bako, sabab lolobana mah ancur alatan panas. Jumlah nikotin nu kaserep ku awak tina haseup roko gumantung kana rupa-rupa faktor, kayaning tipe bako, cara nyeuseup roko, jeung aya/henteuna saringan/filter. Pikeun bako nu digayem (ngalemar/nyeupah), jumlah nikotin anu diserep téh leuwih loba batan mun ngaroko.

Farmakodinamika: nikotin ditampa ku reséptor asetilkolin nikotinat. Dina kadar anu saeutik, nikotin téh ngaronjatkeun aktivitas reséptor, antukna ningkatkeun aliran adrénalin. Sékrési adrénalin ngabalukarkeun naékna pacu jantung, tekenan getih, engapan, sarta kadar glukosa dina getih.

Sajarah jeung ngaran[édit | édit sumber]

Sebutan 'nikotin' asalna tina ngaran tangkal bako Nicotiana tabacum, nu nyokot tina ngaran Jean Nicot, duta Prancis nu ngirim bako ti Portugal ka Paris taun 1550 sarta ngawanohkeun mangpaat médisna. Nikotin munggaran diékstraksi tina bako taun 1828 ku kimiawan Jérman Posselt & Reimann. Rumus émpirikna dipedar ku Melsens taun 1843, sarta munggaran disintésis ku A. Pictet jeung Crepieux taun 1893.

Baca ogé[édit | édit sumber]

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Nicotine, Wikipédia édisi basa Inggris (26 Juli 2006)

Bacaan salajengna[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


Stimulan - édit

Kaféin | Nikotin | Modafinil | Adrafinil | Armodafinil


Nulis.jpg