Inflasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ilustrasi pikeun inflasi.

Inflasi nyaéta proses ngaronjatna harga sacara umum, anu nuluy sarta miboga hubungan jeung mékanisme pasar[1]. Inflasi bisa dilantarankeun ku sababaraha faktor, di antarana konsumsi masarakat anu ningkat, likuiditas anu teu saimbang, jeung prosés distribusi barang anu teu lancar[1].  Ékonomi hiji nagara bisa dianggap keur inflasi lamun harga di pasar tuluy naék, sarta silih mangaruhan jeung hal séjénna[1]. Pikeun ngukur laju inflasi, bisa ngagunakeun téhnik Indeks Harga Konsumen (IHK) jeung Deflator PDB[1].

Faktor[édit | édit sumber]

Aya sababaraha faktor anu ngalantarankeun hiji nagara bisa inflasi, di antarana:

Jenis[édit | édit sumber]

Aya sababaraha jenis inflasi nyaéta:

Dumasar harga[édit | édit sumber]
  1. Inflasi ringan, kondisi naékna harga di handap 10% dina sataun[3].
  2. Inflasi sedang, kondisi naékna harga antara 10% - 30% dina sataun[3].
  3. Inflasi tidak terkendali, kondisi naékna harga di luhur 100 % dina sataun[3].
Dumasar asalna[édit | édit sumber]
  1. Inflasi ti nagara asal[3].
  2. Inflasi ti luar negri[3].
Dumasar sumebarna pangaruh harga[édit | édit sumber]
  1. Inflasi nutup, mangrupakeun naékna harga anu hubunganana jeung hiji produk atawa dua barang sacara husus[3].
  2. Inflasi muka, naékna harga dina sakabéh barang sacara umum[3].
  3. Hiperinflasi, mangrupakeun kaayaan harga barang atawa jasa tuluy barobah jeung naék unggal waktu[3].

Solusi[édit | édit sumber]

Aya sababaraha solusi sangkan nagara teu kakurung ku inflasi. Éta solusi téh di antarana:

  • Kawijakan fiskal[4]. Inflasi bisa ditahan ku kawijakan fi[1]skal. Carana ku ngatur kaluar-asupna kabutuhan pamaréntah[4]. Ku cara hémat biaya keur pamaréntah, inflasi bisa ditahan, sarta bisa naékkeun tarif pajeg rumah tangga jeung perusahaan[4].
  • Kawijakan monétér[4]. Ieu hal mangrupakeun léngkah anu dilakukeun pikeun ngajaga stabilna monétér[4]. Ieu kawijakan bakal ngaraharjakeun masarakat[4]. Carana ku ngawatesanan jumlah duit anu sumebar ka masarakat, naékkeun suku bunga, jeung ngalarapkeun kawijakan operasi pasar sacara transparan[4].
  • Ngaronjatkeun jumlah produksi jeung jumlah barang di pasar[4]. Netepkeun harga maksimum pikeun sababaraha jenis barang[4].

Dampak[édit | édit sumber]

Aya sababaraha dampak tina inflasi, di antarana:

  • Mangaruhan kana kondisi masarakat[1]. dampak positifna bisa mekarkeun produksi sangkan ngaronjatkeun ékonomi masarakat[1]. Inflasi bisa jadi negatif lamun niléy duit anu ditarima teu robah, sedengkeun harga barang jeung jasa mingkinan naék[1].
  • Biaya ékspor nalika inflasi bakal naék[1]. Ieu hal bakal mangaruhan pikeun palaku ékspor. Kamampuh ékspor ti hiji nagara bakal ngurangan lantaran éléh saing ku nagara séjén[1]. Jumlah bati tina dévisa gé bakal ngilu turun[1].
  • Leungitna minat pikeun nabung, lantaran biaya administrasi anu naék lantaran inflasi[1].

Daftar Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l "Inflasi - Pengertian, Jenis dan Contohnya | Tokopedia Kamus". Tokopedia. Diakses tanggal 2021-04-30. 
  2. a b c d e f g h i "Faktor Penyebab Inflasi dalam Perekonomian dan Cara Menanganinya". merdeka.com. Diakses tanggal 2021-04-30. 
  3. a b c d e f g h Media, Kompas Cyber. "Jenis-jenis Inflasi yang Bisa Terjadi Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30. 
  4. a b c d e f g h i "Cara Mengatasi Inflasi Kelas X Ekonomi | Zenius Education". zenius.net. Diakses tanggal 2021-04-30.