Amérika Kidul
Amérika Kidul nyaéta hiji buana anu perenahna di antara Samudra Pasifik jeung Samudra Atlantik, sarta nyambung ka Amérika Kalér ngaliwatan Tanah Genting Panama. Ieu buana kaliwatan ku garis khatulistiwa, sarta sabagéan badag daratanana aya di belahan bumi bagian kidul.
Bagéan kulon buana Amérika Kidul diwangun ku jajaran pigunungan Andes ti kalér nepi ka kidul, ari bagéan wétan buana mangrupa dataran handap anu sabagéan badag mangrupa basin walungan Amazon, kalayan leuweung tropis anu kandel.
Aya dugaan yén Amérika Kidul mimiti dicicingan ku manusa anu migrasi ti Asia ngaliwatan Tanah Genting Bering (ayeuna mangrupa Selat Bering) nuju ka Amérika Kalér, lajeng ka kidul nuju ka Amérika Kidul. Dugaan séjén ngeunaan éta migrasi téh nyaéta asalna ti bagéan kidul Samudra Pasifik ngaliwatan kapuloan di Oseania.
Lega wewengkon Amérika Kidul aya dina peringkat kaopat saatos Asia, Afrika, jeung Amérika Kalér, ari populasi-na aya dina peringkat kalima saatos Asia, Afrika, Éropa, jeung Amérika Kalér.
Ékonomi
[édit | édit sumber]Dina taun 2002, tingkat pangangguran di Amérika Kidul nyaéta 10,8%. Ku sabab inflasi anu luhur di ampir sakabéh nagara Amérika Kidul, suku bunga ogé milu ningkat sarta investasi nurun. Suku bunga biasana dua kali lipat dibandingkeun jeung Amérika Sarikat. Contona, suku bunga di Vénézuéla sakitar 22% jeung 23% di Suriname. Iwal di Chili, anu dimimitian saprak 1973 di handapeun Augusto Pinochet.
South American Community of Nations nyaéta hiji zona dagang bébas anu dirancang di ieu buana pikeun ngahijikeun dua organisasi perdagangan bébas anu geus aya, nyaéta Mercosur jeung Andean Community.
Di Amérika Kidul, bédana antara anu beunghar jeung anu miskin kacida gedéna. Di Vénézuéla, Paraguay, Brasil, jeung réa nagara Amérika Kidul séjénna, jalma-jalma 20 persén anu pangbeungharna bisa miboga leuwih ti 60% kabeungharan nagara, ari 20 persén anu pangmiskinna ngan miboga kurang ti 5%. Ieu bédana téh bisa katingali di réa kota gedé di Amérika Kidul anu miboga imah kumuh jeung gubug deukeut ka pencakar langit sarta apartemén méwah kelas-atas.
Babagian wilayah sacara politik
[édit | édit sumber]| Nami region jeung territoral jeung benderana |
Luas (km²) |
Populasi (perkiraan 1 Juli 2008) |
Kepadatan Penduduk (per km²) |
Ibu kota |
|---|---|---|---|---|
| 2.766.890 | 39.537.943 | 14,3 | Buenos Aires | |
| 1.098.580 | 8.857.870 | 8,1 | La Paz, Sucre | |
| 8.511.965 | 186.112.794 | 21,9 | Brasília | |
| 756.950 | 16.800.000 | 21,1 | Santiago, Valparaíso | |
| 1.138.910 | 42.954.279 | 37,7 | Bogotá | |
| 283.560 | 13.363.593 | 47,1 | Quito | |
| 12.173 | 2.967 | 0,24 | Stanley | |
| 91.000 | 195.506 | 2,1 | Cayenne | |
| 214.970 | 765.283 | 3,6 | Georgetown | |
| 406.750 | 6.347.884 | 15,6 | Asunción | |
| 1.285.220 | 27.925.628 | 21,7 | Lima | |
| 3.093 | — | — | Grytviken | |
| 163.270 | 438.144 | 2,7 | Paramaribo | |
| 176.220 | 3.415.920 | 19,4 | Montevideo | |
| 912.050 | 25.375.281 | 27,8 | Caracas | |
| Total | 17.821.601 | 371.274.004 | 20,8 |
Catatan:
- ^ La Paz adalah ibu kota administratif Bolivia; Sucre adalah ibu kota secara konstitusi.
- ^ Santiago adalah ibu kota administratif Chili; Valparaíso adalah lokasi rapat legislatif.
- ^ Diklaim oleh Argentina.
- ^ Biasanya digolongkan sebagai bagian dari kawasan Antartika (karena kedekatan jarak). Kepuloan itu tidak memiliki populasi permanen, hanya sebuah kelompok beranggotakan sekitar 100 peneliti dan pengunjung yang datang kadang kala.
- * Tergantung definisinya, Panama dan Trinidad dan Tobago memiliki salah satu atau dua wilayah di Amerika Utara dan Selatan.
Pranala luar
[édit | édit sumber]- (en) South American Explorers Archived 2001-04-21 di Wayback Machine
- (en) www.amazon.co.uk books Archived 2006-12-08 di Wayback Machine
- (en) Geographic Guide - Amerika Selatan
Wewengkon di Dunya | |||||||||||||||||||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
|
| ||||||||||||||||||||||||
| Tingali ogé Buana | |||||||||||||||||||||||||


