Lompat ke isi

Buana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Benua)

Buana atawa benua atawa banua[1] nyaéta daratan lega nu teu pegat. Dunya ieu munggaran dibagi kana buana-buana ku ahli géografi jaman Hélénisme Iskandariyah. ngagunakeun Iskandariyah salaku méridian utama, aranjeunna ngabagi oikoumene atawa marcapada nu bisa dicicingan ieu kana tilu bagian: Asia wétaneun Iskandariyah, Éropa kuloneun Iskandariyah jeung kaléreun laut Méditerania, sarta Libya, nu dipikawanoh ku urang Romawi salaku Afrika, kuloneun Iskandariyah jeung kiduleun Méditerania. [1].

Sacara géologis, beungeut Marcapada kabagi jadi sababaraha pelat téktonik, di antarana pelat buana, nu katutupan ku batu métamorf jeung batu sédimén nu kandel kayaning granit nu ngambang na kulit Bumi, nu lolobana mangrupa daratan; sedengkeun nu séjénna pelat samudra, nu diwangun ku lapisan basaltik ipis kulit nu padet, sarta katutup ku sagara. Aya genep pelat buana badag, ti nu pangbadagna nepi ka pangleutikna:

  1. Eurasia, lolobana na pelat Eurasia
  2. Afrika na pelat Afrika
  3. Amérika Kalér, lolobana na pelat Amérika Kalér
  4. Amérika Kidul na pelat Amérika Kidul
  5. Antartika na pelat Antartik
  6. Australia na pelat Australia

Para ahli géografi jeung sajarah nyimpulkeun pentingna nangtukeun daratan lega nu kasambungkeun ku sarupaning lemah sasak:

  1. Afrika-Eurasia: gabungan daratan Afrika jeung Eurasia
  2. Amérika: gabungan daratan Amérika Kalér jeung Kidul

Afrika-Eurasia leuwih mindeng dianggap superbuana.

Alatan béda budaya nu karasa dumasar kan aungal-unggal padumuk, geus ilahar pikeun ngabagi Érasia jadi Éropa jeung Asia. Sabenerna mah leuwih cocog lamun disebut wewengkon, lain buana sacara géologis atawa géografis. Ku cara nu sarua, ahli sajarah bisa ogé ngabagi Afrika-Érasia jadi Érasia-Afrika Kalér jeung Afrika Sub-Sahara.

Définisi ieu méré sababaraha modél alternatif:

  • 7 wewengkon: Eropa, Asia, Afrika, Amérika Kaler, Amérika Kidul, Antarktika, katut Australia.
  • 6 wewengkon: Eropa, Asia, Afrika, Amérika, Antarktika, katut Australia.
  • 5 buana: Erasia, Afrika, Amérika, Antarktika, katut Australia.
  • 4 buana: Afrika-Erasia, Amérika, Antarktika, katut Australia.

Tempo ogé Daptar nagara dumasar buana, Gambar buana ti satelit.

Géologi

[édit | édit sumber]

Mimiti abad ka-20, para ahli géologi geus bisa narima yén buana mindahkeun patempatan na beungeut planét ieu sapanjang kala géologis, hiji prosés nu kawentar salaku buana ngised, nu diterangkeun ku téori téktonik pelat. Yén nu ngised téh pelat téktonik, nu bejad sarta ngahiji ti baheula nepi ka bentuk buana nu ku urang dipikawanoh kiwari. Ku kituna, dina sajarah géologi jeung lian ti buana nu kiwari aya, aya ogé buana séjénna -

Najan panempo manusa nunjukkeun yén selat nu déét kawas Laut Béring téh misahkeun daratan kana dua buana, fitur éfemeral kieu teu nangtukeun buana sacara géologis. Buana géologis hartina bagian lambar buana nu nyambung. Ku kituna, Laurasia (Amérika Kalér-Eurasia) jeung Afrika-Arab mangrupa hiji buana, nu tilu juta taun ka tukang ngahiji ogé jeung Amérika Kidul. Buana géologis nu lega lianna nyaéta Sahul (Australia-Guinéa Anyar) jeung Antartika, tapi aya ogé sababaraha mikrobuana: Madagaskar, Seychelles (atawa Mascarene Plateau), Selandia Anyar, Kalédonia Anyar, jsb., nu bengkah ti buana kuna Amparan Gondwana.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Catetan suku

[édit | édit sumber]
  1. Tamsyah, Budi Rahayu. 2003. Kamus Lengkep Sunda-Indonesia Indonesia-Sunda Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.